Anda di halaman 1dari 7

Nadoman tarikh kanjeng Nabi Muhammad SAW.

Gusti urang sadayana Yuswana salapan bulan


Kanjeng nabi anu mulya Tos tiasa papanahan
Muhammad jenenganana Ngelehkeun budak nu lian
Arab Qures nya bangsana Tapi tara kumagungan

Ramana gusti Abdullah Parangina kanjeng nabi


Ibuna Siti Aminah Jatnika pinuh ku puji
Dibabarkeunna dimekah Pinter tur gede kawani
Weungi senen tahun gajah Sabar nyaah ka sasami

Robi’ul awal bulanna Keur opat tahun yuswana


Tanggal kadua belasna Diberesihan manahna
April bulan masehina Nabi dibelah dadana
Tanggal kadua puluhna Malaikat nu melahna

Ari bilangan tahunna Jibril kadua rencangna


Lima ratus cariosna Mikail jenenganana
Tujuh puluh panambihna Ngeusikeun kana manahna
Sareung sahiji punjulna Ilmu hikmah sapinuhna

Siti aminah misaur Tuluy dada kanjeung nabi


Waktos babarna kacatur Gancang dirapeutkeun deui
Ninggal cahaya meni nggebur Sarta teu ngaraos nyeri
Dibumina hurung mancur Dicap ku khotamin nabi

Babar taya kokotoran Harita nabi ayana


Orok lir kengeng nyepitan Dilembur ibu inangna
Soca lir kengeng nyipatan Halimah jenenganana
Sarta harum sesengitan Sa’diyyah ngaran lemburna

Medal nabi akhir jaman Rama nabi kacaturkeun


Pirang-pirang ka anehan Pupusna kacarioskeun
Sesembahan bangsa seta Basa nabi dibobotkeun
Kabeh pada karuksakan Dua sasih ka unggelkeun

Nabi yuswa lima bulan Keur lima tahun yuswana


Tos tiasa angkat-angkatan Ditinggal pupus ibuna
Yuswana salapan bulan Tuluy dirawat eyangna
Tos capetang sasauran Abdul mutholib asmana

Pondok Pesantren Badahiyatul Falah ©2016


Nadoman tarikh kanjeng Nabi Muhammad SAW.

Kersana robulalamin Siti khodijah masrahkeun


Kanjeng nabi nu prihatin Ka nabi barang dagangan
Yuswana dalapan tahun Maesaroh nu ngarencangan
Eyangna mulih ka batin Ka nabi purah nyareungan

Saba’da wapat eyangna Kacarios Maesaroh teh


Nabi dirawat uwana Loba pamendak nu aneh
Abi tolib kakasihna Ciciren nabi nu soleh
Saderek teges ramana Matak ngaherankeun kabeh

Kanjeung nabi sering pisan Tatangkalan uluk salam


dicandak ka Negara syam Mega bodas sok mayungan
Sok nyandak barang dagangan Jeung aya cap kanabian
Didinya teh pajeung pisan Dina salirana pisan

Kacatur di eta negeri Pamendak siti khodijah


Loba pendeta yahudi Cocok pian jeung maesaroh
Sarta pendeta nasrani Akhirna siti khodijah
Nu tepang jeung kanjeung nabi Ka nabi mundut ditikah

Sadayana sasauran Harita yuswana nabi


Ieu jalama moal nyalahan Salawe tahun kawarti
Pinabieun akhir jaman Ngadak-ngadak sugih mukti
Tauret injil tos ngibaran Tapi tambah sae ati

Sifat nabi panganggesan Karesepna kanjeung nabi


Aya di anjeunna pisan Kagusti allah ngabakti
Harita loba nu iman Di guha hiro maranti
Ka nabi ngangkeun panutan Ibadahna saban weungi

Lami-lami kanjeung nabi Didinya jol kasumpingan


Disambat kuhiji istri Jibril nu nurunkeun qur’an
Dagangna ka unggal negeri Kalawan dawuh pangeran
Ka untunganna dibagi Nabi di dameul utusan

Istri jenengan khodijah Harita yuswana nabi


Putera khualid ka telah Opat puluh tahun ka warti
Nu pang bengharna dimekah Di utus ku allah pasti
Ka nabi kalangkung nyaah Nyebarkeun agama suci

Pondok Pesantren Badahiyatul Falah ©2016


Nadoman tarikh kanjeng Nabi Muhammad SAW.

