Anda di halaman 1dari 60

‫بسم هللا الرح ٰمن الرحيم‬

Ari puji nu sampurna eta tetep


Kagungan Allah nu kapershifat
lengkep

llRohmat Allah mugi tetep sareng


salam

Kanjeng Nabi Muhammad mustika


'alam

Wa b'aduhu iyeu anu dinadzomkeun

Kitab fiqih ngarah resep ngarapalkeun

Mugi iyeu nadzom sing manfa'at

geude Ka nu ngaos ka lalaki ka

awewe

FASHAL MERTELAKEUN CAI

(xä-Gbf%Ri gJY )

Sakur cai bijil ti bumi ti langit


Meunang dipake susuci najan
pait Kaya ibun cilaut sumur
wahangan Hujan buah
ciburial jeung cihujan

11 | a d n u S a s a B h q i F n a m o h d a N (‫)نظم فقه كو بهاسا سوندا‬

(Penyusun: Ajengan Juwaini ibni 'Abdirrohman) (Editor Teks : Roni Syahroni,


S. Pd. I)
Anging lamun eta cai geus dipake
Miceun najis hadats leutik hadats
geude Maka eta suci tapi teu
nyucikeun

Mun teu robah ku najis anu dipiceun

Deui cai robah sebab kacampuran

22 | a d n u S a s a B h q i F n a m o h d a N (‫)نظم فقه كو بهاسا سوندا‬

(Penyusun: Ajengan Juwaini ibni 'Abdirrohman) (Editor Teks : Roni Syahroni,


S. Pd. I)
Barang suci kaya cai dientehan

Henteu jadi naon-naon cai robah

Sebab cicing atawa kayu di


kulah Ari cai saeutik mun
kanajisan

Jadi najis najan teu robah teu naon

Sejen lamun cai geude kanajisan Mun

teu robah eta teu jadi halangan

Ari cai kapanasan mata poe


Eta makruh kana salira teu
sae

Makruh soteh mun cai na masih


panas Dina wadah nu dipalu lian
emas

Deui makruh cai kacida panas


na Cara makruh cai kacida tiis
na Ngaran cai saeutik nu
henteu aya Tilu ratus puncul
lima kati jawa

Lamun cukup beurat tilu ratus

lima Disebut na cai geude ku

33 | a d n u S a s a B h q i F n a m o h d a N (‫)نظم فقه كو بهاسا سوندا‬

(Penyusun: Ajengan Juwaini ibni 'Abdirrohman) (Editor Teks : Roni Syahroni,


S. Pd. I)
Ulama Lamun wadah pasagi sa

hasta leuwih Saparapat eta cai

geude deuih

44 | a d n u S a s a B h q i F n a m o h d a N (‫)نظم فقه كو بهاسا سوندا‬

(Penyusun: Ajengan Juwaini ibni 'Abdirrohman) (Editor Teks : Roni Syahroni,


S. Pd. I)
FASHAL MERTELAKEUN NAJIS

(C~? Gbf%Ri gJY)


Sakur 'ain bijil tina qubul dubur
Eta najis lian mani nu ditutur

Anjing babi arak bangke geutih

nanah Bulu bangke tulang ceker na

jeung utah

Anging bangke jalma simeut lauk


cai Eta tilu rupa bangke tetep
suci

Ari reuhak ciduh leho korong


cileuh Eta lain najis tapi barang
geuleuh

Anggahota pisah tina sasatoan

Anu hirup hukum bangke sato hewan

Anging bulu sato hewan nu didahar

Jeung ciduh na kesang kasturi teu

samar

FASHAL NGABERSIHKEUN ANU NAJIS

(C~? qmã GbtARçQ Gbf%Ri gJY)

55 | a d n u S a s a B h q i F n a m o h d a N (‫)نظم فقه كو بهاسا سوندا‬

(Penyusun: Ajengan Juwaini ibni 'Abdirrohman) (Editor Teks : Roni Syahroni,


S. Pd. I)
Suci lamun jadi cuka eta arak

Ku sorangan najan dipoe ngagolak

Ari ngumbah najis anjing sareng babi

66 | a d n u S a s a B h q i F n a m o h d a N (‫)نظم فقه كو بهاسا سوندا‬

(Penyusun: Ajengan Juwaini ibni 'Abdirrohman) (Editor Teks : Roni Syahroni,


S. Pd. I)
Tujuh kali make taneuh nu sakali

Ari najis salian anjing jeung babi


Lamun leungit 'ain cukup ku sakali
Tapi utama na ngumbah tilu kali
Najan najis leungit ku ngumbah
mimiti

Ari kulit bangke lian anjing


babi Ku disamak eta kulit
jadi suci

Ari nanah cenang bisul geutih


raheut Dihampura mun saeutik dina
sholat

Deui dihampura najis leutik pisan

Teu katingal ku tingali pertengahan

Ari ci kiih budak lalaki anu

Acan umur dua taun ti ngajuru

Sareng acan barang dahar lian


susu Cukup dikepretan cai tempat
itu

Ari najis hukum cukup ku sakali

77 | a d n u S a s a B h q i F n a m o h d a N (‫)نظم فقه كو بهاسا سوندا‬

(Penyusun: Ajengan Juwaini ibni 'Abdirrohman) (Editor Teks : Roni Syahroni,


S. Pd. I)
Ngaliwatkeun cai kana tempat
tadi

88 | a d n u S a s a B h q i F n a m o h d a N (‫)نظم فقه كو بهاسا سوندا‬

(Penyusun: Ajengan Juwaini ibni 'Abdirrohman) (Editor Teks : Roni Syahroni,


S. Pd. I)
FASHAL MERTELAKEUN FARDHU WUDHU

(ã qMp L=Y Gbf%Ri gJY)


