Anda di halaman 1dari 1

Assalamualaikum wr.

wb
Alhamdulillahiladi ahalanikaha wanaba ilaih waharoma sifaha wawa ada daih
Ashadulaa ilaa hailalloh wahdahulasarikalah wa ashaduanna saidana muhammadibniabdilah
Wa ala alihi wa ashabihi wamantabiahu yaumil kiyamah amma ba’du

Pakod kolallohu ta’ala filquranil azizil karim Audubillahiminasyaitonirojimibismillahirohmaanirrohim


“ Wamin aayatihi anholakolakum min anfusikum ajwaja litaskunuu ilaiha waja ala bainakumma
Waddatawarohmah inna fidaalika la ayatilikaumiyatafakaruun”
Wakola Nabiyu solalohualaihiwasallam “ Annikahu sunnati pamarogiba an sunnati palaisminni “
Sodakollohul adim wasodako rosuluhunnabiyu habibul karim wanahnu ala dalika minassakirina wasakirin walhamdulillahirobbil alamiin.

Puji kalihsyukur hayu urang sanggakeun ka zat Alloh nu Maha Gofur syakur, margi syukur mangruikeun Panundung rasa takabur
Solawat miwah salam mugia salamina ,sapapaosna dikocor golontorkeun ka anutan alam buktosna Kangjeng Nabi Muhammad SAW
te hilap ka kulawargina, sahabatna ,tabi it tabiatna tug dugi ka urang salaku ummatna, pamudah mudahan ngengngkeun safa atul
uzma timanteuna kin di poe kiamah Amin amin Ya Robb.

Para sepuh Lelencor turus turunan, para pupuhu papayung di iyeu nagara, kadang mitra samudayana ,Jagong puhur menang ngulun
haturan wilujeung sumping ,tutut gunng keong rema
Sumangga gera gek nyalikan kana tempat anu parantos disayogikeun kane nyakseni akad pertikahan.
Alahamdulillah nu kasep bagea sumping , cikur jangkung pangoraan anaking panglaiteun,dina dangeut ayena duur dulur sami hadir
kadang wargi oge daratangmitra sadayana oge cunduk dna iyeu patempatan, Hariring danding ka asih haleuang tembang katresna ,
nu ngahariring dina rasa manah nu ngahaleuang dina ati sanubari, Ibun subu turun isuk reumis janari linsung kasungsing, nu
ngagantung dina daun nu nyarangsang dina dahan kiwari urang nnggang kana leumah, katebak angin anu liwat kabedag sora anu
lugaid, meletekna sarangenge tibelah wetan anu kiwari ges manceran nyaksian ka dua insan anu baris ngaitkeun tali ka asih
nyangkreudkeun teuteup kadeudeuhna anu maneuh.

Kadang wargi samudayana anu kusimkuring dipikahurmat


Sateu acan kebatna lumampah ranggeuyan acara urang sebatan, di awalan ku bubuka , netekana aosan ayat suci Al-Qur’an ,teras
kana seren vocal panganten, ditembalkupanampian dilajeung ku akad pertikahan,di susul ku hurmat sungkeum tiseupuh ngaur
piwuruh, ku do’a acara dipapas pungkas.

Kadang wargi samudayana anukusimkuring dipikahurmat


Tumut jalur sunnah Rosu kedah aya maksad nu dituju nudimaksad nudipalar maksad hasil ker sakumna umat Islam dimana bade
milampah sae sok ngaoskeun ayat Bassmalah, kukituna sumangga urang rempeug sasareungan ngaoskeun ayat basmalah ( Bismillah
hirrohmanirrohim )

Kadang mitra samudayana anu kusimkuring dipkahurmat


Mun balayar tanpa kamudi tangtu palangsiang katampias mun hirup tanpa kadali tangtu palang siang bakal sasar poekeun jalan
lengiteun udagan Mung sae na Alloh mah Maha bageran parantos masihan tihang kanggo pamuntangan buktosna kitab Suci Al-
Qur’an, bisi lempang palang sasab rampang rempeug poekeun jalan ,sangkan manag janteun caang guligah ku katentreman
sumangga urang regeupkeun aosan Ayat Suci Al-Qur’an kalih Syolawat Nabi nu Insya Alloh bade di kapayunkeun ku Al
ustad .......kukituna waktos sinareng tempat mangga dihaturan.

