Anda di halaman 1dari 5

DEWAN KEMAKMURAN MASJID JAMI BAITUSSALAM

Jalan. Sariwangi . Kamp. Lapang Rt 03 Rw 03 Desa. Sariwangi Kec. Parongpong Kab. Bandung Barat

KHUTBAH IDUL FITRI 1441 H TAHUN 2020 MASEHI

Ngajaga Shilatuhrahmi

“Hadirin Jama’ah ‘Idul fitri Rahimakumullah ‘

Puja puji kalihna syukur sumangga urang panjatkeu lang kung tipayu kahadirat Allah Anu maha
agung, teu aya deui pangeran anu Maujud , anu wajib di ibadahan, anu hak ditaati parentah sareng
larangan nana anging Allah SWT. Allah Anu Maha Agung, puji syukur mung ka gungan manten-Na .

Nun Gusti Pangeran abdi sadaya , dina kesempatan anu pinuh ku kabingah ieu, widian abdi
sadaya kanggo muji ka Dzat anu maha suci, ngahaturken syukur ka Dzat anu Maha Ghafur,
Alhamdulilah abdi sadaya masih di paparinan kanimatan, kasempetan kanggo hirup kumbuh di alam
dunya, panyuhun mugia gusti ngajantenken abdi sadaya golongan jalma anu pinuh syukur, kalayan
di tebihken tina sifat kufur sareng takabur .

Salajengna , shalawat sinareng salam mugia sapapaosna di lelerken ku Gusti ka Junjunan alam
sajagat , Rosulauloh Muhamad SAW, ka kulawargina , para sahabat, tug dugi ka urang sadaya selaku
umatna , mugia urang sadaya kalebet kana golongan umatna anu baris kenging ka bagjaan di dunya
parat dugi ka akherat . Amin yarobbal alamin..

“ALLAHU AKBAR ,ALLAHU AKBAR ,ALLAHU AKBAR WALILAHILHAM”

Durug dugna sora bedug awor jeung Eahna sora –sora munajat ungkapan –ungkapan
ngagungkeun asma Allah anu maha kawasa ku ucapan sora takbir ,tahmid, tasbih , tahlil jeung
liana anu teu kendat-kendat titadi peting, ngagambarkeun rasa ka bungah anu taya papadana
minuhan jagat raya mangrupi hiji tanda kabungahna taya papadana mudah-mudahan sing jadi
tanda syukur ka Allah SWT. Jalma- jalma anu ariman mayunan “ Iedul fitri sabada rengse
ngalaksanaken ibadah saum sasasih campleng lamina.

Shaum mangrupi ibadah kanggo merangan hawa nafsu kasarakahan, nahan lapar anu
salawasna di rasakeun ku kaum faqir sareng miskin. Upami hamba Allah mukmin tiasa ngahontal
rahmat Allah dina sapuluh dinten awal Ramadhan, magfiroh dina sapuluh dinten pertengahan
Ramadhan, sareng lulubaran tina sene naraka dina sapuluh dinten akhir bulan Ramadhan , mangka
bakal di hampura dosana lir ibarat orok anu lahir tina rahim ibuna.

“ ALLAHU AKBAR –ALLAHU AKBAR –ALLAHU AKBAR WALILAHILHAM”

Hadirin jama”ah Idul Fitri Rohimakumulloh “


Ibadah shaum ngadidik jaimi-jalmi anu ngalaksanaken nana sangkan mibanda sifat jujur,
disiplin, ngarasaken nu di rasaken ku sasama, anu akhirna tiasa mibanda kasolehan sosial sajabi
kasolehan pribadi. Dina sasih Ramadhan kamari, salami sasasih , urang sadaya ngalaksanaken
shaum, shalat tarawih , tadarrus Alquran, infaq sareng shodakoh ,itikaf , di fungkas ku ngaluarken
zakat fitrah , anu janten harepan , sarengsena ibadah dina sasih Ramadhan , urang sadaya tiasa
ngahontal titel muttaqin, titel anu luhur ajen mungguh Allah SWT. Sakumaha Dawuh-Na.