Anu iman pangheulana Tidinya kersa pangeran


Siti khodijah garwana Maparinan kamulyaan
Abu bakar kaduana Ka nabi nu akhir jaman
Sohabat nu pang mulyana Kakasih nu sifat rohman

Murangkalih nu nonoman Nuju tanggal tujuh likur


Anu pang heulana iman Bulan rajab nu kacatur
Saidina ali pisan Nurut kaol anu mashur
Ka nabi saderek pisan Kanjeung nabi teh disaur

Jeung ari jalma beulian Dipapag ku malaikat


Anu pangheulana imana Nyandak burok nu kasebat
Saidna bilal kaleresan Lumpatna teh cara kilat
Anu jadi tukang adzan Tungganganeun nabi angkat

Ari lolobana pisan Ti mekah ka baetul makdis


kanabi teh ngamusuhan Ti lami ngango antawis
nganiaya ngajahilan Ku jalma heunteu ka tawis
teu aya pisan rasa-rasan Kersana nu maha wacis

Para sohabat kungsi ngalih Ti baetal makdis terasna


Ka negeri habsyi nu tebih Nek tanggana kancana
Didinya anjeunna linggih Mi’raj tea kasebatna
Kirang langkung tilu sasih Ka langit nabi sumpingna

Samulih sohabat ti habsyi Tujuh langit sadayana


Kacarios kanjeung nabi Jeung arasy nu pang luhurna
Kengeng pohara cocobi Disumpingan sadayana
Kersana nu maha suci Katut surge narakana

Uwana sareung garwana Kanjeung nabi ditinggalan


Pada pupus duanana Ku gusti nu sifat rohman
Harita nabi yuswana Anjeunna kudu netepan
Kalmia puluh tahunna Sholat muji kapangeran

Geus pupus siti khodijah Kabeh jalma anu iman


Nikah ka siti saodah Sami pada kawajiban
Sareung ka siti aisyah Sholat nu lima giliran
Ummil mu’minin katelah Heunteu menang dikurangan

Pondok Pesantren Badahiyatul Falah ©2016


Nadoman tarikh kanjeng Nabi Muhammad SAW.

Sholat eta minangkana Ari yuswa kanjeung nabi


Dina agama tihangna Genep puluh tili pasti
Jalma nu luput sholatna Makomna dijero negri
Nyata rug-rug agamana Madinah nagara suci

Kacarios dina jaman Ari putra kanjeung nabi


Mi’rajna nabi panutan Aya opat anu istri
Yuswana teh kaleresan Siti jenab nu kahiji
Lima puluh dua jalan Rukoyah nu hiji deui

Kafir mekah kacaturkeun Umi kulsum katiluna


Barang nabi nyarioskeun Siti Fatimah bungsuna
Mi’raj lain dimulyakeun Ari putra nu cikalna
Anggur pada nyeungserikeun Sidna kosim kakasihna

Pada hasud ngagalakan Sidna abdullah raina


Tidinya allah ngersakeun Ibrahim nu katiluna
Kanjeung nabi di alihkeun Eta nu genep putrana
Ka madinah disirnakeun Siti khodijah ibuna

Para shohabat milu miang Sidna Ibrahim ibuna


Nu bumela milu miang Mariah jenenganana
Milu ngalih sewing-sewang Istri ti mesir asalana
Hanteu pisan sumoreang Tah kitu turunan nana

Tambah kamulyaan nabi Putra nu aralit kabeh


Di madinah asal sepi Pupus keur aralit keneh
Jadi rame kunu ngaji Nu istri carogena teh
Muji kanu maha suci Para sohabat nu soleh

Sapuluh tahun lamina Siti jenab carogena


Dimadinah jumenengna Abdul ash jenenganana
Agama islam cahayana Siti rukoyah carogena
Gumebyar kamana-mana Sidna usman mimitina

Negri mekah diperangan Geus siti rukoyah hilang


Akhirna kaboyong pisan Anjeunna turun ka ranjang
Nabi tambah kamulyaan Umi kulsum putri lenjang
Yakin lain jijieunan Di tikah gentos nu hilang

Pondok Pesantren Badahiyatul Falah ©2016


Nadoman tarikh kanjeng Nabi Muhammad SAW.

