Anda di halaman 1dari 31

Sunda Khulashoh juz 1

1. GUSTI URANG SADAYANA


MUHAMMAD

1. Ari Nabi Muhammad teh eta utusan Alloh pikeun sakabeh manusa,
panutup para Nabi jeung pimpinannana para utusan.
2. Sumpingna Kangjeng Nabi bari nyandak Agama Islam, anu dina poe
qiyamah Alloh moal narima kana Agama salianti Islam.
3. Kangjeng Nabi the katurunan Quresy anu mangrupakeun qobilah
termulia di Negara Mekah.
4. Katurunan Kangjeng Nabi Muhammad nyambung sareng Nabi Ismail
bin Ibrohim.

PERTANYAAN :
1. Saha ari Nabi Muhammad teh ?
2. Naon nu di candak ku Kangjeng Nabi ?
3. Kangjeng Nabi teh ti qobilah mana ?
4. Kasaha nyambungna katurunan nabi ?

2. KATURUNAN NABI & WAFAT RAMANA

1. Ramana Kanjeng Nabi teh nyaeta Abdulloh bin Abdul Mutholib bin
Hasyim bin Abdi Manaf bin Qusyoy bin Kilab.
2. Ibuna Kangjeng Nabi teh nyaeta Aminah binti Wahab bin Abdi
Manaf bin Zuhroh bin Kilab.
3. Patepung turunan ti Ibuna jeung ti Ramana di Eyangna anu kalima
nyaeta Kilab.
4. Rama Kangjeng Nabi wafat dina usia dalapan belas taun dina
waktos Kangjeng Nabi aya dina kandungan Ibuna, di pendemna di
Madinah bari kaayaan teu ngantunkeun harta sakedik kedik acan.

PERTANYAAN :
1. Sebutan turunan Kangjeng Nabi ti Jihat Ibuna ?
2. Sebutan turunan Kangjeng Nabi ti jihat Ramana ?
3. Di saha tepangna turunan Kangjeng Nabi ti jihat Ibuna sareng ti
jihat Ramana ?

Pondok Pesantren ~1~ Anshorul Huda


Sunda Khulashoh juz 1
4. Iraha rama Nabi wafatna ?
5. Dimana dipendemna Ramana Nabi ?

3. LAHIR SARENG NYUSUAN NABI

1. Kangjeng Nabi lahir di Mekah, tanggal 12 Robi'ul Awwal, taun


gajah.
2. Taunna lahir Nabi sok di sebut tahun Gajah sabab dina eta tahun
Raja Habsyi ngutus bala tentara ka Mekah pikeun ngahancurkeun
Ka'bah anu dina eta bala tentara the aya gajah anu gede, tapi ku
Alloh di hancurkeun karana ngamulyakeun kana waktos di
lahirkeunnana Kangjeng Nabi.
3. Kangjeng Nabi dina saba'da di susuan ku Ibuna anjenna di susuan
ku Tsuwaebah Aslamiyyah anu jadi bujang pamanna (Abu Lahab)
tuluy ku Halimah Assa'diyyah dugika yuswa opat tahun.

PERTANYAAN :
1. Iraha Rosululloh di lahirkeun ?
2. Dimana Rosululloh di lahirkeun ?
3. Naon sababna taun di lahirkeunnana Kangjeng Nabi di ngaranan
taun Al-Fiil ?
4. Saha anu nyusuan ka Rosululloh saba'da Ibuna ?

4. WAFAT IBU NABI

1. Ibu Nabi wafat dina waktos Nabi yuswa 6 taun, waktos mulih ti
madinah.
2. Ibu Nabi angkatna ka Madinah teh nyaeta pikeun ziarah ka
pakuburan Rama Nabi.
3. Ibu Nabi di pendemna di tanah Abwa nyaeta hiji kampung antara
Mekah jeung Madinah.
4. Saba'da kitu teras Kangjeng Nabi teh di rorok ku Ummu Aeman
(bujang Ramana).

Pondok Pesantren ~2~ Anshorul Huda


Sunda Khulashoh juz 1
PERTANYAAN :
1. Iraha wafat Ibu Nabi ?
2. Bade naon ibu Nabi angkat ka Madinah ?
3. Dimana di pendemna Ibu Nabi ?
4. Saha nu ngarorok Nabi dina saba'da wafat Ibuna ?

5. NGURUS/NGADIDIK NABI & WAFAT AKINA

1. Dina saba'da Ibuna wafat maka anu nguruskeun pendidikan Nabi


teh akina nyaeta Abdul Mutholib, anu mana anjenna mikacinta ka
Nabi teh langkung langkung tinimbang mikacinta ka palaputrana.
2. Dina waktos Nabi dugi kana usia dalapan taun maka akina teh
pupus, saba'da ngurus/ngadidik Nabi salami dua taun.
3. Dina saba'da Aki Nabi/Abdul Mutholib pupus, maka Kangjeng
Nabi teh di tanggel walerna ku Pamanna nyaeta Abu Tholib anu
termasuk jalmi faqir tapi teras ku Alloh rizqina di jembarkeun.
4. Kangjeng Nabi dina waktos di tanggung jawab ku pamanna sok
nglap cukup ku pembagian ti Alloh.

PERTANYAAN :
1. Saha nu ngadidik Nabi dina saba'da wafat Ibuna ?
2. Iraha wafatna Aki Nabi ?
3. Saha nu nanggung jawab nabi dina saba'da pupus Akina ?
4. Kumaha tingkah Nabi selama di tanggung jawab ku pamanna ?

6. NABI NGANGON DOMBA


SARENG ANGKAT KA SYAM NU KAHIJI

1. Kangjeng Nabi dina keur alitna sok ngangon domba kagungan


urang Mekah kalayan make buruh jang kahirupan.
2. Dina waktos yuswa Nabi dugi kana salapan taun anjenna angkat ka
Syam sareng pamanna ( Abi Tholib ) pikeun dagang.
3. Dina tos caket ka Bashro, Kangjeng Nabi katingalieun ku Pendeta
Bahiro teras ngawartoskeun ka Paman Nabi yen ieu teh bakal jadi
Nabi panutup, oge miwarang supaya mulih deui ka Mekah margi
mikarempan tina gangguan musuh anu ngawaskeun ka Nabi.

Pondok Pesantren ~3~ Anshorul Huda


Sunda Khulashoh juz 1
4. Ka-Nabian Kangjeng Nabi di tuduhkeun ku pirang pirang cirri anu
aya dina kitab kitab ahli kitab.

PERTANYAAN :
1. Naon padamelan Kangjeng Nabi dina waktos alit keneh ?
2. Iraha Kangjeng Nabi angkat ka Syam anu kahiji ?
3. Saha nu ningali ka Nabi dina waktos tos caket ka Bashroh ?
4. Naon nu di wartoskeun ku Pendeta Bahiro ka Paman Nabi ?
5. Naon panyungkenna Pandeta ka Nabi ?
6. Timana kapendakna yen Nabi teh pinabieun ?

7. ANGKAT KA SYAM ANU KADUA

1. Dina waktos Nabi yuswa 25 taun anjenna angkat deui ka Syam anu
kadua kalian bari nyandak dagangan Siti Khodijah.
2. Siti Khodijah teh hiji istri anu mulya tur benghar sok muruhkeun ka
lalaki-lalaki pikeun ngurus hartana.
3. Siti Khodijah mercantenkeun ka Nabi kana dagang margi Siti
Khodijah nguping kana jujurna Nabi benerna Nabi sareng mulyana
akhlaq Nabi.
4. Kangjeng Nabi angkat ka Syam anu kadua kalina teh di sarengan
ku Maesaroh (bujangna Siti Khodijah), teras jual beli kalayan bati
anu pohara agengna.

PERTANYAAN :
1. Iraha angkatna Kangjeng Nabi ka Syam anu kadua kalina ?
2. Bade naon deui Nabi angkat ka Syam ?
3. Saha ari Siti Khodijah ?
4. Naon margina Siti Khodijah mercantenkeun dagang ka Kangjeng
Nabi ?
5. Di sarengan ku saha Kangjeng Nabi angkatna teh ?