Fardhu wudhu aya genep sadayana
Hiji niat kadua ngumbah beungeut
na
Tilu ngumbah leungeun dua jeung sikut

na Opat ngusap saeutik tina sirah na

Lima ngumbah dua suku neupi kana

Mumuncangan tartib rukun ka genepna

FASHAL MERTELAKEUN NU NGABATHALKEUN WUDHU

(ã qMp o~agËçQ qmã Gbf%Ri gJY)


Opat rupa ngabatalkeun kana

wudhu Coba bilang ku maneh

ulah kaliru Hiji nu kaluar ti

salasahiji

Qubul dubur naon bae lian mani

Kaduana leungit akal sebal edan

Sebab weureu sare sakalor jeung

ayan Angin jalma sare nu rapet

birit na Kana tempat diuk teu

99 | a d n u S a s a B h q i F n a m o h d a N (‫)نظم فقه كو بهاسا سوندا‬

(Penyusun: Ajengan Juwaini ibni 'Abdirrohman) (Editor Teks : Roni Syahroni,


S. Pd. I)
batal wudhuna

1010 | a d n u S a s a B h q i F n a m o h d a N (‫)نظم فقه كو بهاسا سوندا‬

(Penyusun: Ajengan Juwaini ibni 'Abdirrohman) (Editor Teks : Roni Syahroni,


S. Pd. I)
Katiluna paantel kulit awewe Jeung
lalaki duanana pada geude

Batal soteh antel jeung lain mahrom


na Serta teu make hahalang
antarana

Ka opatna nyabak qubul sareng dubur


Bangsa jalma ku dampal leungeun
dilager

FASHAL MERTELAKEUN FARDHU ADUS (mandi)

(@ q8ã L=Y Gbf%Ri gJY)


Fardhu adus aya dua masing awas

Hiji niat dina hate masing awas Dua

ngaratakeun cai kana badan Anu

dzhohir sareng buuk walatraan

FASHAL ANU NGAWAJIBKEUN ADUS

(@ q8ã Gbç-p äQ qmã gJY)


Ari syarat wudhu sareng syarat
mandi Eta aya sapuluh teu kirang
deui

Hiji islam dua tamyiz tilu suci

1111 | a d n u S a s a B h q i F n a m o h d a N (‫)نظم فقه كو بهاسا سوندا‬

(Penyusun: Ajengan Juwaini ibni 'Abdirrohman) (Editor Teks : Roni Syahroni,


S. Pd. I)
Tina nifas sareng hedh mungguh di istri

1212 | a d n u S a s a B h q i F n a m o h d a N (‫)نظم فقه كو بهاسا سوندا‬

(Penyusun: Ajengan Juwaini ibni 'Abdirrohman) (Editor Teks : Roni Syahroni,


S. Pd. I)
Opat ulah aya barang any

nyegah Datang cai kana kulit

kaya geutah Lima ulah aya

barang nu ngarobah Kana cai

dina tempat nu dikumbah

Genep nyaho kana kafardhuanana

tujuh ulah neqodkeun sunnah


ngumbahna Kadalapan cai na anu
nyucikeun
sareng anu dua deui ditangtukeun

Di jalma nu langgeng hadats eta

tangtu hiji tuluy-tuluy dua manjing

waktu

FASHAL MERTELAKEUN PAHARAMAN KA JALMA BOGA HADTS LEUTIK


HADATS GEUDE

(|9~U W~-c&~e @91 äUqæ kf- äa oi=2RY Gbf%Ri gJY)


Saha jalma batal wudhu maka haram
opat rupa hiji sholat coba faham

Dua thowaf katiluna nyabak qurãn


njan tulisan sa ayat dina papan

1313 | a d n u S a s a B h q i F n a m o h d a N (‫)نظم فقه كو بهاسا سوندا‬

(Penyusun: Ajengan Juwaini ibni 'Abdirrohman) (Editor Teks : Roni Syahroni,


S. Pd. I)
Opat mawa qurãn anging
diweunangan dina barang ulah niat
mawa qurãn

1414 | a d n u S a s a B h q i F n a m o h d a N (‫)نظم فقه كو بهاسا سوندا‬

(Penyusun: Ajengan Juwaini ibni 'Abdirrohman) (Editor Teks : Roni Syahroni,


S. Pd. I)
Haram ka jalma nu junub genep
rupa ari anu opat tadi jangan lupa

Lima cicing di masjid anging di

pipir genep maca qurãan anging niat

dzikir Ari paharaman sabab hedh

jeung nifas sapuluh genep nu tadi

jangan was-was

Tujuh puasa jeung tholaq ka dalapan


ari ngaliwat ka masjid ka salapan
Haram liwat lamun geutih sieun

ngecret ukur makruh lamun aman urat

aret

Sapuluh dialap suka antarana

tuur bujal najan teu aya syahwatna

FASHAL MERTELAKEUN HAIDH JEUNG NIFAS

(@äZmW~-O~1 Gbf%Ri gJY)


Ari kadar haidh anu pang

saeutikna kadar sapoe sapeuting

kaluarna Ari gholibna genep

atawa tujuh
1515 | a d n u S a s a B h q i F n a m o h d a N (‫)نظم فقه كو بهاسا سوندا‬

(Penyusun: Ajengan Juwaini ibni 'Abdirrohman) (Editor Teks : Roni Syahroni,


S. Pd. I)
najan kaluarna geutih henteu puguh

1616 | a d n u S a s a B h q i F n a m o h d a N (‫)نظم فقه كو بهاسا سوندا‬

(Penyusun: Ajengan Juwaini ibni 'Abdirrohman) (Editor Teks : Roni Syahroni,


S. Pd. I)
Lima belas dinten jaman pang

seueurna najan sajam unggal dinten

kaluarna Suci antara dua hedh

saeutikna

lima belas dinten sinareng wengina

Ari dua puluh tilu atanapi

dua puluh opat gholibna di istri

Ari seueurna suci teu dianggeran

sok aya istri saumur teu kotoran

Lamun datang haidh sanggeus manjing


waktu anu mahi keur sholat nu boga
waktu

Halna tacan sholat dina waktu


eta maka wajib qodho sholat nu
harita

Lamun leungit man'i maka wajib


mandi najan tacan nepi kana gholib
suci Lamun waktu aya keneh terus
sholat mun teu aya terus qodho
kade lepat

