Anda di halaman 1dari 4

1.

Gusti urang sadayana


Kanjeng nabi anu mulya
Muhamad jeninganana
Arab kures nyabangsana

Ramana gusti Abdullah


Ibuna Siti Aminah
Di babar keunna di mekah
Wengi senen taun gajah

Rabiul awal bulanna


Tanggal ka dua belasna
April bulan masehi
Tanggal ka dua puluhna

Ari bilangan taunna


Lima ratus cariosna
Tujuh puluh panambahna
Sareng sahiji punjulna

Siti aminah misaur


Waktos babarna ka catur
Ninggal caang mani ngempur
Di bumina hurung mancur

Babar taya kokotoran


Orok lir kenging nyepitan
Soca lir kenging nyipatan
Sarta harum sesengitan
2. Medal nabi akhitr jaman
Pirang pirang kaanekaan
Sesembahaan bangsa setan
Kabeh pada keruk sakan

Nabi yuswa lima bulan


Geus tiasa angkat angkatan
Yuswana salapan bulan
Geus capetang sasauran

Yuswana sapuluh bulan


Tiasa ameng papanahan
Ngelehkeun budak nu lian
Tapi taya kasombongan

Parangina kanjeng nabi


Jatnika pinuh kupuji
Pinter tir gede kawani
Sobar nyaah ka sasami

Keur opat tahun yuswana


Di bersihan manahna
Nabi di Beulah dadana
Malaikat nu melahna

Jibril kadua rencangna


Mikail jeunengan nana
Ngeusikeun kanu manahna
Ilmu hikmah sapinuhna
3. Tuluy dada kanjeung Nabi
Gancang di rapetkeun deui
Sarta teu ngaraos nyeri
Kalayan pitulung gusti

Harita nabi ayana


Di lembur ibu inangna
Halimah jenengannana
Sadiah ngaran lemburna

Rama nabi ka caturkeun


Pupusna kacarioskeun
Basa nabi di boborkeun
Dua sasih ka unggulkeun

Keur lima tahun yuswana


Dikantun pupus ibuna
Tuluy di rawat eyangna
Abdul mutolib namina

Kersana robbulalamin
Kanjeung nabi nu prihatin
Yuswa dalapan taun yatim
Eyangna pupus ngantunkeun

Sabada wafat eyangna


Nabi di rawat uwa na
Abi tholib kakasihna
Saderek teges ramana
4. Kanjeung nabi sering pisan
Di candak ka nagara syam
Sok nyandak barang dagangan
Didinya the pajeung pisan

Kacatur di eta nagri


Seueur pandeta yahudi
Sarta pandeta nasroni
Nu tepang jeung kanjeung nabi

Sadayana sasauran
Ieu jalma moal nyalahan
Pinabieun akhir jaman
Taurot injil geus ngibaran

Sifat nabi pangang geusan


Aya di anjeunna pisan
Harita loba nu iman
Kanabi nyangkeun panutan

Lami lami kanjeung nabi


Disambat ku hiji istri
Dagang ka unggal negri
Ka untungan na di bagi

Isteri jenengan khodijah


Putra huwailid katelah
Nu pang bengharna di mekah
Ka nabi ka langkung nyaah

Anda mungkin juga menyukai