8. NIKAHNA NABI KA SITI KHODIJAH

1. Saba'da dua bulan Kanjeng Nabi mulih ti Syam anu ka dua kalina
teras nikah ka siti Khodijah sarta siti Khodijah anu ngalamar Nabi

Pondok Pesantren ~4~ Anshorul Huda


Sunda Khulashoh juz 1
2. Umur siti Khodijah waktos harita 40 taun, aru umur Kanjeng Nabi
25 taun.
3. Siti Khodijah sateuacan di tikah ku Nabi anjeuna di tikah ku Abi
Halah anu parantos maot bari gaduh putra anu namina Halah.
4. Siti Khodijah berkulawargi ( nikah ) sareng Rosul salami 25 taun,
bari Kanjeng Nabi teu pernah Nikah deui kanu sanes dugika pupus
Siti Khodijah.

PERTANYAAN :
1. Iraha Kanjeng Nabi Nikah ka Siti Khodijah ?
2. Sabaraha taun yuswa Siti Khodijah dina waktos di tikah ku Nabi ?
3. Sabaraha taun yuswa Nabi waktos Nikah ka Siti Khodijah ?
4. Nikah ka saha Siti Khodijah dina sateuacan di tikah ku Kanjeng
Nabi ?
5. Sabaraha taun lamina Siti Khodijah berkulawarga sareng Nabi ?

9. KEPUTUSAN KANJENG NABI DI ANTARA


URANG QURESY DINA MASALAH NYIMPEN HAJAR ASWAD

1. Dina waktos Nabi yuswa 35 taun, urang Quresy ngaruksak Ka'bah


tuluy nganyarkeun deui.
2. Kanjeng Nabi sasarengan sareng urang Quresy dina ngadegkeun
Ka'bah anjeuna nyandak batu sareng gegeden Quresy, oge di
sarengan ku pamana nyaeta 'Abbas.
3. Urang Quresy selisih paham ( ikhtilaf ) dina masalah saha anu rek
neundeun Hajar Aswad kana tempatna, tuluy sepakat yen anu
neundeun teh jalma anu pangheulana asup ka Masjid.
4. Ternyata anu pangheulana lebet ka Masjid the Kanjeng Rosul, teras
urang Quresy barungah bari nyararios "Kami rodlo ku anu
kapercaya."
5. Teras Kanjeng Nabi nyimpen kana Hajar Aswad dina sorbana bari
nyuprih ti gegeden Quresy supaya nyepeng kana tungtung sorban,
teras marentah supaya kaluhurkeun, saba'da dugi kana tempatna
teras di candak ku Rosul ku pananganna sareng di simpen langsung
ku pananganna.

Pondok Pesantren ~5~ Anshorul Huda


Sunda Khulashoh juz 1
Saba'da kitu perbentrokan diantara urang Quresy the hilang, bari
urang Quresy ngarasa kaget tina hebatna emutan Nabi.

PERTANYAAN :
1. Iraha urang Quresy nganyarkeun bangunan Ka'bah ?
2. Naha Nabi sasarengan sareng urang Quresy ?
3. Naon anu di benteokeun di kalangan urang Quresy ?
4. Saha anu pangpayuna lebet ka Masjid ?
5. Kumaha carana Kanjeng Nabi nyimpen kana Hajar Aswad ?

10. MUNCULNA KANJENG NABI


DIKALANGAN URANG QURESY

1. Kanjeng Nabi muncul dikalangan urang Quresy ku perkara


perkara / sifat sifat anu terpuji seperti : Bener, Kapercaya, Hilim,
Boga kaera, Tawadlo sahingga anjeunna dipasihan gelar AL-AMIN
( anu kapercaya ).
2. Kaom kaom Nabi sareng kulawargana banget mikacinta sareng
ngamulyakeun ka Kanjeng Nabi.
3. Kanjeng Nabi tiwaktos alitna di riksa ku Alloh tina pagawean
jahiliyyah, teu pernah nginum arak sareng nyembah kana patekong.
4. Alloh ngamulyakeun ka Kanjeng Nabi ku rupi rupi mu'jizat
(irhash) anu nuduhkeun kana agungna kapayunna.
Diantawisna : Ngiuhanana mega ka anjeuna dina waktos angkat ka
Syam anu kadua.

PERTANYAAN :
1. Kunaon bae Kanjeng Nabi muncul dikalangan urang Quresy ?
2. Naha ari kaom Kanjeng Nabi mikacinta ka anjeunna ?
3. Naha Kanjeng Nabi sok midamel kana padamelan jahiliyyah ?
4. Ku naon Alloh ngamulyakeun ka Nabi dina sateuacan janten Nabi ?

Pondok Pesantren ~6~ Anshorul Huda


Sunda Khulashoh juz 1
11. PERIBADAHAN KANGJENG NABI
DINA SATEUACAN JANTEN NABI

1. Dina tos caket kana yuswa 40 taun Kanjeng Nabi mikaresep kana
ngajauhan ti manusia sareng kana ibadah.
2. Nabi milih tempat ibadahna di Guha Hiro nyaeta hiji gunung anu
aya luhureun jalan ka Mekkah.
3. Anjeunna sok nyandak bekel bari dimana tos seep sok mulih deui
ka Istrina ( siti khodijah ) kanggo nyandak deui bekel.
4. Kanjeng Nabi sok ibadah netepan kana Agama / Ayare'at Nabi
Ibrohim tina sapuluh dinten dugi kana sabulan.

PERTANYAAN :
1. Iraha Kanjeng Nabi mikaresep kana ngajauhan ti manusia ?
2. Dimana Kanjeng Nabi sok ibadahna ?
3. Timana tuangna Kanjeng Nabi ?
4. Kana agama / syare'at saha Kanjeng Nabi sok ibadahna ?
5. Sabaraha lamina ibadah Kanjeng Nabi ?

12. KAWITNA LUNGSUR WAHYU

1. Dina waktos yuswa Nabi dugi kana 40 taun maka di utus ku Alloh
bari anu ngabubungah sareng anu nyingsieunan sareng anu ngajak
kana haq/bener kalayan izin Alloh sareng anu nyaangan.
2. Lungsurna wahyu di kawitan ku impenan anu bener teras anjeuna
teu pernah ngimpen kana hiji perkara dina waktos kulemna kecuali
bukti dina tos nyaringna.
3. Teras ka Kanjeng Nabi lungsur Malaikat Jibril (RUHUUL AMIIN)
bari Kanjeng Nabi nuju ibadah di Guha Hiro.
4. Malaikat Jibril ngawurukan ka Kanjeng Nabi kana kumaha carana
nuduhkeun manusia kana jalan anu lempeng jeung kana nuturkeun
kana agama anu lempeng / anu bener.

PERTANYAAN :
1. Iraha di utusna Kanjeng Nabi ?
2. Kumaha di mimitianana lungsur wahyu ?

Pondok Pesantren ~7~ Anshorul Huda


Sunda Khulashoh juz 1
3. Saha anu nurunkeun wahyu ka Kanjeng Nabi ?
4. Nabi waktos dimana lungsurna Malaikat Jibril ?
5. Naon anu di wurukeun ku Malaikat Jibril ka Kanjeng Nabi ?

13. KABIASAAN URANG ARAB MEMEH ISLAM

1. Urang Arab dina samemeh Islam malusyrik, sok nyarembah kana


patekong jeung sok ngabersihan kana patekong .
2. Jeung urang Arab sok maraehan ka anak anakna karana sieun lapar
jeung fakir.
3. Oge urang Arab sok ngubur ngoropes ka anak anak awewena
karana sieun wirang jeung cacad.
4. Urang Arab sok pecah belah, peperangan karana marebutkeun
masalah masalah teu pira.

PERTANYAAN :
1. Naon anu sok di ibadahan ku urang Arab dina samemeh Islam ?
2. Naon sababna urang Arab sok maraehan anak anakna ?
3. Naon sababna urang Arab sok ngubur koropes anak anak awewena?
4. Naha ari urang Arab ngahariji ?