1717 | a d n u S a s a B h q i F n a m o h d a N (‫)نظم فقه كو بهاسا سوندا‬

(Penyusun: Ajengan Juwaini ibni 'Abdirrohman) (Editor Teks : Roni Syahroni,


S. Pd. I)
Najan eta waktu sholat ngan
sakadar zaman takbirotul ihrom teu
ditilar Serta wàjib qodho anu
samemehna

1818 | a d n u S a s a B h q i F n a m o h d a N (‫)نظم فقه كو بهاسا سوندا‬

(Penyusun: Ajengan Juwaini ibni 'Abdirrohman) (Editor Teks : Roni Syahroni,


S. Pd. I)
sholat waktu anu meunang dijam'ana

Kaya suci waktu 'isya sareng 'ashar

maka wajib qodho maghrib sareng

dzuhur Ari salian ti eta kaya suci

waktu subuh qodho subuh bae hiji

Ari saeutikna kàdar zaman nifas

eta sakecretan geutih henteu

teras Ari gholib nifas opat

puluh dinten

pang seueurna zaman genep puluh dinten

FASHAL MERTELAKEUN SYARAT WAJIB SHOLAT

(ÕwIè-ãp Õ=E Gbf%Ri gJY)


Syarat wajib sholat genep masing
apal Hiji islam dua baligh tilu
'aqal

Opat boga rungu kalima ningali

Genep kadatangan pangajak ti

Nabi

1919 | a d n u S a s a B h q i F n a m o h d a N (‫)نظم فقه كو بهاسا سوندا‬

(Penyusun: Ajengan Juwaini ibni 'Abdirrohman) (Editor Teks : Roni Syahroni,


S. Pd. I)
FASHAL MERTELAKEUN SYARAT SAH SHOLAT

(ÕwI3I Õ=E Gbf%Ri gJY)


Syarat sah na sholat dalapan perkara
Hiji kudu suci tina hadats dua

Dua suci tina najis dina badan Dina

tempat sareng dina papakean

Tilu nutup 'aurot opat madep qiblat

Lima kudu geus manjing waktuna

sholat Genep nyaho kana

kafardhuanana

Tujuh ulah neqodkeun sunnah fardhuna

Kadalapan ngajauhan sakabehna

Nu ngabatalkeun kana sholatna

FASHAL MERTELAKEUN HADATS

(@91 Gbf%Ri gJY)


Ari hadats leutik mana-mana

barang Anu ngabatalkeun kana

wudhu urang Ari anu

ngawajibkeun kana mandi Hadats

gede jumlah dua sareng tadi

2020 | a d n u S a s a B h q i F n a m o h d a N (‫)نظم فقه كو بهاسا سوندا‬

(Penyusun: Ajengan Juwaini ibni 'Abdirrohman) (Editor Teks : Roni Syahroni,


S. Pd. I)
FASHAL MERTELAKEUN 'AUROT

(Õ<qQ Gbf%Ri gJY)


Ari 'aurot lalaki antara tuur

Sareng bujal keur sholat nalika


udar Ari 'aurot awewe anu
dibeuli

Dina sholatna 'aurot cara lalaki

'Aurot awewe merdeka dina sholat

Kabeh badan salian leungeun

beungeut Ari luar sholat jeung lalaki

sejen Kabeh badan najan kuku

pangeureutan

Ari sareng mahrom sareng pada istri

Antara tuur reujeung bujal hey ki

santri Ari sareng carogena henteu aya

Anu 'Aurot sumangga sadaya-daya

FASHAL MERTELAKEUN RUKUN SHOLAT

(ÕwIlqa< Gbf%Ri gJY)


Rukun sholat tujuh belas hiji

niat Dina hate neja fardhu eta

2121 | a d n u S a s a B h q i F n a m o h d a N (‫)نظم فقه كو بهاسا سوندا‬

(Penyusun: Ajengan Juwaini ibni 'Abdirrohman) (Editor Teks : Roni Syahroni,


S. Pd. I)
sholat Dua takbirotul ihrom

nu katilu

2222 | a d n u S a s a B h q i F n a m o h d a N (‫)نظم فقه كو بهاسا سوندا‬

(Penyusun: Ajengan Juwaini ibni 'Abdirrohman) (Editor Teks : Roni Syahroni,


S. Pd. I)
Nangtung ka jalma nu kawasa dina fardhu

Opat maca fatihah kalima ruku'


Genep thumaninah dina waktu
ruku' Tujuh i'itidal dalapan
thumaninah Dina eta i'itidalna
masing rineh

Kasalapan sujud dua kasapuluh


Dina eta sujud dua thumaninah
Kasabelas diuk dina antarana
Sujud dua rukun kadua belasna

Thumaninah dina diuk anu tadi

Tilu belas tahiyyat anu pandeuri

Opat belas diuk tahiyyat pandeuri

Lima belas maca sholawat ka

Nabi

Genep belas aweh salam nu


mimiti Tujuh belas tartib dina
rukun tadi

2323 | a d n u S a s a B h q i F n a m o h d a N (‫)نظم فقه كو بهاسا سوندا‬

(Penyusun: Ajengan Juwaini ibni 'Abdirrohman) (Editor Teks : Roni Syahroni,


S. Pd. I)
FASHAL MERTELAKEUN NIAT

(Ö~m Gbf%Ri gJY)


