Anda di halaman 1dari 1

SUNGKEMAN

Murid ka guru
Bapa, Ibu Nu saestu ieu abdi siswa siswi ibu sareng bapa seja nyanggakeun
sungkem pangbaktos tawis hormat tilawat ka ibu miwah ka bapa
Mugi kersa nampi ieu abdi nu ageing karumaosan, rumaos seueur kalepatan salami
nampi atikan..
Kraos pisan kanyaah ibu sareng bapa guru dina waktos ngawulang elmu panemu ti
bapa miwah ibu
Bapa, Ibu.
Dinten ieu abdi sumanggem dipayuneun ibu sareng bapa.. mun seug manah tiasa
dibuka nyaksian lambey nyarios, asa sesah abdi ngantunkeun, asa sesah kanggo
ngalengkah, abot ku kasono, abot ku ku kanyaahna, abot ku kadeudeuh, neteskeun
katresna, ngatik, ngadidik, tan wangen sanes kanten..
Bapa,Ibu abdi sadaya ngaraos yakin kaheman bapa kalih ibu wening ku asih sareng
keubeuk ku kanyaah, anu taya hinggana,
Bapa, ibu
Abdi hampura, tikawit kelas hiji dugika ayeuna lulus geus pasti seueur
ngarepotkeun ka bapa, seueur ngeselkeun ka ibu, rupina handeueul manah bapa
oge hanjelu manah ibu ku abdi sadayana ditampi.
Mangga ibu sareng bapa bade nyeuseulan abdi,,ku abdi bakal ditampi kalawan
pasrah..
Hampura Bapa, Hampura Ibu, Hampura Kasadayana.
Guru ka murid
Anaking murid bapa jeung ibu
Katampi sungkem hormat hidep kasep geulis
Tong melang tong salempang, sadaya lepat hidep tos lubar cupar dihampura ku ibu
miwah bapa
Jung nangtung ka manggung, mugia apanjang apunjung, geura teuleuman elmu
panemu. Sing kapanggih mutiara bagja ngajul bentang lain Ku asiwung, tapi ku
elmu nu linuhung
Bral geura miang, kasep geulis anaking..mugia laksana sagala cita cita..aamiin

Anda mungkin juga menyukai