14. DA'WAH SIRRI / SUSURUMPUTAN

1. Nabi ngawitan kana Da'wah sirri / susulumputan dina waktos


lungsur surat Al-Muddatstsir ayat 1-7 :
‫( يوثَّذيياَبي ي‬3) ‫ك فييكبَثيلر‬
‫( يواليرلجيز‬4) ‫ك فيطيثهلر‬ ‫( يويربد ي‬2) ‫( قرلم فيأينلذذلر‬1) ‫يياَ أييييهاَ ا لرمددثَّثيرر‬
(7) ‫صبَذلر‬‫ك يفاَ ل‬ ‫( يولذيربث ي‬6) ‫( يويل تيلمنرلن تيلستيلكثذرر‬5) ‫يفاَلهرجلر‬
Hartosna : Hei anu di sambut, kudu hudang anjeun! Tuluy
nyingsieunan, ka Pangeran anjeun maka kudu ngagungkeun, kana
baju anjeun kudu ngabersihkeun, kana patekong kudu
ngahancurkeun, jeung ulah mere anjeun bari ngarep-ngarep dibere
leuwih loba jeung ka Pangeran anjeun kudu sobar anjeun.

Pondok Pesantren ~8~ Anshorul Huda


Sunda Khulashoh juz 1
2. Kangjeng Nabi ngajak ka ahli baetna jeng ka rerencangan nana anu
ngabenerkeun ka anjeunna tegesna jalma jalma anu nekadkeun
kana benerna anjeunna.
3. Kangjeng Nabi ngajak ka jalma-jalma kana ibadah ka Alloh bari
sahiji Alloh, kana welas asih ka papada manusia, kana bersatu
jeung ninggalkeun perkelahian.
4. Pangna Kangjeng Nabi ngawitan ku da'wah sirri margi rempan tina
kagetna manusa kana perkara anu can arapaleun jeung can
ngarupingeun.

PERTANYAAN :
1. Iraha di mimitiannana Da'wah sirri ?
2. Saha bae nu di ajak ku Kangjeng Nabi ?
3. Kana naon Kangjeng Nabi ngajak ka manusia ?
4. Naon margina Kangjeng Nabi ngawitan ku Da'wah sirri ?

15. NU PANGPAYUNNA IMAN

1. Anu pangpayunna iman ti golongan istri nyaeta Siti Khodijah,


anjeunna nekadkeun kana bener jadi utusanna Kangjeng Nabi
karena perkara anu tembong pikeu Siti Khodijah buktina pirang–
pirang ciri anu nuduhkeun kana jadi Nabina Kangjeng Nabi dina
waktosna Kangjeng Nabi sareng Maesaroh.
2. Anu pangpayunna iman ti golongan pameget nyaeta Abu Bakar
Shiddiq ( rencangna nabi dina waktos sateuacan di utus ) bari teu
pernah jangji bohong, sareng Zaed bin Haritsah ( abid Kangjeng
Nabi anu teras di merdekakeun ku anjeunna ).
3. Anu pangpayunna iman ti golongan barudak nyaeta Sayyidina Ali
bin Abi Tholib ( saderekna Kangjeng Nabi ).
4. Teras Abu Bakar ngajak iman kanu dipikacinta ku anjeunna jeung
anu mikacinta ka anjeunna, nya ternyata berhasil, diantarana
Utsman bin Affan sareng Juber bin Awam.

Pondok Pesantren ~9~ Anshorul Huda


Sunda Khulashoh juz 1
PERTANYAAN :
1. Saha nu pangpayunna iman ti golongan istri ?
2. Saha nu pangpayunna iman ti golongan lalaki ?
3. Saha nu pangpayunna iman ti golongan barudak ?
4. Naon nu di lakukeun ku Abu Bakar dina saba'da Islam ?

16. DA'WAH JAHRI / TERANG – TERANGAN

1. Da'wah sirri berjalan salami tilu taun, sarta dina pertengahanna


seueur anu ariman ti rengrengan anu marulya jeung peperdekaan.
2. Saba'da Da'wah sirri Kangjeng Nabi di parentah Da'wah jahri
(terang-terangan) ku dawuhan Alloh :
‫ض يعذن ا لرملشذركذليين‬
‫ع بذيماَ تريلؤيمرر يوأيلعذر ل‬
‫صيد ل‬
‫فاَي ل‬
Hartosna : Kudu negrakkeun anjeun kana perkara anu anjeun di
parentah jeung kudu ngabalieur ti jalma anu musyrik.
3. Teras Kangjeng Nabi naek ka Shofaa bari ngagero ka kaomna,
saba'da karumpul teras Nabi nyaurkeun : Naha ari maraneh kabeh
ngabenerkeun kan kami dina perkara anu di bejakeun ku kami ?
maka kaom-kaom ngajarawab "leres kami sarerea teu pernah coba-
coba ngabohongkeun ka anjeun ti mimiti munculna anjeun nepika
ayeuna" teras Kangjeng Nabi sasauran "maraneh kabeh kudu
ngariksa diri-diri maraneh kabeh tina naraka saenyana kami eta anu
nyingsieunan ka maraneh kabeh tina siksaan anu banget".
4. Tuluy Abu Lahab ngomong ka Kangjeng Nabi "cilaka anjeun hei
Muhammad ! naha karana ku kieu anjeun ngumpulkeun ka urang
sarerea ?" teras Alloh nurunkeun wahyuna dina surat Al-Lahab :
(1) ‫ب‬ ‫ت يييدا أيذبيِ لييه ب‬
‫ب يوتي د‬ ‫تييبَد ل‬
Hartosna : "Cilaka kadua leungeun Abi Lahab".

PERTANYAAN :
1. Sabaraha taun lamina da'wah sirri ?
2. Iraha Nabi da'wah terang – terangan
3. Kumaha carana Nabi da'wah jahri ?
4. Naon nu di obrolkeun ku Abi Lahab ( Pamanna ) ?

Pondok Pesantren ~ 10 ~ Anshorul Huda


Sunda Khulashoh juz 1

17. NABI NGUMPULKEUN KELUARGANA

1. Kangjeng Nabi ngumpulkeun kulawargina dina waktu lungsurna


dawuhan Alloh :
‫ك الليقلييربذليين‬ ‫ذ ذ‬
‫يوأينلذلر يع ل‬.
‫شيييرتي ي‬
Hartosna : Anjeun kudu nyingsieunan ka kulawargi anjeun nu
dareukeut !.
2. Teras Kangjeng Nabi nepikeun kana jadi utusan Pangeranna
sareng nyingsieunan ka jalma-jalma tina siksaan poe anu agung
nyaeta poean teu manfa'atna harta jeung anak.
3. Maka kaom-kaom nyararios kalawan cariosan anu leuleuy kecuali
Abu Lahab (pamanna) anu kacida ngamusuhna ka Nabi.
4. Abu Lahab nolak pisan bari meredih supaya di pasrahkeun, maka
Abu Tholib sasauran "demi Alloh kami rek nyegah ka Nabi".

PERTANYAAN :
1. Iraha Nabi ngumpulkeun ka kulawargina ?
2. Naon anu disaurkeun ku Kangjeng Nabi ?
3. Kumaha jawabna kaom-kaom ka Nabi ?
4. Saha anu nolak ka Nabi ?

18. PANAS HATE URANG QURESY


KA KANGJENG NABI

1. Kacintaan kaom Quresy ka Nabi kaganti ku kabencian, dareukeutna


maranehannana ka Nabi jadi jauh, benerna Nabi jadi di anggap
bohong, amal padamelan Nabi jadi ejekan.
2. Kajadian anu tadi teh terjadina dina waktu Nabi ngajak ka kaom
Quresy kana ibadah ka Alloh nyacad kanu di anggap Pangeran ku
urang Quresy nganggap sasar ka jalma-jalma anu nyembah kana
patekong.
3. Urang Quresy laleumpang ka Paman Nabi (Abu Tholib) bari
nyaruprih supaya Abu Tholib nyegah ka Rosul tina nyarekan kanu

Pondok Pesantren ~ 11 ~ Anshorul Huda


Sunda Khulashoh juz 1
di anggap pangeran ku maranehannana jeung tina nganggap sasar
ka bapa – bapana.
4. Abu Tholib nolak ka urang Quresy kalawan tolakan anu hade bari
Rosul mah terus nyebarkeun agama jeung ngaluhurkeun kana
kalimat anu bener.

PERTANYAAN :
1. Naha kacintaan urang Quresy ka Nabi dina saba'da Nabi diangkat
Rosul jadi tambah ?
2. Iraha terjadina ?
3. Naha manehna nitah nyegah ka Abu Tholib tina da'wahna
Kangjeng Nabi ?
4. Kumaha waleran Abu Tholib ka urang Quresy ?