Ari niat eta neja hate urang

Babarengan sareng prakna gawe


barang Ari pangkat niat eta aya tilu

Hiji niat lamun dina sholat fardhu

Maka wajib qoshdu t'ayin sareng

fardhu Kaya ngucap usholli fardhol

maghribi Lamun sholat dina anu

ngabogaan Waktu sareng sebab

wajib qoshdu t'ayin

Lamun dina sunah muthlaq maka


wajib Qoshdu wungkul jabi ti eta
teu wajib

FASHAL MERTELAKEUN TAKBIROTUL IHROM

(hã=1vã ÕPb% Gbf%Ri gJY)


Syarat takbirotul ihrom eta aya

Genep belas syarat teu kengeng teu

aya Hiji prakna kudu sanggeus

nantung bener Lamun sholat fardhu

2424 | a d n u S a s a B h q i F n a m o h d a N (‫)نظم فقه كو بهاسا سوندا‬

(Penyusun: Ajengan Juwaini ibni 'Abdirrohman) (Editor Teks : Roni Syahroni,


S. Pd. I)
sareng taya 'udzur

2525 | a d n u S a s a B h q i F n a m o h d a N (‫)نظم فقه كو بهاسا سوندا‬

(Penyusun: Ajengan Juwaini ibni 'Abdirrohman) (Editor Teks : Roni Syahroni,


S. Pd. I)
Dua kudu basa arab lamun bisa

Tilu kudu lafadz ‫ هللا‬nu kawasa

Opat kudu lafadz Akbar kalimana


Kudu tartib eta lafadz duanana

Genep ulah panjang hamzah lafadz ‫هللا‬

"Ba" na lafadz Akbar ulah panjang nu

katujuh Kadalapan "Ba" na ulah ditasydidan

Ulah tambah Wawu eta kasalapan

Antara dua kalimah dua kasapuluh

Ulah nambah Wawu memeh lafadz ‫ال‬

‫ له‬Kasabelas ulah eureun antarana

Kalimah ‫ هللا‬sareng lafadz Akbar

na

Dua belas sadayana huruf takbir

Sing kadangu ku awak nu boga takbir

Tilu belas kudu sanggeus manjing

waktu Lamun dina sholat nu

diwaktu-waktu

Opat belas prakna takbir dina tingkah


Sanggeus urang nyanghareup ka
2626 | a d n u S a s a B h q i F n a m o h d a N (‫)نظم فقه كو بهاسا سوندا‬

(Penyusun: Ajengan Juwaini ibni 'Abdirrohman) (Editor Teks : Roni Syahroni,


S. Pd. I)
baitulloh

Lima belas ulah ngaruksak aksara

2727 | a d n u S a s a B h q i F n a m o h d a N (‫)نظم فقه كو بهاسا سوندا‬

(Penyusun: Ajengan Juwaini ibni 'Abdirrohman) (Editor Teks : Roni Syahroni,


S. Pd. I)
Atawa patukeur deui jeung aksara

Genep belas ari takbirna


mamum Eta kudu pandeurieun
takbir imam

FASHAL MERTELAKEUN SYARAT FATIHAH

(u7äY Õ=E Gbf%Ri gJY)


Syarat fatihah sapuluh sadayana
Hiji tartib tuluy-tuluy kaduana
Katiluna ngaraksa huruf fatihah
Opat ngaraksa tasydidna ulah
salah

Kalimana ulah repeh anu lila

Genep ulah repeh anu henteu

lila Anu neja megatkeun

bacaanana Tujuh kudu maca

sadaya ayatna

Kadalapan ulah ngarobah aksara

Sareng baris anu matak robah

m'ana Kasalapan macana fatihah

kudu
2828 | a d n u S a s a B h q i F n a m o h d a N (‫)نظم فقه كو بهاسا سوندا‬

(Penyusun: Ajengan Juwaini ibni 'Abdirrohman) (Editor Teks : Roni Syahroni,


S. Pd. I)
Sanggeus nangtung lamun dina sholat fardhu

Sareng maca sakabeh huruf fatihah

2929 | a d n u S a s a B h q i F n a m o h d a N (‫)نظم فقه كو بهاسا سوندا‬

(Penyusun: Ajengan Juwaini ibni 'Abdirrohman) (Editor Teks : Roni Syahroni,


S. Pd. I)
Sing kadenge ku awakna kasapuluh

Sareng ulah kaselang ku dzikir

lian Anging amiin imam anu

ngamimitian

FASHAL MERTELAKEUN TASYDIDNA FATIHAH

(u7äY äm9}9F%Õ=E Gbf%Ri gJY)


Opat belas eta tasydidna fatihah

Hiji luhureun lam na lafadaz

bismillah Dua tilu luhureun ro

rohman rohim Opat luhureun lam

na lillaahil 'adzim

Lima luhureun ba na robbil 'alamin

Genep tujuh dina ro na rohman

rohim Luhureun dal yaumiddin

kadalapan Dina iyyaaka n'abudu

kasalapan

Dina iyyaaka nasta'in sapuluhna

Dina shirothol mustaqim sabelasna

Opat belas diluhureun lafadz

dhollin Ari ngaji ulah kagembang

ku ulin
3030 | a d n u S a s a B h q i F n a m o h d a N (‫)نظم فقه كو بهاسا سوندا‬

(Penyusun: Ajengan Juwaini ibni 'Abdirrohman) (Editor Teks : Roni Syahroni,


S. Pd. I)
FASHAL MERTELAKEUN SYARAT SUJUD

(8q.A Õ=E Gbf%Ri gJY)


Ari syarat sujud eta aya
tujuh Hiji sujud dina
anggahota tujuh
Hiji tarang sareng dampal suku dua

