Anda di halaman 1dari 56

1

Nadlom Maulid & Isro Mi’roj Nabi Muhammad SAW-Ku Asep Patoni Hudria

‫قصة مولد نبي مـحمد صلى هللا عليه وسلم‬


QISHOH MAULID
NABI MUHAMMAD SAW
1.Gusti urang sarerea
Kangjeng nabi anu mulya
Muhammad jenenganana
Arab Quraisy nyabangsana
2.Ramana gusti Abdulloh
Ibuna siti Aminah
Di babarkeuna di Mekah
Wengi Senen tahun Gajah
3.Robiul awal bulana
Tanggal ka dua belasna
April bulan masehina
Tanggal ka dua puluhna
4.Ari bilangantahuna
Limaratus cariosna
Tujuhpuluh panambahna
Sareng sahiji punjulna
5.Siti aminah misaur
Waktos babarna kacatur
2
Nadlom Maulid & Isro Mi’roj Nabi Muhammad SAW-Ku Asep Patoni Hudria

Ningal cahya meni ngempur


Di bumina hurung mancur
6.Babar taya kokotoran
Orok lir kenging nyepitan
Soca lir kenging nyipatan
Sarta harum seuseungitan
7.Medal nabi akhir zaman
Pirang-pirang ka anehan
Sesembahan bangsa setan
Kabeh pada karuksakan
8.Nabi yuswa lima bulan
Tos tiasa angkat-angkatan
Yuswana salapan bulan
Tos capetang sasauran
9.Yuswana sapuluh bulan
Tiasa ameng papanahan
Ngelehkeun budak nu lian
Tapi tara kumagungan
10.Parangina kangjeng nabi
Jatnika pinuh ku puji
Pinter tur gede kawani
3
Nadlom Maulid & Isro Mi’roj Nabi Muhammad SAW-Ku Asep Patoni Hudria

Sobar nyaah kasasami


11.Keur opat tahun yuswana
Diberesihan manahna
Nabi di belah dadana
Malaikat nu meulahna
12.Jibril ka dua rencangna
Mikail jenenganana
Ngeusikeun kana manahna
Ilmu hikmah sapinuhna
13.Teras dada kangjeng Nabi
Enggal di rapetkeun deui
Sarta teu ngaraos nyeri
Di cap ku khotamin nabi
14.Harita nabi ayana
Di lembur ibu inangna
Halimah jenengan nana
Sa’diah ngaran lemburna
15.Rama nabi kacaturkeun
Pupusna kacarioskeun
Basa nabi di bobotkeun
Dua sasih kauggelkeun
4
Nadlom Maulid & Isro Mi’roj Nabi Muhammad SAW-Ku Asep Patoni Hudria

16.Nuju lima tahun yuswana


Di kantun pupus ibuna
Teras di rawat eyangna
Abdul Mutholib asmana
17.Kersana robul’alamin
Kangjeng Nabi nu prihatin
Yuswa dalapan tahun yakin
Eyangna mulih ka batin
18.Saba’da wafat eyangna
Nabi di rawat uwana
Abi Tholib kakasihna
Saderek teges ramana
19.Kangjeng nabi sering pisan
Di canak ka negara Syam
Sok nyandak barang dagangan
Didinya teh pajeng pisan
20.Kacatur di eta negri
Loba pendeta Yahudi
Serta pendeta Nasroni
Nu tepang jeung kang jeung Nabi
21.Sadayana sasauran
5
Nadlom Maulid & Isro Mi’roj Nabi Muhammad SAW-Ku Asep Patoni Hudria

Ieu jalma moal nyalahan


Pinabieun akhir zaman
Toret Injil geus ngabaran
22.Sifat nabi panganggeusan
Aya di anjeuna pisan
Harita loba nu iman
Ka nabi ngangken panutan
23.Lami-lami kangjeng nabi
Di sambat ku hiji istri
Dagang kaunggal negeri
Ka untungana di bagi
24.Istri jenengan Khodijah
Putra Khuwailid ka telah
Nu pang beungharna di Mekah
Kanabi kalangkung nyaah
25.Siti khodijah masrahan
Kanabi barang dagangan
Maesaroh nu ngarencangan
Ka nabi purah nyarengan
26.Kacarios Maesaroh teh
Loba pamendak nu aneh
6
Nadlom Maulid & Isro Mi’roj Nabi Muhammad SAW-Ku Asep Patoni Hudria

Ciciren nabi nu sholeh


Mantak ngaherankeun kabeh
27.Tatangkalan uluk salam
Mega bodas sok mayungan
Jeung aya cap kanabian
Dina salirana pisan
28.Pamendak siti Khodijah
Cocok pisan sareng Maesaroh
Akhirna siti Khodijah
Ka Nabi mundut di tikah
29.Harita yuswana nabi
Salawe (25) tahun kawarti
Ngadak-ngadak sugih mukti
Tapi tambah sae ati
30.Karesepna kangjeung nabi
Kagusti Alloh ngabakti
Di Guha Hiro maranti
ibadahna saban wengi
31.Didinya jol kasumpingan
Jibril nurunkeun Al-Qur’an
Kalawan dawuh pangeran
7
Nadlom Maulid & Isro Mi’roj Nabi Muhammad SAW-Ku Asep Patoni Hudria

Nabi di damel utusan


32.Harita nabi yuswana
Opat puluh tahun nyata
Diutus ku Alloh pasti
Ngembarkeun agama suci
33.Anu iman pangpayuna
Siti Khodijah garwana
Abu bakar ka duana
Sohabat nu pangmulyana
34.Murangkalih nu nonoman
Anu pangpayunna iman
Sayidina Ali pisan
Ka nabi saderek misan
35.Jeung ari jalma beulian
Anu pangheulana iman
Sayyid Bilal kaleresan
Anu jadi tukang adzan
36.Ari lolobana pisan
Ka Nabi teh ngamusuhan
Nganiaya ngajailan
Teu aya pisan ras-rasan
8
Nadlom Maulid & Isro Mi’roj Nabi Muhammad SAW-Ku Asep Patoni Hudria

37.Para shohabat kantos ngalih


Ka negri Habsi nu tebih
Didinya anjeuna linggih
Kira kenging tilu sasih
38.Samulih sohabat ti Habsi
Kacarios kangjeng nabi
Kenging pohara cocobi
Kersana nu maha suci
39.Uwana sareng Garwana
Pada pupus dua nana
Harita nabi yuswana
Ka limapuluh tahunna
40.Geus pupus siti Khodijah
Nikah ka siti Saodah
Sareng ka siti Aisyah
Ummil mu’minin ka telah
41.Tidinya kersa pangeran
Maparinan kamuliaan
Ka nabi nu akhir zaman
Kakasih nu sifat rohman
42.Nuju tanggal tujuh likur (27)
9
Nadlom Maulid & Isro Mi’roj Nabi Muhammad SAW-Ku Asep Patoni Hudria

