Anda di halaman 1dari 6

Bahan Ajar Pelajaran Tauhid kelas I dan II MI/MD



1. RUKUN AGAMA Sadaya rukun agama Aya tilu sing uninga Hiji iman dua islam Nomer katiluna ihsan Islam hartina sumerah Patuh tunduk sarta pasrah Ngamalkeun agama Alloh Nu dicandak Rasululloh Najan urang teu tiasa Ninggalna ku dua soca Alloh mah Maha Uninga Ninggali salalamina Katiluna wajib zakat Shaum rukun nu kaopat Munggah haji kalimana Mun kawasa di jalanna 2. Iman hartina percaya Petekadan teu cangcaya Ucap lampah teu sulaya Jeung parentah Anu Mulya

3.

4.

Ihsan pihartieunnana Ibadah sing sabenerna Ngabakti sumujud nyembah Lir embreh ninggal ka Alloh Rukun islam aya lima Pidawuh Rasul utama Hiji ngucapkeun syahadat Kadua ngadegkeun sholat RUKUN IMAN Rukun iman sadayana Genep wajib dipercaya Kahijina wajib iman Ka Alloh nu maha heman

5.

6.

7.

8.

9.

Kadua ka Malaikat Tilu rasul ulah lepat Kana kitab nomer opat Lima ka poe akherat

10. Qodho qodar ka genepna Papsten tinu kawasa Sae atawa awona Urang wajib percayana 12. Sifat Alloh mun diwincik Aya tilu masing telik Sifat wajib kahijina Mustahil nu kaduana 14. Sifat nu wajib di Alloh Hiji wujud ulah salah Wujud pihartieunana Pangeran wajib ayana 16. Tah kitu ceuk dalil aqli Aya makhluq jadi ciri Kana wajib wujud gusti Kabeh alam jadi saksi

11. Alloh wajib ka sifatan Ku sifat kasampurnaan Sarta mustahil pangeran Kasifatan kakurangan 13. Sifat jaiz katiluna Wenang pihartieunana Ngayakeun ngeuweuhkeunana Kumaha kersa anjeuna 15. Dalil Alloh wajib aya Buktina alam sadaya Nyakitu deui manusa Alloh anu ngadamelna

Madrasah Ibtidaiyah & Diniyah Pesantren Persatuan Islam 45 Rahayu

Bahan Ajar Pelajaran Tauhid kelas I dan II MI/MD

17. Sifat wujud sabalikna Mustahil di anjeunana Nyaeta Adam hartina Mustahil heunteu ayana

18. Wajib qidam kaduana Alloh tipayun ayana Sarta taya mimitina Tur moal aya tungtungna

19. Dalilna yen Alloh qidam Pidawuhna dina Qur`an Huwal awwalu wal akhiru Hartina ulah kaliru 21. Sifat baqo katiluna Hartina langgeng ayana Alloh teu aya robihna Wajib baqo saendengna 23. Sifat baqo sabalikna Mustahil anjeuna fana Sabab pihartieunnana Yen Alloh aya ruksakna 25. Ari sifat nomer opat Lilhawadits mukholafat Hartina teh teu sarua Jeung makhluk henteu sarua 27. Lil-hawadits mukholafah Anu mustahil di Alloh Hartina teu nyarupaan Alloh sarua jeung alam

20. Lalawanan sifat qidam Huduts sarua jeung alam Alloh huduts pamohalan Sab mustahil di pangeran 22. Dalil yen Alloh teh baqo, Alloh parantos ngandika, Wayabqo wajhu robbika, Langgeng pangeran andika 24. Alloh ruksak pamohalan Mustahil kanggo pangeran Sabab sulaya jeung qur`an Nu didawuhkeun pangeran 26. Dalil Alloh nyulayaan Makhluk moal nyarupaan Jeung kabeh sifat pangeran Cukup aya dina qur`an 28. Qiyamu binafsihi Sifat nu wajib di gusti Alloh jumeneng ku anjeun Hanteu aya anu nyieun

29. Lawan qiyam binafsihi Qiyamu bighoerihi Hartina teh dijenengkeun Hanteu jumeneng ku anjeun 31. Ari lalawananana Nyaeta taaddud hartina Pangeran seueur jumlahna Mustahil kanggo anjeunna 33. Wajib qudroh katujuhna Alloh kawasa sifatna Ngayakeun ngeuweuhkeunnana

30. Wahdaniyyah kagenepna Hartina wajib tunggalna Hiji sifat rejeung dzatna Nyakitu deui afalna 32. Sabab sifat wahdaniyyat Pangeran taya syarikat Rencang atawana sobat Suci tina eta sifat 34. Dalilna Alloh kawasa Lamun Alloh teu kawasa Tangtu makhluk moal aya

