Bismillah jadi sekar pangiring catur, ngajadi tuturus laku, muru sampurnaning
rahayu, banjaran jatining bagja. Alhamdulillah panyinglar Riya jeung Sumah, anu
pasolengkrah nyaruntah dina galeuh leuleumbutan, panundung ujub jeung
takabur, anu ngagojod dina qolbu, pangusir anu ngadaki dina ati, nu tinggal iwal ti
setra bersihna ati, geusan nampa jorelatna hidayah al-quran jeung sunnah Rosululloh
SAW.
Ku ucapan kalimat syahadataen, anu netepkeun pagusten, bari pasang subaya ka gusti
nu maha suci, Insya Alloh moal arek lunca linci, mulang udar tina tali gadang, najan
tepi ka iraha oge, keukeuh kukuh, anteng manteng moal rek monteng, najan loba nu
muntangan.
Sholawat salam teh hiji doa, nu nandakeun kadeudeuh sareng kameumeut anu
maneuh, ka gusti junjunan alam, kakasih Alloh, habibana wanabiyana Muhammad
SAW, ka kulawargina, miwah ka para shohabatna, sareng ka jalma anu turut tumut
kamantena, pamugi kalebet urang sadayana. Amiin.
Para hadirin wal hadiroh rohimakumulloh! Utamina pangersa Al-mukarom al-
mukaromah, biyang sareng ramana bakal panganten istri, kalih sadaya
kawargiannana.
Saur paripaos sepuh tea mah, sim abdi dina ieu saat, lambe sambung lemek, ilat
sambung talatah, sampean sambung lengkah, kenging ka percanteunan ti keluarga
Bapa Amidin (alm) kanggo ngadugikeun pamaksadannana.
Dupi anu kahiji ngadugikeun hatursewu panuhun, laksaketining kabingahan manah,
ka kasih ati miwah ka kulawargi bakal panganten istri.
Anu kaduana, seja nyuhunkeun sihapunteun kasadayana, tina sugrining kalepatan,
bilih rombongan anu sumping, kirang tata titi duga sareng peryogana, kasadayana
neda tawakuf sareng hapuntena bae.
Anu katiluna, nyanggakeun silaturrohmi ka sadayana pamugi kersa nampina, kalayan
pamugi Alloh SWT ngersakeun maparin paedah silaturrahmina. Amiin ya robbal
alamiin.
Dupi anu kaopatna, sumeja unjuk kapihatur sarehna di rorompok teh, gaduh putra anu
keur mangsana remaja, gumeleber kumalayang, mapai-mapai raratan qodar pangeran,
sumiriwik nitih taqdir ti ajali, kumawantun lolongok ka lebet kebon patamanan
kagungan bapa didieu, rupina bae pasarandog amprok, sareng sekar anu nuju
mangkak nantang seuseup, atuh waktos wangsul ka rorompok teh, katingal pun anak
guling gasahan, lir kadudut lelembutan, kapentang mamaras rasa. Hoyong metik
naming heunteu wanton, sanaos aya paripaos, batu turun keusik naek kalapa
tonggoheunnana, Jang Andriana daek, Nenk Yuli daek, sami sami pada
bogoheunnana, saumpami heunteu kawidian kunu kagungan taman, da gening taman
teh di pageur ku ajaran agama sareng susila.
Ku kituna unjuk kapihatur campaka teh hoyong dipetik, pangersa bapa kalih ibu
pamugi widi, seja di anggo aleman sungkeman, pupunden rasa, buah ati, tempat
kasucian ati, tempat sasampayan kaheman rasa, di damel batur hirup Saumur-umur,
diajak sasarengan ngojayan sagara rumah tangga, neuleuman caladi laki rabi, pamugi
pinareng tinemu bagja tansah kinayungan, salamina aya dina kaasih gusti anu maha
suci, Amiin, rupina kitu gerentes pun anak teh.
Atuh waktos ayeuna, kagok asong kapalang rongkong, tatandang nu bakal mindang,
balebat mangsana miyang, cunduk waktu nu rahayu, nitih wanci nu mustar, ninggang
mangsa nu utama, malati ligarna ati, kembang tanjung nu gumulung, pameungkeut
cangreud kadeudeuh, pakait patali asih, antawis Jang Andriana Ka Neng Yuli pinasti
rintih ngahiji, subaya nu bakal nyata, geugeut layeut laki rabi, sumangga urang
sakseni.
Salajengna sim abdi, kalawan asamana Ibu Endang nyaeta sepuh calon bakal
panganten pameugeut, neda panyaksen ti sadayana kalayan ucapan
Bismillahirrohmanirrohiim!
Mangga nyanggakeun pun anak anu wastana, Ujang Andriana Ka pangersa bapa
kalih ibu Diding kanggo di dahupkeun ka tuang putri anu wastana Neng Yuli
Luyu sareng babadantenan urang kapungkur namung saleresnamah nyanggakeun teh
mung nyanggakeun wungkul awak sakujur, tiluhur sahibas rambut, tihandap sahibas
dampal, tigigir sapanggiling gisik kulit, rambutna salambar, getihna satetes, tulangna
sahuntu, nafasna sadada, kabodoan sareng ireng kataligeuhannana, sanggem paripaos
tea mah:
Ditekuk maung, Katinggang pangpung, Ilang alang marga hina, Sumangga seja
nyanggakeun.
Namung pun anak teh heunteu barang bantun anu nyugeumakeun, keupat kapitkeupat
nampah teh saleresna, teu janjang jinjing, teu kapal keupeul, atuh eta mah manawi
aya anu dijinjing anu di tangeuy, etang-etang tilam kadeudeuh bae ti pun anak ka
tuang putrid didieu, pamugi katampi.
Pamungkas ti sim abdi, seja Itidar sanduk-sanduk papalaku, bilih bae aya sanggeum
nu maduuk kana kalbu, ngagaris kana ing panggalih, langkung sahur bahe carek, aya
basa kirang merenah, aya kecap kalepasan, pamugi bae sadayana, utamina pangersa
sepuhna bakal panganten istri miwah sadaya kulawargi, mugi ageing cukup lumur
pangapunten, neda jembar pangampura, kersa ngamparkeun lautan pangaksami,
akhirna mangga sapurati ngahatutkeun.
Billahittaufiq wal hidayah,
Wassalamualaikum Wr.Wb.
Assalamualaikum Wr.Wb.
Terlebih dahulu marilah kita panjatkan puji dan syukur kehadirat Alloh SWT.
Tuhan Yang Maha Kuasa yang telah melimpahkan segala rahmat dan hidayah-Nya
kepada kita semua. Dan hanya karena rahmat hidayah-Nyalah pada hari ini kita dapat
berkumpul bersatu padu, bercengkrama bertatap muka dalam suatu acara yang Insya
Alloh akan kita saksikan bersama yakni Acara Walimatunnikah antara Saudara
Andriana dengan Yuli
Sholawat serta salam semoga selamanya terlimpuhcurahkan kepada Nabi terakhir
yang terpilih, Rosul penutup yang termasyhur yakni Habibana Wanabiyyana
Wamaulana Muhammad SAW. beserta para shohabatnya, kerabatnya, serta kepada
seluruh umat yang selamanya taat kepada ajarannya sampai akhir zaman