Bulan Rojab nu kacatur


Nurut kaol anu mashur
Kangjeng nabi teh di saur
43.Di papag ku malaikat
Nyandak Buroq nu kasebat
Leumpangna teh cara kilat
Tungganganeun nabi angkat
44.Ti Mekah ka Baitul Maqdis
Teu nganggo lami antawis
Ku jalma hanteu katawis
Kersana gusti nu wacis
45.Ti Baetal Maqdis terasna
Naek na tangga kencana
Mi’raj tea kasebatna
Ka langit nabi sumpingna
46.Tujuh langit sadayana
Sareng ‘Aras pangluhurna
Di sumpingan sadayana
Katut Surga-Narakana
47.Kangjeng nabi di timbalan
Ku gusti nu sifat rohman
10
Nadlom Maulid & Isro Mi’roj Nabi Muhammad SAW-Ku Asep Patoni Hudria

Anjeuna kudu netepan


Sholat muji kapangeran
48.Kabeh jalma anu iman
Sami pada kawajiban
Sholat nu lima giliran
Henteu meunang di kurangan
49.Sholat eta minangkana
Dina agama tihangna
Jalma nu luput sholatna
Nyata rubuh agamana
50.Kacarios dina zaman
Mi’rajna nabi panutan
Yuswna teh kaleresan
Lima puluh dua jalan
51.Kafir Mekah kacaturkeun
Bareng nabi nyarioskeun
Mi’raj lain dimulyakeun
Anggur pada nyeungseurikeun
52.Pada hasud ngakalakeun
Tidinya Alloh ngersakeun
Kangjeng nabi di alihkeun
11
Nadlom Maulid & Isro Mi’roj Nabi Muhammad SAW-Ku Asep Patoni Hudria

Ka Madinah di sirnakeun
53.Para shohabat pirang-pirang
Nu bumela milu iang
Milu ngalih sewang-sewang
Hente pisan sumureyang
54.Tambah kamulyaan nabi
Di Madinah asal sepi
Jadi rame kunu ngaji
Muji kanu maha suci
55.Sapuluh (10) tahun lamina
Di Madinah jumenengna
Agama islam cahyana
Gumebyar kamana-mana
56.Negri Mekah diperangan
Akhirna kaboyong pisan
Nabi tambah kamulyaan
Yakin lain jijieunan
57.Ari yuswa kangjeng nabi
Genep puluh tilu (63) pasti
Makomna di jero negri
Madinah negeri nu suci
12
Nadlom Maulid & Isro Mi’roj Nabi Muhammad SAW-Ku Asep Patoni Hudria

58.Para putra kangjeng nabi


Aya opat anu istri
Siti Zainab nu kahiji
Ruqoyah nu hiji deui
59.Ummi Kulsum katiluna
Siti Fatimah bungsuna
Ari putra nu cikalna
Sayid Qosim kakasihna
60.Sayid Abdulloh raina
Ibrohim nu katiluna
Eta nu genep putrana
Siti Khodijah ibuna
61.Sayid Ibrohim ibuna
Mariyah jenengan nana
Istri ti Mesir asalna
Tah kitu turnan nana
62.Putra nu pameget kabeh
Pupus keur aralit keneh
Nu istri carogena teh
Para sohabat nu soleh
63.Siti Zainab carogena
13
Nadlom Maulid & Isro Mi’roj Nabi Muhammad SAW-Ku Asep Patoni Hudria

Abul ‘As jenengan nana


Siti Ruqoyah carogena
Sayid Utsman mimitina
64.Geus siti Ruqoyah hilang
Anjeuna turun ka ranjang
Ummi Kulsum putri lanjang
Ditikah gentos nu hilang
65.Caroge siti Fatimah
Sayid Ali nu katelah
Bikaromallohu wajhah
Anu kamashurkeun gagah
66.Ari putu kangjeung nabi
Dalapan pameget istri
Siti Umamah jeung Ali
Ti siti Zainab kawarti
67.Ari sayid Abdulloh mah
Putu ti siti Ruqoyah
Putu ti siti Fatimah
Aya lima kabehna mah
68.Tilu anu pamegetna
Sayid Hasan kakasihna
14
Nadlom Maulid & Isro Mi’roj Nabi Muhammad SAW-Ku Asep Patoni Hudria

Sayid Husen ka duana


Sayid Muhsin katiluna
69.Ummi Kulsum nu istrina
Ka sayid Umar nikahna
Siti Zainab ka duana
Nurut ungeuling wartosna
70.Urang kudu cinta ati
Katurunan kangjeng nabi
Poma ulah goreng ati
Sumawona hiri dengki
71.Ari mungguh kangjeng nabi
Nyaahna langkung ti misti
Ka umat pameugeut istri
Leuwih ti sepuh pribadi
78.Welas asih kanu miskin
Sumawon kabudak yatim
Pada wareg ku paparin
Ka tuangan jeung pisalin
79.Akuan ka urang kampung
Calik satata ngariung
Tara angkuh jeung adigung
15
Nadlom Maulid & Isro Mi’roj Nabi Muhammad SAW-Ku Asep Patoni Hudria

Sanajan kaurang gunung


80.Kanu nyandang kasusahan
Gering jeung ka papatenan
Ngalayad sarta ngubaran
Ngajajapkeun kakuburan
81.Manis saur manis budi
Estu mustikaning jalmi
Sajagat teu mendak deui
Sae rupi jeung parangi
82.Raray lir bulan purnami
Halisna lir katomiri
Waos lir inten widuri
Salira harum wawangi
83.Estu kersaning pangeran
Lain sengit diminyakan
Karingeut pada nandean
Diparake seuseungitan
84.Sakitu nabi mulyana
Taya pisan adigungna
Angkat pungkureun sohabatna
Kalangkung handap asorna
16
Nadlom Maulid & Isro Mi’roj Nabi Muhammad SAW-Ku Asep Patoni Hudria

85.Anggoan kersa lumayan


Najan nu geus ditambalan
Kitu deui katuangan
Banget pisan dikurangan
86.Betah dina kamiskinan
Lain sebot teu kagungan
Ngahaja bae ngirangan
Ngarah karidloan pangeran
87.Pirang-pirang mu’jizatna
Tawis ka nabianana
Al-Qur’an nu nomer hijina
Mu’jizat nu pangmulyana
88.Tangkal nu pe’rang dauna
Disiram tilas abdasna
Ngadadak loba buahna
Sarta hirup satuluyna
89.Domba nu bangeut kuruna
Sartana lale’pe’t susuna
Diusap ku panangana
Ngadadak ju’uh susuna
90.Dina hiji waktos deui
17
Nadlom Maulid & Isro Mi’roj Nabi Muhammad SAW-Ku Asep Patoni Hudria