19. DARATANGNA URANG QURESY KA NABI


DINA BALIKAN KADUA KALINA

1. Di waktu urang Quresy narempo kana terusna Nabi nyebarkeun


Agama jeung pembelaan Pamanna ka anjeunna, maka urang
Quresy laleumpang deui ka Paman Nabi anu kadua kalina.
2. Urang Quresy ngaromong ka Paman Nabi "kami sarerea teu salabar
kana di carekannana bapa-bapa urang sarerea, dianggap bodona
urang sarerea, dicacadna pangeran-pangeran urang sarerea, naha
anjeun rek nyegah ka anak dulur anjeun atawa rek ngizinan ka kami
pikeun nyegah anak dulur anjeun".
3. Teras Paman Nabi ngagero ka Nabi bari nyuprih supaya Nabi
eureun tina da'wahna sabab sieun tina gangguan urang Quresy,
teras Rosul nolak.
4. Nabi ngadawuh "demi Alloh kami moal ninggalkeun kana ieu
utusan sehingga Alloh ngadlohirkeun kana ieu urusan atawa kami
ruksak / paeh karana eta utusan.

Pondok Pesantren ~ 12 ~ Anshorul Huda


Sunda Khulashoh juz 1
PETANYAAN :
1. Naon sababna urang Quresy daratang deui ka Paman Nabi ?
2. Naon anu di obrolkeun ku urang Quresy ka Paman Nabi ?
3. Kumaha tindakkan Paman Nabi terhadap Nabi ?
4. Kumaha waleran Nabi terhadap Pamanna ?
5. Teras kumaha waleran Paman Nabi ?

20. DARATANGNA URANG QURESY KA ABI THOLIB


DINA BALIKAN ANU KATILU KALINA

1. Diwaktu urang Quresy nempo yen Abi Tholib teu daekkeun nyegah
ka Nabi maka urang Quresy lalempang deui ka Paman Nabi sarta
Umaroh bin Walid.
2. Maranehannana ngaromong ka Paman Nabi "yeuh cokot ieu budak
jadikeun anak anjeun bari ka kamikeun anak dulur anjeun pikeun di
paehan ku kami".
3. Abi Tholib ngawaler ka urang Quresy "kacida pisan gorengna
pamenta anjeun, naha pantes maraneh mikeun anak maraneh
supaya di urus ku kami, kami mikeun anak kami ka maraneh
supaya di paehan ku maraneh ?".
4. Terus urang Quresy baralik bari rarugi bari Rosul terus-terusan
nyebarkeun agama Islam jeung Paman Nabi tetep ngabela ka Nabi.

PERTANYAAN :
1. Kunaon urang Quresy daratang deui ka Paman Nabi dina balikan
anu katilu ?
2. Naon nu di omongkeun ku urang Quresy ka Paman Nabi ?
3. Kumaha waleran Abi Tholib ka urang Quresy ?
4. Naha Nabi liren tina nyebarkeun Agama ?

21. MILARAANNA URANG QURESY KA NABI

1. Urang Quresy mulai milaraan ka Rosul jeung ngaguguyonkeun


terutama dina waktu rek sholat, saba'da maranehannana nempo
kana terus-terusanna Rosul dina da'wahna jeung belana Pamanna
terhadap Nabi.

Pondok Pesantren ~ 13 ~ Anshorul Huda


Sunda Khulashoh juz 1
2. Kangjeng Nabi menghadapi kana pilara urang Quresy ku jiwa
hilim, shobar, lebar dada.
3. Pangkacidana milaraan ka Rosul nyaeta Abu Jahal, Abu Lahab,
'Uqbah bin Abi Mu'eth jeng Walid bin Mughiroh.
4. Alloh nyiksa ka jalma anu ngaguguyonkeun dina saba'da hijrah, ti
antarana aya anu di paehan, aya nu di ruksak ku panyakit / gering.

PERTANYAAN :
1. Iraha urang Quresy mulai milaraan ka Rosul ?
2. Kumaha cara Rosul menghadapi kana pilara ti urang Quresy ?
3. Saha anu pangbangetna milaraan ka Rosul ?
4. Ku naon bae di siksana urang Quresy nu ngaguguyonkeun ?

22. MILARAANNANA URANG QURESY


KA PARA SOHABAT NABI

1. Di waktu urang Quresy narempo yen Rosul teh jadi jalmi anu
mulya jeung terhormat, maka urang Quresy areureun tina milaraan
ka Rosul.
2. Tuluy urang Quresy milaraan ka para Shohabat, terutama kanu
lalemah nyaeta jalma-jalma anu teu bogaeun nu nulungan secara
lahiriyah.
3. Maka tiap-tiap qobilah nyiksa sakur-sakur jalma anu Islam ku jalan
di penjara, di teunggeulan, sina lapar jeung halabhab, sehingga para
Sohabat teu kadarugaeun calik jeung teu apal kanu di obrolkeun
nana tina bangetna siksaan.
4. Tiantara jalma anu di siksa nyaeta : Bilal, 'Ammar bin Yaasir,
dulurna, Ramana, Ibuna jeung Khobbah bin Arotti.

PERTANYAAN :
1. Iraha urang Quresy mimiti eureun milaraan ka Rosul ?
2. Tuluy ka saha deui milaraannana urang Quresy ?
3. Kumaha bae cara milaraannana urang Quresy ka Sohabat ?
4. Sebutan tiantara jalma-jalma anu di siksa ku urang Quresy ?

Pondok Pesantren ~ 14 ~ Anshorul Huda


Sunda Khulashoh juz 1
23. PAMENTA URANG QURESY KA NABI

1. Saba'dana urang Quresy narempo yen milaraan the euweuh


manfa'atna bahkan kalah nambahan ka Muslimin kana kaimanan
jeung kayaqinan, maka maranehannana laleumpang ka Rosululloh.
2. Maranehna marenta supaya Nabi ibadah kana pangeran maranehan
nana, maranehannana ibadah kana Pangeran Nabi (toleransi dina
ibadah), maka Alloh nurunkeun ka Kangjeng Nabi kana surat Al-
kafirun.
3. Saba'da maranehna putus asa tina sakabeh cara, maka nyuprih ti
Kangjeng Nabi supaya ngahapus tina Qur'an kana ayat-ayat anu
ngajadikeun ambekna maranehna tina sabab nyacad kana pangeran-
pangeranna jeung peribadahanna atawa supaya Kangjeng Nabi
supaya ngaganti kana Qur'an ku Qur'an anu sejen.
4. Tuluy Alloh nurunkeun dawuhna bari mangrupakeun jawaban
pikeun kaum Quresy, nyaeta :
ِ‫قرلل يماَ ييركلورن ذلىِ أيلن أربيثد ليهر ذملن تذليقاَذئ نييلفذسىِ إذلن أيتدبَذرع إذلد يماَ يريلوحْىِ إذليدي‬.
Hartosna : Ucapkeun ! teu aya hak pikeun kami ngarobah kana
Qur'antina kahayang kami, kami teu nuturkeun kecuali kana anu di
wahyukeun ka kami.

PERTANYAAN :
1. Ku naon urang Quresy daratang ka Rosul ?
2. Rek naraon maranehna daratang ka Rosul ?
3. Sebut ayat nu di turunkeun ku Alloh anu mangrupakeun jawaban
kana pamenta urang Quresy !
4. Tuluy naon deui pamenta urang Quresy ?
5. Kumaha jawaban ti Alloh ?

24. HIJRAH KA HABSYI ANU KA HIJI

1. Dina waktos Nabi ningali kana pilara-pilara anu keuna ka Sohabat


jeung pirang-pirang warna siksaan, maka Kangjeung Nabi
marentah ka para Sohabat supaya hijrah ka Habsyi.

Pondok Pesantren ~ 15 ~ Anshorul Huda


Sunda Khulashoh juz 1
2. Teras Sohabat hijrah anu seueurna sapuluh urang pameget, istri
limaan, tiantawisna Utsman bin Afan sareng istrina nyaeta
Rukoyyah binti Rosulillah SAW.
3. Teras dina saba'da tilu sasih marulih deui ku sabab penderitaan
ngumbara jeung saalit jumlahna.
4. Ieu hijrah terjadina dina taun kalmia tina kanabian.

