Anda di halaman 1dari 25

BUBUKA

Assalamua’laikum Wr. Wb.


Bapak-bapak, Ibu-ibu para wargi sadayana anu sami llinggih, hormateun simkuring.
Sakumaha ka uninga ku sadayana, Alhamdulillah calon panganten pameget miwah rombongan parantos
sumping ngaleut ngengkeuy ngabandaleut,ngembat-ngembat nyatang pinang.
Bismilah, purwa wiwitan ieu pamuka carita minangka pamuka acara.
Babasan padika pagawean lamun nangtung ka jungjunan, sing lulus bantun jeung tumbu buah
seureuhna.Neda panyaksen acara bade dikawitan.

MAPAG CALON PANGANTEN PAMEGET


Pangersa calon panganten pameget miwah rombongan.Jagong tuhur meunang ngunun haturan wilujeng
sumping, di sugeng ing pucu galuh kelurahan katelahna,tempat anyar
pangharepan sarakan keur kahirupan kulawargi.Calon panganten Istri, bisi si jalu hanjelu si
lanang honcewang, sumangga geura hayap calon panganten pameget miwah rombongan.

PANGALUNGAN MANGLE
Tawis panampian tatamu, tanda kameumeut, kadeudeuh, tawis asih ti kakasih, tanda tresna
kanyaah, mangga geura kalungkeun eta mangle tawis pangrungrum hate perseka kabersihan manah
(mangle di kalungkeun).Haturan wilujeng sumping kacalon panganten pameget.
Tutut gunung keong reuma, sumangga geura gek calik.

SESERAHAN
Bismillahhirrahman nirahim
Para hadirin, miwah para tatamu sadayana, khususna ka calon panganten pameget miwah
rombongan, bawi raos emutan pribados, pamali mun dilami-lami, teu kedah dilila-lila, nu
dianti-anti ti tatadi,di dago-dago ti bareto, ayeuna parantos nyampak. Sok sanaos sami
surti, sami uninga maksadna, nanging, kanggo nyumponan tindak tanduk tata titi duduga.
Peryoga manusa pangesi dunya, anu parantos dipaparinan manah, rasa, lisan dina saliring
dumadi.Teu cekap ku surti sareng tekad wungkul, namung kedah di sarengan ku ucap .
Teu sae miulan awi, mere cai geusan mandi, mere huhut tina guguran.Namung kedah di
bejer beaskeun,kembang boled nu tetela.
Para hadirin miwah para tatamu sadayana, acara urang kawitan ku lantunan kalam ilahi nu
bade di lantunkeun ku ____________________________
Ngahaturkeun nuhun ka____________________

Nuparantos ngalantunkeun kumandang kalam ilahi, mudah-mudahan ageung manfaatna kanggo


numaoskeun khususna, umumna ka urang sadaya anu sami-sami ngupingkeun. ”amin”.
Calon panganten pameget miwah rombongan, mugi teu janten kekeling galih renghat nya
mamnahan, aya naon nya pamaksadan. Numawi jauh-jauh di jugjug anggang-anggang di teang.
Sumangga geura wakcakeun masing balaka (Sumangga ka pangersa kasepuhan calon panganten
pameget dihaturanan kapayun kanggo ngadugikeun lebetning kalbu jeroning ati).

PANAMPIAN

Para wargi sadayana, nembe sami-sami nyakseni gerentes kalbu kasepuhan ti pihak calon
panganten pameget miwah rombongan. Lain lantung tambuh laku sanes lunta tanpa seja,
purwa aya nu di maksad, seja ngaitkeun janji pasini , manjangkeun simpai babarayaan,
sakotretna tina hate.
Sakeser daun satangkal, sabungkus bareng jeng bungkusna nyerahkeun panganten pameget
sareng cacandakanna.
Sim kuring saukur darma, teu wasa panjang carita.
Kanggo pang walerna mangga nyanggakeun kanu di sepuhkeun ti pihak calon panganten
Istri.Waktos di sayogikeun.
Para wargi sadayana, bingah amarwata suta, bingah ka giri-giri, bingah nu taya
papadana. Nugar cadas mangih emas, mobok manggih gorowong, aya jalan komo mentas. Jalan
gede sasapuan batu turun kesik naek, itu purun ieu daek, laksana nya pamaksadan.
Kumargi eta mangga geura hayap calon panganten pameget miwah cacandakanana
Mangga cacandakan hiji di dugikeun secara simbolis ku Ibu calon panganten pameget di
tampi ku Ibu calon panganten istri.Nusanes namah di antaykeun wae.
(Mangga calon panganten pameget di candak kalebet heula kangge di dangdosan).

AKAD NIKAH
Para wargi sadayana,
Niti wanci nu mustari, ninggang mangsa nu waluya. Malati ligar na ati, campaka mangkak
na dada, koleak sakembaran, koceak ninggang ugana.Uga pakaitna tatali asih
Ng_____________cep __________________.
Jangji urang pastikeun subaya urang nyatakeun. Nudiseja mang nyata neda panyakseni ti
para wargi sadayana, Upacara akad nikah seja
dikawitan.(Mangga candak calon panganten istri ka luar).
Sumangga ka pangersa bapa petugas ti Kantor Urusan Agama kanggo ngalaksanakeun Akad
Tikah...........................................................
Alhamdulillah wa sukrulillah kalawan rido gusti anu maha welas tur nu maha asih, oge
pangdu’a ti sadayana, akad nikah parantos rengse kalayan lancar.
Acara salajengna di teraskeun kana sungkeman.(Mangga ieu acara disanggakeun kka
pangersa_____________________)
DO’A
Acara munggaran dugi ka akhir parantos rengse, mugi urang sadayana aya dina panangtayungan
Gusti nu maha suci.
Kukituna kanggo panganteb kahoyong urang sadaya di lajengkeun kana do’a.Kangge mimpin ieu
do’a. mangga ka pangersa __________________ di haturanan.

Ti pribados salaku pangatur waktos, bilih aya basa nu teu sampurna, teu merenah sareng tata
titi,undak unduk basa, hapunten anu di teda.
Urang pungkas ieu acara ku maos hamdalah
Wabillahi taufiq wal hidayah Wassalamualaikum Wr. Wb.
Assalamu’alaikum Wr.Wb.

Hadirin..

Pangluhung kalbu kajembaran manah puji nu jadi panghias ati urang sanggakeun ka
gusti nu maha suci puja nu jadi panghias rasa urang sanggakeun ka Alloh nu maha kawasa,
nu mana niti wanci nu mustari ninggang mangsa nu lugina taqdir teu bisa dipungkir kadar
teu tiasa disinglar papasten ti gusti yang widi, alhamdulilah wasyukru alani’amillah
dina enjing-enjing nu ayeuna urang tiasa kumpul ngariung patepung lawung patepang wajah
paamprok jonghok dina raraga nyaksian dua hamba Alloh nu baris nyangredkeun janji
pasini ngalaksanakeun sabagian sunah rasululoh anu disimpay ku aqad nikah.

Sholawat miwah salam mugia linungsuran ka panutan anu agung pamingpin anu paripurna
nabi anu pangnyongcolangna saalam marcapada nyaeta kanjeng nabi Muhamad SAW, ka para
kulawargina, shahabatna, tabiin, tabiittabiin dugi ka urang sadayana anu pasrah sarta
tunduk ngamalkeun ajaran agama alloh anu candak ku rasululoh.
Hadirin.tarutami kulawarga mempelai ti Samarang

Sakumaha anu parantos disawalakeun dina mangsa sawatara waktos anu kalangkung
kiwari nitih wanci nu mustari mugia ginulur rahmat ilahi kalayan mangsana mernah
miharep anugrah rahmah ti gusti Alloh nu maha murah sangkan cunduk waktuna ngawuku
pinareng ridlo Ilahi anu dipimaksad rehna wanci ayeuna pisan dua insan anu parantos
ngabuleudkeun tekadna kalayan ngalempengkeun niatna seja mungkas hirup lalagasan
ngalaksanakeun parentah suci pidawuh gusti yang widi kalayan tuladan sunah ti panutan
agung rasululoh SAW nohonan parentah syareah seja ngambah sagara kahirupan rumah
tangga.

Pasini anu kamari insya Alloh kiwari bakal ngajadi ngahiji jadi rarabi tiasa babarengan
dina kahirupan sasarengan ngayuh sagara kahurupan rumah tangga.

Hadirin

Tamu nu dianti anti ti kamari anu didago-dago ti bareto alhamdulilah parantos rawuh
di payuneun urang sadaya, ti atas nami shohibul maqosid sihapunten anu kasuhun bilih
kirang tata titi duduga peryoga dina cara penampian, oge sihapunten tina faslitas anu
sangat terbatas ieu, aya paripaos gagaduhanmah tiasa disumput-sumput kagaduhmah sakieu
nemrakna sakali deui hapunten anu kasuhun.

Atas nami pengatur waktu pangjajap acara bade ngadugikeun runtuyan acara dina saat
ayeuna nyaeta :

1. Pembukaan.
2. Pembacaan ayat suci al-quran
3. Penyerahan calon mempelai pameget
4. Panampian ti calon mempelai istri
5. Serah terima secara simbolis
6. Aqad nikah
7. Do’a / Tutup.

Nincak kana acara anu kadua nyaeta pembacaan ayat suci al-quran anu insya Alloh bade
diaoskeun ku saderek……….. ka anjeuna nyanggakeun.

