Anda di halaman 1dari 2

Mc bahasa sunda "ISRA MIRAJ"

Bismillahirrahmanirrahim..

Assalamualaikum Warahmatullahi Wabarakatuh..

Langkung ti payun widian simkuring ngadugikeun hatur sewu nuhun kana saniskanten perhatosan Bapa Kepala
SMP/SMA/SMK... (boAsh Borcess) Anu ku sim kuring dipihormat, Bapa Ustad … (Cecep) Anu ku sim kuring
dipihormat, Bapa/Ibu guru anu ku sim kuring dipihormat, sarta rerencangan sadaya anu ku simkuring
dipikadedeuh.

Kalawan ngedalkeun sukur, alhamdulillah.. Sami-sami hayu urang ucapkeun syukur ka-asih, ka Pangeran Anu Maha
Kawasa. Margi kalawan rahmat-Na anu parantos ngalẻlẻrkeun ni’mat sareng kasehatan dugi ka urang sadaya tiasa
ngariung di ieu tempat kanggo pangẻmut dinten Isra Mi’raj Nabi Muhammad SAW, dina kaayaan sehat wal’afiat.

Solawat sinareng salam mugi tetep ngocor ka jungjunan urang sadaya, Kangjeng Nabi Muhammad SAW, sarta ka
kulawargina, sohabatna, tug dugi ka urang salaku umatna dugi ka dinten kiamah. Aamiin.

Sim kuring ngadeg di payuneun hadirin sadaya wirẻh kapancẻnan salaku panata acara bade ngadugikeun
sababaraha acara anu baris kasanggakeun, nyaeta di antawisna :

1. Bubuka

2. Maos ayat suci Al-Qur’an dilajeungkeun solawat nabi

3. Laporan ti Ketua Panitia Pelaksana

4. Pamapag ti Bapa Kepala sakola

5. Taushiyah

6. Doa/Panutup

Hadirin sadaya anu ku sim kuring dipihormat supados teu nyangkolong kana waktos, sumangga ieu acara urang
buka wae ku maos basmalah sasarengan.

(Bismillahirrahma irrahim..)

Acara kadua, maos ayat suci Al-Qur’an dilajeungkeun mingpin solawat nabi. Ka Sadẻrẻk (Nama pembaca alqur’an)
mangga dihaturanan.

(Maos ayat suci alqur’an sarta solawat nabi)

Hatur nuhun ka Sadẻrẻk.. (Nama pembaca alqur’an) anu parantos ngaoskeun ayat suci Alqur’an sareng mingpin
solawat nabi. Nincak kana acara katilu, laporan Ketua Panitia Pelaksana. Ka Sadẻrẻk (nama ketua panitia) mangga
dihaturanan ka payun.
(Laporan ketua panitia)

Hatur nuhun ka Sadẻrẻk.. (Nama ketua panitia) anu parantos ngadugikeun laporanana. Nincak kana acara kaopat,
pamapag ti Bapa Kepala SD/SMP/SMA.. (Nama sekolah) Ka Pangersa Bapa.. (Nama kepala sekolah) , waktos
sinareng tempat disayogikeun.

(Pamapag dari kepala sekolah)

Hatur nuhun ka kersana Bapa.. (Nama kepala sekolah), anu parantos ngadugikeun pamapagna. Nincak kana acara
kalima, nya ẻta taushiyah ti Bapa Ustad.. (Nama ustad), Sumangga Bapa.. (Nama ustad), waktos sinareng tempat
disayogikeun.

(Taushiyah)

Hatur nuhun ka kersana Bapa Ustad.. (Nama ustad) anu parantos ngadugikeun taushiyahna. Nincak kana acara nu
terakhir, nya ẻta doa atawa panutup. Acara doa ieu baris dipingpin ku Bapa Ustad.. (Nama ustad). Sumangga Bapa
Ustad.. (Nama ustad), dihaturanan kanggo mingpin doa.

(Maca do’a)

Hatur nuhun ka kersana Bapa Ustad.. (Nama ustad), anu parantos mingpin doa, mugia doa urang sadaya di kobul ku
AllaH SWT. Aamiin. Sumangga ieu acara urang pungkas ku aosan hamdalah.

(Alhamdulillahirabbil‘alamin..)

Ti simkuring, rupina sakitu anu kapihatur. Sim kuring ngahaturkaeun nuhun ka rerengrengan panitia anu parantos
ngabantosan tina sagala rupi hal pikeun ngalancarkeun acara ieu.

Mugi-mugi saniskanten hiji hal anu atos urang usahakan ieu, meunang Pangestu sarta Pahala ti Allah Swt. Amin....

Hapunten bilih aya basa anu kirang merenah. Billahi taufik walhidayah wassalamu’alaikum wr.wb.

Anda mungkin juga menyukai