Anda di halaman 1dari 2

Kisah Nabi

Gusti urang sadayana Nabi yuswa lima bulan


Kanjeng nabi anu mulya Tos tiasa angkat nyaan
Muhammad jenenganana Yuswana salapan bulan
Arab Quraisyna bangsana Tos capetang sasauran
Ramana Sayyid Abdulloh Yuswana sapuluh bulan
Ibuna Siti Aminah Tiasa ameng papanahan
Dibabarkeuna di Mekah Tiasa ameng papanahan
Wengi senen tahun gajah Tapi tara kumagungan
Robi’ul awal bulana Parangina kanjeng nabi
Tanggal ka dua belasna Jatnika pinuh ku puji
April bulan masehina Pinter tur ageung kawani
Tanggal ka dua puluhna Sarta nyaah kasasami
Ari bilangan tahuna Keur opat tahun yuswana
Lima ratus cariosna Dibeureusihan manahna
Tujuh puluh panambahna Nabi di Beulah dadana
Sareng sahiji punjulna Malaikat nu meulahna
Siti Aminah misaur Jibril kadua rencangna
Waktos babarna kacatur Mikail jenenganana
Ningal cahya meni ngempur Ngeusikeun kana manahna
Dibumina hurung mancur Elmu hikmah sapinuhna
Babar taya kokotoran Tuluy dada kanjeng nabi
Orok tos kenging nyepitan Gancang di rapetkeun deui
Soca lir kenging nyipatan Sarta teu ngaraos nyeuri
Sarta harum seuseungitan Dicap ku khotamin nabi
Wedal nabi akhir zaman Harita nabi ayana
Pirang pirang kaanehan Dilembur ibu inangna
Sesembahan bangsa syetan Halimah jenenganana
Kabeh pada karuksakan Sa’diyah ngaran lemburna
Rama nabi kacaturkeun
Pupusna kacarioskeun
Basa nabi dibobotkeun
Dua sasih kaunggulkeun
Keur lima tahun yuswana
Ditinggal pupus ibuna
Tuluy dirawat eyangna
Abdul Mutholib asmana
Kersana robbul ‘alamin
Kanjeng nabi nu prihatin
Yuswa dalapan taun yakin
Eyangna mulih ka batin
Saba’da wafat eyangna
Nabi di rawat Uwana
Abi Tholib kakasihna
Saderek teges ramana
Kanjeung Nabi sering pisan
Dicandak ka negeri Syam
Sok nyandak barang dagangan
Didinya teh pajeng pisan

Anda mungkin juga menyukai