Anda di halaman 1dari 4

Assalamu'alaikum warohmatullahi wabarokatuh

Embara ka balarea, Bewara kanu araya.

Kanca baraya nu pada lenggah, sugri pribumi nu pada linggih

Mugi janten uninga, wirehing dina dinten ieu pisan, Kamis kaping 23 Mei 2019

Ku urang sadaya bakal kasakseni prosesi upacara paturay tineung kelas 9 SMP Ibnu Sina

Sim kuring saparakanca ti Sanggar Seni SMP Ibnu Sina


seja ngiring aub jabung tumalapung ngiring icikibung dina widang seni sunda.
Sasieureun sabeunyeureun ngiring ngaguar titinggal karuhun

PROSESI UPACARA ADAT DIKAWITAN


*Musik Bubuka

*Tarian Payung
Seorang ponggawa pembawa payung 'midang' sambil menarikan gerakan indah
memainkan payung yang akan digunakan untuk memayungi perwakilan siswa
yang akan dilepas. Biasanya siswa yang dipilih adalah yang berpreastai secara
akademik, putera dan puteri.

*Tarian Umbul-umbul
Pembawa umbul-umbul terdiri dari 6 orang ponggawa yang akan mengiringi
prosesi upacara adat pelepasan atau paturay tineung.
kemudian datanglah mamang lengser.

Lengser adalah tokoh sentral dalam upacara adat Sunda. Tokoh ini digambarkan
sebagai 'figur' yang memiliki karakteristik bodor (lucu), polos, namun memiliki
kecerdasan yang sulit diduga, sering digambarkan sebagai tokoh yang serba
bisa. Disimbolkan sosok seorang kakek-kakek yang dituakan, mempunyai sifat
sederhana, tata krama yang baik, dan selalu memberi petuah. Lengser lebih banyak
menggunakan komunikasi non verbal dalam berinteraksi.

Pakaian yang dikenakan Lengser biasanya terdiri dari : baju kampret, celana pangsi
dilengkapi dengan sarung yang diselendangkan, serta totopong (ikat kepala).
Dengan memperlihatkan giginya yang ompong dan gerakan tari lucu, kehadirannya
tak pelak selalu mengundang tawa penonton/tamu undangan.

Saat 'midang' atau mentas, lengser hanya 'pepeta' alias bergaya tanpa suara, sebab
ucapan lengser akan disuarakan oleh panembang yang akan ngerajah diiringi kacapi
suling yang 'ngagelik'.
Rajah atau ngerajah ditembangkan untuk menghormati roh leluhur serta mohon
kepada Yang Mahakuasa. Rajahnya seperti ini :
Sampurasun.....
Amit ampun nya paralun, ka gusti nu maha suci neda pangjiad pangraksa abdi kempel
Seuweu Siwi
ka batara neda suka ka batari neda suci
ti luhur sausap rambut ti handap sausap dampal
ti kalerna ti kidulna, ti kulonna, ti wetanna
hung ...ahung .. kula rek diajar ngidung

Amit ampun nya paralun, bilih manawa manawi

kemudian dilanjutkan dengan narasi.

Mangga urang sasarengan, mapag nu bade amitan

Prosesi memasuki pentas, Gending Catrik

*Tari Merak (sapasang)

*Mayang - Ngagendeng Panganten (2 orang wakil siswa kelas 9)

Narasi

Geura lagukeun kidung liwung nu panuhung

Geura hariringkeun kawih asih tina ati

Sugan teteg ieu lengkah nu rek lunta

Sugan jembar ieu lengkah seja napak

Mun isuk balebat nyingray ti wetan

Srangenge sumirat deui di langit Ciawitali

Nanging boa saukur jadi kalangkang

Kalangkang dina eunteung panineungan urang

Mungguh waktu, kapan jamparing anu melesat

Nyiak ninggalkeun patok demi patok lalakon

Raca tapakna jadi pilar-pilar kakelar

iring-iringan tiba di hadapan Bapak Kepala Sekolah yang telah duduk bersama
seorang ibu guru senior, siap memberi doa restu kepada siswa kelas 9 yang akan
melanjutkan sekolah.
Kemudian dua orang siswa tersebut sungkem.