Caroge siti Fatimah Akuan ka urang kampong


Sidna ali nu katelah Calik satata ngariung
Bakaromallohu wajhah Tara angkuh jeung adigung
Anu kamashurkeun gagah Sanajan ka urang gunung

Ari putra kanjeung nabi Kanu nyandak kasusahan


Dalapan pamegeut istri Gering jeung ka papatenan
Siti umamah jeung ali Ngalayad sarta ngubaran
Ti siti jenab kawarti Ngajajapkeun ka kuburan

Ari sidna Abdullah mah Manis saur manis budi


Putra ti siti rukoyah Estu mustika ning jalmi
Putu ti siti Fatimah Sajagad moal mendak deui
Aya lima kabehna mah Sae rupi rupi jeung parangi

Tilu anu pamegeutna Raray lir bulan purnami


Sidna hasan kakasihna Halisna lir kutumiri
Sidna husen kaduana Waosna lir inten biduri
Sidna muhsin katiluna Salira harum wawangi

Umi kulsum nu istrina Estu kersa ning pangeran


Ka sidna ummar nikahna Lain seungit di minyakan
Siti jenab kaduana Karingat pada nandean
Nurut unggaling wartosna Diparake sesengitan

Urang kudu cinta ati Sakitu nabi mulyana


Katurunan kanjeung nabi Taya pisan adigungna
Poma ulah goring ati Angkat pengkereun sohabatna
Sumawona iri dengki Kalangkung handap asorna

Ari mungguh kanjeung nabi Anggoan kersa lumayan


Nyaahna langkung ti misti Najan nu geus ditambalan
Ka umatna jaleur istri Kitu deui katuangan
Leuwih ti sepuh pribadi Banget pisan dikurangan

Weulas asih kanu miskin Banget dina kamiskinan


Sumawona ka budak yatim Lain sabab teu kagungan
Pada sebat ku paparin Ngahaja bae ngirangan
Kadaharan jeung pisalin Ngarah allah ngaridoan

Pondok Pesantren Badahiyatul Falah ©2016


Nadoman tarikh kanjeng Nabi Muhammad SAW.

Pirang-pirang mu’jijatna Ngadeuheus ka kanjeung nabi


Tawis kanabianana Uluk salam cara jalmi
Qur’an nu nomer hijina Sanggeus kitu balik dai
Mu’jijat nu pang mulyana Katempat asalna tadi

Tangkal nu perang daunna Badewi teh ngan kantun heran


Disiram tilas abdasna Ninggal eta kaanehan
Ngadadak loba buahna Tuluy bae asup islam
Sarta hirup satuluyna Kanabi ngangkeun panutan

Domba nu banget kurusna Salianna loba deui


Sartana lepet susuna Mu’jijatna kanjeung nabi
Di usap ku pananganna Mun di wincik hiji-hiji
Ngadadak juuh susuna Keur nulisan moal mahi

Dina hiji waktos anjeunna Hai allah nu sifat rohman


Sohabat ka kirangan cai Abdi sadayana iman
Teras bae kanjeung nabi Teu aya deui pangeran
Mundut cai anu bari Lian ti anjeunna pisan

Cai ngan sakatel pisan Nu ngadameul bumi alam


Taya deui anu lian Rawuh saeusina pisan
Nabi neuleumkeun panangan Nu wajib di ibadahan
Ngadadak tuluy manceuran Taya anu ngasamian

Cai manceu loba pisan Sareung abdi iman deui


Kaluar tina panangan Ka sidna muhamad nabi
Sela-sela ramo pisan Yen eta utusan gusti
Cukup ku jalma rebuan Wiwulang sadaya jalmi

Kacatur hiji badewi Nu sifat kapercayaan


Ngadoja ka kanjeung nabi Bijaksana tur budiman
Titah nyaur tangkal kai Bener unggal sasauran
Sina ngomong cara jalmi Najan seueur kaheureuyan

Tuluy tangkal teh disaur Ngembarken kanjeung nabiteh


Harita ku kanjeung rosul Ka jalma sadunya kabeh
Tangkal datang ngagulusur Dawuh pangeran nu soleh
Akarna teh di gugusur Nu wajib di turutna teh

Pondok Pesantren Badahiyatul Falah ©2016


Nadoman tarikh kanjeng Nabi Muhammad SAW.

Hormat urang ka anjeuna


Dina mangsa jumeneng na
Sareng saba’da wafatna
Eta teu aya bedana

Dawuh gusti jungjunan abdi


Sayidina muhamad habibi
Pamugi salira nampi
Kanu hina diri abdi

Abdi umat akhir jaman


Anu banget panasaran
Hoyong tepang ngadeuheusan
Seja tumut serah badan

Di yaumul akhir pamugi


Abdi sing janten ngahiji
Sareng indung bapa abdi
Ngiring gusti ka sawargi

****

Pondok Pesantren Badahiyatul Falah ©2016

Anda mungkin juga menyukai