Anda di halaman 1dari 2

1) Gusti urang sararea

kanjeng nabi anu mulya


muhammmad jenengannansa
arab quresy nya bangsana
2) Rama na gusti Abdullah
ibu na siti aminah
dibabarkeuna di mekah
wengi senen tahun gajah
3) Robi’ul awal bulana
tanggal ka dua belasna
april bulan syamsiyahna
tanggal ka dua puluhna
4) Ari bilangan tahuna
lima ratus cariosna
tujuh puluh panambihna
sareng sahiji punjulna
5) Siti aminah misaur
watos babarna kacatur
ninggal cahya mani ngempur
di bumina hurung mancur
6) Babar taya kokotoran
orok tos kenging nyepitan
sarta harum sesengitan
7) Medal nabi akhir jaman
pirang-pirang kaanehan
sesembahan bangsa syetan
kabeh pada rareksakan
8) Nabi yuswa lima bulan
tos tiasa aangkatan
yuswa na salapan bualan
tos capetang sasauran
9) Yuswa na sapuluh bulan
tos tiasa papanahan
ngeleh keun budak nulain
tapi tara kumagungan
10) Parangina kanjeng nabi
jatnika pinuh ku puji
pitur tur gede ka wani
sabar nyaah kasasami
11) Keur opat taun yuswa na
dibersihana manahna
nabi dibelah dadana
malaikat nu melah na
12) Jibril kadua rencang na
mikail jenengannana
ngesikeun kana manahna
ilmu hikmah sapinuhna
13) Tuluy dada kanjeng nabi
gancang di rapetkeun deui
serta teu karaos nyeri
di cap ku khotamin nabi
14) Harita nabi ayana
dilembur ibu inangna
halimah jenenganana
sa’diyah ngaran lemburna

OLEH:
1) TAVA KUR NPA
2) SITI NURHASANAH
3) RAKA REFILIANSYAH

Anda mungkin juga menyukai