PERTANYAAN :
1. Dina waktu kaayaan kumaha Nabi miwarang hijrah ka para
Sohabat ka Negara Habsyi ?
2. Sabaraha urang Sohabat nu hijrah ?
3. Iraha marulih deuina ?
4. Tahun sabaraha terjadina ?

25. ISLAMNA HAMZAH JEUNG UMAR

1. Dina taun kalmia tina kanabian lebet Islam dua lalaki ti gegeden
Quresy anu kamasyhur gagah jeung beranina.
2. Ari dua lalaki the nyaeta Sayyidina Hamzah/Paman Nabi sareng
Umar bin Khottob/Kholifah kadua.
3. Sayyidina Umar dina sateuacan islamna pangkacidana ngalawan
kana Islam oge pangkacidana tukang nyiksa kanu lebet Islam tuluy
Alloh ngamulyakeun kana Islam ku Islamna Umar sareng Hamzah.
4. Umat Islam waktu harita nyaeta opat puluh lalaki sabelas awewe.

PERTANYAAN :
1. Saha nu Islam dina taun kalmia ?
2. Kumaha kaayaan Umar dina sateuacan lebet Islam ?
3. Sabaraha urang bilangan Muslimin waktu harita ?

26. DIKEPUNGNA NABI JEUNG AHLI BETNA

1. Diwaktu urang Quresy nempo kana nyebarna agama Islam di


qobilah-qobilah, maranehannana ngarazam kana rek maehan ka
Kangjeng Nabi.

Pondok Pesantren ~ 16 ~ Anshorul Huda


Sunda Khulashoh juz 1
2. Terus urang Quresy ngepung ka Nabi jeung ka ahli betna di Syi'ib
(di Mekah) bari maranehna nyegah kana dahareun-dahareun, bari
sepakat kana moal narima perdamaian ti pihak Nabi kecuali
nyerahkeun Nabi pikeun di paehan.
3. Tuluy eta kesepakatan teh di tulis dina hiji lembaran anu di
gantungkeun dina Ka'bah.
4. Ieu kajadian teh terjadina dina taun ka tujuh tina kanabian.

PERTANYAAN :
1. Iraha urang Quresy ngazam kana rek maehan Nabi ?
2. Kumaha gerakan urang Quresy ?
3. Kumaha keputusan ti urang Quresy ?
4. Keputusan urang Quresy tuluyna di kumahakeun ?
5. Dina taun sabaraha terjadina eta kajadian ?

27. HIJRAH KA HABSYI NU KADUA

1. Saba'da Nabi sareng kaomna lebet dina Syi'ib maka marentahkeun


ka umat Islam supaya hijrah deui ka Habsyi.
2. Teras hijrah tujuh puluh tilu urang lalaki, sabelas urang istri,
tiantarana Ja'far bin Abi Tholib.
3. Teras dituturkeun ka Muslimin Yaman nyaeta Abu Musya Al
Asy'ari sareng putra-putra Pamanna.
4. Ieu hijrah the terjadi dina taun katujuh tina kanabian.

PERTANYAAN :
1. Kumaha parentah Nabi ka Sohabatna dina saba'da lebet na Syi'ib ?
2. Sabaraha urang nu hijrah ka Habsyi ?
3. Saha Muslimin nu nuturkeun ?
4. Taun sabaraha terjadina ieu hijrah anu kadua ?

28. ISLAMNA RAJA HABSYI

1. Saba'da urang Quresy arapaleun kana hijrahna Muslimin ka


Habsyi, maka maranehannana ngutus dua lalaki (Umar bin 'Ash

Pondok Pesantren ~ 17 ~ Anshorul Huda


Sunda Khulashoh juz 1
sareng Imaroh bin Walid) bari nyandak hadiah karena nyuprih ti
Raja Habsyi/Raja Najasyi supaya nolak ka Muslimin anu Hijrah.
2. Tapi raja Najasyi nolak kana pamenta ti urang Quresy saba'da Ja'far
bin Abi Tholib ngawartosan kana hakekatna.
3. Maka dua urang utusan Quresy baralik bari rarugi, sedengkeun
Raja Najasyi jeung pandri-pandri (qissiisin) jeung pendeta-pendeta
(ruhban) arasup Islam na waktu eta (tahun ka tujuh tina Kanabian).
4. Teras Alloh nurunkeun wahyu ayat :
‫ك بذأيدن ذم لنيرهلم‬
‫صاَيرىَ يذالذ ي‬ ‫ذ‬ ‫ذذ‬ ‫ذ‬
‫يوليتيجيددن أيقلييربييرهلم يميوددة للدذيلين يآيمنريلوا ايلدذيلين يقاَلرلوا إذدناَ ني ي‬
َ.‫سليذسليين يوررلهيبَاَيناَ يوأينديرهلم لي ييلستيلكبَذررلوين‬
‫قذ ث‬
Hartosna : Jeung anjeun bakal manggihan ka pangdeketna jalma
mikacintana ka jalma-jalma nu ariman, nyaeta anu nyebutkeun
"kami teh urang Nashroni", ari ieu teh eta karana saenyana
diantara maranehannana aya qissiisin jeung pendeta-pendeta, bari
saenyana maranehannana eta teu talakabur.
5. Teras Raja Najasyi maot, teras Nabi solat janazah ghoib ka Raja
Najasyi dina saba'da di wartosan ku Malaikat Jibril, sarta ieu
neteupan ghoibna Kangjeng Nabi teh mangrupakeun anu
pangheulana.

PERTANYAAN :
1. Kumaha tindakkan jeung gerak urang Quresy dina saba'da apaleun
yen Muslimin hijrah ka Habsyi ?
2. Kumaha sikap Raja Najasyi terhadap urang Quresy ?
3. Iraha Islamna Raja Najasyi ?
4. Ayat naon nu di turunkeun dina waktu harita ?
5. Naon nu di pidamel ku Nabi dina saba'da terangeun yen Raja
Najasyi teh maot ?

29. KALUARNA NABI TINA KEPUNGAN

1. Dina tahun ka sapuluh tina kanabian lima urang terkemuka urang


Quresy sepakat, tuluy ngaruag kana surat perjanjian.

Pondok Pesantren ~ 18 ~ Anshorul Huda


Sunda Khulashoh juz 1
2. Teras Kangjeng Nabi sareung anu nyareungannana kaluar tina
kepungan dina saba'da cicing dina Syi'ib anu lamina hampir tilu
tahun.
3. Teu aya dahareun nu tepi ka Kangjeng Nabi kecuali bari
susulumputan, sehingga marantenna nuang kana daun kai.
4. Rosul nyarioskeun yen rinyuh geus ngadalaharan kana lembaran
perjanjian, tuluy dina waktos urang Quresy nurunkeun kana surat
perjanjian pikeun di pepejet maka eta lembaran teh kapendak
sakumaha nu di wartoskeun ku Nabi.

PERTANYAAN :
1. Iraha di ruagna surat perjanjian ?
2. Sabaraha lamina Nabi di kepung ?
3. Naon anu diwartoskeun ku Nabi dina sateuacan kaluar tina
kepungan ?

30. KALUARNA NABI TINA KEPUNGAN

1. Dina taun kasapuluh utusan ti Nashroni Najron datang ka Kangjeng


Nabi.
2. Tepina wartos kaayaan Nabi tepi ka Nabi maranehannana the ti anu
halijrah ka Habsyi, jumlah maranehannana dua puluh urang lalaki.
3. Teras Rosul ka maranehannana ngaoskeun kana ayat Al-Qur'an,
teras maranehna ariman.
4. Teras Abu Jahal ngancam kana Islam maranehna maka aranjeunna
ngawaler : pikeun maneh anu di cekeul ku maneh, pikeun kami anu
di pilih ku kami.
5. Najron teh hiji tempat anu aya antara Mekah sareung Yaman.

PERTANYAAN :
1. Iraha datangna utusan Nashroni Najron ?
2. Saha anu ngabejaan ka maranehna masalah kaayaan Nabi ?
3. Sabaraha urang jumlahna ?
4. Saha anu ngancam kana Islam maranehna ?
5. Kumaha jawabna ?
6. Dimana ari Najron teh ?