 Ngahaturkeun nuhun ka saderek……. Anu parantos ngaoskeun ayat suci al-quran


mugia alloh maparinan pahala khusus ka nu ngaoskeuna umum ka urang anu
ngupingkeuna.
 Salajengna acara anu katilu penyerahan ti calon mempelai pameugeut. Anu tangtos
jauh di jugjug anggang diteang aya maksud anu tangtu tujuan anu utama, kukituna
ka kasepuhan ti calon mempelai pamegeut kanggo ngadugikeun pamaksadana. Mangga
waktos nyanggakeun.
 Ngahaturkeun nuhun ka kasepuhan ti rombongan calon mempelai pameget anu
parantos ngadugikeun pamaksadana.
 Salajengna supados Gayung bersambut kata berjawab, batu turun kaeusik naek
pribados nyanggakeun ka kasepuhan mempelai istri kanggo ngawalerna panyerahan ti
calon mempelai pameget ka Bapak…… mangga nyanggakeun.
 Diteraskeun ku serah terima secara simbolis ti sepuhna calon mempelai pameget ka
sepuh calon mempelai istri. Ka juru poto mugi diabadikeun wae.
 Salajengna nincak kana acara anu pokok nyaeta aqad nikah, anu alhamdulilah
petugas pencatat nikah ti kantor urusan agama kecamatan tarogong kaler parantos
rawuh dipayuneun urang sadaya. Ka rombongan calon mempelai pameugeut
dihaturanan linggih wae di lebet bumi, kumargi tempat terbatas panuhun perwakilan
wae. Mangga ka petugas ti kantor urusan agama Kecamatan tarogong kaler kanggo
mingpin aqad nikah sareng marios kana kalengkapan administrasina.
 Alhamdulilah aqad nikah parantos dilaksanakeun kalayan lancar , kukituna urang
deudeul du’a wae ka panganten baru anu nembe diaqadan mugia rumah tanggana
sing janten rumah tangga anu sakinah tiasa ngawangun masyarakat anu marhamah
kalayan nyandang wawaddah warohmah anu dibeungkeut pageuh ku tali ikatan aqad
nilah. Sing runtut raut lambat lambut, ka cai jadi saleuwi ka darat jadi salebak
ka cai sing getol susuci ka darat sing getol sarolat, parek rizki jauh tina bahai
bari tetep tiasa babakti ka gusti nu maha suci.
 Alhamdulilah runtuyan acara ti kawit dugi ka akhir parantos wekasan . Pribados
atas namina pengatur waktu pangjajap acara, mugi lumur hampura nu diteda bilih
kirang bobot sapanon carang sapakan aya cariosan anu jadi pucuk tigirang
ngagetruk kana kalbu ngabeletrak kana manah teu sapuk sareng tata titi duduga
peryoga. Sihapunten anu kasuhun.

Wassalamu’alaikum Wr.Wb.

BIANTARA LAMARAN BASA SUNDA


Assalamu’alaikum wr.wb.
Alhamdulillah nahmaduhu wanastai’nuhu wa nastafioruhu wanaudubilahi min sururi
anfusina wa minsaiati amalina mayahdilahu fala mudilalah wama yudlilhu fala hadiyalah.
Alhamdulilahiladi ahala nikah waharomasifah, ashadu anla ilaha ilalloh waashadu anna
muhamadan abduhu warosuluh, bismilahi binimatil iman wal islam.
Puji nu jadi mimiti mugi ngancik di Gusti Robul Ijati, kalayan mung karana kodrat
mantenna urang sadaya dina waktos ieu tiasa riung mungpulung paamprok jonghok dina
raraga silaturahmi, anu dipatalikeun dua kulawarga dina acara khitbah. Solawat kalih
salam mugia salalamina dikocor golontorkeun ka Kanjeng Rosululloh Muhammad SAW. Oge ka
para kulawargina, ka para sohabatna, ka tabi’in tabiatna tug duga ka umatna muslimin
muslimat. Kalayan pamugi urang sadaya kagolong kana umatna kalayan kenging safaat di
yaumalkiamah. Amin.
Ti payun sim kuring seja ngahaturkeun nuhun ka pangatur waktu pangjajap acara anu
parantos maparin lolongkrang ka sim kuring kanggo sumanggem dina raraga nalikeun tali
kaasih nyangreudkeun tali kadeudeuh antawis Neng….... sareng Cep….... .
Sim kuring seja ngahaturkeun wilujeng sumping ka para tatamu anu anu sae manah nu
sumping ti daerah.........…, utamina kulawargi jembar Bapa …..... kalih Ibu .....….
Kalayan nyanggakeun bagea ka sadaya anu sumping. Hapunten bilih panampianna kirang
nyugemakeun.
Teu hilap sim kuring ngahaturkeun nuhun ka para wargi anu moal diwincik hiji-hiji anu
parantos nawiskeun kaasih diri, ka sadaya anu lenggah anu moal ditatan sadaya anu
parantos masrahkeun kaleah manah mapag rombongan anu dianti-anti.
Para bapa kalih para ibu anu sami-sami rawuh hormateun sim kuring,
Bilih janten mawur kucatur, mencar ku carita, sim kuring bade ngadugikeun galeuhna ieu
pisanggem. Sim kuring ngabantunas mana Kulawargi Bapa …. diwuwuh ku para sepuh,
disakseni kukadang wargi, kalayan dikawitan ku bismilahhirohmanirrohim, sanes kanten
anu parantos disaurkeun kalayan dipasrahkeunku wawakil ti rombongan Cep… ti kulawargi
Bapa… tadi,ditampi ku hasta kalih disuhun dina embun-embunan, disangga kalingga
disarengan ku ati anu wening manah anu setra.
Pamugi Neng … sareng Cep … tiasa kauntun tipung katambang beas laksana kapiduriat,
dikobul ka bale nyungcung. Atuh cacandakanana sing janten jimat aranjeuna dina mungkas
mangsa lalagasan. Insya Allah moal lami deui baris ngajatukrami.
Salajengna, dina raraga ngawangun rumah tangga pamugi Neng … sareng Cep … tiasa
ngawangun rumah tangga anu sakinah mawwadah wa rohmah, tiasa hirup sauyunan, sareundeuk
saigel, saketek sapihanean, sabata sarimbangan, ka cai jadi saleuwi ka darat jadi
salebak, runtut raut sapapait samamanis sabagja sacilaka, jatnika lahir sinareng batin.

Hadirin sadaya nu dipihormat ku simkuring


Bilih ieu pisanggem janten seueur catur tanpa bukur, sim kuring seja mungkasan ieu
pisanggem.Sateuacanna mungkur,sim kuring neda sihapunten bilih aya catur anu teu
kaukur, bilih aya basa anu teu kareka. Bilih aya kekedalan sim kuring anu teu nyurup
undak-usukna teu ninggang kana wirahmana, mugi agung nya paralun muga jembar nya
haksami.
Mugi kersa ngahapunten, urang teundeun dihandeuleum sieum, urang tunda di hanjuang
siang, pikeun cokoteun sampeureun namangsa nu baris datang, na handeuleun neundeun
katineung, na hanjuang nunda kamelang, cag ah.
Tutus langkung panghalang, bobo sapanon carang sapakan.
Billahi taufik wal hidayah. Wassalamualaikum wr.wb.
Serah Terima Pengantin Bahasa Sunda 2 Pihak

1. Penyerahan

Assalamu’alaikum warrohmatulloh Wabarokatuh

Awali dengan ta’awudz dan basmalah, kemudian do’a mukadimah dan sholawat (bebas
tergantung yang kita hapal).

*Cuma hanya saran gunakan do’a mukadimah dan sholawat yang pendek, karena pertimbangan
durasi sesuai rundown yang biasanya tercantum sekitar 5 menit.

Saba’dana puji sinareng syukur disanggakeun ka Alloh SWT tina sagala rupi ni’mat-Na.
utamina ni’mat iman sinareng ni’mat islam anu mugia salawasna dipaparinkeun ka urang
sadaya.

Ogé Alhamdulillah ku kersa-Na, simkuring ayeuna miwah rombongan ti…(Sebutkan nama


daerah asal) parantos dugi ka ieu wewengkon kalayan aya dina kasalametan. Sadayana
mungguhing kersaning Alloh SWT.

Bapa-ibu ogé wargi sadaya, hususna sepuh-sesepuhna calon pangantén istri miwah
kulawargina anu ku simkuring dihormat.

Teu hilap ka sadayana anu sami lenggah dina ieu acara utamina ka para ulama, ustadz-
ustadzah, tokoh masyarakat, teu hilap ka pangurus ieu wewengkon anu sadayana hormateun
simkuring.

Dina ieu waktos simkuring asmana sepuhna calon pangantén pameget nyanggakeun salam
baktos. Nyanggakeun salam kawilujengan ka sadayana anu sami lenggah dina ieu acara.
Hapunten anu kasuhun tina sagala rupi kalepatan, bilih dongkapna simkuring saparakanca
kirang sapagodos sareng manah wargi sadayana.

Maksad dongkapna simkuring saparakanca ka ieu wewengkon teu aya sanés, kumargi parantos
nguping ti sepuhna calon pangantén pameget nyaéta saurna gaduh jangji anu tos pasini
dina wanci kamari, boga carita anu tos kedal ti baheula.

