Anda di halaman 1dari 8

1

NASKAH
TASYAKURAN UPACARA ADAT PATURAY TINEUNG
SMA NEGERI 2 Rangkasbitung 2022
Prolog :
Kalayan ngucapkeun Bismillahirrohmanirrohim, Prosesi Upacara Adat
Paturay Tineung Kelas XII SMA NEGERI 2 Rangkasbitung Angkatan …..
Tahun ajaran ………….,dikawitan

1. Bubuka :
Cunduk waktu nu saestu, datang mangsa nu utama.Kiwari nitih wanci nu
mustari pikeun ki lanceuk geusan nimba lambaran carita.Mangsa ayeuna
nyieun gurat panineungan rek paturay bari hanteu pegat asih.
Pala wargi anu mulya upacara adat ieu dilaksanakeun ku alpukahna Siswa-
siswi kelas X sareng kelas XI

2. Rampak Bedug :

3. Gulang-gulang tandang/Ponggawa :
Gulang-gulang leumpang tandang
Gagah gandang matak ringrang
Juringkang musuh dihadang
Koleang awak ngajengkang

4. Payung Agung Midang :


Barabat Payung kamasan
Nu lungsur ti kahiangan
Murub mubyar cahayana
Sumorot ti Pawenangan
2
5. Tari Kipas :

6. Mamayang Midang/Padjajaran :
Tuh gening para mojang
Disinjang jeung disolendang
Rancunit lir mamayang
Nu ningali matak haying
Nu manis mojang gareulis
Raray mencrang ti kahiangan
Imut manis nambah sari
Siswa-siswi SMA NEGERI 2 Rangkasbitung

7. Mamang Lengser :
Lengser Midang ;
Mamang Lengser aya naon
Bet Midang hurung ku gandang
Nganggo sinjang jaladrang salendang
Cik atuh abdi pasihan terang

Mamang Lengser aya naon


Bet midang ku rurusuhan
Ku heran bangun nu penting pisan
Cik atuh pasihan terang

Bewara Lengser :
Jep sora eureun heula
Kaula seja beware
Rep angina reureuh heula
Didieu aya beware
3
8. Sungkeman Wisudawan/Wisudawati :
Mamang Lengser mapag wawakil Wisudawan/ Wisudawati :
Bagja temen mulya temen anaking wilujeng rawuh
Dianti-anti ti kamari dilanglangan kasimpangan
Ditaluktik kanu indit sugan geus nembaran beja
Sumangga anaking, wilujeng rawuh
Mamayang sareng Ponggawa nganteurkeun Wisudawan/Wisudawati
Lagu :
Payung tangtung Payung Agung
Payung tandang nu sahiang
Mayungan Ratu nu luhung
Mayungan Satria Gandang

Diiring Putri Mantili


Di Payung para mamayang
Ditabur malati suci
Nyambuang sa-Nusantara

Ngadalingding seungit arum


Ngahaleuang seungit kembang
Ngahiliwir seungit arum
Tatandang hasil berjoang

Mamang Lengser mapag Wawakil ti Dewan Guru :


Reg randeg sawangan geus narawangan
Didieu tutug rahayu, Bismillahirrohmanirrohim
Lagu ku Istri :
Cunduk waktu numbu catur
Nyungsi pasini bihari
Subaya anu tiheula
4
Munggaran jisim wawarti
Seja nyungsi nya pangarti
Sangkan ilang nya katuna

Lagu ku Pameget :
Duh Ibu pupujan kalbu
Nya Bapa pupujan rasa
Ninggang mangsana ayeuna
Seja miang ngudar lengkah
Naratas jalan kabagjaan
Neda du’a neda mulya

Wisudawan :
( Macana sing pinuh ekspresi,mun bisamah kudu ceurik )
Bapak, Badan sakujur getih satetes
Sareng keclakna cisoca
Sing jadi saksi nyaksian ka diri abdi
Pikeun janji pasini
Pakait ati sareng nu dipikacinta
Nyatana Almamater SMA NEGERI 2 Rangkasbitung
Anu ngagedekeun diri abdi
Dina bagbagan pangarti
Gerentes hate abdi Teu wasa wakca balaka nandanganana
Estu ngajerit maratan langit, ngoceak maratan jagat
Sim abdi saparakanca, bade wakca ka sadayana
Rumaos seueur dosa
Ka Bapak Ibu sadayana
Rumaos sim abdi parantos ngalalaworakeun kana papatah
Teu tumut kana piwuruk, Wangkelang kana wejangan
5
Danget ayeuna pisan mugi dihapunten
Tina sagala dosa perdosa salami abdi sadaya di Sakola
Dosa ageung dosa alit
Dosa anu karaos sareng dosa anu teu karaos
Ti luhur sausap rambut, ti handap sahibas dampal
Nyanggakeun sadaya-daya
Beuheung teukteukeun
Seja ngabersihkeun diri tina sagala rupi kalepatan