Pondok Pesantren ~ 19 ~ Anshorul Huda


Sunda Khulashoh juz 1

31. WAFATNA SITI KHODIJAH JEUNG


NIKAHNA KA SITI SAODAH JEUNG AISYAH

1. Dina tahun sapuluh tina kanabian Siti Khodijah wafat, maka Rosul
prihatin kalawan prihatin anu enyaan, sabab Siti Khodijah teh
mikacinta ka Rosul sareung anu ngajaga pilara ti urang Quresy.
2. Teras saba'da eta Rosul nikah ka Siti Saodah dina saba'da pupus
carogena anjeun iman ka Alloh sareung utusan Alloh, berbeda
sareung karabatna.
3. Teras saba'da sasasih Nabi ngakadan ka Siti Aisyah binti Abu Bakar
Asyiddiq anu neume yuswa tujuh taun.
4. Sareung Nabi teu pernah ka parawan kecuali ka Siti Aisyah sareung
ngaduhulna mah di Madinah.

PERTANYAAN :
1. Iraha wafatna Siti Khodijah ?
2. Iraha Nabi nikah ka Siti Saodah sareung ka Siti Aisyah ?
3. Dimana Nabi ngaduhulna ka Siti Aisyah ?
4. Naha Nabi kantos deui nikah ka parawan salianti ka Siti Aisyah ?

32. WAFATNA PAMAN NABI

1. Saba'da sasasih tina wafatna Siti Khodijah teras pupus Pamanna


(Abu Tholib), maka Nabi prihatin.
2. Eta taun di ngaranan taun prihatin ('Amul Hazni) sabab dina eta
tahun pupus isteri Nabi sareung Pamanna.
3. Paman Nabi (Abu Tholib) nekadkeun kana benerna nu dibawa ku
Rosul ngan teu ngucapkeun kalimat Syahadat dugika maotna, sabab
sieun tina panyacad jeung pangwiwirang ti urang Quresy.
4. Dina eta kaayaan di turunkeun ayat :
‫ت يولذكدن الي يييلهذدلي يملن يي ي‬
‫شآَءر‬ ‫ك ليتييلهذدلي يملن أيلحْبَيلبَ ي‬
‫إذند ي‬

Pondok Pesantren ~ 20 ~ Anshorul Huda


Sunda Khulashoh juz 1
HARTOSNA : Saenyana anjeun eta moal bias mere hidayah kanu
di pikacinta ku anjeunna tapi Alloh bakal mere hidayah kanu di
kersakeun ku anjeunna.
Maka urang sadaya ngadu'a ka Alloh kana mudah-mudahan di
entengkeun siksaanna ti Paman Nabi sareung karabatna nu sanesna.

PERTANYAAN :
1. Iraha wafatna Paman Nabi (Abu Tholib) ?
2. Eta taun di sebut taun naon ?
3. Naon sababna Paman Nabi (Abi Tholib) teu ngucapkeun dua
kalimah Syahadat ?

33. MILARAANNA URANG QURESY KA ROSUL

1. Saba'da isteri Nabi sareng Pamanna pupus maka urang Quresy


mimiti milaraan ka Rosul.
2. Maranehna ngawur-ngawur taneuh ka Nabi jeung narendeun
kotoran-kotoran hayawan ka Nabi dina keur Solat.
3. Sewaktu-waktu maranehna ngagantungan Nabi bari ngaromong
"Anjeun teh anu ngamaksud rek ngajadikeun pangeran kana
pangeran anu hiji".
4. Teras sumping Abu Bakar bari ngabersihkeun/ngalesotkeun Nabi
tina gangguan urang Quresy bari sasauran ka urang Quresy "Naha
maraneh kabeh rek maehan lalaki anu nyebutkeun pangeran the
Alloh ?".

PERTANYAAN :
1. Kumaha tindakan urang Quresy dina saba'da pupus isteri sareung
Paman Nabi ?
2. Kunaon bae maranehannana milaraan ka Rosul ?
3. Naon nu di obrolkeun ku maranehna dina waktu ngagantungan
kana Nabi ?
4. Saha anu ngalesotkeun Nabi tina gangguan urang Quresy ?

Pondok Pesantren ~ 21 ~ Anshorul Huda


Sunda Khulashoh juz 1
34. HIJRAH NABI KA THOIF

1. Dina waktos Nabi ningali kana penghinaan ti urang Quresy maka


dina taun ka sapuluh tina ka-Nabian Anjeuna sareng Zaed bin
Haritsah hijrah ka Nagara Thoif.
2. Nabi menuju ka kaom Tsaqif sareng menta pertolongan ti
maranehna pikeun ngalawan ka kaomna.
3. Teras maranehana nolak ka nabi kalawan tolakan anu goreng bari
mararentah kanu bararodo jeung ka abid-abid supaya nyararekeun
ka Nabi jeung nalenggoran ku batu-batu sehingga tina urat-urat dua
sampean Nabi ngocor getih.
4. Zaed bin Haritsah ngahadang batu batu anu keuna ka Nabi dugika
seueur tatu dina mastakana.
5. Teras dina saba'da Nabi teu kenging kahadean ti kaum Tsaqif maka
anjeunana mulih deui ka Mekkah dina saba'da linggih kenging
sasasih.

PERTANYAAN :
1. Iraha Nabi hijrah ka Thoif ?
2. Sareng saha Nabi hijrah ka Thoif ?
3. Kamana tujuan Nabi ?
4. Kumaha sambutan kaum Tsaqif terhadap Nabi ?
5. Saha anu ngahadang batu batu ti kaum Tsaqif nu keuna ka Nabi ?
6. Sabaraha lamina Nabi aya di Thoif ?

35. ISRO MI'RAJ NABI SAW.

1. Dina taun ka sabelas tina ka Nabian, Alloh ngamulyakeun ka Nabi


ku Isro sareng Mi'raj.
2. Ngaran Isro nyaeta : Menujuna Nabi ti peuting ti Masjidil Harom
ka Masjidil Aqsho.
3. Ngaran Mi'raj nyaeta : Naekna Nabi ka alam anu luhur, sareng dina
eta Mi'raj di fardlukeunna Sholat anu lima waktu.
4. Dina subuh petingna Isro Jibril ngawurukan ka Nabi kana Sholat
jeung kana waktu waktuna.

Pondok Pesantren ~ 22 ~ Anshorul Huda


Sunda Khulashoh juz 1
PERTANYAAN :
1. Iraha Alloh ngamulyakeun ka Nabi ku Isro sareng Mi'raj ?
2. Naon ngaran Isro ?
3. Naon ngaran Mi'raj ?
4. Naon anu di fardlukeun dina Mi'raj ?
5. Naon anu di wurukeun ku Jibril ka Nabi dina subuh petingan Isro ?

36. NGAJAK QOBILAH QOBILAH KANA AGAMA.

1. Rosul salami sapuluh taun ngajak urang Quresy kana Agama ku


jalan leuleuy jeung licin.
2. Saba'da Rosul ningali kana bangetna panyacad urang Quresy jeung
panas hatena ka Nabi jeung nyegahna kana nyebarkeun Agama,
maka dina taun ka sabelas Nabi mulai da'wah Qobilah qobilah di
pasar pasar.
3. Nabi ngajak maranehna kana Agama, di antarana aya anu nolak
secara kasar, aya anu nolak secara halus.
4. Pang kasar-kasarna nolakna nyaeta Qobilah Bani Haniifah
( golongan Musaelamah Al-Kadzdzab ).

PERTANYAAN :
1. Sabaraha taun Nabi da'wah ka urang Quresy secara leumbut jeung
licin ?
2. Taun ka sabaraha Nabi da'wah ka Qobilah qobilah ?
3. Kana naon ngajakna Nabi ka maranehna ?
4. Kumaha sikap maranehna terhadap da'wah ti Nabi ?