Wiréhna saurna putrana Bapa…(Sebutkan nama Bapaknya calon pengantin pria) sareng Ibu…
(sebutkan nama ibunya calon pengantin pria) anu wastana Cép…(sebutkan calon pengantin
pria).

Saurna gaduh bébéndé haté anu matak hésé saré, boga mojang lenjang anu dipikahayang
sanajan anggang nu remen ditéang. Nya saurna ayana di ieu wewengkon pisan.

*Agar komunikatif tanya dengan nada canda ke calon pengantin pria dan kalau calon
pengantin wanita sudah hadir bisa ditanyakan juga pada keduanya.

Conto “Cobi Cép…(sebutkan calon pengantin pria), tingali heula naha leres ieu istri
anu disebatkeun kamari téh?” tapi engké marios lengkepna mah saupami parantos akad
nikah. Ayeuna mah tingali wéh heula ti katebihan 😁.

Urang lajengkeun deui, maksad anu utami simkuring asmana sepuhna calon pangantén
pameget dina danget ieu pisan.

Badé nyanggakeun di luhur sausap rambut di handap sahibas dampal. Nyanggakeun badan
sakujur anu wastana Cép…(sebutkan nama calon pengantin pria).

Kanggo ditikahkeun dinten ieu pisan ka Néng…(sebutkan nama calon pengantin wanita).
Disarengan nyanggakeun cacandakana sok sanaos mung saukur hatur lumayan.

Mugia wargi sadaya utamina ibu-ramana Néng… (sebutkan nama calon pengantin wanita) aya
dina ridho manah wening galih kersa nampi kana sagala rupi pamaksadana.

Mung sakitu anu kapihatur, ogé neda hapunten bilih simkuring dina cumarios aya basa anu
kirang merenah kana manah bapa-ibu ogé wargi sadayana.

Urang pungkas ku kagegelan seni budaya sunda sareng du'a (sisindiran paparikan)
Kabita dodol tutungna
Wareg moal deui-deui
Nyarita taya tungtungna
Nya kitu kadinya deui
(Tutup dengan do’a dan salam).

2. Penerimaan
Assalamu’alaikum warrohmatulloh Wabarokatuh
Awali dengan ta’awudz dan basmalah, kemudian do’a mukadimah dan sholawat (bebas
tergantung yang kita hapal).
*Cuma hanya saran gunakan do’a mukadimah dan sholawat yang pendek, karena pertimbangan
durasi sesuai rundown yang biasanya tercantum sekitar 5 menit.

Parawargi anu sami lenggah dina ieu waktos, hususna ibu-ramana miwah sesepuh calon
pangantén pameget. Ogé sadayana bapa-ibu, sepuh-anom murangkalih anu ku simkuring
dihormat pisan.

Alhamdulillah, tadi parantos ka uninga ogé kadangu ku urang sadayana. Naon rupi
pamaksadan ti calon pangantén pameget.

Anu parantos didugikeun ku sesepuhna kalayan écés jentré, taya tédéng aling-aling,
bruk-brak éstuning malapah gedang. Kahartos pisan pamaksadana.

Simkuring asmana sepuhna calon pangantén istri sareng kulawargina, sateuacana


ngahaturkeun wilujeng sumping kasadayana.

Wilujeng patepung lawung paamprok jonghok patepang raray, nyanggakeun pangbagéa


kasadayana. Hapunten anu kasuhun tina sagala rupi lepat sinareng kakirangana.

Naon rupi anu tadi didugikeun ku sesepuhna calon pangantén pameget. Simkuring nyakséni
kalayan kahartos pisan pamaksadana.

Saur paripaos anu sok didugikeun ki Dalang mah bingah amar wata suta, bingah ka giri-
giri. Éstuning ditampi ku asta kalih, disuhun dina embun-embunan, ditampi sagala
rupina.

Sami pisan ti simkuring ogé, bilih aya catur anu teu ka ukur, aya pasalia basa anu teu
kahaja. Panyuhun panghapunten ti wargi sadaya, mugia Alloh SWT salawasna ngahapunten ka
urang sadayana. Amin ya robbal ‘alamin.

Waleran sisindiran anu didugikeun ku sesepuhna pangantén pameget


Jambuna kakara kembang
Tangkalna aya duana
Tatamu mangga taruang
Hanjakal ngan saayana
(Tutup dengan do’a dan salam)
Sisindiran Penyerahan Pengantin Pria Pantuna sunda penerimaan pengantin

Ka Cikijing ka Sumbawa Di hareupun aya kijing


Kitu ning geus ilaharna Ku Pa Punduh diambilan
Teu jingjing teu barang bawa Teu ngarepkeun nu dijingjing
Istuning alakadarna Da puguh tos dimobilan

Nyeri hulu kot lenglengan Mang Iwin bandar domba


Katinggang ku pangpung panjang Hanjakal pisan cetrina
Si jalu kabungbulengan Mas kawin teu kudu loba
Ku nyai nu jangkung lenjang Asalkeun rido istrina

Ngaritna ka Panyusuhan Si Nyai mawa asahan


Rék bari néang garapan Si Jalu kalah kerambol
Arinditna rurusuhan Si Nyai guling gasahan
Acan kaburueun sarapan Si Jalu can embol-embol

Nyabutan kumis tipeuting Dagangan tos ditemrakkeun


Da beurang mah euweuh eunteung Janten meser song artosna
Nu sambutan lila teuing Hidangan tos disampakeun
Rombongan peuriheun beuteung Punten sakitu buskotsna

Bawal eujeung cumi-cumi Sonten nyoo anak ucing


Entén bugis piubareun Beurang nyoo kakapalan
Moal rék di lami-lami Panganten teu genah cicing
Pangantén geus teu sabareun Hayang geura dirapalan

Sisindiran keur panganten baru


Dianting eujeung tandukan Pamajikan keur mingguan
Tamlég jiga bangbarongan Mitoha keur moé manéh
Tipeuting saré duaan Pamajikan geus nungguan
Kadé mandi kabeurangan Mitoha can saré kénéh

Masang antén babaseuhan


Talina mah tina hoé
Pangantén guling gasahan
Sémah can nyaringkah wae

SEREN

Hadirin anu dimulyakeun, para tamu /rombongan anu jajap panganten pameget anu
dipihormat!
Alhamdulillah kalayan rahmat Allah anu Agung urang sadaya parantos tiasa riung
mungpulung, anging takdir ti Ilahi, urang tiasa silaturahmi dina ieu wanci anu mustari,
pangersa Allah anu maha Kawasa, tepang rasa, tepang basa, sareng kanca mitra sadaya.

Teu aya sanes anu janten cukang lantaran, ku tepungna tantung, pacangreudna deudeuh,
patalina asih, tug dugika jatukramina laki rabi tuang putra Nyi Iteung ka pun anak
Kabayan anu kalayan takdir Ilahi parantos waluya bagja rahayu anu dituju, tinekanan
diwalimahan dina dinten ieu Senin, 1 Juli 2010.

Hadirin anu mulya, para tamu rombongan panganten, utamina sepuh panganten pameget!
Langkung ti payun seja sanduk-sanduk, mugia agung cukup lumur, jembar hapunten anu
kasuhun rehing dina tata titi, duduga peryoga, tata cara kumaha kedahna nampi tamu,
estu tumamu, tebih tina nyumponan kautamian, estuning walurat pisan. Hapunten sanes
henteu ngutami, atanapi kirang hormat, namung nya sakieu kabuktosannana anu kadada
kaduga. Ari karep mah hoyong nyugemakan, namung pakeun anu henteu tiasa dipinding-
pinding, estu nya sakieu kabuktosanana.

Para hadirin anu mulya, rombongan panganten pameget, kalih sepuh panganten pameget
sarimbit!

Jisim kuring kalayan asmana pun anak seja nyambung saur, ngadugikeun gerentes ati anu
kagungan maksad, nyatana sepuh panganten istri geusan nampi papasrahan ti pihak sepuh
panganten pameget anu parantos ngadugikeun kalayan jentre merele, atra nyata, anu
direka ku basa anu ngahudang rasa, estu kahartos pisan sartas saluyu sareng lelembutan,
naon anu dipimaksad.

Kukituna dina ieu wanci anu mustari mugi disaksi sim kuring seja nampi, kalayan Nyebat
asma Allah anu welas asih, ting silumanting, baeu anaking, ditampi ku asih wening trang
silumejang, si ujang muga kenging kabagjaan, sadami renghapna, sakujur jasadna,
getihna satetes, buukna salambar. Gumulung tangtung hirup huripna. Sumanding jirim raga
badag jeung lembutna Seja disanggakeun ka anu kagungan sareng anu nyiptakeun Allah
Robbul Alamin. Diraksa dijaring ku welas asihna Gusti Nu Maha Suci tur Maha Rohman Maha
Rohim. Muga pinareng panjang punjung kalayan ridho Anu Maha Agung, rumah tangga bagja
waluya, di dunya tug dugi ka alam baqa, Amin Ya Robbal ‘alamin.

Dirina ditampi, maksadna ditarima, oge ruruba pangjajap, cacandakan anu sakitu
seueurna, sareng nyugemakannana, ditampi ku asta kalih, tumamprak panangan muji syukur,
tasyakur bini’mah, kana rizki welas asihna Gusti, anu kalayan karidoan galih pinuh ku
kaiklasan manah parantos dipasihkeun/ dipasrahkeun ka pihak sepuh panganten istri.