Shohabat kakirangan cai


Teras bae kangjeng nabi
Mundut cai anu kari
91.Cai ngan saketel pisan
Taya deui anu lian
Nabi neuleumkeun panangan
Dumadak tuluy manjeran
91.Cai manjer loba pisan
Kaluar tina panangan
Sela-sela ramo pisan
Cukup ku jalma rebuan
92.Kacatur hiji badewi
Ngadoja kakangjeung nabi
Nitah nyaur tangkal kai
Sina ngomong cara jalmi
93.Tuluy tangkal teh di saur
Harita ku kangjeng rosul
Tangkal datang ngagulusur
Akarna teh di gugusur
94.Ngadeuheus ka kangjeung nabi
Uluk salam cara jalmi
18
Nadlom Maulid & Isro Mi’roj Nabi Muhammad SAW-Ku Asep Patoni Hudria

Sanggeus kitu balik deui


Ka tempat asalna tadi
95.Badwi teh ngan kantun heran
Ningal eta kaanehan
Tuluy bae asup Islam
Ka nabi ngangken panutan
96.Salian na loba deui
Mu’jizatna kangjeng nabi
Mun diwincik hiji-hiji
Keur nulisna moal mahi
97.He..! Alloh nu sifat rohman
Abdi sadayana iman
Teu aya deui pangeran
Lianti anjeun-Na pisan
98.Nu ngadamel bumi alam
Rawuh saeusina pisan
Nu wajib di ibadahan
Taya anu nyasamian
99.Sareng abdi iman deui
Ka sayid Muhammad nabi
Yen eta utusan gusti
19
Nadlom Maulid & Isro Mi’roj Nabi Muhammad SAW-Ku Asep Patoni Hudria

Miwulang sadaya jalmi


100.Nu sifat kapercayaan
Bijaksana tur budiman
Bener unggal sasuran
Najan saur ka heureuyan
101.Ngembarkeun kangjeng nabi teh
Ka jalma sadunya kabeh
Dawuh Alloh anu shoheh
Nu wajib di turutna teh
102.Hormat urang ka anjeuna
Dina mangsa jumenengna
Sareng saba’da wapatna
Eta teu aya bedana
103.Duh gusti jungjunan abdi
Sayid Muhammad habibi
Pamugi salira nampi
Ka nu hina diri abdi
104.Abdi umat akhir zaman
Anu banget panasaran
Hoyong tepang ngadeuheusan
Seja turut serah badan
20
Nadlom Maulid & Isro Mi’roj Nabi Muhammad SAW-Ku Asep Patoni Hudria

105.Di Yaumil Akhir pamugi


Abdi sing janten ngahiji
Sareng ibu rama abdi
Ngiring kasawargi gusti
21
Nadlom Maulid & Isro Mi’roj Nabi Muhammad SAW-Ku Asep Patoni Hudria

NADLOM
RUNDAYAN KANGJENG NABI
1.Wajib ka jalmi muslimna
Uninga rundayannana
Kanjeng nabi utusan Alloh
Muhammad putra Abdulloh
2.Abdulloh putra Mutholib
Mutholib putrana Hasyim
Hasyim putra Abdi Manaf
Abdi Manaf putra Qushoy
3.Qushoy putrana Kilab
Kilab putrna Murroh
Murroh putra Ka’ab
Ka’ab putrana Lu’ay
4.Lu’ay putrana Gholib
Gholib putrna Fihir
Fihir putrana Malik
Malik putrna nadlor
5.Nadlor putra Kinanah
Kinanah putra Huzaimah
Huzaimah putra Mudrikah
22
Nadlom Maulid & Isro Mi’roj Nabi Muhammad SAW-Ku Asep Patoni Hudria

Mudrikah putrana Ilyas


5.Ilyas putrana Mudlor
Mudlor putrana Nizar
Nizar putrana Ma’ad
Ma’ad putrana Adnan
6.Nu wajib dugika Adnan
Haram nguningakeunnana
Ti Adnan dugi ka Adam
Sabab taya jalan shoheh
7.Wajib deui uningna
Rundayanna ti Ibuna
Kanjeng nabi utusan Alloh
Muhammad putra Aminah
8.Aminah putrana Wahab
Wahab putra Abdi Manaf
Abdi Manaf putra Zuhroh
Zuhroh putrana Kilab
9.Tepang deui di eyangna
Di Kilab Janggawarengna
Jadi Ibu jeung ramana
Masih keneh sa rundayan
23
Nadlom Maulid & Isro Mi’roj Nabi Muhammad SAW-Ku Asep Patoni Hudria

KISAH ISRO – MIRAJ


1.Puji syukur ka Alloh nu ngaisrokeun
Ka nabi Muhammad sareng ngami’rajkeun
2.Anu ngandung hikmat kanggo percobian
Ka manusa rek kufur atawa iman
3.Rohmat sareng salam mugi dilimpahkeun
Ka gusti rosul anu tos di isrokeun
4.Kitu deui ka ali sareng kasohbi
Umumna mah ka mu’minin umat nabi
5.Waba’du maka ieu hiji nadloman
Apalkeuneun barudak lulumayanan
6.Ari nu dimaksad nyaeta bade medar
Riwayat isro mi’raj anu geus mashur
7.Dupi ari kitab pangalapannana
Kitab DARDIR sapuratina
8.Mugi-mugi bae manfaatna
Ka sakur nu maca sareng ngupingkeunna
9.Nambihan kaimanan sareng kacintaan
Ka kangjeng rosul nu jadi rohmatan
10.Nganggo bahar rojaj di nadomkeunana
Mustap’ilun genep balik di bacana
24
Nadlom Maulid & Isro Mi’roj Nabi Muhammad SAW-Ku Asep Patoni Hudria

11.Tah eta hayu urang ngawitan


Nyarioskeun isro mi’rajna panutan
12.Tapi poma dina macana sarengan
Kubanget mahabah sareng kaimanan
13.Kacarios hiji waktos kangjeng rosul
Caket Baitulloh di Hijir Ismail
14.Bari ebog di hapit dua pameget
nyaeta Hamzah jeung Ja’par anu
geugeut
15.Nuju kitu sumping malaikat Jibril
Sareng anu sanes sinareng Mikail
16.Maka terasna kangjeng nabi dicarandak
Ka sumur Zam-zam maksad bade di
bele’k
17.Teras di bele’k tina legok dadana
Sehingga dugi kahandapeun udelna
18.Dawuh Jibril ka Mikail coba nyandak
Bokor (wadah)
Eusi cai zam-zam Al-Mubarok
19.Maksad bade ngaberesihkeun manahna
Sarta bade ngajembarkeun dadana
25
Nadlom Maulid & Isro Mi’roj Nabi Muhammad SAW-Ku Asep Patoni Hudria