Madrasah Ibtidaiyah & Diniyah Pesantren Persatuan Islam 45 Rahayu

Bahan Ajar Pelajaran Tauhid kelas I dan II MI/MD Teu hese kanggo anjeunna 35. Bumi langit jeung eusina Kabeh diayakeunnana Ku sifat qudrot anjeuna Kawasa taya watesna 37. Kadalapanna irodah Kersaana gusti Alloh Ngayakeun alam sadaya Kalayan kersa anjeuna 39. Wajib ilmu kasalapan Maha uninga pangeran Pinterna taya bandingan Moal aya nu nyamian 41. Kasapuluh wajib hayat Hirup hurip moal pegat Najan dunya geus qiyamat Alloh tetap wajib hayat 43. Alloh pupus pamohalan Sabab jumeneng pangeran Hirup lain dihirupkeun Hirup lain kunu lian 45. Dalilna Alloh ningali Sarta wajib ti ajali Wahuwa samiun bashir Hartikeun masing kapikir 47. Dua belas wajib sama Maha ngadangu hartina Anu deukeut tur anggangna Henteu samar ka anjeun 49. Mutakallim tilu welas Ngadawuh nu maha welas Wakallamallohu musa Taklima gera pariksa 51. Mutakallim sabalikna Bukmun teh pireu hartina Alloh pireu teh mustahil Ayat tadi jadi dalil Sab taya nu ngadamelna 36. Sifat qudroh sabalikna Al-ajzu hartina Alloh apes teh mustahil Bukti makhluk jadi dalil 38. Lalawananana Irodah Mustahil Alloh karohah Sabab taya nu marentah Maksa atawana nitah 40. Sifat ilmu sabalikna Al-jahlu bodo hartina Alloh bodo pamohalan Mustahil kanggo pangeran 42. Lalawanan sifat hayat Mustahil pangeran maot Maot pihartieunana Pangeran aya pupusna 44. Wajib bashor kasabelas Gustli Alloh maha awas Paningalna cekas awas Kanu hideung kanu bodas 46. Lalawanan sifat bashor A-ma hartina teh paor Lolong teu bisa ningali Eta mustahil di gusti 48. Lalawanan sifat sama Mustahil Alloh ash-shoma Sabab hartina ash-shoma Alloh torek pangdanguna 50. Riwayat ayat diluhur Wangkid Musa di gunung tur Anjeuna nampi pihatur Ti pangeran robbun ghofur 52. Tah kitu sifatna gusti Titenan masing taliti Sangkan nyembah jeung babakti Sapuk jeung parentah gusti

Madrasah Ibtidaiyah & Diniyah Pesantren Persatuan Islam 45 Rahayu

Bahan Ajar Pelajaran Tauhid kelas I dan II MI/MD

53. Lamun urang henteu telik Inggis tohid jadi syirik Umaku pangeran Esa Buktina nyembah berhala 55. Sabab musyrik ngandung harti Midua nyembah ka Gusti Teu saeutik nu babakti Ka kubur ka para wali 57. Tukang musyrik itikadna Ibadah jeung ngaduana Make antara nyembahna Nganggap karamat ka benda 59. Amal kitu teu karasa Henteu boga rasa dosa Padahal Alloh geus atra Marentah langsung ngadua 61. Kami pasti ngaijabah Kana dua anu mernah Tah kitu pidawuh Alloh Amalkeun ulah rek salah 63. Amal nu kudu diraksa Taliti masing toweksa Matak sasarna agama Lampahna teh lalawaora 65. Faham hindu pasolengkrah Ngukur agama ku lumrah Quran teu dipake hujjah Amal lain tina sunnah 67. Mun ibadah campur bidah Pasti timbul khilafiyah Parebut ngadu masalah Ngabela faham nu salah 69. Wama yantiq anil hawa In huwa illa wahyun yuha Lain ucap tina rasa Anging wahyu nu kawasa

54. Mun itikad kacampuran Ku sawareh pamusyrikan Pasti tauhidna robah Kabeh ngajadi khurofah 56. Gunung luhur dipunjungan Kai gede disuguhan Batu keris dikukusan Dipuja lir ka Pangeran 58. Tawasul kana berhala Menta diijabah dua Boga rasa gede dosa Ngadua langsung mo bisa 60. Uduni astajib lakum Padawuh Alloh geus malum Hartina pek maneh menta Langsung ka Kami mentana 62. Iman urang masing tuhu Numutkeun aturan wahyu Nyakitu deui ibadah Masing cocok jeung parentah 64. Nyaeta bidah khurofat Tahayul musyrik masiyat Islam dicampur ku adat Agama ruksak teu sehat 66. Ibadah nu samistina Nyata niru ti Nabina Henteu meunang saka-kama Sangkan amal ditarima 68. Quran jeung hadits saluyu Henteu aya nu diadu Sabab eta kabeh wahyu Lain pangaturan nafsu 70. Tah kitu pidawuh Gusti Mangka kade sing taliti Patokan Islam geus pasti Al-Quran reujeng haditsnya