Tuur dua sareng dampal leungeun

dua

Kaduana tarang ulah katutupan

Tilu sabeuratna sirah tong

ditahan Kaopatna pangturun na

ulah aya Maksud sejen salian ti

sujud tea

Lima ulah sujud kana hiji barang

Anu tepung nu gedag milu jeung


urang Genep birit kudu luhur batan
sirah Katujuhna syarat sujud
thumaninah

FASHAL MERTELAKEUN TASYDIDNA TAHIYYAT

(Ö~7äm9}9F% Gbf%Ri gJY)

3131 | a d n u S a s a B h q i F n a m o h d a N (‫)نظم فقه كو بهاسا سوندا‬

(Penyusun: Ajengan Juwaini ibni 'Abdirrohman) (Editor Teks : Roni Syahroni,


S. Pd. I)
Ari tasydidna tahiyyat nu
sampurna Eta dua puluh hiji
sadayana

Ari tasydidna at-tahiyyat eta

3232 | a d n u S a s a B h q i F n a m o h d a N (‫)نظم فقه كو بهاسا سوندا‬

(Penyusun: Ajengan Juwaini ibni 'Abdirrohman) (Editor Teks : Roni Syahroni,


S. Pd. I)
Dina luhureun "ya" sareng luhureun "ta"

Sareng luhureun shodna ash-sholawatu


Luhureun "tho" sareng "ya" ath-thoyyibaatu
Lillahi tasydidna dina luhureun lam
Luhureun sin ari dina as-salam

'Alaika ayyuhannabiyyu tasydidna


Luhureun ya enun sareng ya
akhirna Wa rohmatullohi eta
luhureun lam Luhureun sin wa
barokatuhus-salam

Sareng luhureun lam na 'ibadillahis-

Sholihina luhureun shod ya akhi


ٰ
An-laa ilaaha ( ‫ ) له ا آل ان‬di luhureun lam

alif Illallohu ( ‫ ) هللا اال‬dina lam sareng lam


alif

Anna Muhammadar rosulullohi

Luhureun nun emim ro

laamillahi

3333 | a d n u S a s a B h q i F n a m o h d a N (‫)نظم فقه كو بهاسا سوندا‬

(Penyusun: Ajengan Juwaini ibni 'Abdirrohman) (Editor Teks : Roni Syahroni,


S. Pd. I)
FASHAL MERTELAKEUN WAKTU SHOLAT

(ÕwI #]p Gbf%Ri gJY)


Maka wajib dimana geus manjing
waktu Gawe sholat atawa niat nu
tangtu
Rek migawe sholat dina jero

waktu Jadi dosa lamun urang

henteu kitu

Ari mimitina aya waktu

dzuhur Eta lingsir mata poe

anu luhur

Ari akhirna lamun kalangkang

urang Enggeus sarua sareng

adegan urang

Ari seep waktu dzuhur maka


dongkap Waktu 'Ashar hingga mata
poe surup Awal maghrib eta surup
mata poe Hingga surup mega
beureum anu sae

Seep maghrib dongkap deui waktu

'isya Hingga surup mega beureum


3434 | a d n u S a s a B h q i F n a m o h d a N (‫)نظم فقه كو بهاسا سوندا‬

(Penyusun: Ajengan Juwaini ibni 'Abdirrohman) (Editor Teks : Roni Syahroni,


S. Pd. I)
nu biasa Seep 'isya dongkap deui

waktu subuh Hingga bijil mata

poe anu teguh

3535 | a d n u S a s a B h q i F n a m o h d a N (‫)نظم فقه كو بهاسا سوندا‬

(Penyusun: Ajengan Juwaini ibni 'Abdirrohman) (Editor Teks : Roni Syahroni,


S. Pd. I)
FASHAL MERTELAKEUN WAKTU ANU HARAM DIPAKE
SHOLAT

(ÕwI ébY8 hã=1 qm #]p Gbf%Ri

gJY) Haram sholat dina jero lima


waktu Lamun henteu aya sebab

anu tangtu Hiji waktu mata poe

keur bijilna Sahingga sakadar

satumbak luhurna

Dua waktu tengah-tengah langit

pisan Salian jum'at hingga mengok

ka kulon Ka tiluna rek surup

layung nu sae Hingga surup

pisan eta mata poe

Opat b'ada sholat subuh ka limana


B'ada sholat 'ashar eta sampurnana
Ari sholat qodho mah taya
pamengan Dina waktu mana najan
pasosonten