20.Teras manah nabi di kaluarkeun


Dikumbah kenging tilu kali balikan
21.Teras dongkap bokor eusina dipinuhan
Ku mangrupi Hikmat sareng Kaimanan
22.Teras di cicikeun kana manahna
Sareng di pinuhan Hilim sareng Ilmuna
23.Dipinuhan kayakinan kaislaman
Teras ditutup jeung di cap kanabian
24.Tos beres jol Buroq atos di selaan
Kadalian kari perok-perok bae
nunggangan
25.Rupa bodas jangkung saluhureun Himar
Sahandapen Bigol nu geus samar
26.Ari ngalengkahna satungtung tingalna
Lir kilat dina pada cepet lumpatna
27.Teras nabi mios sareng malaikat Jibril
Katuhueun ti kenca malaikat Mikail
28.Bareng dugi ka tempat se’er kurmaan
Dawuh Jibril lungsur hela pek netepan
29.Saatos netepan pek Jibril naroskeun
Dimana bieu nya salira netepan
26
Nadlom Maulid & Isro Mi’roj Nabi Muhammad SAW-Ku Asep Patoni Hudria

30.Waler nabi hente terang na dimana


Dawuh Jibril pan eta Toyyibah namina
31.Nya kadinya salira teh bakal ngalih
Engkena mah ka telah negri Madinah
32.Teras bae burok lumpat cepet pisan
Dawuh Jibril lungsur deui jeung
netepan
33.Sa atosna pok deui Jibril naroskeun
Dimana bieu nya salira netepan
34.Dawuh nabi duka atuh hente terang
Dawuh jibril sholat anjeun teh di
Madyan
35.Tilasna kangjeng nabi Musa ngiuhan
Waktu anjeunna di udag ku balad Firáun
36.Teras bae burok lumpat cepet pisan
Dawuh Jibril lungsur deui pek netepan
37.Nabi lungsur pek netepan tunggang deui
Jibril naros kangjeng nabi cara tadi
38.Dawuh jibril anjeun bieu netepan teh
Di Tursina tilas Alloh ngadawuh
39.Ka kangjeng nabi Musa Alaihissalam
27
Nadlom Maulid & Isro Mi’roj Nabi Muhammad SAW-Ku Asep Patoni Hudria

Maparin risalah sareng kanabian


40.Barang dugi kana tempat anu jembar
Tembong gedong negri Syam ngajajar
41.Nabi di piwarang lungsur jeung netepan
Teras nunggang deui meni cepet pisan
42.Dawuh Jibril dimana bieu netepan
Dawuh nabi duka margina nembean
43.Dawuh Jibril pan eta teh Baeta Laham
Tilas medal nabi Isa putra Maryam
44.Barang Buroq nuju lumpat kawas kilat
Ari breh teh di pengkeren aya Iprit
45.Mawa obor ngudag-ngudag kangjeng
rosul
Teras nabi di wuruk duá ku Jibril
46.Sa atos di aoskeun iprit ngajungkeul
Oborna pareum sabab ti kusruknikel
47.Nuju angkat nabi mendak kaom nyata
Keur Tandur harita di buat harita
48.Dimana hareupeun eukeur di alaan
Tukangeun geus jadi deui pibuateun
49.Nabi naros ka jibril naon ieu teh
28
Nadlom Maulid & Isro Mi’roj Nabi Muhammad SAW-Ku Asep Patoni Hudria

Dawuh jibril anu perang Sabilillah


50.Hiji kahadean tikel tujuh ratus
Ganjaran ti Alloh anu moal putus
51.Hente lami kangjeng ngangseu
seuseungitan
Teras kangjeng nabi ka jibril naroskeun
52.Jibril seungit naon ieu seungit pisan
Dawuh jibril ari ieu seuseungitan
53.Seungit hiji istri anu kuat iman
Gawena nyisiran anakna firáon
54.Picontoeun pikeun sadayana ikhwan
Dina mertahankeun iman kayakinan
55.Nyekel pageuh sanajan nemahan pati
Pasti seungit sabab menang ridho - gusti
56.Mendak kaom anu di mek-prekan sirahna
Mun geus remuk balik deui saasalna
57.Dawuh nabi jibril saha maranehna
Dawuh jibril nu sok bareuratsirahna
58.Kana ngalakonan Sholat anu lima
Nu geus pasti jadi tihangna agama
59.Mendak deui kaom anu di carawet
29
Nadlom Maulid & Isro Mi’roj Nabi Muhammad SAW-Ku Asep Patoni Hudria

Kubulna duburna ku lamak saciwit


60.Digiringkeun kawas onta reujeung embe
Ngahakanan kayu Zakum reujeung
Dore’
61.Ngahakan ruhak jahannam jeung batuna
Mantak pikarunyaeun pisan lakuna
62.Dawuh nabi kaom naon kitu sifat
Dawuh jibril eta kaum Tara Zakat
63.Mendak deui kaom nyanghareupan
daging
Dina wadah nu asak nu atah nyanding
64.Tapi ngahakanan nu atah jeung geuleuh
Naringgalkeun nu asak sengit tur
ngeunah
65.Dawuh nabi jibril kaom naon eta
Dawuh jibril eta kaom anjeun nyata
66.Lalaki boga awewe geulis halal
Kalah ngendong di awewe nu teu halal
67.Atawa awewe bogaeun salaki
Ngendongkeun lalaki nu lain salaki
68.Teras mendakan kai di sisi jalan
30
Nadlom Maulid & Isro Mi’roj Nabi Muhammad SAW-Ku Asep Patoni Hudria

Taya nu liwat mangrupa pakean


69.Anging kabeh dirawelan disowekan
Tamsil jalma nu sok ngabegal dijalan
70.Ningali deui lalaki kokojayan
Na walungan getih bari di beunturan
71.Dawuh nabi Jibril naon ieu coba.?
Anu tukang ngahakan barang riba
72.Dongkap kahiji lalaki keur ngumpulkeun
Hurunan suluh geus teu kaangkatkeun
73.Tapi model terus bae di tambahan
Dawuh nabi Jibril naha jalma naon.?
74.Dawuh jibril ieu jalma umat anjeun
Nu boga amanat teu bisa nyumponan
75.Tapi keukeuh bae narima amanah
teu boga rasa diri tukang khianah
76.Mendak deui kaom nu keur di guntingan
Letahna jeung biwirna teu eungeun
77.Ku gunting beusi sarta lamun geus -
buntung
Balik deui saperti encan di gunting
78.Dawuh nabi hei Jibril saha eta teh ?
31
Nadlom Maulid & Isro Mi’roj Nabi Muhammad SAW-Ku Asep Patoni Hudria