“ INNA AKROMAKUM INDAUWLOHI ATKOKUM “

Saestuna pangamulya di antara aranjen kabeh nyaeta anu paling taqwa di antara aranjen “.

Dina dinten ieu urang sadaya aya dina mangsa “Idul Fitri hartosna balik kana fitrah asal kajadian
manusa anu condong kana agama fitrah nyaeta agama islam .Iedul Fitri ngandung harti balik kana ka
sucian . Suci lahir , suci batin, suci harta, sareng jiwa. Kasucian ieu bisa di hontal , salah sahijina ku
cara ibadah shaum dina sasih ramadhan , anu di pungkas ku mayar zakat fitrah . Allah
SWT.ngadawuh dina Al “ Quran Surat AL- Syams ayat 9 -10 .

“ KOD AFLAHA MAN ZAKAHA (9) WAKOD HOBA MAN DASAHA (10 )”

Nyata temen bagja jalma anu ngabersihkeun jiwana , jeung saestuna pisan rugi jalma anu
ngotoran jiwana .

Dina kasempatan ieu , pribados selaku khotib umajak ka sadaya jama”ah, sumangga urang
sasarengan ngamalkeun ajaran-ajaran Ramadhan dina sabelas sasih kapayun, sabab shaum urang
bakal di tampi upami padamelan urang sapertos amal ibadah dina sasih ramadhan . Utamina dina
nahan hawa nafsu sareng angkara murka, kauninga ku urang sadaya, rehna bangsa Indonesia nuju
kakenaan wabah panyakit copid 19 corona tea, mudah-mudahan panyakit ieu sing enggal mulang
kanu kagungan nana Allah SWT. Amin yarob.....

“ ALLAHU AKBAR , ALLAHU AKBAR WALILAHILHAM”

“Hadirin jamaah Idul Fitri Rahimakumullah “

Sasih Ramadhan parantos ka langkung , urang balik deui kana fithrah, mangka tangtosna urang
sadaya mihareup janten manusa paripurna , insan kamil , manusa anu bakal salamet dunya akhirat .
Upami eta anu dicita- citakeun . Allah SWT parantos maparin resepna sakumaha pidawuhna dina
surat Alimron ayat 112.

“ DURIBAT ALAIHIM DILATU AENAMA SUKIFU ILLA BIHABLI MINAULOHI WAHABLI MINANAS”

“ Maranehna di kurung ku kahinaan di mana wae ayana, kajaba upama maranehna nyekel
pageh kana tali agama Allah, jeng tali perjanjian antara manusa “.

Dumasar ayat ieu, jelas tur eces, yen manusa bakal hina dimana wae ayana upami teu tiasa
ngajaga dirina sareng Allah Swt. Ku cara ibadah, sareng teu tiasa ngajaga dirina sareng papada
manusa ku cara silahturahmi . Ngajaga hubungan hade sareng Allah Swt. Nyaeta kucara
mereketken diri ngalaksanaken ibadah mung ukur ka Allah Swt., teu ngamusrikkeun manten-Na.
Sedengken ngajaga hubungan hade sareng papada manusa , nyaeta kucara nempatken diri dina
posisi anu pas sareng merenah sangkan raket, geugeut tur pageh dina ngajaga silaturahim .nyaeta :
1. Nalika posisi urang jenten warga masyarakat atawa warga nagara, sumangga upayaken diri
sangkan janten jalmi anu seuer mangfaat na pikeun papada manusa , KHAIRUN NAAS ANFA” UHUM
LINNAS”, panghadena manusa ( saur kanjeng Nabi ) nyaeta jalmi anu pangseueurna manfaat piken
manusa . Ulah sabalikna, malah jadi runtah jeung beban pikeun masyarakat , jeung dulur teu akur
jeung baraya tara patanya ka pamarentah malah loba ngumbar amarah.