Mudah-mudahan sing jadi barokah, jadi amal kasaean kanggo anu masrahkeunana, muga jadi
kamangfaatan dunya aherat kanggo anu nampina. satemenna kakangen ati kalayan sareng
kareueus ku parantos cunduk waktu sareng dipasrahkeun.

Anaking! anak bapa teu wasa ngagambarkeun ku basa, teu mahi kumaha kedahna males budi
ka nu janten sepuhna panganten pameget sareng rombogan, anu sami-sami jajap, anu
parantos masihan ajen pinuji ka sim kuring sakulawarga, utamina ka pun anak. Sadaya
kasaean seja disanggakeun ka Anu Maha Adil, maha Wijaksana, ka Allah Anu welas asih,
mugia dijantenkeun amal kasaean. Amiin.
Rupina lisan panampian dicekapkeun sakieu, Atuh salajengna oge sakedik amanat anu
mangrupikeun tali asih simpay kanyaah, mudah-mudahan sing jadi pamatri enggoning laki
rabi, pangrumat rumah tangga, jadi obor dimana poek, jadi kamudi bahterana laki rabi.

Mugi diregepkeun ku Ujang Nyai Panganten jeler istri. Anaking! Poe ieu hidep narima
amanat. Pek buktikeun tangungjawab hidep kana ieu amanat. Anu hakekatna amanat ti Gusti
Allah. Pek geura tatan-tatan, tarik jangkah beber layar, ngajugjug kana pulo
pangharepan hidep duaan.

Anaking! Coba lenyepan ieu amanat Luqmaul Hakim ka putrana. Wahai anaking! Kahirupan
teh lir ibarat samudra, jerona satunjang jagat, legana parat ka langit. Pengeusina
salaksa haq, saketi batil, hade goreng bagja cilaka pagaliwota, sorangeun piliheun
hidep duaan. Anaking perhatikeun munggaran lesotna jangkar, bral miang nyandang
harepan. Kapalna wujuding taqwa, eusina wajaning iman, umbul-umbulna Dinul Islam,
padomananan nurut dawuh sunah Rasulullah SAW. Balabuhna lebah palataran katengtreman
(tawakal alal Loh) Insya Allah kapal hidep baka kuat norobos lambak anu kuat di tengah-
tengah sagara kahirupan.

Anaking, Prak geura lengkahkeun suku hidup duaan dina ngambah kahirupan anyar,
kahirupan rumah tangga. Hiliwir angin kaasih, hulowatan kabagjaan mugia tinekaan bari
ulah hilap ucapkeun.

Tutug anu dituju, tuntas anu diseja. Sakitu nya kedalna ieu rasa, anu kapaksa satiasa-
tiasa diolah ku basa, anu tuna pangabisa, sih hapunten tangtos pakusut nyebut,
pasolengkrah pasalia, caturna teu ka ukur ku ugeran, engangna teu di ungang engang,
tata titina tebih ti utami, sih haksami anu dipamrih, mugia agung cukup lumur, jembar
pangaputen tina sagala rupi kakiranganana

Serah Terima Pengantin Laki-laki

Alhamdulillahiladzi qod ahalla nikah wa harrama syifah. Asyhadu ala ilahaillallah


wahdahula syarikalah wa asyhadu anna muhammadan abduhu wa rasuuluh. Aladzi la nabiyya
ba’dah. Amma ba’du.

Qaalallhutaala filquraanil kariim.

‫َأُع وُذ ِباِهَّلل ِم َن الَّش ْيَطاِن الَّر ِج يِم‬


‫ِبْس ِم ِهّٰللا الَّرْح ٰم ِن الَّر ِح ْيِم‬
‫َو ِم ْن آَياِتِه َأْن َخ َلَق َلُك ْم ِم ْن َأْنُفِس ُك ْم َأْز َو اًجا ِلَتْس ُكُنوا ِإَلْيَها َو َجَعَل َبْيَنُك ْم َم َو َّد ًة َو َر ْح َم ًة ِإَّن ِفي َذ ِلَك آَل َياٍت ِلَقْو ٍم‬
‫َيَتَفَّك ُروَن‬

Sagala puji kalayan seja muji ka gusti nu maha suci. Syukur ka Allah robbul ghafur.
Shalawat kalih salam mudah-mudahan salamina dicurah limpahkeun ka panutan alam,
habibana wa nabiyyana sayyidina Muhammad shalallahu alaihi wassalam, ka para
kaluawargina, ka para sahabatna, tabiin, tabiin attabiin. Umumna ka urang sadayana nu
janten umat mantenna. Pamugi kenging sya’afatuluzma di yaumil jaza, aamiin ya Allah ya
rabbal alamin.

Para sepuh pini sepuh anu sami rawuh. Sesepuh ieu kampung, papagon ieu lembur anu ku
simkuring dipikahormat.

Almukaromun para alim, para ulama, para Kyai anu simkuring dipikahormat,
Aparatur pemerintahan anu ku simkuring dipikahormat,

Wabil khusus shohibul bait sakaluawargi Bapak…..kalih Ibu…..anu kusimkuring


dipikahormat.

Dahal basa direka-reka nyulastra para pujangga direnggi-renggi kunanti angger simkuring
mah teu gedak galindek estuning katindih kumusti kateda kupangawasa, kapapancenan tugas
ku sepuhnya ieu panganten pamegeut kangge ngadugikeun pamagsadan bilih janten
pertarosan urang dieu. Aya naoun ceunah ngaleut ngengkeuy ngabandaleut, ngembat-
ngembat nyatang pinang ti utama ka eui tempat boh bilih janteun sawangan. Kukituna
simabdi (sim kuring) sejak ngawakilan sepuhna kuanjeun panganten pameugeut oge sadaya
rombongan kangge ngadugikeun pamasadannana. maksad abdi datang sanes bade nyerang,
anjog sanes bade ngarampog. Estuning ngabantun pamadsadan anu kalintang saena. Abdi sa
rombongan dongkap ka dieu patempatan tehseja nyanggakeun silaturahmi. Mudah-mudahan
silaturahmina ditampiku Pak haji sakaluwargi di dieu umumna ku kaluarga didieu. Mudah-
mudahan ku silaturahmi urang sadayana sing janteun wasilah panjang yuswa diarangge
ibadah seer milik sareng rizki anu barokah.

Pamadsadan nu kadua, sabadana pun anak kersana jang……..tepung lawung tepang raray
sareng tuang putri Pak haji di dieu nuwastana neng……..patepung sumeureup kalbu
patepang patelak rasa, akhirna gelar dina lisana maksad hoyong hirup sasarengan,
ngambah lautan rumah tangga anu disunahkeun ku kanjeung Rasulullah Shalallahi alaihi
wassalam.

Sa bada anjeuna duaan tuhu nunggu-nunggu waktu tawakal wilangan wulan nyalirna hiji
wanci nu mustari ningal wangsa nu utama, melati ligarna ati cempaka na dada. Sawangan
tianggalna dibayangkeun. Alhmadulillah dinteun kamari tos dihijikeun ngalangkungan ijab
sareng qobul kalayan ayeuna kasaksen ku sadayana rombongan tiutama. Nu dipayun teh
sanes calon dieu parantos sah janteun suami sareng istri.

Simkuring nujanteun sepuhna, ngawakilan Bapak…..kalih Ibu…..mangrupikeun kawajiban


panginteun nganterkeun ieu murang kalih ti utama hadirin sadayana boh bilih disangki
teu gaduheun wargi ternyata panginteun Bapak tingali ku sadayana mun dihijikeunmah aya
sa RT-eun ayeuna nu dongkap kadieu teh. Nyanggakeun ieu pun anak nu wastana Jang……ka
sepuhna pangenten istri kersana Bapak haji……mudah-mudahan anjeuna tiasa ngabimbing nu
janteun putra ieu tina urusan agamana, oge urusan duniana. Urusan sanes kantena.
Simkuring nu janteun sepuh panginteun tos teu miboga teu mibanda. Ayeuna nyanggakeun
sapuratina ti luhur sausap rambut dugi ka handap sa hibas dampal.

Anu salajeungna, para Bapak miwah Ibu sadayana. Simkuring anu janteun sepuhna pun anak,
sanes teu hoyong mekelan kubanda oge kuharta dapanginteun saur pari paos mah panganten
pameugeut teh gaduh ibu tak ber ilmu, gaduh bapak tak berharta sanes mun paribasa ari
sakieu kabektosanana teu bisa masihan anu dipikahareup didieu, namun kamampuan teu
tiasa kaukur. Kukituna neda hapunteun sa teuacana. Atuh katingali bok bilih aya
nungguy, aya nu ngajingjing eta mah ala kadarna, nyanggakeun anu diwadahan. Wadahna
bade dicandak deui da kenging nambut. Mudah-mudahan janteun raos kadedeudeuh kangge
tuang putra didieu. Mudah-mudahan janteun pangikat. Pamageuh dina rumahtanggina ieu pun
anak dua-an.

Anu terakhir, panginteun tiang sepuh abdi ngawakilan mun tiasa teh ngaduakeun ka
panganten sakalih. Mudah mudahan ieu panganten dina rumah tanggina kenging rumah tanggi
anu kekal sekekal Nabi Adam sareng Siti Hawa. Rumah tanggi anu barokah sa baraokah
rumah tanggi Nabi Muhammad sareng Siti Khadijah.