FASHAL MERTELAKEUN RUKUN ANU KUDU TUMA’NINAH

( Ön~mäjÊ p8qa qmã lqa< Gbf%Ri

3636 | a d n u S a s a B h q i F n a m o h d a N (‫)نظم فقه كو بهاسا سوندا‬

(Penyusun: Ajengan Juwaini ibni 'Abdirrohman) (Editor Teks : Roni Syahroni,


S. Pd. I)
gJY) Ari rukun anu kudu

thumaninah Eta opat, hiji ruk'u

ulah salah

Ka duana i'itidal ka tilu dina

3737 | a d n u S a s a B h q i F n a m o h d a N (‫)نظم فقه كو بهاسا سوندا‬

(Penyusun: Ajengan Juwaini ibni 'Abdirrohman) (Editor Teks : Roni Syahroni,


S. Pd. I)
Sujud opat dina diuk antarana

FASHAL MERTELAKEUN ANU NGABATALKEUN KANA


SHOLAT

(ÕwI läa o~agËçQ qmã Gbf%Ri

gJY) Ari anu ngabatalkeun kana


sholat Opat belas, hiji hadats

kade lepat Dua katibanan najin

mun teu terus

Diragragkeun tina badan serta mulus

Tilu kabuka 'aurat mun teu

ditutup Buru-buru, opat ngucap

dua huruf Atawa hiji huruf aya

hartian

Kaya ngucap samaksud ngagenihan

Batal deui ku ngadehem anging

lamun Aya 'udzur ngunikeun nu

jadi rukun Kalimana ngahaja

migawe barang

Nu matak batal kana puasa urang

Kagenepna dahar seueur najan lali


3838 | a d n u S a s a B h q i F n a m o h d a N (‫)نظم فقه كو بهاسا سوندا‬

(Penyusun: Ajengan Juwaini ibni 'Abdirrohman) (Editor Teks : Roni Syahroni,


S. Pd. I)
Tujuh tilu kali usik nuli-nuli

Kadalapan luncat sareng sabangsana

Kasalapan neunggeul tarik jeung mitsilna

3939 | a d n u S a s a B h q i F n a m o h d a N (‫)نظم فقه كو بهاسا سوندا‬

(Penyusun: Ajengan Juwaini ibni 'Abdirrohman) (Editor Teks : Roni Syahroni,


S. Pd. I)
Kasapuluh nambah rukun anu

bangsa Pagawean tur ngahaja teu

kapaksa Kasabelas miheulaan ka

imamna

Dua rukun bangsa pagaweanana

Atawa mandeurikeun maneh ti imam

Anging 'udzur teu bisa nuturkeun

imam Dua belas niat megatkeun

sholatna Katilu belas gantung pegat

sholatna

Opat belas mider-mider rek megatkeun


Kana sholatna mana nu ditetepkeun

FASHAL MERTELAKEUN SUNAT AB’AD

(ORæã ÖnA Gbf%Ri gJY)


Ari sunnah ab'adh tujuh sadayana
Hiji tahiyyat awwal, dua
lungguhna Maca sholawat ka Nabi
katiluna Dina jero tahiyyah anu
awwalna

Sholawat kaula wargana kaopatna


4040 | a d n u S a s a B h q i F n a m o h d a N (‫)نظم فقه كو بهاسا سوندا‬

(Penyusun: Ajengan Juwaini ibni 'Abdirrohman) (Editor Teks : Roni Syahroni,


S. Pd. I)
Dina jero tahiyyat nu pandeurina

Lima maca qunut dina saban

dinten

4141 | a d n u S a s a B h q i F n a m o h d a N (‫)نظم فقه كو بهاسا سوندا‬

(Penyusun: Ajengan Juwaini ibni 'Abdirrohman) (Editor Teks : Roni Syahroni,


S. Pd. I)
Genep qunut witir saparo romadhon

Tujuh maca sholawat ka Kangjeng


Nabi Dina qunut ka sohabat
Kangjeng Nabi

FASHAL MERTELAKEUN BILANGAN ROKAAT NU LIMA


WAKTU JEUNG LIANNA

(än~e W~-#]p äj~e qm ÖQäa< oQwæGbf%Ri gJY)


Dina sapoe sapeuting roka'atna

Sholat fardlu tujuh belas sajumlahna

Sareng tilu puluh sujud langkung

opat

Jeung salapan puluh takbir langkung opat

Jeung sapuluh salam tahiyyat salapan


Saratus lima puluh tilu tasbehan
Ari rukun dina lima waktu

sholat Dua ratus tilu puluh

punjul opat

Ari dzuhur, 'ashar, 'isya bangsa

opat Rukun hiji waktu lima

puluh opat Margi hiji rokaatna

4242 | a d n u S a s a B h q i F n a m o h d a N (‫)نظم فقه كو بهاسا سوندا‬

(Penyusun: Ajengan Juwaini ibni 'Abdirrohman) (Editor Teks : Roni Syahroni,


S. Pd. I)
dua belas

Rukun anu bulak-balik masing awas

Tambah genep niat takbirotul ihrom

4343 | a d n u S a s a B h q i F n a m o h d a N (‫)نظم فقه كو بهاسا سوندا‬

(Penyusun: Ajengan Juwaini ibni 'Abdirrohman) (Editor Teks : Roni Syahroni,


S. Pd. I)
Lungguh akhir tahiyyat sholawat salam

FASHAL MERTELAKEUN KAWASA-KAWASA NA DINA


SHOLAT

(ÕwI än}8 läAqa À äAqa Gbf%Ri gJY)


Saha nu teu kawasa kana nangtung

Maka sholat bari diuk sami untung

Lamun teu kawasa diuk maka

sholat

Bari ngedeng nyangigir nyanghareup kiblat

Teu kawasa nyangigir nangkarak sholat


Serta kedah ganjel sareng nunjang
kiblat Apes keneh maka sholat ku
isyarah Sareng niat masing lempeng
dina manah

Teu kawasa ku isyarah tuluy


jalankeun Rukun sholat dina hate
dijentrekeun Henteu dihampura
jalma tinggal sholat Satungtung
akalna bener masih inget

4444 | a d n u S a s a B h q i F n a m o h d a N (‫)نظم فقه كو بهاسا سوندا‬

(Penyusun: Ajengan Juwaini ibni 'Abdirrohman) (Editor Teks : Roni Syahroni,


S. Pd. I)
FASHAL MERTELAKEUN RUPA-RUPA NU DITINGGALKEUN
DINA SHOLAT

(ÕwI än}8GbfVR%8 qm äYp< À äYp< Gbf%Ri gJY)


Tilu rupa ditinggalkeun dina
sholat Hiji fardlu dua sunnah
jeung haiat Lamun ninggal hiji
fardlu najan lali Eta henteu
katambal ku sujud sahwi

Lamun deukeut keneh wajib balik

deui Kana fardlu make tambah sujud

sahwi Ari sunnah entong balik

sanggeus urang Gawe fardlu tapi

sujud nambal kurang

Ari sunnah haiat henteu kitu kiyeu


Entong sujud entong balik kanu
biyeu Saha anu mang-mang dina
rokaatna Kudu nyokot bilangan
pangsaeutikna