Dawuh Jibril eta khutobul fitnah


79.Maranehna sok marentah kahadean
Tapi maranehna tara ngalakonan
80.Ngalangkung ka kaom nu ngabaro
gaan
Kuku tambaga di pake ngareewodan
81.Kana beungeutna reujeung kana dadana
Nabi naros ka Jibril naon lakuna
82.Eta kaom gawena tukang ngomong
keun
Bari ka era batur sok di ebrehkeun
83.Mendak deui hiji liang letik pisan
Tapi bijil banteng gede teu kapiran
84.Manehna rek balik deui teu bisaeun
Teras ku nabi ka jibril di taroskeun
85.Dawuh jibril eta jalma umat anjeun
Ngomongkeun hiji ke’cap bahaya pisan
86.Timbul kaduhung hayang nyabut kembali
Tapi pamohalan bisa balik deui
87.Nuju nyemprung tunggang pok anu
nyalukeun
32
Nadlom Maulid & Isro Mi’roj Nabi Muhammad SAW-Ku Asep Patoni Hudria

Ti katuhueun hei Muhammad dagoan


88.Kaula rek naros kasalira anjen
Tapi kangjeng nabi hente nyubadanan
89.Dawuh nabi Jibril saha nu ngagero
Dawuh Jibril Yahudi ulah di waro
90.Lamun anjeun ngawaro tanggu balai
Sabab umat anjeun jaradi Yahudi
91.Nuju kitu pok deui anu nyalukan
Ti kencaeun Muhammad cobi antosan
92.Kaula rek naros ka salira anjeun
Tapi kangjeng nabi hentenyubadanan
93.Dawuh nabi Jibril saha ngagegero
Dawuh jibril eta pangundang Nashoro
95.Lamun anjeun nyubadanan ka manehna
Tangtu umat anjeun Nasroni jadina
96.Teras mendak awewe anu mukakeun
Hastana anu pinuh ku perhiasan
97.Sarta ngomong Muhammad coba
antosan
Abdi kasalira aya patarosan
98.Dawuh nabi jibril naha saha eta
33
Nadlom Maulid & Isro Mi’roj Nabi Muhammad SAW-Ku Asep Patoni Hudria

Dawuh jibril eta misil dunya nyata


99.Mun anjeun ngawaro tangtu umat -
anjeun
Milih dunya ka akherat parohoeun
100.Hente lami nabi mendak Aki-aki
Nyampeurkeun jeung ngagoroan
kangjeng nabi
101.Dawuh Jibril hayu Muhammad sing
cepet
Tong diwaro eta Iblis nu di la’nat
102.Pendak deui nabi sareng Nini-nini
Nitah eureun arek naros kangjeng nabi
103.Tapi nabi hente kersa nyubadanan
Pidawuhna hei Jibril eta teh naon
104.Dawuh jibril hei muhammad eta tamsil
Kana umur dunya kitu waler Jibril
105.Teu lami nabi sumping ka Baetal Maqdis
Lebet tina lawang Yamani anu manis
106.Teras lungsur Buroqna teras di
cangcang
Dina lawang masjid dina hiji liang
34
Nadlom Maulid & Isro Mi’roj Nabi Muhammad SAW-Ku Asep Patoni Hudria

107.Lajeng nabi sareng Jibril netepan


Masing-masing kenging dua rokaatan
108.Tos netepan breh katingal jalmi
Kararumpul para rosul sareng nabi
109.Anu ngadeg anu ruku anu sujud
Sadayana nyarembah ka Robbul ma’bud
110.Teras malikat Jibril Adzan sareng Qomat
Pek ngaradeg ngajajar barade sholat
111.Sadayana ningalikeun ngarantosan
Saha-sahana anu bakal nga imaman
112.Ke’re’we’k malak Jibril nyepeng
panangan
Kangjeng nabi piwarang majeng
ngimaman
113.Tos bubar malaikat Jibril pitaros
Naha terang saha di pengker ngaberes
114.Dawuh nabi duka dawuh jibril kapan
Sadaya para Nabi sareng Mursalin
115.Sadaya para nabi sareng mursalin
Ngedalkeun pangalem sinareng pujian
116.Ka dzat Alloh nu murbeng sakabeh alam
35
Nadlom Maulid & Isro Mi’roj Nabi Muhammad SAW-Ku Asep Patoni Hudria

Nu kawasa ngahaq sadaya pangalem


117.Teras nabi kasumpingan ku hanaang
Teu lami dua wadah leueuteun sumping
118.Arak sareng cai susu di sanggakeun
Nabi milih cai susu nu di leueutkeun
119.Dawuh Jibril pilihan anjeun teh tepat
Margi mun kana arak anjeun ngaleueut
120.Pasti umat teuleum dina kalacutan
Nurut ka anjeun ngan saeutik pisan
121.Kangjeng Nabi ningal kencaeun batu
gede
Widadari nu gareulis sareng sae
122.Kangjeng nabi uluk salam ka anjeuna
Anjeuna ngawaler kana salamna
123.Teras disumpingan Mi’raj anu endah
Yakni Taraje paranti naek arwah
124.Can pernah makhluk ningal anu kitu
Margi pohara alusna sareng lucu
125.Sahambal ku perak sahambal ku emas
Eta kenging nyandak ti syurga Firdaus
126.Di taretes inten sareng berlian
36
Nadlom Maulid & Isro Mi’roj Nabi Muhammad SAW-Ku Asep Patoni Hudria

Cindekna mah mun ningali matak heran


127.Pinggir sabelaheun inten yakut
beureum
Sabeulahna ku jamrud hejo serem
128.Beulah katuhu di jaga malaikat
Belah kenca sami bae hente lepat
129.Teras nabi naek sareng malaikat Jibril
Dugi kalawang langit dunya teh gampil
130.Eta lawang namina babul Hapadzoh
Di jaga ku malak Ismail teu salah
131.Tara naek ka langit turun ka bumi
Anging dina waktos pupus kangjeng nabi
132.Lajeng malak jibril mundut muka lawang
Pok nu naros saha ieu anu datang
133.Dawuh Jibril ieu kuring ngaran jibril
sareng Muhammad kakasih robbulJalil
134.Dawuhna bagea sumping mangga
lebet
Breh di buka panto sinarengan hormat
135.Breh patepang sareng kangjeng nabi
Adam
37
Nadlom Maulid & Isro Mi’roj Nabi Muhammad SAW-Ku Asep Patoni Hudria