Narasi sungkeman :
Bapa :

Hidep anaking puputon jimat awaking, pek geura regepkeun ku hidep sakabeh, jiad
pangdu’a ti ibu bapa guru hidep, nu dipalar hidep hirup hurip ka hareup. Pek geura
patri dina acining padaringan ati sanubari. Cangreud pageuh dina galeuh-galeuh manah
anu maneuh. Tungkus dina tungtung kalbu anu saestu. Geura cangcang dina tulang-
tulang kahayang nu bakal datang

Anak :

Bapa, ibu, hapunten abdi rumaos teu acan tiasa mulangkeun kadeudeuh, abdi teu acan
tiasa nepakeun kanyaah, anu aya ngan geugeuleuh jeung kariweuh. Abdi neda halal ti
ibu kalih ti bapa tina sagala rupina, lantaran abdi teu acan tiasa mulang tarima. Mung
abdi sadaya neda panuhun kanu Maha Agung mugi-mugi guru abdi sadaya apanjang-
apunjung salamina.

Ibu :

Duh, anaking, kolot mah lautan hampura, rido jeung iklas, ibu reueus reugreug pageuh
awor jeung kabungah, lamun hidep sarerea bisa ngojayan pangalaman atikan nu leuwih
luhur tur lega. Tapi sawalerna ibu teu ridlo, bapa teu rela, lamun mah hidep kokoleaban
na seuneu naraka alatan nyieun dosa na mangsa rumaja. MOal rela lamun hidep joledar
tambelar kana tetekon ti anu Maha Linuhung, ibu humandeuar hariwang sieun
karandapan. Omat geulis, kasep, sing bisa nyiar elmu pangaweruh nu leuwih luhur ajen
inajenna manan ti MTs.

Anak :

Duh, bapa, sakitu seueurna kesang anu parantos ngucur dina enggoning ngatik
ngadidik abdi sadaya, poho kacape, poho kasieun. Bade kumaha abdi mulang tarima? Nu
pareng musingkeun, mungpang, ngabandel pikahariwangeun. Matak hese matak cape.
Bapa, hapunten abdi.

Bapa :

Duh … Anaking, geulis jeung kasep, wanci ieu harepan geus narembongan, nu
ngagupay ka hidep sarerea. Bral geura miang tandang udag kahayang, bapa nyerangkeun
ti kaanggangan. Diandung pangestu ti ibu dijajap pangdu’a ti bapa.
Bismillah tawakalna anu diseja

Pileuleuyan hidep pileuleuyan …

Selesai sungkem, Bapak Kepala Sekolah menyerahkan Ijazah kepada siswa.

Narasi :

Pileuleuyan, pileuleuyan, asal urang babarengan

Nyukcruk elmu nyuprih harti, ayeuna baris paturay

Nu dikantun mulus rahayu, nu miang pinanggih bagja.


Rampak sekar

Narator

Bral geura miang, dijajap rewu pangdu’a

Dirungrum pangjurung laku, mugia mulus rahayu

Mugia pinanggih bagja, bral geura miang

Geura tandang makalangan

Mung sakitu anu kapihatur pidangan prosesi upacara miangkeun kelas 9.

Hatur nuhun kana perhatosannana

Bobor sapanon carang sapakan, neda agung cukup lumur neda jembar hapuntenna

Wassalamu'alaikum wrohmatullahi wabarokatuh

aduh bapa ibu guru


katampi ku asta kalih
kasaean ti salira
dipatrina sanubari

pidu’a anu dipundut


pikeun pibeukeuleun abdi
bade neras keun sakola
nawujudken cita – cita

mugi kersa weninggalih


ngahapunten dosa abdi
nukantos nyesahkeun pisan
ngaping pinuh kasabaran

Anda mungkin juga menyukai