Pami subuh asa dua asa hiji

Wajib nambah serta sunnah sujud sahwi

4545 | a d n u S a s a B h q i F n a m o h d a N (‫)نظم فقه كو بهاسا سوندا‬

(Penyusun: Ajengan Juwaini ibni 'Abdirrohman) (Editor Teks : Roni Syahroni,


S. Pd. I)
FASHAL MERTELAKEUN PAMAKRUMAHANSHOLAT

( ÕwI lä1=bjY Gbf%Ri gJY)


Seueur pisan pamakruhan dina
sholat Sawarehna ngalieuk teu aya
hajat Kaya ngalieuk barangna bisi
leungit

Serta makruh keur sholat nenggak ka langit

Malihan dawuhan mutawali

Ngalieuk teh haram sareng

hulaimi

Sareng numutkeun qoulna syekh

adzro'i Tanggah ka luhurge haram

cara tadi

Makruh deui ku panon mere isyarat


Atawa ku biwir lamun taya hajat
Sareng bedas dina tempat anu
kendor Sareng sabalikna lamun taya
'udzur

Sareng makruh nulak cangkeng taya


'udzur Margi eta kalakuan nu takabbur

Sareng makruh sholat gancang purat-perot


4646 | a d n u S a s a B h q i F n a m o h d a N (‫)نظم فقه كو بهاسا سوندا‬

(Penyusun: Ajengan Juwaini ibni 'Abdirrohman) (Editor Teks : Roni Syahroni,


S. Pd. I)
Rukun oge ampir aya nu kaliwat

4747 | a d n u S a s a B h q i F n a m o h d a N (‫)نظم فقه كو بهاسا سوندا‬

(Penyusun: Ajengan Juwaini ibni 'Abdirrohman) (Editor Teks : Roni Syahroni,


S. Pd. I)
Sareng makruh peureum mun inggis

cilaka Henteu makruh mun teu inggis

aya bahla Tapi lamun aya gambar

dina tempat Pangsholatan eta peureum

jadi sunnat

Dina ruku dina sujud makruh deui

Rapet beuteung kana pingping dilalaki

Sareng ngarapetkeun peupeuteuyanana

Dina gigir dina ruku jeung sujudna

Sareng makruh lungguh cara anjing

diuk Sareng sujud cara gaok macok

lauk Sujud cara singa depa eta

makruh Sareng dina ruku handap

teuing sirah

Sareng makruh manjangkeun tahiyyat awwal

Salian mamum kajeun sholawat ka al (keluarga nabi)


Sareng makruh nyorokkeun ramo leungeun na

Jeung nguyupuk laer teuing disampingna

Sareng makruh nyiduh ka hareupeunana

Jeung katuhu henteu makruh ka kencana

4848 | a d n u S a s a B h q i F n a m o h d a N (‫)نظم فقه كو بهاسا سوندا‬

(Penyusun: Ajengan Juwaini ibni 'Abdirrohman) (Editor Teks : Roni Syahroni,


S. Pd. I)
Lamun nyiduh di masjid sing ati-ati

4949 | a d n u S a s a B h q i F n a m o h d a N (‫)نظم فقه كو بهاسا سوندا‬

(Penyusun: Ajengan Juwaini ibni 'Abdirrohman) (Editor Teks : Roni Syahroni,


S. Pd. I)
Bisi ngecret kana tempat anu suci

Sareng makruh nekenkeun sabeulah


suku Dina nangtung kenca atawa
katuhu Sareng makruh sholat bari
nahan hadats Kiih ngising atanapi
nahan bobos

Sareng makruh mun geus hadir kadaharan


Sareng lapar jeung makruh bubudugulan
Sareng makruh make beubeur dina
cangkeng Anging lamun dipake mageuhan
samping

BAB SHIYAM

(hä~Jeãåäæ)

Wajib kanu islam saban-saban taun


Tur mukallaf puasa bulan romadlon
Jadi jumlah syarat wajib shiyam
opat Hiji islam, aqal, baligh
sareng kuat

Ari fardlu sareng rukun shiyam

opat Ari rukun kahiji nyaeta niat


5050 | a d n u S a s a B h q i F n a m o h d a N (‫)نظم فقه كو بهاسا سوندا‬

(Penyusun: Ajengan Juwaini ibni 'Abdirrohman) (Editor Teks : Roni Syahroni,


S. Pd. I)
Kaduana nangtukeun niat puasa

Saban peuting poe isuk rek puasa

5151 | a d n u S a s a B h q i F n a m o h d a N (‫)نظم فقه كو بهاسا سوندا‬

(Penyusun: Ajengan Juwaini ibni 'Abdirrohman) (Editor Teks : Roni Syahroni,


S. Pd. I)
Rek nekanan puasa fardlu romadlon

Atawa nekanan anu dinadzarkeun

Katilu nanahan tina dahar leueut Tina

jima tina utah kade lepat

Opat nyaho mimiti jeung panungtungan

Ulah niat jeung buka satabrang-tabrang

Anu ngabatalkeun puasa sapuluh

Masing apal ngarah jadi jalma teguh

Hiji 'ain anu nepi kana beuteung


Najan leutik sarta dihaja ku
urang Atawa kajero tikoro jeung
sirah

Henteu batal neureuy ciduh nu beresih

Jeung teu batal asup 'ain kana

beuteung Teu dihaja atawa dipaksa

orang

Jeung teu batal kebul pangayakan


tipung Jeung katalanjuran cai kana
irung

Lamun henteu banget dina

5252 | a d n u S a s a B h q i F n a m o h d a N (‫)نظم فقه كو بهاسا سوندا‬

(Penyusun: Ajengan Juwaini ibni 'Abdirrohman) (Editor Teks : Roni Syahroni,


S. Pd. I)
kekemuna Sareng ngingsreuk cai

kajero irungna Dua huqnah

hartina ngasupken ubar

5353 | a d n u S a s a B h q i F n a m o h d a N (‫)نظم فقه كو بهاسا سوندا‬

(Penyusun: Ajengan Juwaini ibni 'Abdirrohman) (Editor Teks : Roni Syahroni,


S. Pd. I)
Tina salasahijina qubul dubur

Atawa ngasupkeun tungtung ramo


kana Qubul dubur dina waktu
istinjana

Dina qodlo hajat sareng istinjana

Masing bisa pisan urang ngaraksana

BAB HAJI

(/<ãåäæ)