Madrasah Ibtidaiyah & Diniyah Pesantren Persatuan Islam 45 Rahayu

Bahan Ajar Pelajaran Tauhid kelas I dan II MI/MD IMAN KA MALAIKAT 71. Rukun iman kaopatna Percaya ka Malaikat Tegesna ka Malaikat Yen Malaikat teh aya IMAN KANA KITAB-KITAB 73. Rukun iman katiluna Percaya kana kitabna Nu ditampi para Nabi Wahyu tinu Maha Suci 75. Kitab Injil katiluna Ka Nabi Isa lungsurna Sarta kaopatna Quran Candak Nabi akhir zaman 72. Malaikat makhluk Gusti Ahli ibadah ngabakti Tara baha jeung maksiyat Salilana tunduk thoat

74. Kitab Zabur kahijina Nabi Dawud nu nampina Kitab toret kaduana Ditampi ku Nabi Musa

IMAN KA PARA ROSUL 76. Rukun iman kaopatna Iman ka para Rosulna Utusan Anu Kawasa Pikeun mimpin umatna SIFAT WAJIB, MUSTAHIL DI RASUL 78. Sifat nu wajib di Rasul Hiji shidiq tara rahul Shidiq pihartieunnana Rosul bener salamina 80. Kadua wajib amanat Jujur mustahi khianat Para Rosul kawajiban Ngemban amanat Pangeran 82. Sifat tabligh sabalikna Kitman nyumputkeun hartina Rosul kitman pamohalan Nyumputkeun tugas Pangeran 84. Rosul bodo pamohalan Sulaya tina timbalan Diangkat jadi utusan Ku Alloh nu Maha Heman

77. Sakumna para utusan Sadayana kasifatan Ku sifat-sifat nu wajib Oge mustahil jeung jaiz

79. Sabalikna sifat shidiq Pamohalan Rosul kidzib Sab kidzib hartina bohong Mustahil Rosul ngabohong 81. Wajib tabligh katiluna Nganepikeun agamana Ka masing-masing umatna Sangkan salamet hirupna 83. Fathonah nu kaopatna Wajib pinter di anjeunna Ari lalawananana Biladah bodo hartina

SIFAT JAIZ DI ROSUL 85. Rosul teh bangsa manusa Seliran Maha Kawasa Sifatna taya bedana Reujeung manusa liana 87. Ngan beda jeung nu lianna

86. Sok ngaleueut reujeung dahar Keuna ku lapar hanaang Kulem atawa teu damang Nu kitu ngaranna wenang IMAN KANA POE QIYAMAT

Madrasah Ibtidaiyah & Diniyah Pesantren Persatuan Islam 45 Rahayu

Bahan Ajar Pelajaran Tauhid kelas I dan II MI/MD Rosul ku Alloh dijaga Dijaring sarta diriksa Tina ngalakukeun dosa 89. Di dunya kadar ngumbara Lain pikeun saendengna Lamun geus datang mangsana Mulang ka tempat asalna 91. Dipundut kunu kawasa Asup kana jero kubur Digotong diruang batur Nyorangan di jero kubur 93. Meunang ganjaran siksana Hasil amalan sorangan Jalma lian mo nulungan Amal mah sewang-sewangan 95. Kayaning tilu tujuhna Matang puluh jeung natusna Newu eujeung saterusna Eta nu bidah hukumna 88. Rukun iman kalimana Yakin akherat teh aya Tempat kabeh jalma-jalma Geusan narima amalan 90. Raga jeung nyawa papisah Manusa moal walakaya Najan lubak-libuk harta Taya bisa nu ngabela 92. Amal manusa di dunya Hade atawa gorengna Hade wawalesna surga Goreng tempatna naraka 94. Najan adat geus ilahar Hadiah ngariung dahar Tahlilan sugan diganjar Dioper ka anu lian IMAN KANA QODHO QODAR 96. Rukun iman kagenepna Iman kana papastenna Katetepan nu kawasa Nangtukeun kabeh manusa 98. Masing-masing boga nasib Ngan bae teu kabeh gaib Urang wajib narekahan Sab qodar tara ngabejaan 100. Tah kitu kawajiban Pikeun jalma nu ariman Rukun iman dititenan Sangkan Alloh mikaheman

JEUNG

97. Makhluq Gusti sadayana Geus diatur ku Anjeunna Boh bagja boh cilakana Kabeh papasten anjeunna 99. Mun jalma pasrah sumerah Teu daek nyiar tarekah Anggapan papasten Alloh Jalma nu kitu dilanah

Bandung, 18 September 2008 M./18 Ramadhan 1429 H.

Madrasah Ibtidaiyah & Diniyah Pesantren Persatuan Islam 45 Rahayu

Anda mungkin juga menyukai