Anda di halaman 1dari 9

SUSUNAN ACARA

Bapak-bapa, Ibu-ibu para wargi sadayana


anu sami linggih, hormateun simkuring.
Sakumaha ka uninga ku sadayana,
Alhamdulillah calon panganten pameget
miwah rombongan parantos sumping
ngaleut ngengkeuy ngabandaleut,
ngembat-ngembat nyatang
pinang.Haturan wilujeung sumping ka
calon panganten pameget miwah
rombongan di
wewengkon……………………………
…. tempat anyar pangharepan sarakan
keur kahirupan kulawargi.

*Tawis panampian tatamu, tanda


kameumeut, kadeudeuh, tawis asih ti
kakasih, tanda tresna kanyaah, sumangga
mangle di kalungkeun ka calon

1
‫‪panganten pamegeut,ku ibu/wawakil ti‬‬
‫‪pihak calon panganten istri, salajeungna‬‬
‫‪dihaturanan linggih ka calon panganten‬‬
‫‪pameget miwah rombongan,di tempat‬‬
‫‪anu parantos disayogikeun.‬‬

‫السالم عليكم ورمحة هللا وبركاتو‬


‫احلمد هلل حنمده ونستعينو ونستغفره ونعوذ‬
‫ابهلل من شرور انفسنا ومن سيئات اعمالنا‬
‫من يهدى هللا فال مضل لو من يضلل فال‬
‫ىادي لو‪ ،‬اشهد ان ال الو اال هللا وحده‬
‫الشريك لو‪ ،‬واشهد ان سيدان دمحما عبده‬
‫ورسولو الذي النيب بعده وعلى الو وصحبو‬
‫‪2‬‬
‫ قال هللا تعاىل ىف‬.‫ومن تبعو اىل يوم القيامة‬
‫كتابو الكرمي اعوذ ابهلل من الشيطان الرجيم‬
‫من اايتو ان خلق لكم من انفسكم ازواجا‬
‫لتسكنوا اليها وجعل بينكم مودة ورمحة ان ىف‬
.‫ذالك الايت لقوم يتقكرون‬
Alhamdulillah puji sinareng syukur urang
tiasa kempel ngariung di ieu tempat,
kalayan aya dina kasehatan, bingah ka
giri-giri, Bingah taya hinggana dina
dinten _______, ping ___________, dua
insan parantos jangji pasini pikeun
nyucruk galur sunah rosul, baris ngahiji
ngajatukrami.
Ngadahupna ________________ putri na
bapa ______ kalih ibu _____ ka Saderek

3
________________ Putrana bapa
_______ kalih ibu ________ anu tos
diistrenan dinten _______, Ping
_______. namung sateuacanna sim
kuring , baris ngadugikeun rundaian
acara nu bade di pedar, di antawisna;
1. Bubuka
2. Lantunan kalam illahi Ku : ......
3. Seren Tampi
a. Panyerahan ti pihak calon
panganten pameget ku:
b. Panampian ti pihak calon
panganten istri ku :
4. Simbolis
5. Sungkeman
6. Tutup
7. Ramah Tamah.

Bapa-bapa, ibu-ibu para wargi sadaya nu


sami rawuh hormateun sim kuring,
sumangga pikeun muka ieu acara urang
4
sasarengan maos
basmallah.Bismillahirrohmanirrohim.

Para hadirin miwah para tatamu


sadayana, acara salajengna urang sami
dangukeun lantunan kalam ilahi nu baris
di lantunkeun ku ........ Waktos sareng
tempat mangga nyanggakeun.

* Ngahaturkeun nuhun ka kersana .........


Nuparantos ngalantunkeun kumandang
kalam ilahi, malah mandar janten
panambih nambih kaimanan sareng
kataqwaan.Amin.
Para hadirin, miwah para tatamu
sadayana, khususna ka calon panganten
pameget miwah rombongan, Sok sanaos
sami surti, sami uninga maksadna,
nanging, kanggo nyumponan tindak
tanduk tata titi duduga. Peryoga manusa

5
pangesi dunya, anu parantos dipaparinan
manah, rasa, lisan dina saliring
dumadi.Teu cekap ku surti sareng tekad
wungkul rupina, namung kedah di
sarengan ku ucap. mugi teu janten
kekeling galih renghat nya mamanahan,
aya naon nya pamaksadan. Numawi jauh-
jauh di jugjug anggang-anggang di teang
ka ieu tempat.
Ku kituna, sumangga ka pangersa
kasepuhan calon panganten pameget
dihaturanan kapayun kanggo
ngadugikeunana
*Para wargi sadayana, nembe sami-sami
nyakseni gerentes kalbu kasepuhan ti
pihak calon panganten pameget miwah
rombongan. Lain lantung tambuh laku
sanes lunta tanpa seja, purwa aya nu di
maksad, seja ngaitkeun janji pasini ,

6
manjangkeun simpai babarayaan,
sakotretna tina hate.
Sakeser daun satangkal, sabungkus
bareng jeng bungkusna rupina bade
nyerahkeun calon panganten pameget
sareng cacandakanna. Sim kuring saukur
darma, teu wasa panjang carita. Kanggo
pang walerna baris di langsung di
dugikeun ku sesepuh ti pihak calon
panganten istri, kanggo pangersa,
sumangga nyanggakeun waktos sareng
tempat.
*Para wargi sadayana, bingah amarwata
suta, bingah ka giri-giri, bingah nu taya
papadana. Nugar cadas mangih emas,
mobok manggih gorowong, aya jalan
komo mentas. Jalan gede sasapuan batu
turun kesik naek, itu purun ieu daek,
laksana nya pamaksadan.

7
Salajengna simbolisasi seren sumeren
mangga ka ibu calon panganten pameget
kanggo ngadugikeunna di tampi ku ibu
calon panganten pameget.

(*cacandakan sanesna tiasa diantaykeun )

Salajengna panganten sungkem ka


sepuhna nyungkeun widi kanggo
ngarambah rumah tangga nu baris di
bina.

(* sungkem pilih gentos ka sepuh


panganten istri sareng pameget)

Bapa-bapa , ibu-ibu miwah para wargi


hormateun simkuring, rupina rundayan
acara ti munggaran dugi ka akhir
parantos rengse di pedar kalayan aya dina
kalancaran , sim kuring salaku panata
acara, baris amit mundur amit mungkur ,
8
hapunten anu kasuhun bilih aya basa nu
teu luyu sareng undak usukna, bilih luhur
saur bahe carek, rumaos sanes ahlina,
kanggo nutup ieu acara sumangga urang
pungkas ku maos hamdalah sasarengan.
Alhamdulillahirrobil alamin.

Hatur nuhun, wassalaualaikum wr.wb

Anda mungkin juga menyukai