Diwajibkeun munggah haji ka


baitulloh Dina saumur sakali kanu
mampuh
Maka lamun sanggeus mampuh pot

umurna Maka jadi wajib dihajikeunana

Ari rukun haji lima kade salah

Hiji ihrom kadua wuquf di

'arfah

Rukun katiluna thowaf di baitulloh


Opat sa'i antara shofa jeung marwah

Kalima ngagunting atawa dicukur

Tina rambut sirahna sing loba


5454 | a d n u S a s a B h q i F n a m o h d a N (‫)نظم فقه كو بهاسا سوندا‬

(Penyusun: Ajengan Juwaini ibni 'Abdirrohman) (Editor Teks : Roni Syahroni,


S. Pd. I)
syukur Iyeu lima salian wuquf di

'arfah

Tinggal opat jadi rukun tina 'umroh

5555 | a d n u S a s a B h q i F n a m o h d a N (‫)نظم فقه كو بهاسا سوندا‬

(Penyusun: Ajengan Juwaini ibni 'Abdirrohman) (Editor Teks : Roni Syahroni,


S. Pd. I)
Iyeu rukun-rukun haji jeung

'umrohna Eta aya syaratna sareng

fardluna Maka wajib sadayana

dihartoakeun

Ku sugerning anu bade ngalampahkeun

Sareng haram kanu ihrom seuseungitan

Sareng haram sirah jenggot

diminyakan Miceun kuku miceun

buuk sareng jim'a 'Akad nikah

sareng muqoddamah jim'a

Sareng moro boboroan tanah darat

Nu didahar henteu haram sato

laut Sareng haram lalaki nutup

sirahna Sareng haram ka istri

nutup rarayna

Sareng sarung tangan sareng haram

deui Anu nyarung kaya gamis di

lalaki

Maka saha nu migawe paharaman


Maka dosa jeung wajib dikifaratan

5656 | a d n u S a s a B h q i F n a m o h d a N (‫)نظم فقه كو بهاسا سوندا‬

(Penyusun: Ajengan Juwaini ibni 'Abdirrohman) (Editor Teks : Roni Syahroni,


S. Pd. I)
Ari jim'a jaba haram

ngaruksakeun Kana haji sareng

wajib diqodloan Sareng wajib dina

taun sab'adana

5757 | a d n u S a s a B h q i F n a m o h d a N (‫)نظم فقه كو بهاسا سوندا‬

(Penyusun: Ajengan Juwaini ibni 'Abdirrohman) (Editor Teks : Roni Syahroni,


S. Pd. I)
Sareng wajib kifarot geude ngarana

Sareng wajib ihrom haji sareng


umroh Tina miqot sareng nginep
muzdalifah Sareng nginep di mina
sareng ngabalang Jumrotul 'aqobah
poenan rayagung

Sareng ngabalang jumroh tiluanana


Dina poe tasyriq jeung thowaf
wad'ana Sareng haram boboroan
tanah haram Sareng jujukutanana
kanu ihrom

Sareng kanu henteu ihrom oge haram

Jukutna jeung boboroan tanah haram

Sareng tambah mun ganggu di tanah mekah

Kana boroan jeung jukut wajib fidyah

Lamun urang rek migawe hiji

barang Wajibkeun ilmuna heula

masing terang Sabab gusti Alloh

ngawajibkeunana Eta pasti

ngawengku syarat rukun na

5858 | a d n u S a s a B h q i F n a m o h d a N (‫)نظم فقه كو بهاسا سوندا‬

(Penyusun: Ajengan Juwaini ibni 'Abdirrohman) (Editor Teks : Roni Syahroni,


S. Pd. I)
Sareng wajib marentah sareng mernahkeun

Ka jalma nu ninggal syarat sareng rukun

Lamun teu jadi fitnah wajib maksana

Lamun mantak fitnah wajib ngainkarna

Sareng disyaratkeun sadayana amal

Kedah ikhlas kerna Alloh 'Azza wa

Jal Sareng kadaharan urang kedah

halal Sareng panganggona mun teu

kitu gagal

Sareng wajib sadayana ngaraksa


Anggahota urang tina lampah
dosa Margi agama teh dua
kalakuan

Hiji tho'at dua nyinggahan cegahan

Sakieu ge ilmu fiqih atos cekap


Pikeun jalma ibadahna rada
handap Sapertos jisim abdi anu
dlo'if
Anu pamendakna sakalangkung la'if

______________________
Mugi-mugi Gusti Allah ngahampura
Ka guru sim abdi nu mulih
ngumbara Samulihna ti dunya ka
rohmatillah Mugi dijembarkeun
5959 | a d n u S a s a B h q i F n a m o h d a N (‫)نظم فقه كو بهاسا سوندا‬

(Penyusun: Ajengan Juwaini ibni 'Abdirrohman) (Editor Teks : Roni Syahroni,


S. Pd. I)
tempatna nu indah
Khususna mah kanu kagungan
karangan Ajengan Juwaini ibni
'Abdirrohman

6060 | a d n u S a s a B h q i F n a m o h d a N (‫)نظم فقه كو بهاسا سوندا‬

(Penyusun: Ajengan Juwaini ibni 'Abdirrohman) (Editor Teks : Roni Syahroni,


S. Pd. I)

Anda mungkin juga menyukai