2. Nalika posisi urang janten pamingpin kulawarga, sumangga urang sing nyaah jeung tanggung
jawab ka anak pamajikan, anu merhatiken pangabutuh lahir batin. Tihot hat berang peting kasab
dina raraga nyumponan nafkah keluarga , tapi dina sisi sejen teu wantun ngantep anak pamajikan ti
gebrus kana dosa sabab urang selaku pamingpin keluarga moal rido upami di lebetken kana
fredikat “ Dayus “, nyaeta salaki anu ngantep anak pamajikanana tigebrus ka jurang kahinaan .anu
pasti haram asup ka surgana Allah Swt. Hayu sasarengan didik keluarga urang ku didikan agama ,
pinuhan Mesjid , madrasah ,majlis ta’lim , pondok pasantren sareung tempat ibadah anu sanesna.

3. Nalika posisi janten istri atawa ibu rumah tangga, upayakeun janten istri shalihah, istri anu taat
kana parentah caroge, tangtosna salami hente tojaiyah atawa papalingpang sareng ajaran agama
islam . Indung tunggul rahayu bapa tangkal darajat, sae awona murangkalih gumantung kana sae
awona anu janten ibuna . Kukituna nu janten ibu ,singnyaah kapala putra kucara ngatik ngadidik ku
pangarti anu luyu sareng aturan agama .Sakolaken sing pinter, ka Madrasahken sing soleh, tungtun
ka masjid sing janten jalmi nu masagi.

4. Nalika posisi janten murangkalih , sing emut, rehna syareatna munteu aya ibu rama , mustahil
urang sadaya urang aya di alam dunya. Jasa ibu rama ka cida agengna, te aya bandingan nana, teu
tiasa di bales ku narta benda . Kasaean ibu rama ngurus urang selaku putra moal bisa di bales, ti
mimiti di kandung dugi ka dewasa, ibu rama ngasuh, ngatik ngadidik, ngaping, ngaraksa urang salaku
putrana, pinuh ku kanyaah, teu ngarepken pamulang tarima, estuning ikhlas karna Allah SWT.
Kumargi kitu, sumangga urang sadaya gawe hade kanu janten ibu rama, hormat tilawat ka
mantenna, pikanyaah mantenna, ulah kumawantun ngaraheutan hatena, ngajaheutan manahna,
ulah kumawantun ngondang bebendon mantenna, sing emut . “ RIDHOLLAHI FI RIDHAL WALLIDIN “
keridhoan Allah gumantung kana karidhoan ibu rama, bebendon Allah gumantung kana bebendon
ibu rama . Sumangga urang bayangkeun, indung parantos ngandung urang salaku putrana salami
kirang langkung salapan sasih dina rahimna, ngalahirken di antara pilihan hirup jeung maot . Teu
cekap dugi kadinya, sajaba ngalahirkeun, indung nyusuan putrana dua taun lamina kalayan ikhlas
teu pernah ngarasula teurus ngatik ngadidik dugi ka dewasa .

Dina nalika putrana teu damang , indung ngarasakeun panyakitna, tuangna ka ganggu, kuleumna ka
ganggu. Kacida mulya jasa anu janten ibu . Nya kitu deui Bapa, teu eleh gede jasana ka urang salaku
putrana ,bapa nyiar nafkah dug hulu pet nyawa dina raraga minuhan kabutuh anak pamajikan ,
sangkan kacumponan pangabutuh lahir batin

Iedul Fitri mangrupi kasempetan anu pas kanggo silih hampura, anak nyuprih panghampura
indung bapana kitu oge sawangsulna , pamajikan nyuprih panghampura salakina nya kitu oge
sawangsulna , tatangga jeung tatangga, murid ka guru, bawahan ka atasan,nyakitu oge sawangsulna.

Ku kituna , sae bagja jalma anu masih kagungan ibu rama, dina dinten ieu masih sempeut neteup
rarayna, nyuuh dina lahunan nana, patarema panangan dina raraga mundut pangampura tina
samudaya jeung mundut karidhoanna. Tapi sawangsulna, upami ibu rama urang tos teu aya di
kieuna, tos dipundut kunu Rahayu, mulang ka Rahmatuullah , nu aya ukur tunggul di pakuburan,
urang mung ukur tiasa jumerit ka Allah Anu Maha Kawasa. “ROBIGPIRLI WALIWALI YA
WARMAMUMA KAMA ROBAYANI SOGIRON “

Nun Gusti Anu Maha suci, hapunteun dosa abdi, sareng dosa ibu rama abdi, pikanyaah maranteuna
sakumaha mikanyaah abdi dina waktos abdi nuju alit.

