Anda di halaman 1dari 12

PENERIMAAN PENGANTEN ASSALAMU ALAIKUM WR.WB. Sampurasun!

Bapa/ibu sadayana anu ku sim kuring dipihormat,wabil khusus ka rombongan calon paqnganten pemeget anu parantos sumping rurumpaheun ka ieu tempat anu dimulyakeun allah SWT. Ti payun,sumangga urang sami-sami nyanggakeun puji sinareng syukur ka gusti anu maha agung,anu nyiptakeu ieu alam miwah sapangeusina ,kalasyan ridho mantena urang dipaparin kasehatan,kakiatan,kanikmatan kalayan tiasa silaturahmi di haplah mubarokah ieu mugia pamaksadan urang sadayana aya dina ginulur karahayuan. Sholawat sareng salam mugia salamina dilungsurkeun,dilimpahkeun ka panutan agung Nabi Besar Muhammad SAW,ka keluargana,pasa sahabatna miwah ka urang sadayana sareng sadayana umatnya anu tetep ajeg tur panjeg dina nanjeurkeun risalahna dugi ka akhir zaman. Bapa/Ibu wabil khusus calon panganten Pamegat miwah keluarga anu dimulyakeun Allah SWT. Purwa pamaksadan sim kuring kedal lisan panampian calon panganten pameget,ti payun neda hapunten ka para sepuh hormateun sim kuring anu weruh di tempatna anu reugreug

dipageuhna ,wirehna sim kuring kenging pancen nampi ieu calon panganten. Dupi kesang tukangna jigana pun Paman teh ngaraos loma. Kieu babasaanana, Mantri , pangnarimakeun calon penganten dina poe Kemis, tanggal 6 September 2012 ,atanapi dinten Kemis kaping 13 syawal 1433 H . Ka sim kuring anjeuna nyebat sadidintena Mantri atanapi Guru. Sim kuring bangga disebut Mantri atanapi guru margi dina kondisi ayeuna Pa Mantri sareng Pa Guru gajihna panggedena upami ukuran PNS Daerah mah. Salajengna,upami di Dustan sim kuring aya anu nyebat Pa RW sareng aya anu nyebat Ketua. Nyebat Pa RW sim kuring pernah jadi RW kirang langkung tahun 1997. Mung disebat Ketua mah, margi sim kuring janten Ketua Koperasi Pokmas Mekar Jaya. Alhamdulillah masyarakat Dustan upami anu peryogi tambutan artos tos tiasa ditangani. Alhamdulillah ayeuna nuju ngabangun gedungna. Wargi-wargi sadaya anu dipihormat, Tadi kasakseni pamaksadan ki tamu anu didugikeun ku wawakilna,kahartos pisan suantena halimpu,runtuyan bahasana merenah,jembar pedaranana sareng atra anu dimaksadna. Bapa/Ibu sareng sadayana anu dipihormat,

Paingan aya kila-kila si jalak ngelak si kate beger,kukupu ngier ngiberan,sihoreng baris cunduk tamu nu ditunggu tunggu ti kapungkur,didago-dago ti bareto,undur tahun datang bulan ayeuna ugana datang . Kabingah sesah bangsana,pari paos suka ati pilih tanding, bingah amar watasuta bingah ka girigiri.Insya Allah ,pamaksadan ki Tamu ditampi kalayan dina waktos ieu keneh,sabada ieu acara bade diwalimahan. Alhamdulillah bapa Naib parantos sumping . Salajengna,panyerenan kanggo kalancaran ieu acara,insya allah ditampi kalayan dimanfaatkeun kanggo lumangsungnya ieu acara sareng pibekelen rumah tangga kapayun. Bapa/Ibu anu dipihormat, Hatur uninga,Bapa Iri teh kagungan putra teh sadayana 3,Neng Ria kalebet anu pang alitna atanapi bungsu. Kalihna ti eta, kalebet putra istri hiji-hijina, Dupi anu dua na,anu pang ageungna /cikal parantos rumah tangga,dupi anu kadua mah masih lajang keneh. Bapa titip, upami ditingal tina raga mah ageung, atanapi dewasa,tapi kaayaan kamampuan rumah tangga mah pasti kosong molongpong,teu acan gaduh pangalaman. Bapa titip sareng masrahkeun ka ujang,pang binakeun ahlakna ,bapa teu acan sempet,titip ragana paripaos daharna sing seubeuh,bajuna sering weuteuh,imahna sing pageuh,jalanjalan sering kadayeuh, kalawan sing jarang reuneuh.

Atuh ka neng Ria, bapa titip Sajuta.Tapi sajuta ti bapa benten sareng sajuta ti Bank. Sajuta ti Bapa mah, Sa = Sabar. Hartosna kedah tiasa ngendalikeun sagala rupa hal anu matak nimbulkeun masalah anu leuwih gede. Sabar teh saur sepuh mah koncina kasuksesan. Anu kadua,Ju = Jujur,hartosna ucap,lampah sreng paripolah kedah luyu sareng hate.Hate mah teu tiasa dicandak bohong.Buahna kajujuran teh hirup bakal tre bakal tibra,sareng bakal dipercanten. Anu disenaebat Ta = Tawakal,hartosna dina kondisi kumaha wae, nuju subur,werit,balangsak k Urang kedah yakin kabagjaan hirup aya dina Al Quran sareng Hadis. Pamungkas,doa ti sadayana mugia anu bade llaki rabi ngawangun rumah tanggana ka cai jadi saleuwi ka darat jadi salogak,diparengkeun camperenik buncir eusi,rajin ibadahna seeur amalna,dipaparin turuna anu soleh solehah,ciindekna rumah tangga anu picontoeun,sakinah mawaddah warohmah Oge teu kakantun ,hapunten tina panampian tebih tina utami anggang tina kasampurnaan,maklum ayana dipasisian sareng tempat anu sakieu waruratna. Cag dugi kadieu,wasalam mualaikum wr.wb.

Anda mungkin juga menyukai