Anda di halaman 1dari 6

Assalamualaikum wr wb

Innal hamdalilah wasolatu wasalamu ala rosulilah saidina Muhammad ibni abdilah waala alihi
wasohbihi wamawalah (amma ba’du)

Hadirin anu dipikahormat para alim ulama, para juama, para hujajul ustad miwah ustadah, anu
ku pribados di pikahormat anu insya alloh aku alloh di mulyaken

Oge tehilap ka bapa bapa ibu ibu warga sadaya anu ku pribados di pikahormat anu insya
alloh ku alloh di mulyaken

Puji anu jadi panghias ati lir ibarat kembang malati jatining cinta anu sajati manga urang
sanggaken ka dat alloh anu maha suci anu ngadamel langit sinareng bumi

Puja anu jadi panghias kata lir ibarat kembang campaka ciri rasa anu ngancik dina dada umat
manusa manga urang sanggaken ka dat alloh anu maha kawasa anu murbeng alam dunya sadeng
sagala esina

Oge syukur anu jadi pigur ie catur lir ibarat kembang bungur anu luhur manga urang sanggaken
ka dat alloh anu maha gopur anu gopurna moal tiasa di ukur ukur

Te kaselip selip dina ati te kaselap selap dina rasa rohmat miwah salam mugia sing kinuluran ka
paduka alam wasta kangjeng nabi Muhammad saw,

Te hilap ka keluargana sahabatna tabiinna oge mudah mudahan eta rohmat th dugi ka urang
sadayana amin ya alloh ya robbal alamin

alhamdulilah kalayan takdir timantena urang sadaya tiasa ruing mungpulung patepung lawung
patepang wajah dina raraga memperingati kana sasih dilahirken nana junjunan urang sadaya
ya’ni kangjeng nabi Muhammad saw

Anu mudah mudahan ie riunganteh sing ngajantenken hiji wasilah ngengengken safaatul udma
dina poe kiamah amin ya alloh ya robal alamin

Hadirin anu di pikahormat urang judulan wae ku judul maulid nabi, naon sababna, sabab di bulan
ie nyaeta bulan robiul awal nyaeta bulan dilahirken nana junjunan urang sadaya yakni kangjeng
nabi Muhammad saw,
Tapi te sakedik dijaman kiwari anu tapal kana kana bulan ie, kautamaan bulan ie khususna
budak ngora simkuring ngarasa prihatin, ari bobogohan karek wawuh 2 poe ge mni ges apal
tanggal lahir poe bahkan jam borojol na, ari ka kangjeng nabi meni tea pal pisan, sok we gera
tanyaken da moal apalen,

Ari taen kos nu enya gening syahadat di baca unggal poe, timimiti kerletik di ajar ngaji dipake
dina sholat, dina tahiyat aya ashadualla ilahailallah waashaduanna muhammadarosulullah

Aku bersaksi nabi Muhammad utusan alloh,

Dibaca ti bahela tapi tea pal nabi muhamad th saha te apal silsilah nabi Muhammad

Pantes edek solat belang betong oge da te apalen, coba lamun apal mh kangjeng nabi
Muhammad th saha, parentah solat 5 waktu datangna timana, insya alloh moal parna teing
kalakuanana

Daiemah di idolakenana bangsa barat bangsa korea, lain kangjeng nabi Muhammad idola nateh,
kalahkah oppa oppa korea nonton drama unggal waktu, tapi te aya waktu kangge mengenal nabi
Muhammad, padahan anu bakal mere syafaat dina poe kiamah th iwal ti kanggjeng nabi
Muhammad saw

‫َمنْ َت َش َّب َه ِب َق ْو ٍم َفه َُو ِم ْن ُه ْم‬


"Barangsiapa menyerupai suatu kaum, maka dia termasuk golongan mereka."
(HR. Abu Dawud)

Idolaken kangjeng nabi muhammad meh engke di akherat bakal di kumpulken


jeng kangjeng nabi

Jeng urang kudu cinta ka kangjeng nabi

“La yu’minu ahadukum hatta akuuna ahabba ilaihi min waalidihi, waladihi wannasi
ajma’in.

