Anda di halaman 1dari 4

MAPAG PANGANTEN PAMEGET

Pangersa Panganten pameget miwah rombongan.Jagong tuhur meunang ngunun haturan wilujeng sumping, di
sugeng ing pucu galuh kelurahankatelahna,tempat anyar pangharepan sarakan keur kahirupan
kulawargi.Panganten Istri, bisi si jalu hanjelu si lanang honcewang, sumangga geura hayap Panganten pameget
miwah rombongan.

PANGALUNGAN MANGLE

Tawis panampian tatamu, tanda kameumeut, kadeudeuh, tawis asih ti kakasih, tanda tresna kanyaah, mangga
geura kalungkeun eta mangle tawis pangrungrum hate perseka kabersihan manah (mangle di
kalungkeun).Haturan wilujeng sumping kacalon panganten pameget.

SESERAHAN

Muqodimah

Para paba nu garandang

Ba’da Tahiyat islam

Alhamdulillah wa sukrulillah kalawan rido gusti anu maha welas tur nu maha asih, oge pangdu’a ti sadayana,
akad nikah parantos rengse kalayan lancar.

Bismillahhirrahman nirahim

Para hadirin, miwah para tatamu sadayana, khususna ka Panganten pameget miwah rombongan, bawi raos
emutan pribados, pamali mun dilami-lami, teu kedah dilila-lila, nu dianti-anti ti tatadi,di dago-dago ti bareto,
ayeuna parantos nyampak. Sok sanaos sami surti, sami uninga maksadna, nanging, kanggo nyumponan tindak
tanduk tata titi duduga. Peryoga manusa pangesi dunya, anu parantos dipaparinan manah, rasa, lisan dina
saliring dumadi.Teu cekap ku surti sareng tekad wungkul, namung kedah di sarengan ku ucap .

Teu sae miulan awi, mere cai geusan mandi, mere huhut tina guguran. Namung kedah di bejer
beaskeun,kembang boled nu tetela.

Para hadirin miwah para tatamu sadayana, acara urang kawitan ku lantunan kalam ilahi nu bade di lantunkeun
ku Ustadz Yadi

Galindengna kalam ilahi mapalar hate nu cape………

Para hadirin sadayana sanaos akad tos sami-sami ku uarang sakseni, dina raraga ngamumule adat pernikahan,
urang lajengkeun baae acara salajangne, mugi teu janten kekeling galih renghat nya mamnahan, aya naon nya
pamaksadan. Numawi jauh-jauh di jugjug anggang-anggang di teang. Sumangga geura wakcakeun masing
balaka (Sumangga ka pangersa kasepuhan Panganten pameget dihaturanan kapayun kanggo ngadugikeun
lebetning kalbu jeroning ati).
PANAMPIAN

Para wargi sadayana, nembe sami-sami nyakseni gerentes kalbu kasepuhan ti pihak Panganten pameget miwah
rombongan. Lain lantung tambuh laku sanes lunta tanpa seja, purwa aya nu di maksad, seja ngaitkeun janji
pasini , manjangkeun simpai babarayaan, sakotretna tina hate. Sakeser daun satangkal, sabungkus bareng jeng
bungkusna nyerahkeun panganten pameget sareng cacandakanna. Sim kuring saukur darma, teu wasa panjang
carita. Kanggo pang walerna mangga nyanggakeun kanu di sepuhkeun ti pihak Panganten Istri.Waktos di
sayogikeun.

Para wargi sadayana, bingah amarwata suta, bingah ka giri-giri, bingah nu taya papadana. Nugar cadas mangih
emas, mobok manggih gorowong, aya jalan komo mentas. Jalan gede sasapuan batu turun kesik naek, itu purun
ieu daek, laksana nya pamaksadan. Kumargi eta mangga geura hayap Panganten pameget miwah
cacandakanana
Mangga cacandakan hiji di dugikeun secara simbolis ku Ibu Panganten pameget di tampi ku Ibu Panganten istri.
Nusanes namah di antaykeun wae.

Sawer & Sungkem

Acara salajengna di teraskeun kana sungkeman kalih sawer (Mangga ieu acara disanggakeun kka
pangersa_____________________)

Hadirin, Anu salajengna huap lingkup (Simnbol kanyaah ibu rama kedua mempelai sami ageungna)

betot bakakak (Maknana rizki anu dipaparin ti gusti allah keudah di

AKAD NIKAH (Alternatif)

Para wargi sadayana,

Niti wanci nu mustari, ninggang mangsa nu waluya. Malati ligar na ati, campaka mangkak na dada, koleak
sakembaran, koceak ninggang ugana.Uga pakaitna tatali asih Neng_____________cep __________________.
Jangji urang pastikeun subaya urang nyatakeun. Nudiseja mang nyata neda panyakseni ti para wargi sadayana,
Upacara akad nikah seja dikawitan.(Mangga candak Panganten istri ka luar).

Sumangga ka pangersa bapa petugas ti Kantor Urusan Agama kanggo ngalaksanakeun Akad
Tikah...........................................................

DO’A

Acara munggaran dugi ka akhir parantos rengse, mugi urang sadayana aya dina panangtayungan Gusti nu maha
suci. Kukituna kanggo panganteb kahoyong urang sadaya di lajengkeun kana do’a.Kangge mimpin ieu do’a.
mangga ka pangersa __________________ di haturanan.

Ti pribados salaku pangatur waktos, bilih aya basa nu teu sampurna, teu merenah sareng tata titi,undak unduk
basa, hapunten anu di teda. Urang pungkas ieu acara ku maos hamdalah

Wabillahi taufiq wal hidayah Wassalamualaikum Wr. Wb.


Ba’da Tahiyat Islam anu ngajantenkeun cirining urang kalebetkeun umat islam, langkung tipayun hayu urang
sasarengan manjatkeun puja ka Alloh ‘ajja wajalla, puji Ka

Anu parantos maparin mangpirang-pirang kanikmatan , kanikmatan lahir katut bathin, tur nu utami nikmat
halawah dina kaimanan tur kaislaman ka Alloh SWT. Teu kakantun sholawat miwah salamna mugia dilimpah
curahkeun kajunjunan urang sadayana anu janteun pupuhu para ambiya nyatana Habibana Karim wanabiyyana
karim kangjeung Nabi Besar Muhammad SAW teu kakantun kasadaya ahlulbaitna, sohib sohabatna ka para
tabi’in tabi’utna malah mandar dugi kaurang sadayana anu janten umatna mugia salalamina nyepeng pageuh
kana ajaran timantena tur nyuprih kana sunah-sunahna

Anda mungkin juga menyukai