Wisudawati :
Hapunten anu kasuhun
Jembar pangampura anu di teda
Mungguh Alloh Subhanahu Wata’ala anu langkung uninga
Kana sagala perkara Umat di Dunya
Pileuleuyan-pileuleuyan
Sapu nyere pegat simpay

Wejangan ti Bapak/Ibu Guru


Bapak Guru :
Anaking jimat awaking
Poe ieu anu pinuh kukabungah jeung kasedih
Kabungahna, hidep geus lulus banglus tilu taun
Nyukcruk elmu nyuprih pangarti di SMA NEGERI 2 Rangkasbitung
Kasedihna, danget ayeuna pisan hidep bakal papisah jeung babaturan
Bral,teruskeun lalampahan sing nepi kahontal cita-cita
Pikeun hirup nubakal dating
6
Anaking jimat awaking
Hampura Bapak lamun keur amarah
Hate hidep pasti teu genah
Da etamah papatah sangkan hidep hade lampah
Bral anaking geura leumpang
Geura miang sewang-sewangan
Lalakon hidep ngabentang panjang
Baktikeun pangarti ka Nagri
Amalkeun pangabisa keur Agama, Nusa jeung Bangsa
Gelik suling tanda mikaasih
Haleuang tembang tanda kamelang
Teu wasa mepende hate
Tibelat anjeun rek anggang
Pileuleuyan-pileuleuyan
Wancina hidep paturay
Ibu Guru :
Anaking poma ulah munjung ka Gunung
Ulah muja ka Sagara
Tapi Munjung kudu ka Indung anu ngandung
Muja kudu ka Bapak anu ngayuga

Sing nyaah ka papada manusa


Ulah adigung adiguna
Kudu syukur kanu Maha Agung
Ngadu’a kanu Kawasa
Sangkan hirup lalugina
Bral, geura miang anaking
Mugi Alloh Nangtayungan, Aamiin
7
Kahatur ka Pangersa Bapak Kepala Sekolah, supados masihan STTB ka
Kelas XII anu nembe lulus, sareng ngaleupaskeun atribut seragam Sakola.
Sumangga dihaturanan

Hatur nuhun, salajengna sumangga ka pangersa Bapak Kepala Sekolah


kanggo linggih deui.
Lagu Ririungan :
Ririungan urang karumpul
Meungpeung deukeut hayu urang sosonoan
Macakrama bari ngawadul
Urang silih tempas silih eledan

Moal lila jeung babaturan


Hiji wanci anu geus ditangtukeun
Bakal pisah bakal pajauh
Bakal mopohokeun katineung urang

Sapu nyere pegat simpay


Bakal kasorang
Takdir ti Gusti Hyang Widi
Pasti kalakon

Urang rek papisah


Urang rek pajauh
Meungpeung deukeut hayu
Urang sosonoan
8
9. Badaya/Penutup
Ekek paeh dina Awi
Katuruban kembang mayang
Ngabelaan Lemah Cai
Moal alang ku kapalang

Meser hayam satalenan


Wadahna disarangkaan
Perbawa silih ajenan
Ngabela kamerdekaan

Tarate ngambang di Cai


Aroyag katebak angina
Ngabelaan lemah Cai
Ulah sok resep curaling

Para Wargi anu mulya,rupina runtuyan upacara adat paturay tineung


kelas XII SMA N 2 Rangkasbitung angkatan …. Mung sakitu anu kapihatur
Boh bilih bobo sapanon, carang sapakan mugi kersa ngahapunten
Hatur nuhun tina sadaya perhatosanana

Saninten buah saninten


Dicandak kaparapatan
Hapunten abdi hapunten
Bilih aya kalepatan
Wassalamu’alaikum warohmatullohi wabarokaatuh

Rangkasbitung, 07 Mei 2022

Anda mungkin juga menyukai