Anda di halaman 1dari 4

BUBUKA

Assalamu’alaikum Wr. Wb.


Hamdan wa syukron lillah solatan wa salaman ala rosulillah waala alihi wa
sohbihi wa mawwalah
Bapak-bapak, Ibu-ibu para wargi sadayana anu sami llinggih, hormateun
simkuring.
Sakumaha ka uninga ku sadayana, Alhamdulillah calon panganten pameget
miwah rombongan parantos sumping ngaleut ngengkeuy ngabandaleut.
Bismilah, purwa wiwitan ieu pamuka carita minangka pamuka acara. Babasan
padika pagawean lamun nangtung ka jungjunan, sing lulus bantun jeung tumbu
buah seureuhna. Neda panyaksen acara bade dikawitan.
MAPAG CALON PANGANTEN PAMEGET
Pangersa calon panganten pameget miwah rombongan.
Jagong tuhur meunang ngunun haturan wilujeng sumping, di sugeng ing pucu
galuh kelurahan katelahna, tempat anyar pangharepan sarakan keur kahirupan
kulawargi.
Calon panganten Istri, bisi si jalu hanjelu si lanang honcewang, sumangga geura
hayap calon panganten pameget miwah rombongan.
NGALUNGAN MANGLE
Tawis panampian tatamu, tanda kameumeut, kadeudeuh, tawis asih ti kakasih,
tanda tresna kanyaah, mangga geura kalungkeun eta mangle tawis pangrungrum
hate perseka kabersihan manah (mangle di kalungkeun).
Haturan wilujeng sumping kacalon panganten pameget. Tutut gunung keong
reuma, sumangga geura gek calik.
SESERAHAN
Bismillahhirrahmannirahim.
Para hadirin, miwah para tatamu sadayana, khususna ka calon
panganten pameget miwah rombongan, bawi raos emutan pribados, pamali
mun dilami-lami, teu kedah dilila-lila, nu dianti-anti ti tatadi, di dago-dago ti
bareto, ayeuna parantos nyampak.
Sok sanaos sami surti, sami uninga maksadna, nanging, kanggo nyumponan
tindak tanduk tata titi duduga. Peryoga manusa pangesi dunya, anu parantos
dipaparinan manah, rasa, lisan dina saliring dumadi. Teu cekap ku surti sareng
tekad wungkul, namung kedah di sarengan ku ucap.
Teu sae miulan awi, mere cai geusan mandi, mere huhut tina guguran. Namung
kedah di bejer beaskeun, kembang boled nu tetela.
Calon panganten pameget miwah rombongan, mugi teu janten kekeling galih
renghat nya mamnahan, aya naon nya pamaksadan.
Numawi jauh-jauh di jugjug anggang-anggang di teang.
Sumangga geura wakcakeun masing balaka (Sumangga ka pangersa kasepuhan
calon panganten pameget dihaturanan kapayun kanggo ngadugikeun lebetning
kalbu jeroning ati).
Para wargi sadayana, nembe sami-sami nyakseni gerentes kalbu kasepuhan ti
pihak calon panganten pameget miwah rombongan.
Lain lantung tambuh laku sanes lunta tanpa seja, purwa aya nu di maksad, seja
ngaitkeun janji pasini , manjangkeun simpai babarayaan, sakotretna tina hate.
Sakeser daun satangkal, sabungkus bareng jeng bungkusna nyerahkeun
panganten pameget sareng cacandakanna.
Sim kuring saukur darma, teu wasa panjang carita. Kanggo pang walerna
mangga nyanggakeun kanu di sepuhkeun ti pihak calon panganten Istri.Waktos
di sayogikeun.
Para wargi sadayana, bingah amarwata suta, bingah ka giri-giri, bingah nu taya
papadana.
Nugar cadas mangih emas, mobok manggih gorowong, aya jalan komo mentas.
Jalan gede sasapuan batu turun kesik naek, itu purun ieu daek, laksana nya
pamaksadan.
Kumargi eta mangga geura hayap calon panganten pameget miwah
cacandakanana
Mangga cacandakan hiji di dugikeun secara simbolis ku Ibu calon panganten
pameget di tampi ku Ibu calon panganten istri.
Nusanes namah di antaykeun wae.
Mangga ka para hadirin dihaturanan pikeun lebet sareng calik, margi acara bade
dikawitan.