Nu katelah Abul Basyar alaihi salam


136.Di pintonkeun ka mantena arwah arwah
Para nabi jeung mu’minin jadi bingah
137.Saurna ruh sae jeung salira sae
Pitempateuna syurga tangtu na bae
138.Di pintonkeun deui arwah kufar- kufar
Dawuhna ruh khobisah anu kalufur
139.Pitempateuna dina raka Sijjin
Atos kitu jangjina robbulálamin
140.Mun anjeuna ningal ka katuhubingah
Lamun ningal ka kenca mah susah
141.Teras nabi hatur salam ka anjeuna
Anjeuna ngawaler teu kinten bingahna
142.Nabi mendak jalma tukang ngahakanan
Riba jeung harta yatim jeung Perzinahan
143.Katingalna dina tingkah kahinaan
sarta cicing dina bebendon pangeran
144.Teras nabi naek ka langit ka dua
tepang sareng nabi Isya nabi Yahya
145.Teras nabi hatur salam kahurmatan
Sadayana ngawaler ku kabingahan
38
Nadlom Maulid & Isro Mi’roj Nabi Muhammad SAW-Ku Asep Patoni Hudria

146.Teras nabi unggah ka langit ka tilu


Tepang sareng nabi Yusuf anu lucu
147.Nabi Yusuf ka bageakeun ku bingah
Bari nyaur marhaban bil akhissholih
148.Teras nabi unggah ka langit kaopat
Tepang sareng nabi Idris anu hormat
149.Kangjeng nabi hatur salam sareng
hormat
Teras diwaler sinareng kabingahan
150.Teras nabi unggah ka langit kalima
Tepang sareng nabi Harun nu utama
151.Kangjeng nabi uluk salam ta’dim ka
anjeuna
Anjeuna ngawaler teu kinteunbingahna
152.Dumeh patepang sareng saderek Sholih
Anu mulya anu jadi kakasih Alloh
153.Teras unggah dongkap ka langit ka
genep
Tepang sareng Nabi Musa nu cakep
154.Teras bae anjeuna ngabageakeun
Ku salam ta’dzim sinareng kahurmatan
39
Nadlom Maulid & Isro Mi’roj Nabi Muhammad SAW-Ku Asep Patoni Hudria

155.Malahan anjeuna mah dugi ka nangis


Kumargi emutan ngaraos kagagas
156.Dumeh nabi anom saba’da anjeuna
Tapi umatna kasurga pangsaena
157.Teras unggah dugi ka langit ka tujuh
Tepang sareng Nabi Ibrohim anu ampuh
158.Nuju calik dina caket lawang Surga
Calik dina kursi emas nu berharga
159.Nabi teras uluk salam kamantena
Anjeuna ngawaleur jeung kieu dawuhna
160.He…! Muhammad marhaban bil
akhishsholih
Nabi agung nu janteun pilihan Alloh
161.Parentahkeun ka umat anjeun sing
loba
Melak dina pepelakan di sawarga
162.Sabab sawarga tanahna lendo tur
subur
Upluk aplak legana atos ka mashur
163.Dawuh nabi naon pepelakanna
Lahaola (hauqolah) tah eta pepelakanna
40
Nadlom Maulid & Isro Mi’roj Nabi Muhammad SAW-Ku Asep Patoni Hudria

167.Lajeng kangjeng nabi unggah ka


Sidrohmuntaha
Nyaeta tangkal nu gedena mokaha
168.Tina bongkol bijil opat walungan
Anu dua batin nu dua dhohiron
169.Anu batin nyaeta bengawan syurga
Anu dohir purot jeung nil anu lega
170.Tidinya kangjeng nabi ningal aslina jibril
Kagungan genep ratus jangjang katingal
171.Hiji-hijina jangjang mun di beberkeun
Tangtu mantak minuhan ka pajajahan
172.Tina jangjang maruragan inten yakut
Inten mutiara meni cing jorelat
173.Malah kangjeng nabi angkat ka Kautsar
(talaga)
Angkat ka surga etang-etang peuleusir
174.Tempat sigrong agreng taya bandingna
Nu kacipta ku panon sareng hatena
175.Ari brehna lowong aya tulisan
Sodakoh di bales sapuluh tikelan
176.Tapi mere ngahutang karna Alloh
41
Nadlom Maulid & Isro Mi’roj Nabi Muhammad SAW-Ku Asep Patoni Hudria

Dibales dalapan belas tikel teu salah


177.Margi galib nu ngahutang jeung nganjuk
mah
Sok jalmi-jalmi butuh sinareng susah
178.Teras angkat breh ningal bengawan
endah
Caina ci susu anu teu barobah
179.Sareng bangawan arak nu banget
nikmat
Sareng bengawan madu nu matak sehat
180.Teras ka kangjeng nabi di pintonkeun
naraka
Lautan seuneu tempat jalma nu doraka
181.Lamun batu jeung beusi heg di
balangkeun
Tangtu ancur ku Naraka di hakan
182.Dipinuhan ku oray jeung kalajengking
Jeung rupa-rupa siksa mantak muriding
183.Nabi ningali kaom keur ngadaharan
Bangke bau tamak gila pigeuleuheun
184.Dawuh nabi Jibril naon kaum eta
42
Nadlom Maulid & Isro Mi’roj Nabi Muhammad SAW-Ku Asep Patoni Hudria

Dawuh Jibril kaum tukang ngupat nyata


185.Srog tepang sareng juru kunci Naraka
Rupi beureungut semu nu nuju murka
186.Nyata malikat Malik Alaihi Salam
Teras nabi ka anjeuna uluk salam
187.Saterasna kangjeng nabi di liputan
Ku mega warna na rupa-rupa pisan
188.Dugi ka dinya malikat Jibril ngantunkeun
Tos teu tiasa ka nabi ngajajapkeun
189.Lajeng kangjeng nabi unggah ka
Mustawan
Nabi nguping tidinya gerotna kolam
190.Didinya ningal pameuget teuteuleuman
Dina cahaya ‘Aras Alloh nu rohman
191.Nabi naros jalma tawa malaikat
Dawuh Jibril eta jalma hente lepat
192.Anu tukang dzikir ka Alloh Ash- shomad
Jeung hatena cumantel wae ka Masjid
193.Sareng teu kinteun hidmah ka ibu
rama
Sopan santun sakumaha ceuk agama
43
Nadlom Maulid & Isro Mi’roj Nabi Muhammad SAW-Ku Asep Patoni Hudria

