Anda di halaman 1dari 3

Ka dulur-dulur anu sami rawuh,

baraya anu sami lenggah,


sim kuring sateuacan ngiring jabung kumalaku, lumampah cumarita seja wakca balaka,
wirh simkuring sans pujangga
anu ahli ngarka basa,
sans sastrawan anu ahli dina ngarah caritaan. Kumargi kitu paralun maklum anu
kasuhun,
hampura anu diteda, boh bilih dina ngadadar ieu acara kirang nyorang kana
kakedahannana.
Ka para ahli ngukir syair,
pujangga ahli sastra mugia ulah haru ulah ganggu, sawios sim kuring neda widi paralun
maklum sakedapan hoyong dikorksi, diropa, og dioman manawi tiasa
nyampurnakeun kana curat-cort sim kuring.

Bismillahirrohmanirrohim.
Kalayan nyebat Asma Pangran, Dzat anu Mahawelas tur Mahaasih. Seja kaula ngawitan
mituturan para siswa anu kiwari bade nagntunkeun ie sakola

Mangga ka para siswa, geura lumampah nyaketan kana panggung


Kasp, Geulis.

bapak ibu nu saestu


ieu abdi siswa siswi ibu sareng bapak seja nyanggakeun sungkem pangbaktos tawisna
hormat tilawat ka ibu miwah ka bapak.
mugi kersa nampi ieu abdi nu ageung karuamosan
rumaos seueur kalepatan salami nampi atikan
karaos kanyaah guru, dina waktos ngawulang elmu panemu
ti bapa miwah ti ibu

bapa,........ibu................,
dinten ieu abdi sumanggem
dipayuneun bapa sareng ibu
mung seg manah tiasa di buka
nyaksian lambey nyarios,
asa sesah abdi ngantunkeun
asa sesah kanggo ngalengkah
abot kusono, abot kunyaahna
abot ku kadeueuh, netesken,katresna,
ngatik ... ngadidik,,tanwangen sanes kanten
bapa, ibu,abdi sadaya ngaraos yakin
kaheman bapa kalih ibu wening ku asih
sareng keubeuk ku kanyaah, anu taya higgana
bapa, ibu.............
abdi hampura,
tikawit kelas hiji digi ka ayeuna lulus
ges pasti seueur ngarepotkenun k bapa
loba pisan ngeselkeun ka ibu
mereun handeueul manah bapa,
boa hanjelu manah ibu
ku abdi sadayana ka tampi
kiwari abdi pasrah pa, abdi rido bu
abdi ikhlas diomelan ayeuna,
abdi rela di cacapak poe ie
kajengkel, kageuleuh,
ka keuheul bapa jeng ibu heg tibakeun ka abdi
nyanggakeun sadaya-daya, abdi pasrah.
hampura pa,hampura bu, hampura ka sadayana
Cuma ini yang bisa kami lakukan bapak
Cuma segini kemampuan kami ibu
Kami ingin yang terbaik
Tapi kami tak panday berbuat banyak
Hari ini saya memohon, saat ini kami meminta
Peluk kami pak, peluk kami bu
Doakan kami bapak, doakan kami ibu
Wilujeng paturay bapak, wilujeng kantun ibu

ya allah.....pangeran abdi sadaya


mung dua ti bapa kalih ibu
hirup kumbuh di dunya sing rawuh walatra
amin ...ya ..allah ya...roball alahin

anaking murid bapak jeung ibu


katampi sungkem hormat hidep kasep, geulis
tong melang tong salempang
sadaya lepat hidep tos lubar cupar dihampura
ku ibu miwah kubapak

jung nangtung kamanggung


mugia apanjang apunjung
geura teuleuman elmu panemu
sing kapanggih mutiara bagja
ngajul bentang lain kuasiwung
tapi ku elmu anu linuhung

kiwari nitih wanci nu mustari,


ayeuna datang mangsana
geus tamat lalakon hidep
nyiar elmu di ie sakola

bral, geura miang kasep, geulis

mugi laksana sagala cita-cita.

Anda mungkin juga menyukai