Abdi sakaluargi, abdi terutama, mung sakitu nudipikadugikeun. Hapunteun nukasuhun.

‫َو ِباِهلل الَّتْو ِفْيُق والِهَداَيُة َو الَّس َالُم َع َلْيُك ْم َو َر ْح َم ُة ِهللا َو َبَر َك اُتُه‬

panarimaan calon pangantén lalaki


Bismillahirrahmanirrahim
Assalamu’alaikum warrohmatulloh wabarokatuh
Alhamdulillah wa syukrulillah wa sholatu wa sallamu ‘ala rasulillah sayyidina
wamaulana Muhammadin wa ‘ala alihi wa shahbihi wa mawwalah, amma ba’du.

Sateuacana simkuring ngawaler naon rupi anu tadi didugikeun ku sepuhna calon pangantén
pameget. Langkung tipayun urang sanggakeun puji sinareng syukur ka dzat illahi robbi,
Alloh SWT.

Salam sinareng sholawat mugia salawasna dipaparinkeun ka Habibana Nabiyana Muhammad


SAW. Kasadayana kulawargina, ka para sahabatna. Tug dugika urang anu sami tumut manut
kana ajarana kasinugrahan safa’at ti anjeuna engké di yaumil ahir. Amin ya robbal
‘alamin.

Alhamdulillah, kana sagala rupi ni’mat anu parantos dipaparinkeun Alloh SWT. Utamina
ni’mat iman sinareng Islam. Ogé Alhamdulillah ku tiasana urang patepung lawung
paamprok jonghok patepang raray dina ieu waktos.
Disarengan tiasana patarémana dua panangan kalayan aya dina kalancaran sareng
kasalametan. Mugia ieu sing janten salah sawios kani’matan nu parntos dipasihkeun ku
mantena ka urang sadaya. Amin ya robbal 'alamin.

Saéstuna sagala rupina teu aya nu kaleresan, sanaos dinten ieu mangrupi nyumponan
patali jangji anu kantos pasini ati antawis dua kulawargi, utamina calon pangantén
sakalih.
Namung jalma saukur kagungan rencana, du’a sareng ihtiar sagalarupina mungguhing Alloh
SWT anu ngersakeuna. Alhamdulillah ku kersan-Na ayeuna laksana.

Mugia rohmah, barokah sinareng maghfiroh dipaparinekun ka urang sadaya. kalebet ka dua
calon pangantén. Ogé mugia kempelna urang di ieu patempatan sing kalebet silaturahmi.
Amin ya robbal ‘alamin.

Bapa-bapa, ibu-ibu ogé sadaya rombongan anu ku simkuring dipihormat. Teu hilap ka para
sepuh, tokoh masyarakat ogé réngréngan pangurus ieu wewengkon. Ka panata acara anu
parantos maparinan waktos ka simkuring, ka para ustadz-ustadzah, alim ulama anu urang
sami takjim ka anjeuna.

Hususna ka sepuhna ogé ka calon pangantén pameget, haturan wilujeng sumping kasadayana.
Hapunten anu kasuhun tina samudaya kakirangan komo dina kalepatanana. Heug bilih kirang
upami dina panampiana. Ampun paralun anu kasuhun ka sadayana.

Anu salajengna simkuring asmana kulawarga Bapa… (Sebutkan nama bapak calon pengantin
wanita). sareng Ibu…(Sebutkan nama ibu calon pengantin wanita).

Ngupingkeun sareng nyakséni kana naon rupi anu tadi didugikeun ku sepuhna calon
pangantén pameget. Ti kawit nyanggakeun cacandakanana dugika nyérénkeun jinisna calon
panganténa.
Simkuring anu kapeto ku sohibul makosid, hususna ngawakilan calon pangantén istri anu
wastana néng…(Sebutkan nama calon pengantin wanita), ngaraos bingah anu teu aya wates
wangena.

Bingah tiasa kasumpingan tatamu anu sakieu hormateuna, ogé bingah wiréhna calon
pangantén pameget parantos aya dipayuneun urang sadayana.

Saéstuna sok sanaos indit ngaligincing, datang teu jingjing teu bawa saur paripaosna.
Eta mah sanés nu utami. Anu langkung utami mah sumpingna Cép … (Sebutkan nama calon
pengantin pria), kalayan salamet.

Diréncangan anu aya dina lebet acingna hé hé hé . *) Hapunten bilih wéh badé ditambihan
heureuy sakedik (Acing/ Lancingan= Celana Bahasa Indonesia).

Tadi kadangu ku urang sadayana, ti kawit dugika réngsé sepuhna Cép... (Sebutkan nama
calon pengantin pria) cumarios anu sakitu écés jentréna.

Badé nyanggakeun cacandakana sareng jinisna. Simkuring asmana ibu ramana sinareng
kulawargina, hususna Néng… (Sebutkan nama calon pengantin wanita).
Nampi kalayan kabingahan, éstuning disuhun dina emun-emunan ditarima pisan kudua dampal
panangan tina naon anu tadi disanggemkeun.
Mangrupi pamungkas ieu carita, simkuring sakali deui neda dihapunten bilih kirang upami
dina panampiana.komo deui tina kakirangan sinareng kalepatana.
*) Bilih luhur saur bahé carék, aya saur nu teu ka ukur, aya basa pasalia anu kirang
merenah kana manah. Simkuring asmana pribadi sareng kulawargi calon pangantén istri
nyuhunkeun disihapunten saageung-ageungna.
*) Bilih aya anu kasiku bujur, katajong bobokong, karumpak taktak, kaléngkahan manah.
(Mung kedah ningali heula kana Sikon).
Mung sakitu anu kapihatur (Tutup Ku du’a sareng salam)
Hapunten kagegelan, saukur kamandangan simkuring ieu mah
- Sakaterang simkuring biantara sambutan dina nikahan mah osok jual meuli. Maksadna
antawis anu nyérénkeun sareng nu nampi nyambung eusina, sanaos teu sadayana.
- Badé dipanjangkeun dipondokeun mangga, mung ilaharna osok kawagel ku waktos sareng
acara liana. Komo saupami aya rundown acara, urang kedah ngiringan kana katangtosana,
kitu panginten.
Demikian semoga bermanfaat, semua uraian di atas hanya contoh yang jauh dari sempurna.
Beritahu saya jika salah agar segera dilakukan perbaikan.
Wassalamu'alaikum Warrohmatuloh Wabarokatuh

SEREN
Bismillah nu jadi sekarning panggiring catur, ngajadi tuturus laku, muru sampuraning
rahayu, benjeran jatining bagja.Di wuwuh ku alhamdulillah, panyanglar ria jeng sum’ah
nu pasalengkrah ngaruntah dina galeuh lelembutan, panundung ujub jeng takabur nu
ngagojod dina qalbu, pangusir kumaki nu ngadaki dina ati, nu tunggal iwal ketresna
bersihna ati gesan nampa jolerat hidayahna al-Qur’an jeng sunah rosululloh SAW.

Ucapan kalimatusyahadataeni nu netepken pagusten bari pasang subaya ka gusti nu maha


suci, insya Alloh moal rek lanca linci, luncat mulang tina tali gandang, moal rek
belang wangkelang najan tepi kairaha, keukeuh, kukuh, anteng manteng, moal monteng
najan loba nu maruntangan

Kesan sholawat teh hiji du’a nu nandaken kadeudeuh sareng ka meumeut anu maneuh ka
gusti nabi jungjunan alam kakasih Alloh. Anjena anu jadi tuturus laku dina sumujud ka
dzat Alloh, peta lampah dina papantunan hirup, sabab hirup katungkul ku pati, maot te
nyaho deui mangsa.Atuh meren lampah teh kudu masing ati-ati, langkah jeng basa jaga
sing gumati, ulah lunta tina temah wadi tebih tina pola agami, sok sanaos tos lawas
anjena ngantunken alam pana, abong nu miyuni santun te kendat kapicen, jadi lemah wong
sakabeh, ka ceuluk kakandang ewu, ka kocap kajanarkia, geus ngajadi sabiwir hiji,
ngadalinding sengit kasaban negri.
Para hadirin walhadirot , utamina kulawargi bakal calon panganten istri rohimakumulloh.

Sim abdi nyandak asmana sepuh bakal calon panganten pameget, timpah tipayun sateacan
sumanggem, hapunten tina sugrining ka kalepatan, boh bilih teamah para tatamu rombongan
anu sarumping kaieu tempat, saur paripaos tea mah upami para pameget dina silana kirang
anekak, upami para istri dina embokna kirang aneprok, hente nuandak istilah tamu,
tesatata sareng sasemu sareng piribumi didieu. Kumargi rumaos pisan si abdi sareng para
tatamu rombongan ku sumpingna ka ieu tempat parantos ngaganggu kana katengtremanana
piribumi didieu, saolah-olah ngaheseken urang imah anu istilahna di sebut semah.

Atuh salajengna sim abdi teh saur paripaos teamah mung mangrupiken lambe sambung lemek,
ilat sambung talatah, sampean sambung lengkah, dina saat ieu kengeng kapercantenan ti
pangersana kulawarga..................kanggo ngadugiken pamaksadanana ka pangersana
Bapa.............di dieu.