194.Bareng dugi kangjeng kana makom


khitob
Didinya gusti Alloh ngabuka hijab
195.Nabi ningali ka Alloh nu ka persifat
Beursih tina gaduh tempat sareng jihat
196.Teras bae kangjeng nabi sujud
Nyembah ka Alloh nu wajibul wujud
197.Tidinya Alloh ngadawuh hei muhammad
Geura pok menta naon nu di maksud
198.Ngadawuhna tanpa sora tanpa huruf
Leubah dieu ilmu aqoid sing cukup
199.Sabab paur tekad lebah dieu sasar
Asup kana firkoh dolah nu kufur
200.Dawuh nabi gusti parantos ngadamel
Ka kangjeng nabi Ibrohim pangkat Kholil
201.Sareng gusti ka anjeuna tos masihan
Kapangkatan kitu deui karatuan
202.Kanabi Musa masihan pangkat Kalim
Nabi Daud di pasihan Mulkun ‘Adzim
203.Kaanjeuna gusti ngaleuleuskeun beusi
Nalukeun gunung jeung sagalana eusi
44
Nadlom Maulid & Isro Mi’roj Nabi Muhammad SAW-Ku Asep Patoni Hudria

204.Ka nabi Sulaiman gusti masihan


Karatuan nalukeun Jin sareng Syetan
205.Ka nabi Isa gusti tos miwulangan
Kitab Toret sareng parin kaahengan
206.Ngawariskeun anu Corob sareng Buta
Ngahirupkeun anu maot atos nyata
207.Ngajagi anjeuna sareng ibuna
Tina sadaya godaan syaithona
208.Atos kitu teras Alloh ngadawuhan
Tah anjeun mah ngajadi pangkat
Habiban
209.Ngajadikeun rosul kasakabeh insan
Tukang ngabubungah sareng
nyingsieunan
210.Kaula ngahapuskeun dosa salira
Ngajembarkeun dada sareng kakoncara
211.Dimana ditutur ngaran kami pasti
Ditutur ngaran salira eta misti
212.Umat anjeun jadi umat pangalusna
Jadi umat Wasathon kasebatna
213.Pangpayunna para nabi di damelna
45
Nadlom Maulid & Isro Mi’roj Nabi Muhammad SAW-Ku Asep Patoni Hudria

Pangakhirna para nabi diutusna


214.Kami mere Sabán minalmasani
Nu can pernah di bikeun kapara nabi
215.Kami mere weukasan surat Baqoroh
Ti gudang handapeun ‘Aras hente salah
216.Mere Kautsar jeung dalapan bagian
Nyaeta Islam Jihad Shaum Romadlon
217.Hijroh Shidiq Amar ma’ruf Nahyil
mungkar
Sakabehna pek amalkeun masing jujur
218.Ti kawit ngadamel langit sareng bumi
Geus jadi kaputusan rencana kami
219.Nyeta mardukeun kaanjeun jeung ka
umat
Lima Puluh waktu sholat ulah lepat
220.Sa atos kangjeng nabi rengse guneuman
Teras pertela mega anu nyaangan
221.Keureuweuk malak jibril nyepeng
panangan
Kangjeng bari nyandak lungsur
gagancangan
46
Nadlom Maulid & Isro Mi’roj Nabi Muhammad SAW-Ku Asep Patoni Hudria

222.Pendak sareng Ibrohim teu nyaur


nanaon
Pendak sareng Musa nyaurkeun
meunang naon
223.Waler Nabi Alloh parantos masihan
Abdi jeung umat Lima Puluh sholatan
224.Dawuh Musa hei Muhammad aduh abot
Baheula ge umat abdi teu kuat
225.Padahal umat abdi leuwih rarosa
Batan umat anjeun tapi teu kawasa
226.Nabi ngareret Jibril bari isyaroh
Dawuh Jibril jung mulih deui ka Alloh
227.Teras nabi gagancangan mulih deui
Sasumpingna teras sujud cara tadi
228.Teras ngadawuh gusti mugi kirangan
Sholat margi umat abdi lemah pisan
229.Dawuh Alloh heug ku kami di kurangan
Lima waktu supaya ngajadi ringan
230.Teras mulih tepang deui sareng Musa
Dawuh keukeuh beurat moal kawasa
231.Teu aya deui bae mundut dikirangan
47
Nadlom Maulid & Isro Mi’roj Nabi Muhammad SAW-Ku Asep Patoni Hudria

Karunya ka umatna supaya ringan


232.Teras uwah uwih salapan uwihan
Akhirna kantun nyesa Lima sholatan
233.Dawuh Alloh nu lima mo dikurangan
Bari ganjaran lima puluh sholatan
234.Namung keukeuh nabi Musa nganggap
beurat
Bari meulang sok sieun umat teu kuat
235.Dawuh Nabi atos bae sakieu mah
Margi tos isin ku gusti Alloh
236.Nuju kitu jol aya nu sasauran
Geura mulih sakitu ge atos ringan
237.Teras kangjeng nabi lungsur
gagancangan
Malaikat Jibril henteu liren ngarencangan
238.Sajajalan tepang sareng malaikat
Sadayana nganjurkeun seueur di serot
239.Kakocapkeun kangjeng nabi atos
sumping
Ka langit dunia mendakan anu aheng
240.Ningali haseup jeung sora ting jareurit
48
Nadlom Maulid & Isro Mi’roj Nabi Muhammad SAW-Ku Asep Patoni Hudria

Dawuh jibril eta teh deudeumit


241.Dawuh Jibril eta sora syetan
Maksudna ka manusa rek ngahalangan
242.Supaya manusa hente nafakuran
Langit bumi supaya hente ariman
243.Hente lami kangjeng nabi atos
sumping
Ka baetal Maqdis tengah wengi keur
jareumpling
244.Teras bae nunggang Burok bade mulih
Ka asalna nyaeta negeri Mekah
245.Di tengah-tengah jalan Nabi mendakan
Di hiji tempat aleutan ontan-ontan
246.Hente lami kanjeung sumping ka negri
Mekah
Memeh subuh dina wengi eta keneh
247.Ba’da subuh teras bae nabi linggih
Emut kanu wengi tangtos jadi fitnah
248.Nuju kitu ari jebul satru Alloh
Nyaeta Abu Jahal anu katelah
49
Nadlom Maulid & Isro Mi’roj Nabi Muhammad SAW-Ku Asep Patoni Hudria

249.Nyampeurkeun ka kangjeng semu anu


rusuh
Maksudna mah ngaguguyonkeun nu
puguh
250.Muhammad keur naon anjeun huleng
jentul
Siga-siga boga beja anu rahul
251.Dawuh nabi puguh enya kitu pisan
Tapi yakin da anjeun mah moal iman
252.Sabab ceuk adat kacida sulayana
Mun euweuh iman mah moal percayana
253.Peuting tadi kuring tas ti Baetal Maqdis
Memeh shubuh kuring di dieu persis
254.Ceuk hate Abu Jahal ayeuna beunang
Muhammad ku aing arek di wiwirang
255.Mun kitu muhammad ku anjeun dagoan
Ku kaula babaturan rek di goroan
256.Supaya daratang ngariung sampean
Mun geus kumpul nu cikeneh pek bejaan
257.Leos abu jahal meni lulumpatan
Ngabejaan sobat sareng kawawuhan
50
Nadlom Maulid & Isro Mi’roj Nabi Muhammad SAW-Ku Asep Patoni Hudria

