Anda di halaman 1dari 4

NADZOM SEJARAH

1. Gusti urang sarerea # Kanjeng nabi anu mulya


2. Muhammad jenenganana # Arab quraisy nya bangsana
3. Ramana gusti abdullah # Ibuna siti aminah
4. Dibabarkena di mekah # Wengi senen taun gajah
5. Robiul awal bulana # Tanggal ka 12 na
6. April bulan masehina # Tanggal ka 20 na
7. Ari bilangan taun na # Lima ratus cariosna
8. Tujuh puluh panambahna # Sareng sahiji punjulna
9. Siti aminah misaur # Waktos babarna kacatur
10. Ningal cahya meni ngempur # Di bumina hurung mancur
11. Babartaya kokotoran # Orok lir kenging nyepitan
12. Soca lir kenging nyipatan # Sarta harum seuseungitan
13. Medal nabi akhir zaman # Pirang – pirang kaanehan
14. Sesembahan bangsa syetan # Kabeh pada karuksakan
15. Nabi yuswa lima bulan # Tos tiasa angkat angkatan
16. Yuswana salapan bulan # Tos capetang sasauran
17. Yuswana sapulu bulan # Tiasa ameng papanahan
18. Ngelehken budak nu lian # Tapi tara kumagungan
19. Parangina kanjaeng nabi # Jatnika pinuh ku puji
20. Pinter tur gede kawani # Sabar nyaah kasasami
21. Keur opat taun yuswana # Diberesihan manahna
22. Nabi di beulah dadana # Malaikat nu meulahna
23. Jibril kadua rencangna # Mikail jenenganana
24. Ngesiken kana manahna # Elmu hikmah sapinuhna
25. Tuluy dada kanjeng nabi # Gancang dirapetkeun deui
26. Sarta teu ngaraos nyeri # Di cap ku khotamin nabi
27. Harita nabi ayana # Di lembur ibu inangna
28. Halimah jenenganana # Sa’diah ngaran lemburna
29. Rama nabi kacaturkeun # Pupusna kacarioskeun
30. Basa nabi di bobotkeun # Dua sasih kaunggelkeun
31. Keur lima taun yuswana # Di tinggal pupus ibuna
32. Tuluy di rawat eyangna # Abdul mutholib asmana
33. Kersana robbul’alamin # Kanjeng nabi nu priatin
34. Yuswana 8 taun yakin # Eyangna mulih ka batin
35. Sabada wafat eyangna # Nabi di rawat uwana
36. Abi tholib kakasihna # Saderek teges ramana
37. Kanjeng nabi sering pisan # Di candak ka negara syam
38. Soknyandakbarangdagangan # Di dinya teh pajeng pisan
39. Ka catur di eta negri # Loba pendeta yahudi
40. Sarta pendeta nasroni # Nutepang jeng kanjeng nabi
41. Sadayana sasauran # Ieu jalma moal nyalahan
42. Pinabieun akhir zaman # Taurot injil geus ngibaran
43. Sifat nabi pangaggesan # Aya di anjena pisan
44. Harita loba nu iman # Ka nabi ngangken panutan
45. Lami lami kanjeng nabi # Di sambat ku hiji istri
46. Dagang ka unggal negeri # Kauntungana di bagi
47. Istri jenengan khodijah # Putra khuwailid katelah
48. Nu pangbengarna di mekah # Ka nabi ka langkung nyaah
49. Siti khodijah masrahan # Ka nabi barang dagangan
50. Maesaroh nu ngarencangan # Ka nabi purah nyarengan
51. Kacarios maesaroh teh # Loba pamendak nu aneh
52. Cicirieun nabi nu soleh # Matak ngaheranken kabeh
53. Tatangkalan uluk salam # Mega bodas sok mayungan
54. Jeng aya cap kanabian # Dina salira na pisan
55. Pamendak siti khodijah # Cocok pisan jeng maesaroh
56. Akhirna siti khodijah # Ka nabi mundut di tikah
57. Harita yuswana nabi # Salawe taun kawarti
58. Ngadak-ngadak sugih mukti # Tapi tambah sae ati
59. Ka resepna kanjeng nabi # Ka gusti Allah ngabakti
60. Di gunung hiro maranti # Ibadahna saban wengi
61. Didinya jol kasumpingan # Jibril nu nurunkeun qur’an
62. Kalawan dawuh pangeran # Nabi di damel utusan
63. Harita yuswana nabi # Pat puluh taun kawarti
64. Di utus ku Allah pasti # Nyebarkeun agama suci
65. Anu iman pangheulana # Siti khodijah garwana
66. Abu bakar kaduana # Sohabat nu pang mulyana
67. Murangkalih nu nonoman # Anu pangheulana iman
68. Sayyidina ali pisan # Ka nabi saderek misan
69. Jeng ari jalma beulian # Anu pangheulana iman
70. Sayyidina bilal kaleresan # Anu jadi tukang adzan
71. Ari lolobana pisan # Ka nabi teh ngamusuhan
72. Nganiaya ngajailan # Teu aya pisan ras rasan
73. Para sohabat kungsi ngalih # Ka negri habsyi nu teubih
74. Tidinya anjena linggih # Kira kenging tilu sasih
75. Samulih sohabat ti habsyi # Kacarios kanjeng nabi
76. Kenging pohara cocobi # Keursana nu maha suci
77. Uwana sareng garwana # Pada pupus duanana
78. Harita nabi yuswana # Ka lima puluh taunna
79. Ges pupus siti khodijah # Nikah ka siti saodah
80. Sareng ka siti aisyah # Ummil mu’minin katelah
81. Tidinya kersa pangeran # Maparinan kamulyaan
82. Ka nabi nu akhir zaman # Kakasih nu sifat rohman
83. Nuju tanggal tujuh likur # Bulan rojab nu kacatur
84. Nurut kaol anu masyhur # Kanjeng nabi teh di saur
85. Di papag ku malaikat # Nyandak burok nu kasebat
86. Lempang nateh cara kilat # Tungganganeun nabi angkat
87. Ti mekah ka baitul maqdis # Teu ngangge lami antawis
88. Ku jalma hente ka tawis # Kersana gusti nu wacis
89. Ti baitul maqdis terasna # Naek na tangga kencana
90. Mi’roj tea kasebatna # Ka langit nabi sumpingna
91. Tujuh langit sadayana # Jeng arasy nu pang luhurna
92. Di sumpingan sadayana # Katut syurga narakana
93. Kanjeng nabi di timbalan # Ku gusti nu sifat rohman
94. Anjena kudu netepan # Solat muji ka pangeran
95. Kabeh jalma anu iman # Sami pada kawajiban
96. Solat nu lima giliran # Henteu menang di kurangan
97. Solat eta minangkana # Dina agama tihangna
98 Jalma nu luput solatna # Maka rubuh agamana
99. Kacarios dina zaman # Mi’roj na nabi panutan
100 Yuswa nateh kaleresan # Lima puluh dua jalan

Anda mungkin juga menyukai