Anda di halaman 1dari 4

IBU, BAPA DINTEN AYEUNA ABDI CUMARIOS DIPAYUNEUN IBU MIWAH BAPA GURU

6 TAUN LAMINA ABDI NYUNGSI ELMU PANEMU JAMPE PAMAKE TUR DIWURUK MANG RUPI
RUPI ATIKAN TI IBU MIWAH BAPA GURU .

LANGKUNG TIPAYUN ABDI SADAYA NEDA DIHAPUNTEN , TILUHUR SAUSAP RAMBUT


DIHANDAP SAUSAP DAMPAL , NEDA DIHAPUNTEN ANU KANU KASUHUN NEDA JEMBAR
HAMPURANA BILIH NYUNGKELIT DINA MANAH SUMARAMBAH DINA BAYAH , RUMAOS
ABDI SADAYA SALAMI IYEU SERING TEU TUMUT KANA PIWURUK IBU MIWAH BAPA
GURU.

IBU, BAPA ABDI SADAYA NGAHATURKEUN NUHUN TINA SAGALA RUPI KANYAAH IBU
MIWAH BAPA GURU , ELMU PANEMU JAMPE PAMAKE KALIH PANGAPING PANGJARING
TI IBU MIWAH BAPA GURU , BEURAT NYUHUN BEURAT NANGGUNG BEURAT
NARIMAKEUN NANA .

MUDAH MUDAHAN IBU MIWAH BAPA GURU SING BERKAH SALAMET SING KENGING
RAHMAT GINULURAN , SING DIPAPARIN KATABAHAN TUR SALAMINA SING AYA DINA
RIDHO ALLAH SWT.

IBU , BAPA ABDI SADAYA NEDA PIDUANA REHING DINA DANGET AYEUNA ABDI SEJA PAMIT
KA IBU MIWAH BAPA GURU , PILEULEUYAN – PILEULEUYAN SAPUNYERE PEGAT SIMPAY
PATURAY PATEPANG DEUI .

IBU , BAPA , JAJAPKEUN ABDI BU, JAJAPKEUN ABDI PA , DOA TI IBU MIWAH BAPA GURU
TINANGTOS BAKAL NYARENGAN KA ABDI SADAYA , DINA RARAGA ABDI NGAMBAH
JALAN KAHIRUPAN , MAYUNAN SAGALA RUPI RINTANGAN DINA RARAGA NGAHONTAL
CITA CITA .

IBU , BAPA JAJAPKEUN ABDI BU , JAJAPKEUN ABDI PA


PANGJAJAP IBU BAPA GURU .

Deudeuh teuing anaking , Asa can lila hidep nyiar elmu di iyeu sakola , teu karasa ayeuna tos
wekasan.

Kiwari Nitih wanci nu mustari , ninggang mangsa nu utama

Nu ditunggu samatara mangsa , anu didagoan ayeuna ngajadi bukti .

Hidep mungkas diajar 6 taun , mungkas katineung di iyeu sakola .

Anaking , ulah beurat mun rek ngalengkah , ulah rempang mun arek miang ,

Anaking ku ibu rawuh bapak guru hidep dihampura pisan , ngan sabalikna ibu miwah bapa
guru boga dosa ka hidep, ayeuna pisan kudu dihampura .

Ibu , bapa sok suntak sentak ka hidep,

Ibu , bapa sok Tunggal teungeul ka hidep,

Eta kabeh dasarna tina kanyaah .

Nyaah ku bangorna , nyaah ku bageurna ,

Ari bodo jeung pinter etamah tandana manusa nu kumelendang di alam dunya .

Harepan ibu miwah bapa guru sangkan hidep jadi pinter ngarti kana atikan , tur mangpaat
pikeun balarea .

Anaking geulis kasep nya ayeuna ucap anu panungtungan

Sanajan beurat papisah , beurat kudu pegat , dalah dikumaha sapunyere pegat simpay
paturay patepang deui .

Anaking Bral gera miang , bral gera iatna , bral gera tandang , gera igelan dunya anu pinuh ku
cobaan .

Bral gera ngambah jalan anyar , Beber layar tarik jangkar pikeun ngambah jalan kahirupan .

Poma ulah poho kana sagala atikan jeung sagala wejangan ti ibu miwah bapa guru ,
salengkah baca Bismillah , ulah poho ka temah wadi , gera ulik sagala pangarti , pikeun
ngahontal cita cita hidep.

Manuk hiber ku jangjangna , Manusa hirup ku akalna .

Anaking hidep gera bebenah , Bral gera Miang , Ibu miwah bapa nganterkeun hidep ku doa
tur ku teuteup kadeudeuh jeung kanyaah .

Doa ibu miwah bapa bakal marengan lengkah hidep. Amin ya robal allamin .
PROSESI UPACARA ADAT PATURAY TINEUNG NA SISWA SSWI KLS 6 SDN GUNUNG
BUNDER 02 DINA TAHUN 2018 - 2019 URANG KAWITAN.

Bral Gera Miang , Bral Gera Mulang

Anjen rek Tandang , Makalangan Medan Perang

Bral Gera Miang , Bral Gera Mulang

Anjen rek Tandang , Makalangan Dunya Urang

Bral Gera Miang , Bral Gera Mulang

Anjen rek Tandang , Makalangan Medan Perang

Bral Gera Miang , Bral Gera Mulang

Anjen rek Tandang , Bral Gera Mulang

Bral Gera Miang , Bral Gera Mulang

Anjen rek Tandang , Makalangan Medan Perang

Bral Gera Miang , Bral Gera Mulang

Anjen rek Tandang , Bral Gera Mulang

Bral Gera Miang , Bral Gera Mulang

Anjen rek Tandang , Makalangan Medan Perang

Bral Gera Miang , Bral Gera Mulang

Anjen rek Tandang , Bral Gera Mulang

Bral Gera Miang , Bral Gera Mulang

Anjen rek Tandang , Makalangan Medan Perang

PARA WARGI SADAYA RUPINA SAKITU NU KAPIHATUR PROSESI UPACARA ADAT

PATURAY TINEUNG NA SISWA SSWI KLS 6 SDN GUNUNG BUNDER 02 DINA TAHUN
2018 - 2019, BOBOT SAPANON CARANG SAPAKAN HAPUNTEN ANU KASUHUN ,
BILAHI TAPIK WALHIDAYAH ASALLAMUALAIKUM WR. WB.
ATUH KA IBU PIMPINAN , KERSANA IBU KEPALA SEKOLAH SDN
GUNUNG BUNDER 02 , OGE KA SADAYA MURANG KALIH
SISWA SISWI KLS 6 MANGGA GERA KA PAYUN .
MANGGA GERA DEKU , PIKEUN SUNGKEM DI PAYUNEUN BAPA
IBU GURU , AYEUNA HIDEP BADE DI ISTRENAN, MANGGA
GERA PUNDUT , KEDALKEUN SAGALA RUPI ANU DI TEDA ,
SANGKAN HIDEP LALUGINA DINA NGAMBAH JALAN
KAHIRUPAN , MAN GGA sGERA PUNDUT , BAGEUR…..

Anda mungkin juga menyukai