37. MIMITINA ISLAM ANSHOR.

1. Dina taun ka sabelas daratang ka Mekkah genep golongan ti Arab


Yatsrib ( Qobilah Khozroj ) pikeun Ibadah haji.
2. Teras Nabi ka urang Tatsrib ngajak kana Islam jeung kana nulungan
anjeun dina neupikeun risalah ti pangeran.
3. Tuluy eta urang Yatsrib ariman jeung ngabenerkeun ka Nabi, bari
nyarios " Demi Alloh saenyana ieu the Nabi anu yahudi yahudi

Pondok Pesantren ~ 23 ~ Anshorul Huda


Sunda Khulashoh juz 1
geus ngajanjikeun ka urang sararea, maka ulah rek maranehna
mariheulaan ka urang sararea kana Iman ka anjeuna.
4. Saba'da eta urang Yatsrib marulih ka Negarana teras nyararioskeun
ka kaum kaumna kana cariosan Rosul bari ngajak maranehanana
kana Islam, maka carios Rosul nyebar di kota kota / daerah daerah,
tah ieu the mimitina Islamna urang Arab Yatsrib.

PERTANYAAN :
1. Saha anu daratang dina taun ka sabelas tina ka Nabian ?
2. Naon anu di carioskeun ku Rosul ka urang Yatsrib ?
3. Urang Yatsrib saba'da dicarioskeun ku Rosul ariman tawa henteu ?
4. Naon anu di pidamel ku urang Yatsrib dina saba'da marulih ka
lembur lemburna ?

38. BE'AT AQOBAH ANU KAHIJI.

1. Dina taun ka dua belas tina ka Nabian daratang dua belas lalaki ti
Arab Madinah.
2. Teras eta lalaki the karumpul sareng Rosul dina 'Aqobah anu kahiji
teras bare'at kana Islam kalayan sababaraha syarat :
3. Kana moal ngamusyrikeun ka Alloh kana naon naon kana moal
maling, moal zinah, moal maehan anak anak, moal barohong anu di
aya ayakeun, moal maksiat dina kahadean, lamun nyumponan
maka surga bagiannana, lamun ngalaksanakeun kana saperkara tina
anu di janjikeun kana moalna maka urusanana terserah ka Alloh,
mun ngersakeun Alloh ngampuran mun ngersakeun Alloh nyiksa.
4. Saba'da eta lalaki the marulih maka Rosul ngutus jalam nu rek
ngawurukkan kana Islam jeung mapatahan dina Agama, maka
Islam nyebar ku sabab eta lalaki sahingga teu aya bumi di Madinah
kecuali di pake nyaritakeun Islam.

PERTANYAAN :
1. Saha anu sumping ka Nabi dina taun ka dua belas ka Nabian ?
2. Kana naon bae be'atna eta nu sarumping ka Rosul the ?
3. Naon nu di pidamel ku Rosul dina saba'da eta lalaki teh marulih ?

Pondok Pesantren ~ 24 ~ Anshorul Huda


Sunda Khulashoh juz 1
39. BE'AT AQOBAH ANU KA DUA.

1. Dina taun ka tilu belas tina ka Nabian maka sarumping ka Rosul


tujuh puluh tilu pameget sareng dua istri ti urang Arab Madinah.
2. Teras bare'at ka Rosul dina 'Aqobah anu ka dua, kana rek Ibadah ka
Alloh, moal ngamusyrikeun ka Alloh kana naon naon, moal nyegah
ka Rosul dimana Hijrah ka maranehanana.
3. Teras maranehanana misahkeun dua belas ketua ti maranehanana,
maka teras Rosul ngadawuh " Maraneh jadi wakil pikeun kaum
maraneh kabeh kana perkara anu aya di maranehanana, nu
nanggung jawab saperti nanggung jawabna Hawariyyin ka Nabi Isa
bin Maryam, ari kami eta anu nanggung jawab ka kaum kami.
4. Teras maranehanana marulih deui ka Madinah, maka Islam nyebar
di Madinah kalayan leuwih pesat tinimbang anu ti payun.

PERTANYAAN :
1. Saha anu sarumping ka Rosul dina taun ka tilu belas ?
2. Terus maridamel naon dina saba'da be'at ?
3. Kumaha kasauran Rosul ka para pimpinan ?
4. Kumaha perkeumbangan Islam dina saba'da eta ?

40. HIJRAHNA MUSLIMIN KA MADINAH.

1. Saba'da urang Quresy arapaleun kana nyebarna Islam di Madinah,


maka beuki kacida milaraanana ka para sohabat.
2. Teras Nabi miwarang ka para sohabat supaya Hijrah ka Madinah,
sareng ngiring ka dulurna ( Anshor ).
3. Para sohabat kalaluar ti Mekkah bari susurumputan, karana sieun di
cegah ku urang Quresy tina Hijrah.
4. Abu Bakar maksad bade ngiring Hijrah tapi ku Rosul di wagel,
maka linggih di Mekkah sareng Rosul.

Pondok Pesantren ~ 25 ~ Anshorul Huda


Sunda Khulashoh juz 1
PERTANYAAN :
1. Kumaha tindakan urang Quresy dina saba'da arapaleun kana
Islamna Ansor ?
2. Kumaha parentah Nabi ka sohabat ?
3. Abu Bakar Hijrah sareng sohabat henteu ?

41. SEPAKATNA URANG QURESY KANA


NGABUNUH KA ROSULULLOH SAW.

1. Dina waktos urang Quresy narempo kana saestuna Rosul the


ngagaduhan pirang pirang sohabat sareng Anshor anu ngabantu ka
Nabi jeung nyalebarkeun kana da'wah Nabi, maka maranehna
ngamaksud kana maehan Nabi.
2. Urang Quresy sepakat kana rek nyokot hiji pamuda ti saban
golongan, tuluy karumpul di payunen bumi Nabi terus dimana Nabi
kaluar narenggel ka Nabi sakali ewang.
3. Supaya getih Nabi ka bagi bagi, di antara Qobilah qobilah dugika
karabat anjeuna teu tiasa merangan sadaya golongan Arab.
4. Tapi Alloh masihan terang ka Nabi kana naon anu di sepakatan ku
urang Quresy sareng marentah ka Nabi kana supaya Hijrah ka
Madinah.

PERTANYAAN :
1. Iraha urang Quresy nyieun kaputusan pikeun maehan Rosul ?
2. Naon keputusan maranehannana ?
3. Naon tujuan maranehna nyieun kaputusan kitu ?
4. Kumaha parentah Alloh ka Nabi waktos eta ?

HIJRAHNA ROSULULLOH SAW.


KA MADINAH ( YATSRIB )

1. Rosululloh SAW. Angkat ka Abu Bakar bari ngawartoskeun kana


parentah ti Alloh ka Rosul, terus Abu Bakar nyuhunkeun ka Rosul
kana bade nyarengan, Nabi ngawaler "sumuhun".

Pondok Pesantren ~ 26 ~ Anshorul Huda


Sunda Khulashoh juz 1
2. Teras Nabi sareng Abu Bakar nyiapkeun kana dua kendaraan
pikeun perjalanannana, bari teras di pasrahkeun ka petunjuk jalan
anu geus masyhur.
3. Teras Nabi sareung Abu Bakar marentah ka eta petunjuk jalan kana
supaya ngadatangan ka Nabi dina saba'da tilu poe ka Gua Tsur.
4. Dina wengina Rosul bade kaluar ti bumina, para pemuda Quresy
ngurilingan bumina, bari Rosululloh aya di lebet.
5. Teras dina waktos sumping waktos kaluar, Rosul marentahkeun ka
putera Pamanna (Sayyidina Ali) kana supaya kulem dina tempat
kulem anjeunna, supaya urang Quresy henteu mang-mang kana
ayana Nabi di bumina, bari Anjeunna marentah ka Sayyidina Ali
kana supaya ngabalikkeun amanat-amanat manusa ka anu
ngahaqna.
6. Teras Nabi kaluar ngaliwatan musuh-musuhna, teras Alloh
nyimpen sare di maranehannana (sarare) bari saurang oge teu aya
nu ningalikeun ka Nabi, teras anjeunna pendak sareung Abu Bakar,
sareung arangkat hingga dugi ka Gua Tsur bari nyumput di eta
Guha.

PERTANYAAN :
1. Kamana nujuna Nabi dina saba'da di parentah hijrah ?
2. Teras Nabi dina saba'da eta kumaha ?
3. Naon nu terjadi dina petingan Rosul bade kaluar ?
4. Naon parentah Nabi ka Sayyidina Ali ?
5. Dimana nyumputna Nabi ?