Galindengna kalam ilahi mapaler hate nu cape, ngupahan manah anu susah rembes nembus kana ati sanubari nyaliara minuhan
salira, mun tea mah terang kana maknana mereun janteun jalmi bagja cacak cacak ku dirarampa gening nikmat karaosna, mudah
mudahan kudi aoskeuna ayat suci Al-qur’an lungsur barokah kangge acara urang sadayana Amin Amin ya robbal Alamin.

Kadang wargijalar istri ,selenting bawaning angin kolebat bawaning kilat manggih beja aya jajaka rek nyaba rek nyusul saur
nukapungkur rek ngaguar subaya nu ditunda brul ngagimbung bral ngarangkai lageudeug aleutanana kalayan kalakai rag
rag .Pangersa calon panganten pamegeut miwah rombonganmugia teujanteun renggeutna mamanahan numawi aya naon nya
pamaksadan jauh jauh di jugjug anggang anggan di teang Pangersa kasepuhan ti calon panganten pamegeut mugia gera tandang
makalangan ka saehna al mukarom ..........watos sinareng tempat dihaturan

Alhamdullah naon anu dipikamaksad ti kasepuhan calon panganteun pamegeut kedalkeun ,salajeung sumangga anu kasumpingan
waktosna ngarampes makalangan sumangga dihaturan kasaehuna al mukarom Ustd......

Alhamdulillah tisepuh kadua belah pihak parantos kdangu ku urang sadayana kena kana paripaos aya mangga manjing asak ditotog
belah gagangna puguh we bakal murag ngobok manggih gorowong puguh we aya jalan kangge mentas itu wayang iyeu wayang
wayangna wayang arjuna iyeu hayang itu hayang hayangna kabina bina
Namung nembe mah nembe babasan hungkul tawis simbolis teu acan sumangga ka Ibu ti calon panganten pamegeut miwah ibu ti
calon panganten istri kapayun wae tawis simbolis
Para wargi samudayana nu kusimkuring dipikahurmat
Insya Alloh dina dangeut ayena 2 jisin nami ratnasari bade nikah ka insa kukituna simkuring gaduh maksud mundut restu
para dulur neda pidu’a para baraya mugia kersa ngucurkeun restu rahayu ngeclakeun du’a anu sampurna ka iyeu 2 jisim anu baris
ayang aynggung kabale nyuncung
Kukituna nu salajeungna nyaeta acara akad nikah anu bade dipandu langsung ti petugas kantor urusan agama kukituna waktos
sinareng tempat dihaturan
Alhamdulilah acara akad nikah parantos rengse sareng iyeu 2jisim parantos ngajadi deudeul do’a kusadayana wae “ Barokallohulaka
wabaroka alaika waja ma’a baina kumma pi hoir , Allohumma alim baina kumaratnasari wa insan kama alamta uyah wa
asina wakama alamta gula wa amisna wakama alamta batrawali wa paitna
Alhamdulillah cara demi acara ti awal dugi ka ahir parantos wekasan ukituna acara salajeungna nyaeta musopahah dilajeung kana
tuang walimah supados tertib mangga ka sadaya pamegeut tipayun kangge mencicipi hidangan anu parantos di sayugikeun teras di
lajeung ku para istri
Simkuring atas nami pengatur waktu penata acara sakitu baenu kapihatur hapunten sabudaya kalepatan tur kakirangna wabil taupik
walhidayah ila pisabilhak wassalamualaikum warohmatullohi wabarokatu.

Anda mungkin juga menyukai