Hadirin walhadirot rohimakumulloh.


Sim abdi miwah para tatamu rombongan kusumpingna ka ieu tempat anu sakitu jauh-jauh di
jugjug anggang-anggang di teang, ngeungkeuy ngaleut ngabandaleut, ngemat-ngemat nyatang
pindang teu aya lintang anu baris kasanggaken ka Bapa..............di dieu iwalti ka
hiji

Seja nyanggaken silaturrahmina ti atas nami kulawargi.............ka sadayana para


wargi tatanggi, masyarakat anu aya di ieu tempat utamina ka sohibul hajat
Bapa...........kilih Ibu, anu sakitu saraena sareng sugemana, estu matak teulab kana
leuleumbutan katampi ku asta kalih kasangga ka lingga murda pamugi ginanjar lebetning
nugraha tinu maha kawasa.

Dupi maksad anu kadua, sumeja unjuk uninga sarehna di rombongan teh gaduh anak odeng/
tawon nu ker mangsana remaja putra, gumeleber ku malayang, mapay-mapay raratan qodar
pangeran, sumiriwir niyih taqdir ti ajali, kumawantun lolongok ka kebon-kebon,
ngalayang ka patamanan Bapa......... di dieu. Rupina bae pararandeg amprok sareng hiji
sekar nu nuju manteng seuseup, atuh waktos wangsul karorompok, eta si anak odeng teh
katingalina guling gasahan, lir kadudu leuleumbutan, kapentang mamarasna rasa, nya sim
abdi teu tiasa mapay-mapay raratanana naha nu mana sekar nu ngajantenken incerannana
teh? Nu nyababken ngalanglayungna si anak odeng, mana horeng tea mah cilaka ku tingkah
polah sorangan geus wani lolongok ka kebon-kebon ngalayang ka patamanan kagungan Bappa
di dieu, si horeng pararandeug amprok sareng hiji cempaka endah sumawur, wangining
harum harum sekar wangi, kantenan matak ngajadiken guling gasahan si anak odeng kana
cempaka hoyong nyeuseup hoyong metik, namun teu wantun sok sanaos aya bahasa; Batu
turun kesik naek kalapa tonggohenana,Batur purun kuring daek kacida bogohennana. Itu
wayang ieu wayang wayang, wayangna wayang arjuna, itu hayang ieu hayang nya di penta
bae kabapana.

Saupami tea mah teu kawidian kunu kagungan taman teh, di pager ku ajaran agama islam
sareng susila, balas teu genah rarasaan nya anjena pupulih ka sim abdi,batan leweh
bahasana kalah walah, hayang di pang ngajulken ngonggo jalur ti para rosul, tatacara
tina ti ulama anu lelemahna tina agama. Atuh ieu cariosan simkuring bilih teamah di
sebat tatarucingan urang ebrehken wae sakedik, dupi anu di sebut anak odeng teh nyaeta
pun anak anu wastana....................... Atuh eta anu disebut cempaka teh nya eta
tuang putra anu wastana neng ...............

Anu ka tilu unjuk pihatur serehna cempaka teh hoyong di seuseup di petik, pamugi
pangersa Bapa kalih Ibu kerswidi kasim abdi, kanggo di anggo aleuman sungkeuman,
pupunden rasa, buah ati tempat kasucian, ati tempat sasampayan, beheman rasa di damel
batur hirup saumur-umur, di ajak sasarengan ngojayan rumah tangga, neleman laki rabi
pamugi pinareng aya dina kaasih gusti nu maha suci.Amin yarobbal’alamin.Rupina kitu
gerentes hate pun anak the.

Waktos ayena kagok asong kapalang rongkong, patandang nu bakal midang, balabat mangsana
miang, cunduk waktu nu rahayu, niti wanci nu mustari ninggang mangsa nu utama, melati
linggarna ati kembang tanjung nu gumulung, pamengket cangred ka deudeuh, pakait patali
asih antawis jang..........ka neng............Ageng harepan hoyong pinasti rintih
ngahiji, pasang subaya supaya nyata, geugeut layeut laki rabina sumangga urang sakseni
kuurang sadayana, namung sate acan sim abdi nyanggaken kalyan ucapan
Bismillahirrohmanirrohiim Ti pangersana Bapa sepuh calon panganten pameget, neda
panyakseni kasadayana rehna dina saat ieu nyanggaken pun anak anu
wastana.................... kapangersa Bapa........kalih Ibu kanggo di dahupken ka
tuang putra wastana ...................Luyu sareng babadantenan urang kapungkur

Namung nyanggaken teh estu pisan, nyanggaken sadaya-daya salirana, ti luhur sausap ketu
ti handap sausap sapatu, ti gigir sapalinggair kulit, rambutna salambar, getihna
satetes, napasna sadada, kabodohanana sering ireug, kataligeuhanana sanggem saur
paripaos tea mah di tekuk kangkung katinggal maung, ilang along marga hina. Sumangga
seja nyanggaken,namung punten rupina pun anak teh ku angkatna ka ieu tempat teh teu
barang bantun nu matak nyugemaken, estu kupat kapit kepat nampah  teh mung
saleresna, teu jangjang teu jingjing, teu kapal teu keupeul, teu hunyur teu hanyir, da
sena barang bantun oge hawatos panganten mah, mung aya barang nu kababawa wungkul duka
naon jenenganana mah mangga bae parios ku neng............Engke bae ulah make asa-asa
pedah caket sareng Bapa, ulah make ragu-ragu ku pedah caket sareng Ibu, mangga eta mah
kumaha hidep bae. Atuh saur paripaos tea mah mung nyandak koneng sasolor muncang
sadampa, sumangga gera pelaken dina hunyur anu subur tur rihmuy pamugi baranakan
sinareng ngarekahan.

Hadirin hadirot rohimakumulloh.


Atuh eta mah bilih aya anu jangjang jinjing anu di tanggung etang-etang tilam kadeudeuh
ti pun anak kangge tuang putra di dieu, pamugi di tampi lumayan sabrang salayan leubeut
kacabe mah henteu, lumayan tambi lumayan leubeut kasae mah henteu, rumojong sasieureun
sabeunyeureun ngiring dumedeup ku conto ramo.

Pamungkas tisim abdi,salaku wawakil sepuh bakal calon panganten pameget, seja sanuk-
sanuk papalaku boh bilih tea mah aya sumanggem anu maduk kana qolbo ngagaris kana
panggalih, luhur mawur bahe carek, bilih aya kecap kalepasan pamugi sadayana utamina
pangersa Bapa kalih Ibu sepuh calon panganten istri miwah kulawargi pamugi agung cukup
lumur ku pangapunten neda jembar ku pangampura kersa ngamparken lautan
panyaksami,akhirna mangga nyanggaken.Wassalam............Wr Wb.

TAMPI

Alhamdulillah kalayan rahmat Allah anu Agung urang sadaya parantos tiasa riung
mungpulung, anging takdir ti Ilahi, urang tiasa silaturahmi dina ieu wanci anu mustari,
pangersa Allah anu maha Kawasa, tepang rasa, tepang basa, sareng kanca mitra sadaya.
Teu aya sanes anu janten cukang lantaran, ku tepungna tantung, pacangreudna deudeuh,
patalina asih, tug dugika jatukramina laki rabi tuang putra Nyi Iteung ka pun anak
Kabayan anu kalayan takdir Ilahi parantos waluya bagja rahayu anu dituju, tinekanan
diwalimahan dina dinten ieu Senin, 1 Juli 2010.

Hadirin anu mulya, para tamu rombongan panganten, utamina sepuh panganten pameget!
Langkung ti payun seja sanduk-sanduk, mugia agung cukup lumur, jembar hapunten anu
kasuhun rehing dina tata titi, duduga peryoga, tata cara kumaha kedahna nampi tamu,
estu tumamu, tebih tina nyumponan kautamian, estuning walurat pisan. Hapunten sanes
henteu ngutami, atanapi kirang hormat, namung nya sakieu kabuktosannana anu kadada
kaduga. Ari karep mah hoyong nyugemakan, namung pakeun anu henteu tiasa dipinding-
pinding, estu nya sakieu kabuktosanana.

Para hadirin anu mulya, rombongan panganten pameget, kalih sepuh panganten pameget
sarimbit!

Jisim kuring kalayan asmana pun anak seja nyambung saur, ngadugikeun gerentes ati anu
kagungan maksad, nyatana sepuh panganten istri geusan nampi papasrahan ti pihak sepuh
panganten pameget anu parantos ngadugikeun kalayan jentre merele, atra nyata, anu
direka ku basa anu ngahudang rasa, estu kahartos pisan sartas saluyu sareng lelembutan,
naon anu dipimaksad.

Kukituna dina ieu wanci anu mustari mugi disaksi sim kuring seja nampi, kalayan Nyebat
asma Allah anu welas asih, ting silumanting, baeu anaking, ditampi ku asih wening trang
silumejang, si ujang muga kenging kabagjaan, sadami renghapna, sakujur jasadna,
getihna satetes, buukna salambar. Gumulung tangtung hirup huripna. Sumanding jirim raga
badag jeung lembutna Seja disanggakeun ka anu kagungan sareng anu nyiptakeun Allah
Robbul Alamin. Diraksa dijaring ku welas asihna Gusti Nu Maha Suci tur Maha Rohman Maha
Rohim. Muga pinareng panjang punjung kalayan ridho Anu Maha Agung, rumah tangga bagja
waluya, di dunya tug dugi ka alam baqa, Amin Ya Robbal ‘alamin.