Para hadirin miwah para tatamu sadayana, acara urang kawitan ku lantunan
kalam ilahi nu bade di lantunkeun ku KANG HAQQY.

Ngahaturkeun nuhun ka KANG HAQQY Nuparantos ngalantunkeun


kumandang kalam ilahi, mudah-mudahan ageung manfaatna kanggo
numaoskeun khususna, umumna ka urang sadaya anu sami-sami ngupingkeun.
”amin”.
AKAD NIKAH
Para wargi sadayana,
Niti wanci nu mustari, ninggang mangsa nu waluya. Malati ligar na ati,
campaka mangkak na dada, koleak sakembaran, koceak ninggang ugana.Uga
pakaitna tatali asih NENG ZULAYKHA sareng CEP MUNGGARAN
Jangji urang pastikeun subaya urang nyatakeun. Nudiseja mang nyata neda
panyakseni ti para wargi sadayana. Mangga ka ibuna neng Zulaykha gera
dicandak neng na ka lebet, margi upacara akad nikah bade dikawitan.

Sumangga ka pangersa bapa petugas ti Kantor Urusan Agama kanggo


ngalaksanakeun Akad Tikah.............
Alhamdulillah wa sukrulillah kalawan rido gusti anu maha welas tur nu maha
asih, oge pangdu’a ti sadayana, akad nikah parantos rengse kalayan lancar.
SUNGKEMAN
Acara salajengna di teraskeun kana sungkeman. Mangga ka ibu sareng rama na
tiap panganten dihaturanan calik dina korsi, neng Zulaykha cep Munggaran
mangga cepengan panangan ibu salira, nyuhunkeun doa sarta karidhoan
sangkan bagja salawasna.
SAWERAN
Mangga ka ibuna Cep Munggaran sareng neng Zulaykha dihaturanan linggih ka
payun, ka panganten mangga calik di korsi anu tos disadiaken.

NINCAK ENDOG
Prosesi salajengna nyaeta nincak endog. Terang teu tata carana. Panganten
pameget nincak endog teras sampean diwasuh ku panganten istri dugika bersih.
Ngalambangkeeun yen neng Zulaykha teh murni masih gadis sarta
ngagambarken yen Cep Munggaran teh tiasa masihan katurunan kanggo
kulawargana
MELEUM HARUPAT
Prosesi salajengna nyaeta meuleum harupat. Panganten istri nyandak kendi nu
tos dieusian cai, salajengna panganten istri meuleum harupat anu dicepengan ku
panganten pameget. Lebetken harupat kana cai dina jero kendi. Angkat harupat
ka luhur potongkeun teras dialungken mugia cep Munggaran sareng neng
Zulaykha tiasa nyelesaiken masalah babarengan.
Tujuan kangge penganten istri tiasa niiskeun/obat kangge beban hate jeng
pikiran cep Munggaran
MEPESKEUN KENDI
Simbol awal mulaina pangabdian neng zulaykha ka cep munggaran

BUKA PANTO
Bismillahirahmanirrahim. Syair.
HUAP LINGKUP
Sepuh nyuapan, panganten saling nyuapan
Ngalambangken kanyaah sepuh ka aranjen

PABETOT BAKAKAK HAYAM


Pabetot betot bakakak hayam. Cing saha ning anu menang hayam nu lewih
gede. Etetah ciri rezeki na lewih gede. Tong pelit, eta rzeki kudu di nikmatan
babarengan.

DO’A
Acara munggaran dugi ka akhir parantos rengse, mugi urang sadayana aya dina
panangtayungan Gusti nu maha suci.
Kukituna kanggo panganteb kahoyong urang sadaya di lajengkeun kana do’a.
Kangge mimpin ieu do’a. mangga ka pangersa KANG HAQQY di haturanan.
Ti pribados salaku pangatur waktos, bilih aya basa nu teu sampurna, teu
merenah sareng tata titi, undak unduk basa, hapunten anu di teda. Urang
pungkas ieu acara ku maos hamdalah.
Wabillahi taufiq wal hidayah Wassalamualaikum Wr. Wb.

Anda mungkin juga menyukai