258.Hei Bani Ka’ab jeung Bani Lu’ai gewat


Sabab muhammad bogaeun beja hebat
259.Brul daratang jalma ti kampung
Roong pada naranya bari ngariung
260.Ceuk Abu Jahal Muhammad pok nyarita
Saperti tadi kakami masing nyata
261.Pok ngadawuh kangjeng rosul jentre
pisan
Nyarioskeun nu weungi tos ka alaman
262.Tenang gamblang taya pisan semu
rempan
Margi aya dina lindungan pangeran
263.Nu ngadenge kabeh pada bararengong
Bari nyarebut mustahil bari songong
264.Aya nu keuprok aya nu nangkeup hulu
Aya nu ngajengkat bari gugurutu
265.Ceuk ki Muthím kabeh omongan
sampean
Memeh poe ieu di anggap mendingan
266.Tapi poe ieu mah kaula nyaksian
Saenyana anjeun ahli bohong pisan
51
Nadlom Maulid & Isro Mi’roj Nabi Muhammad SAW-Ku Asep Patoni Hudria

267.Kaula geus nyoba ka Baetal Muqodas


Bulak-balik dua bulan meni tatas
268.Sedeng anjeun nyaritakeun ngan
sapeuting
Naha bohong beut kabina-bina teuing
269.Demi Lata demi Ujja teu percaya
Sabab pasti omongan anjeun sulaya
270.Dawuh abu bakar Muthím na teu eling
Maneh ngomong beut kabina-bina
teuing
271.Da dewek mah percaya ka bina- bina
Najan nyarita leuwih kitu jauhna
272.Sabab Muhammad mah lain kawas
maneh
Sabab yakin kakasihna gusti Alloh
273.Kaum roong ngaromong coba sifatan
Masjid Baetal Maqdis anu enyaan
274.Sabaraha jandela reujeung pantona
Sabaraha tihang kumaha bangunanna
275.Kumaha tingkah jeung deket
kagunungna
52
Nadlom Maulid & Isro Mi’roj Nabi Muhammad SAW-Ku Asep Patoni Hudria

Aya naon di sakurilingeunana


276.Di eta kaum geus aya nu apaleun
Kaayaan di Baetal Maqdis geus nyahoeun
277.Paralak ku Nabi masjid disifatan
Cocok pisan taya anu nyulayaan
278.Sagalana ku Nabi teh di sebatan
Tihang panto jandelana ditataan
279.Ngan aya sapalihna nu teu ka ulik
Ma’lum wengi sinareung nembe sabalik
280.Tidinya pek ku Alloh teh di pintonkeun
Ku nabi ka tingal teras di eceskeun
281.Ari ku kaom-kaom mah luput
Teu ka tingal sabab ku Alloh di tutup
282.Ceuk nu ngadarenge bener teu sulaya
Sarta leuwih apal ti urang sadaya
283.Tuluy maranehna nanya Abu Bakar
Naha anjeun percaya atawa ingkar
284.Dawuh Abu Bakar kaula percaya
Sababna mah Muhammad tara sulaya
285.Boro-boro nyaritakeun ngan sakitu
Najan nyarita tas ti langit ping pitu
53
Nadlom Maulid & Isro Mi’roj Nabi Muhammad SAW-Ku Asep Patoni Hudria

286.Kaula mah percaya teu asa-asa


Sabab Muhammad kakasih nu kawasa
287.Maka ku sababna kitu Abu Bakar
Menang titel Shidiq anu geus kawentar
288.Sanggeus kitu jol deui aya sualan
Manggih naon anjeun keur waktu di jalan
289.Enya dawuh nabi kaula manggihan
Ontan-ontan kipulan di tanah Ruhan
290.Malahan maranehna kacilakaan
Leungit onta malah keur di tareangan
291.Jeung kaula manggihan cai sawadah
Tuluy di inum ku kaula hente salah
292.Manggih deui onta anu di puatan
Dua karung hideung bodas enya pisan
293.Barang srog ontana ngeujat
kareuwasan
Neupi kalabuh sartana kapiyuhan
294.Manggih deui di Tanaím ontan- ontan
(aleutan)
Kaula uluk salam ge teu di walonan
295.Ceuk kaom cik iraha rek daratangna
54
Nadlom Maulid & Isro Mi’roj Nabi Muhammad SAW-Ku Asep Patoni Hudria

Dawuh nabi nu ti Taním mah ayeuna


296.Ceuk kaom coba yu urang tarungguan
Hayang nyaho bohong atawa enyaan
297.Hente kungsi lila engges rentang- rentang
Teu lila srog nu ti taním daratang
298.Kaum marapag jeung raeng
naranyakeun
Caritaan Muhammad rek di cocokeun
299.Ceuk aleutan onta-onta enya aya
Sora Muhammad salam hente sulaya
300.Tapi teu katempo ari jalmana mah
Salamna ge teu di jawab da raripuh
301.Jeup kaom caricing pada heran
Sabab carita Muhammad teu nyalahan
302.Muhammad iraha ari nu sejenna
Dawuh nabi poe rebo daratangna
303.Poe rebona karumpul ngadaragoan
Kana datangna aleutan onta-onta
304.Poe geus beak aleutan can datang
Nabi bingung sok sieun menang
kawirang
55
Nadlom Maulid & Isro Mi’roj Nabi Muhammad SAW-Ku Asep Patoni Hudria

305.Kangjeng Nabi ngadoá ka Alloh rohman


Teras ku alloh sarangenge di tahan
306.Sahingga onta-onta kaburu datang
Kaom-kaom naranyakeun meni reyang
307.Tapi kabeh jeung carios Nabi cocok
Taya hiji-hiji acan anu mencog
308.Tungtungna mah breng bae pada
ngaromong
Yen Muhammad tukang sihir rejeng
bohong
309.Kitu soteh ceuk jalma nu teu ariman
Kalalufur teu percaya kapangeran
310.Ari pikeun jalma anu ariman mah
Riwayat Isro’ Mi’raj nambih hidayah
311.Hei dulur ieu hikayah atos tamat
Mugi ku Alloh di jadikeun manfaat
312.Sabab jadi menangna syafaát
Menang rohmat Alloh di alam akherat
313.Rohmat sinareng salam mugi ka hatur
Ka kangjeng nabi Muhammad nu ka
mashur
56
Nadlom Maulid & Isro Mi’roj Nabi Muhammad SAW-Ku Asep Patoni Hudria

314.Ka alihi sareng sohbihi ajmain


Akhir alhamdulillahirobbil álamin

Anda mungkin juga menyukai