Jalma anu sae, anu soleh, sanes berarti jalmi nu teu pernah milampah dosa, tapi jalma anu sae
mungguh Allah Swt. Nyaeta jalmi anu heunteu liren tina tobat ka Allah sareng papada manusa.

Hadirin rahimakumulloh !!

Dina lebaran ieu, mugia urang sadaya di paparin hidayah sareung taufiq Ku Allah Swt. Dugi
kasalamina urang janteun jalmi anu ta’at ibadah ka Anjeun-Na. Ditebihkeun tina mara bahaya, di
hapunten sagala dosa, di paparin kulawarga anu bagja dunya bagja akherat . Amin....!

‘Hadirin jamaah idul fitri rohimakumullah ‘

Dina akhir khutbah ieu ,hayu urang muhasabah diri bari merdih ka Gusti Nu Maha Suci Allah
Robbul ‘ Izzati, mugia naon rupi nu ku urang di lakonan salami hirup, utamina salami sasih
Romadhon aya dina panampian anu sae ti Allah Swt. Amin yarobil alamin......!!

Ya Allah Ya Rohman Ya Rohiim

Kiatkeun iman abdi, kiatkeun iman kulawarga abdi, kiatkeun iman warga masyarakat abdi,

Saekeu lisan abdi , saekeu lisan kulawargi abdi , saekeun lisan warga masyarakat abdi, hapunteun
abdi sadaya tina ibadah anu lalawora .Hapunteun abdi sadaya tina kalepatan anu taya batasan .

Ya Allah Yaa Robbi....

Mugia gusti nampi kana amal ibadah abdi sadaya

Mugia gusti nampi kana shaum abdi sadaya

Janten keun abdi sadaya jalmi-jalmi anu sahat jasmani sareng rohani , panjang suswa sareng dina
kaayaan taqwa, jembar rizki sareng, tiasa babagi, jembar manah supados hirup mernah.

“Ya Allah Ya Rohman Yarohim “

Salametkeun bangsa sareng nagara abdi tina wabah panyakit virus pandeumik covid 19 ,corona ,
tebihkeun tina sagala ka sulitan , sareng pasihan rakyat kami kekuatan lahir batin tina sagala ujian
sereung cocoba, mung kagusti abdi nuhunken pertolongan .Ku sabab segenap warga negara ieu
sujud sembah ka gusti sarta berserah diri katut bakti ka gusti.

“Ya Allah Mujibasailin”

Mung ka gusti abdi sadaya nga du’a , Mungka gusti abdi sadaya meredih ,Mugi gusti ngaijabah kana
panuhun abdi sadaya .
ROBANA INANA SAMINA MUNA DIYA LIL IMAN AN AMINU BIROBIKUM PAAMANNA , ROBANA
PAGPIRLANA DUNU BANA WAKAFIRANA SYAYI ATINA WATAWA PANA MAAL ABROR , ROBANA
ATINA PIDUNYA HASANATA WAKINA ADA BANAR . AQULLU QOLA ASTAGPIRULLAH ALADHIM
LIWALIKUM WALI-WALI DAYA WALI-WALIDIKUM WALI ZAMIIL MUSLIMIN WALMUSLIMAT WAL
MUMININ WALMUMINAT WASTAGPIRUHU INAHU WALGOFURUROHIM .

ROBANA ATINA PIDUNYA HASANAH WAPIL AHIROTI HASANAH WAKINA ADA BANAR SUBHANAKA
ROBIKA ROBIL IZATI AMA YASIPUN WALHAMDU LILAH HIROBIL ALAMIN .

“TAQOBALAHU MINA WAMINKUM SIAMANA WASIAMAKUM . ASLAMU WB..”

Anda mungkin juga menyukai