Dirina ditampi, maksadna ditarima, oge ruruba pangjajap, cacandakan anu sakitu
seueurna, sareng nyugemakannana, ditampi ku asta kalih, tumamprak panangan muji syukur,
tasyakur bini’mah, kana rizki welas asihna Gusti, anu kalayan karidoan galih pinuh ku
kaiklasan manah parantos dipasihkeun/ dipasrahkeun ka pihak sepuh panganten istri.

Mudah-mudahan sing jadi barokah, jadi amal kasaean kanggo anu masrahkeunana, muga jadi
kamangfaatan dunya aherat kanggo anu nampina. satemenna kakangen ati kalayan sareng
kareueus ku parantos cunduk waktu sareng dipasrahkeun.

Anaking! anak bapa teu wasa ngagambarkeun ku basa, teu mahi kumaha kedahna males budi
ka nu janten sepuhna panganten pameget sareng rombogan, anu sami-sami jajap, anu
parantos masihan ajen pinuji ka sim kuring sakulawarga, utamina ka pun anak. Sadaya
kasaean seja disanggakeun ka Anu Maha Adil, maha Wijaksana, ka Allah Anu welas asih,
mugia dijantenkeun amal kasaean. Amiin.

Rupina lisan panampian dicekapkeun sakieu, Atuh salajengna oge sakedik amanat anu
mangrupikeun tali asih simpay kanyaah, mudah-mudahan sing jadi pamatri enggoning laki
rabi, pangrumat rumah tangga, jadi obor dimana poek, jadi kamudi bahterana laki rabi.
Mugi diregepkeun ku Ujang Nyai Panganten jeler istri. Anaking! Poe ieu hidep narima
amanat. Pek buktikeun tangungjawab hidep kana ieu amanat. Anu hakekatna amanat ti Gusti
Allah. Pek geura tatan-tatan, tarik jangkah beber layar, ngajugjug kana pulo
pangharepan hidep duaan.

Anaking! Coba lenyepan ieu amanat Luqmaul Hakim ka putrana. Wahai anaking! Kahirupan
teh lir ibarat samudra, jerona satunjang jagat, legana parat ka langit. Pengeusina
salaksa haq, saketi batil, hade goreng bagja cilaka pagaliwota, sorangeun piliheun
hidep duaan. Anaking perhatikeun munggaran lesotna jangkar, bral miang nyandang
harepan. Kapalna wujuding taqwa, eusina wajaning iman, umbul-umbulna Dinul Islam,
padomananan nurut dawuh sunah Rasulullah SAW. Balabuhna lebah palataran katengtreman
(tawakal alal Loh) Insya Allah kapal hidep baka kuat norobos lambak anu kuat di tengah-
tengah sagara kahirupan.

Anaking, Prak geura lengkahkeun suku hidup duaan dina ngambah kahirupan anyar,
kahirupan rumah tangga. Hiliwir angin kaasih, hulowatan kabagjaan mugia tinekaan bari
ulah hilap ucapkeun.

Tutug anu dituju, tuntas anu diseja. Sakitu nya kedalna ieu rasa, anu kapaksa satiasa-
tiasa diolah ku basa, anu tuna pangabisa, sih hapunten tangtos pakusut nyebut,
pasolengkrah pasalia, caturna teu ka ukur ku ugeran, engangna teu di ungang engang,
tata titina tebih ti utami, sih haksami anu dipamrih, mugia agung cukup lumur, jembar
pangaputen tina sagala rupi kakiranganana.

Langkung ti payun mangga urang sami-sami manjatkeun puja sinareng puji syukur ka
hadirat Illahi Robbi anu parantos maparinan mangrupi-rupi nikmat, nikmat iman sinareng
Islam ka urang samudayana. Oge solawat miwah salam mugia dilimpahkeun ka junjungan
urang samudayana nyaeta Kangjeng Nabi Muhammad Rasululloh SAW. Ka kulawaraga, ka para
sohabatna, tug dugi ka urang samudayana anu taat, patuh, kana sagala parentahna,
ngajauhan sagala laranganna dugi ka akhir zaman.

Atuh oge teu hilap sim kuring ngahaturkeun nuhuna pangatur acara anu parantos masihan
waktos kanggo cumarios dina ieu waktos.

Para hadirin sadayan sim kuring Atas nami Panitia Penyelenggara ngahaturkeun rebu
nuhun, laksa keti gerah kabingahan, bingah ka giri-giri, bingah amarwata suta, bingah
anu taya hinggana, sanggem paripaos sim kuring teh asa mobok manggih gorowong, asa
ditonjok ku congcot ku kasumpingannana para hadirin sadaya dina nohonan pangulemna sim
kuring anu dina dinaten ieu urang samudayana tiasa patepung lawung paamprok jonghok
patepang raray dina ieu haplah anu pinuh ku mang pirang barokah.

Para Hadirin sadaya simkuring atas nami Panitia Penyelenggara neda ageung agung cukup
lumur neda jembar hampurana ku sadumeh penyediaan ieu tempat panampiannana anu tangtos
kirang nyugemakeun, boh dina basa-basina, dina tata titina, sareng dina tindak tandukna
anu tangtos pisan kirang nyugemakeunnana, kumargi kitu pamugi janten maklum.

Kumargi sakitu ti sim kuring henteu bade panjang lebar, nanging dina hal ieu sim kuring
neda ageung agung cukup lumur, neda jembar hampurana anu jadi margi, tata titina,
tindak tandukna, oge basa-basina mung sakadar dirarampa suga kitu meureun kieu, anu
tangtos pisan upami teu ninggang kana wirahmanamah, seueur silung sareng sumbangna
kalayan teu puguh entep seureuhna.

Rupina ti sim kuring cekap sakitu bae, atuh bilih aya kasauran anu kirang sapagodos
sareng manah para hadirin sadaya pamugi ageung sihapuntenna, atuh kanggo pamungkas
beber layar poe anyar, lulus banglus ginuluran tebih tina marganing balai, anggang tina
sagala gogoda nu ngarancana, kalayan disarengan luhur kuta gede dunya jatnika
sapapaosna bagja dunya rawuh akheratna.

SEREN
Bismillaahirrahmaanirrahiim,
Assalamu'alaikum Wr.Wb.
Alhamdulillahi rabbil 'alamiin, washalatu wasalamu ala asrofil anbiyai walmursalin
wa'ala alihi washohbihi ajmain. Robbisrohli sodri, wayasirli amri wahlul
ukdatamillisaani yafqohu qouli.
Para wargi anu sami dimulyakeun ku Alloh, sumangga urang sami-sami nagdo'a ka nu
kagungan ieu alam katut sapangeusina, urang neda jiad ijabahna mugia ieu pamaksadan
ginanjar karahayuan.
Dulur-dulur anu sami kumpul, sanak baraya nu pada aya, sepuh anom jaler istri, kalayan
asmana sepuh miwah kulawargina cep..........Tipayun mugi sih panghaksami, reh sim
kuring saabringan, cunduk rusuh datang geura, tanding walik muru pasir, tanding julang
muru rangrang, tanding jogjog moro mondok, moro panonobanana.
Dupi anu dimaksad, ieu nganteur nu teu ludeung, nu hoream datang nyorangan, pun anak
wasta................ Inyana, mun peuting teu genah cicing, mun beurang teu puguh
lampah, suda dahar suda polah, henteu puguh rarasaan. Singhoreng sabada dititenan,
cenah katiir jamparing asih, karuncang panah asmara, bareuh asa nyanyautan. Langkung ti
kitu cenah, parantos titp asih nunda subaya, nyumponan jangji pasini, sadusikum ka bale
nyungcung. Kantos nyobi-nyobi diheureuyan, nguji pamadegannana.disisilihan wanoja lian.
Singhoreng gilig pikir buleud tekad, teu kalis ku nu gareulis, teu sadrah ku dibeberah,
majarkeun teh, mun abdi pareng jadi jeung anjeuna, bangun moal pegat son, ari margi,
duriat mandean gunung, cinta mandean sagara, kembang cinta terus mangkak, leleb moal
manggih ganti, geus saati geus sapikir. Kumargi sakitu atuh mangga ieu nyanggakeun pun
anak, mugi kebesan keresa nampi. Geus puguh galurna catur, negmbat papayan sajarah
puguh gigirangannana. Mun kitu titis tulis ti ajali, jodo rusiah pangeranteu aya nu
mustahil. Mung hatur uninga, pun anak teh badag soteh warugana, elmuna mah hejo tur
bangbangan keneh, masih didikeun atikeun kalayan kasobaran. Percanten ka ki besan nu
landung kandungan laer aisan, leuleus jeujeur liat tali.
Kalih ti eta deuiah, cundukna ieu si utun datangna ieu si ujang, estu lugag-legog bari
lengoh datang bari keupatnampah, teu aya jingjing bawana. Sakadar ugal egol nyoren
pestol, mamanggul talutug nahun, aseuk maneuh pancir waris, nini aki. Bahanna ti paku
jajar, waja perak beusi akas, disipuh ku kayu garui dipancaran ku samida, matih beunang
nganaatan. Hatur lumayan, keur ngaseukeun bibinihan, binih asih tangkal duriat, di huma
leuweung larangan nu aheng kabina-bina tacxan kagadabah jalama. Kibesan! Dalah dikumaha
atuh, sakieu geuning buktina, dibeber-beber kalah soeh, dikenyang-kenyang karah bedah,
lieuk euweuh ragap taya> mung tekad ngakar maneuh jero manah meleuleuheungkeun tuang
putera, rek dipetik dipimilik, dipajang dina jambangan, didamel jimat paripih. Mung
tamba pamali teuing, nyanggakeun saaya-aya, batok kohok, piring semplek, beas sasiki,
gula sapasi, paris ipis tamba tiris, sendal capit keur ka cai. Sanes teu nyaah sanes
teu hormat ka si Ujang ka si nyai, sakieu geuning buktosna, tumamprak sadaya-
daya.Mungguh sepuh sakadar sumambung du’a, dahupna ieu barudak aya dina akajanglaran,
sial dangkalna, sue naasna, geus ditalangan ku apana ku emana, barudak mah mugia laki
rabina dipareng panjang punjung panjang yuswana ginuluran karahayuan, negrak di
hanjuang siang.
Sakali deui nyanggakeun ieu pun anak, mugi ditampi sapamakasadannana, paripaos getihna
satetes, ambekananana nu sakesotan, indit peuting miang beurang, labuh di curug, rag-
rag di jungkrang, dengdek mahekun condong namp[lokekeun nyanggakeun ka ki besan nu
wijaksana.
Pungkas asur, beurat hate hese kacap, teuleum teu werat ka dasar, ka leuwi tangeh rek
nepi, nyanggakaun sadaya-daya, cag dugi kadinya.
Wassalamu’alaikum Wr.Wb.