Tidaklah dianggap beriman salah seorang dari kalian sampai  diriku lebih dia cintai dari
pada anaknya, orang tuanya dan seluruh manusia.  (H.R Imam Bukhari dan Imam
Muslim).
Tuh gening anu lewih utrama th cinta ka alloh jeng kangjeng nabi
Tuh lamun urang hanyang salamet dina akherat hayang kagolongken hayang diriungken jeng
kangjeng nabi urang kudu ngaidolaken kangjeng nabi kudu cinta ka kangjeng nabi,

Lobaken maca sholawat lain anu te pararuguh, umur mh eweh nu apal

‫ون‬ َ ‫ت ْٱل ِجنَّ َوٱِإْل‬


ِ ‫نس ِإاَّل لِ َيعْ ُب ُد‬ ُ ‫َو َما َخ َل ْق‬
Jeng kami hnteu ngayugaken jin jeng manusa, anging supaya maranehna ibadah ka kami (Az-
Zariyat Ayat 56)
inget tugas urang th ibadah di antawisna ibadah th nyaeta sholat, dzikir maca sholawatcinta ka
alloh cinta ka kangjeng nabi

Tos we nya anu atos mh

ti mulai ayena urang diajar babarengan lewih mengenal kangjeng nabi tak kenal maka tak
sayang, tak sayang maka tak cinta,

Supaya urang cinta maka urang kudu kenal

Kangjeng nabi th dilahirkenna kaping 12 robiul awal, dina kalender aya dibereman

Aya nadomannana kie nadomna

Gusti urang sarerea, Kangjeng Nabi anu mulya


Muhammad Jenengannana, Arab Qurais nya Bangsana.

Ramana Gusti Abdullah, Ibuna Siti Aminah


Dibabarkeunna di Mekah, Wengi Senen Taun Gajah.

Robiul Awal bulanna, Tanggal ka dua belasna


April bulan Masehina, Tanggal ka dua puluhna.

Ari bilangan Taunna, Lima ratus cariosna


Tujuh puluh panambihna, Sareng sahiji punjulna.

Siti Aminah Misaur, Waktos babarna kacatur


Ningal cahya meni ngempur, Di Bumina hurung mancur.
Babar taya kokotoran, Orok lir kenging nyepitan
Soca lir kenging nyipatan, Sarta harum seuseungitan.

Medal Nabi ahir jaman, Pirang-pirang kaanehan


Sesembahan bangsa setan, Kabeh pada karuksakan.

Nabi yuswa lima bulan, Geus tiasa angkat-angkatan


Yuswana salapan bulan, Geus capetang sasauran.

Yuswana sapuluh bulan, Tiasa ameng papanahan


Ngelehkeun budak nu lian, Tapi tara kumagungan.

Parangina Kangjeng Nabi, Jatnika pinuh ku puji


Pinter tur gede kawani, Sabar nyaah ka sasama.

Keur opat taun yuswana, Dibersihan manahna


Nabi dibelah dadana, Malaikat nu meulahna.

Jibril kadua rencangna, Mikail jenengannana


Ngeusikeun kana manahna, Ilmu hikmah sapinuhna.

Tuluy dada Kangjeng Nabi, Gancang dirapetkeun deui


Sarta teu ngaros nyeri, Dihap ku Khotamin Nabi.

Harita Nabi ayana, Di lembur Ibu inangna


Halimah jenengannana, Sa’diyah ngaran lemburna.

Rama Nabi kacaturkeun, Pupusna kacarioskeun


Basa Nabi dibobotkeun, Dua sasih kaunggelkeun.

Keur lima taun yuswana, Ditinggal pupus Ibuna


Tuluy dirawat Eyangna, Abdul Mutolib asmana.

Srng urang wajib apal kana silsilah nabi

Wajib ka jalma islamna


uninga rundayanana
jeung nabi utusan Alloh
Muhamad puteara Abdulloh

Abdulloh putera Mutholib


Mutholib puterana Hasyim
Hasyim putera Abdi Manaf
Abni Manaf putera Qushoy

Qushoy puterana Kilab


Kilab puterana Murroh
Murroh puterana Ka’ab
Ka’ab puterana Lu’ay

Lu’ay puterana Gholib


Gholib puterana Fihir
Fihir puterana Malik
Malik puterana Nadhor

Nadhor putera Kinanah


Kinanah putera Khuzaimah
Khuzaimah putera Mudrikah
Mudrikah puterana Ilyas

Ilyas puterana Mudhor


Mudhor puterana Nizar
Nizar puterana Ma’ad
Ma’ad puterana ‘Adnan

Nu wajib dugi ka ‘Adnan


Haram nguningakeunana
ti ‘Adnan dugika ka Adam
Saba taya jalan shoheh

Wajib deui uningana


Rundayana ti Ibuna
jeung Nabi utusan Alloh
Muhamad putera Aminah

Aminah puterana Wahab


Wahab putera Abdi Manaf
Abdi Manaf putera Zuhroh
Zuhroh puterana Kilab

tepang deui ti ramana


ti Kilab janggawarengna
jadi ibu jeung ramana
masih keneh sarundayan

Tah eta the nadoman nana, mudah mudahan urang semakin cinta ka kangjeng nabi semakin
mengenal kangjeng nabi amin ya alloh ya robal alamin
Hadirin anu di pikahormat sakitu wae anu di carios kirang langkungna ulah kirang2 hapunten
wasalamualaikum wr wb

Anda mungkin juga menyukai