43. URANG QURESY MERANGAN NABI

1. Saba'dana urang Quresy saladar dina eta peuting bari teu


maranggihan ka Nabi di bumina tapi nu aya ngan putra Pamanna
(Sayyidina Ali) maka maranehna ambek.
2. Terus maranehna ngutus para pemudana bari marawa pedang jeung
tongkat pikeun nalungtik Rosul dina saban jurusan.
3. Maranehannana ngayakeun hadiah saratus onta pikeun jalma anu
meunangkeun nabi atawa nuduhkeun dimana ayana Nabi.

Pondok Pesantren ~ 27 ~ Anshorul Huda


Sunda Khulashoh juz 1
4. Maranehannana mariksa nepika di Guha sakira lamun salahsahiji
maranehannana nempo didinya da bakal nempo ka Rosul jeung anu
ngabarengannana.
5. Abu Bakar ningali ka urang Quresy terus nangis tapi Rosul teras
ngadawuh "ulah rempan anjeun saenyana Alloh eta sarta urang
sarerea", tuluy Alloh ngalolongkeun kana mata-matana musyrikin,
tuluy baralik kalayan rugi.

PERTANYAAN :
1. Naon pagawean Quresy dina isuk-isukna ?
2. Naon maksud maranehna ngutus pamuda ?
3. Naon pangbibitana pikeun jalma nu mendakkan Nabi ?
4. Nepika mana maranehannana ngayakeun penyelidikan ?
5. Naon nu di dawuhkeun ku Rosul dina waktos Abu Bakar nangis ?

44. KALUARNA NABI TINA GUHA

1. Saba'dana tos beres tina nu nalungtik ka Rosul, maka Rosul kaluar


sareung Abu Bakar, bari cicingna di Guha teh salami tilu wengi.
2. Abdulloh bin Abu Bakar sumping ka Abu Bakar jeung Rosul dina
waktu sore bari ngawartoskeun kana wartos kaayaan urang Quresy.
3. Siti Asma sok nyumpingan ka Nabi sareung Abu Bakar bari
susulumputan sabab sieun ku urang Quresy.
4. Di waktos anu nudukeun sumping bari nyandak dua tutumpakan
dina enjing-enjing poe katilu, maka Nabi sareung Abu Bakar
tumpak kana eta tutumpakan bari teras angkat menuju ka Madinah.
5. Suroqoh nuturkeun ka Nabi bari ngamaksud rek maehan ka Nabi,
tapi teras lumpuh.

PERTANYAAN :
1. Sabaraha wengi Nabi aya di Guha Tsur ?
2. Saha nu tukang nyandak berita urang Quresy ?
3. Saha nu sok nyandakan tuangeun ?
4. Iraha Nabi angkat ka madinah ?
5. Saha nu nuturkeun Nabi jeung rek naon ?

Pondok Pesantren ~ 28 ~ Anshorul Huda


Sunda Khulashoh juz 1

45. LIRENNA NABI DI QUBA

1. Nabi dugi ka Quba dina poe kadua bulan Robiul Awwal kaleresan
tanggal 30 September 622 M.
2. Saba'da Nabi linggih di Mekkah salami 13 taun bari kaayaan
sempit sareung dilarang tina terang-terangan dina da'wah.
3. Nabi linggih di Quba salami 22 wengi sasarengan sareung Sohabat
Muhajirin sareung Anshor kalayan kaayaan aman tentram.
4. Nabi dina eta waktos ngadegkeun Masjid Quba anu di sifatan ku
Alloh "ari Masjid eta di cawiskeun pikeun taqwa".

PERTANYAAN :
1. Iraha Rosul dugi ka Quba ?
2. Sabaraha taun Nabi di Mekah ?
3. Sabaraha wengi Nabi di Quba ?
4. Naon nu di bangun ku Nabi di Quba ?

46. DUGINA KA MADINAH

1. Di waktu Rosul kaluar ti Quba nuju ka Madinah, Anjeunna di


lingkung ku Sohabat Anshor bari nyaroren pedang bari ngarasa
barungah.
2. Di perjalanan Anjeunna kasampeur waktu jum'ah, teras Anjeunna
netepan jeung nu nyarengannana ti rengrengan Muslimin, ieu
jum'ah teh mangrupakeun nu pangheulana jeung Khutbahna ge
mangrupakeun mimiti khutbah dina Islam.
3. Ahli Madinah kaluar pikeun mendakkan Nabi, diantarana para istri,
barudak sareung amat-amat bari ngaralagu :
‫ت ا ليويداذع‬ ‫ذمن ثَّينذدياَ ذ‬ َ‫طيلييع ا لبَيلدرر يعليلييينا‬.
‫ل‬
‫يماَيديعاَ لذلذه يدابع‬ َ‫شلكرر يع يللييينا‬ ‫ب ال ي‬ ‫يويج ي‬.
‫ت بذاَ الليلمذر ا لرميطاَبع‬‫ذجلئ ي‬ َ‫ث ذ لفييينا‬ ‫أيييريهاَ ا ل ي ل‬.
‫مبَيعرلو ر‬

Pondok Pesantren ~ 29 ~ Anshorul Huda


Sunda Khulashoh juz 1
Bulan purnama tos bijil ka urang sarerea
Ti kampung Tsaniyyatil Wada'
Syukuran wajib ka urang sarerea
Salagi ngadu'a ka Alloh nu ngadu'a
Hei utusan di jero lingkungan urang sarerea
Bari salira sumping nyandak parentah.

PERTANYAAN :
1. Saha nu marendakkeun ka Rosul di waktu kaluar ti Quba ?
2. Solat naon nu kalakonan ku Rosul di jalan ?
3. Kumaha kecapna syi'iran nu di lagukeun ku barudak ?

47. LEBETNA NABI DI MADINAH

1. Di waktos Nabi lebet ka Madinah, Anjeunna teu ngalangkung


kahiji bumi tina pirang-pirang bumi kecuali eta urang Anshor
nyarungkeun Nabi supados linggih di bumi-bumina.
2. Teras Nabi linggih di bumina Abu Ayyub Al-Anshori palih handap
supados gampil kanu bade ziarah ka Anjeunna.
3. Urang Anshor marikacinta ka Muhajirin bari urang Anshor
ngaistimewakeun Muhajirin tinimbang diri-dirina, nepika
parebutan dina masalah ngalinggihkeun Muhajirin, nya akhirna
mah di lotre, Muhajirin teu lalinggih kecuali numutkeun hasil
lotrean.
4. Teras Rosul ngajadikeun para Sohabat duduluran kalayan
duduluran Islam, manah-manahna lalesu jeung saperti bangunan
anu sahiji.

PERTANYAAN :
1. Kumaha kaayaan Nabi dina waktos lebet ka Madinah ?
2. Di saha Nabi linggih ?
3. Kumaha sikap urang Anshor ka Muhajirin ?
4. Kumaha padamelan Nabi di antara para Sohabat ?

Pondok Pesantren ~ 30 ~ Anshorul Huda


Sunda Khulashoh juz 1

48. HIJRAHNA KELUARGA NABI

1. Saba'da Nabi linggih di Madinah maka Anjeunna ngutus utusan


pikeun milarian keluargana anu kakantun, maka teras kaluar
Abdulloh bin Abu Bakar sareung eta utusan.
2. Urang Quresy Mekah ngaharalangan ka sawarehna anu lalemah
tina angkat-angkatan, bari nyariksa ka eta anu lalemah kalawan anu
pohara nyerina.
3. Maka terus Rosul ngadu'a pikeun eta anu lalemah dina witir Isya
sareng dina Subuh saba'da Ruku' sareng samemeh Ruku', ieu teh
mangrupakeun asalna Qunut.
4. Muhajirin seueur anu kakeunaan panyakit panas (demam), teras
Nabi ngadu'a ka Alloh kana supados ngalihkeun eta panyakit, teras
Alloh ngaijabah kana du'ana Kangjeung Nabi.

PERTANYAAN :
1. Naon nu di pidamel ku Rosul dina saba'da linggih di Madinah ?
2. Kumaha sikap musyrikin Mekah ka Muslimin ?
3. Dina solat naon Rosul ngadu'a ( Qunut ) ?
4. Naon anu keuna ka Muhajirin ?

‫الحمد لله رب العالمين‬

Pondok Pesantren ~ 31 ~ Anshorul Huda

Anda mungkin juga menyukai