Panampian Calon Panganten Pameget


Asalamu’alaikum Wr. Wb.
Bismillah, alhamdulillah, lahaula wala quwwata illa billaah,
Sabada simkuring ngahaturkeun salam ka sugri nu hadir, rohmat sareng salam urang
haturkeun ka jungjunagan alam Rosulullah SAW, ka kulawargina miwah para sohabatna.
Purwa pamaksadannana, sim kuring seja sasanggem, kedal lisan panampian, ngawakilan
mutlak keresana Bapa... miwah ibu. Ka para sesepuh hormateun sim kuring, ka nu weruh di
tempatna, ka nu reugreug dipageuhna, utamina ka kersana besan sarombongan. Tinangtu anu
bakal kapihatur, estu tebih ti utami, anggang ti kasampurnaan ari margi, sim kuring
sanes ahlina dina widang ieu, mung piraku ari kedah medal sila onaman. Kukituna mugia
sih hampurana ti sadayana. Pangersa besan jaler istri , tamu-tamu nu sami dimulyakeun
ku Allah. Tadi sami-sami nyakseni, pamaksadan ki tamu nu didugikeun ku wawakilna,
nganggo runtuyan miwah ungkara basa nu ngabujangga, leubeut ku rekaan basa nu merenah,
beuneur eusina jembar pedarannana, atra anu dipimaksadna. Paingan aya kila-kila, si
jalak ngelak, si kate beger, kukupu ngier ngiberan titingalan sing rarikang. Sihoreng
baris cunduk tamu nu ditunggu-tunggu tikapungkur, undur taun datang bulan, ayeuna ugana
datang.
Alhamdulillah, kabingah sesah bangsana, suka ati pilih tanding, ringkesna mah ditampi
sapamaksadan. Ki Besan, naha anduk-anduk teh bet kalalanjoan, di dieu ge sami-sami,
sakieu geuning buktina, sanes teu nyaah, sanes teu hormat ka si ujang ka ki besan,
dalah dikumaha atuh sami nyanggakeun sadaya-daya.
Ka si Kasep, deudeuh teuing hidup anaking, cunduk dituyun ibu, datang dijajap ku rama,
kalih diabring ku kadang wargi. Ieu hiji tawsi , maksad hidep kenging pang rujuk ti
sepuh, pidu’a ti kadang warga. Apa sareng ema di dieu, teu ngahero jonghok rebo ku
gembolan, ringkid kerid ku jingjingan, kulit awi sesebitan, nu diantio jinis jisimna
sawiji, jasad tunggalna nu saurang, ujamng wasta cep...... jajaka nu titih surti ngaji
rasa, nu duduga tur peryoga, teu renjagan teu gembangan, estu teguh pamadegannana.
Ditampi kasep, mola rek disaha-saha, diangken anak pituin, heg geura pelakan tuh gunung
nu masih gundul, pasir nu masih bulistir, sawah anu lawas ngahgar, ku madu ka asih,
muga-muga hejo lembok, lir ibarat bibit tumuwuh di tanah subur. Mung eta nu ulah
kakantun teh, parabot nu boga pamor, senjata nunggal talutug nahun tea, seukeut teu
karana diasah, keur mencug batu nugar cadas, di dieu geus sayagi pihumauen asukaneun.
Ki Besan!
Mangga urang sami-sami ngadu’a, dahupna ieu barudak muga manjing wanci ninggang uga,
diparengkeun camperenik buncir eusi, ngarandah mamanggaran, renung sirungna, mayakpak
cangkokannana.
Amin ya Robbal ‘alamiin.
Sakali deui ditampi sapamaksadan.
Cag.
Wassalamu’alaikum Wr.Wb.

SEREN
Assalaamu'alaikum, para hadirin nu sami rawuh.
Sepuh anom kanca mitra miwah sadaya kulawarga.
Pribados kalayan atas namina Bapak…….miwah ibu….. kapapancenan ngadugikeun basa
pangwakca, seja nyanggakeun kembang kasurti nu kantos diwakcakeun barempag khitbah
nalikeun pasini janji dina mangsa sawatara waktos anu kalangkung. Kiwari nitih wanci nu
mustari, ninggang mangsa nu waluya, mugia ginulur rahmat ilahi, kalayan mangsana mernah
miharep anugrah rohmah ti gusti alloh nu maha murah, sangkan cunduk waktuna ngawuku,
pinareng rido ilahi. Nu dipimaksad rehna pun anak…..parantos ngabuleudkeun tekadna
kalayan ngalempengkeun niatna, seja mungkas hirup lalagasan, ngalaksanakeun parentah
suci pidawuh gusti yang widi kalayan tuladan sunah ti panutan agung rosululoh SAW
nohonan parentah syareah seja ngambah kahirupan rumah tangga.
Sakumaha nu parantos dibarempagkeun tipayun, nya dinten ieu pisan pribados seja
masrahkeun pun anak…… kalayan sagala rupi kaayaan dirina miwah sagala rupi kalemahan
kakirangan anu mung ukur ngabantun maksud nyandang kahayang, anu tangtos anggang tina
sampurna. Dongkapna estu teu ngabantun naon-naon teu jingjing teu bawa eta cenah
katinggal aya anu naggeuy eta mah etang-etang kagegelan tawis ka tineung tambih
lumayan mugia janten tilam kaisin anu nyugemakeun.

Pun anak dongkapna estu dituntun restu ti indung di jajap ku dua ramana malih dua jeung
cimata tinu janten sepuhna nawiskeun rasa pangjajap anu pinuh ku harepan.

Pasini nu kamari, kiwari mugia ngajadi ngahiji jadi rarabi tiasa hirup babarengan dina
kahirupan ngayuh bahtera hayat dina sagara kahirupan rumah tangga.

Pun anak…. Sareatna parantos dewasa kalayan sawawa pikeun belayar dina kahirupan anyar
sok sanajan teu acan aya pangalaman, nyanggakeun sagala kaayaan miwah kanyataan,
tiluhur sausap rambut ti handap sahibas dampal, mugia ditampi ku kaweningan galih bapak
miwah ibu disarengan ku kaikhlasan manah, pon nyakitu deui seja pasrahkeun hakekat
hirup jeung kahirupanana kana ka agungan Alloh SWT mugia nyarengan kana niat sareng
tekadna tiasa ngalaksanakeun tugas hirup lalaki anu bakal jadi pamimpin rumah tangga
sangkan tiasa ngawujudkeun rumah tangga anu sakinah ngawangun masyarakat anu marhamah
kalayan nyandang mawadah warohmah anu dibeungkeut pageuh ku ikatan akad nikah.

Sumangga pribados nyanggakeun mugia ditampi ku astakalih tikahkeun pun anak ka tuang
putra numutkeun syareat agama kalayan dijajap ku dua restu, sangkan pun anak sareng
tuang putra sing lungsur langsar kenging rahmat mudah-mudahan rumah tanggana aya dina
tata tentrem parek rizki jauh tina balahi bari babakti ka gusti nu maha suci.

Salajengna mungkas ieu pangwakca ngedalkeun getering ati, teu hilap hapunten anu
kasuhun mugia cukup lumur jembar pangapuntena tina sagala kakirangan, bili kirang tata,
titi duduga sareng peryoga,. Sakantuna pribados seja sumerah diri ka Alloh SWT
disarengan ku jerit ati ibu ramana mugia Alloh masihan rahmat miwah hidayah sareng
inayahna.

Rupina sakitu nukapihatur sakali deui pangwakca mugi ditampi kalayan disarengan haksami
dina sagala rupi kakirangan.

Wassalaamu'alaikum

Anda mungkin juga menyukai