Anda di halaman 1dari 4

PEMBUKAAN

Bismillahhirrohmanirrohim, asashaduallaila haillalloh waashaduana muhamaddarasulullah. Alhamdullillah, wasyukurillah Sim kuring langkung tipayun,seja manjatkeun puja sinareng puji, ka gusti num aha suci, maha welas asih, wireh dina danguek ieu, mantena atos maparin kaanugrahan urang anu sami-sami hadir ditempat anu mulya ieu, mangrupi mangpirang-pirang nikmat anu tampawangenan, urang sadayana tiasa ruing mungpulung paamprok jonghok, patepang raray, dina suasana silaturahmi tur aya dina kaayaan sehat walafiat, ibu-ibu bapa-bapa anu dimulyakeun kualloh, mangga urang dikawitan ku maos bismillah...

NARASI
Nun gusti sembaheun abdi-abdi sadaya. Teu kendat-kendat abdi sadaya nyembahkeun, puji sinareng syukur ka pangeran gusti allohu robbul alamin. Rehing ginanjar nimat nu teu kendat-kendat natrat manjang ti wiwit kun fayakun agung, dumugi kawangkid ieu anu sesah ngawincikna kinasihan gusti ka sugrining anu gumelip. Saeusining jagat lahir kalih jagat batin, ku jalaran kitu, dinten ieu abdi-abdi sadaya masih tiasa nyakseni kanan kajembaran gusti. Wireh kantos parantos maparin kasalametan rahmatan Ka keluarga besar SLB-A Budi Nurani kalintang bagjana tiasa mapagonan Paturay tineung dina sareat kaislaman. Mangga arang nyakseni kana sungkemna Siswa lulusan ti SLB-A Budi nurani ka anu janten pupuhu piwuruk elmu. Mangga upacara sungkem dikawitan.

RAJAH Bismillah seja sumujud ka Indung teu ngandung. Bismillah seja mumuja kabapa anu teu ngayuga diri. Sumeja ngaras sampean. Neda ridzoning Pangeran. NARASI GURU Payung mendung pinayungan, Papayungna kahirupan, anaking Kuwung-kuwung elmu luhung, padepokan panalaran Luhungna jembar panalar, junun Junun geus mangtaun-taun, Peurih katiir ku wanci, tutug Tutugna poe ayeuna, ayeuna cacap paneja, Wisuda dina waluya, hataman tanda lekasan,

Arum turunna, arum tinawur !

Duh anaking teu karasa, kiwari ngajadi bukti Hideup geus tamat diajar, nungtut elmu nyungsi harti Tapi hideup sing gumati, tong poho kana piwuruk Jang pibekeuleun hidep

NARASI SISWA DuhIbu ... anu kuabdi dipunjung satutup umur. Duh...Bapa anu ku abdi dipuja saguratna panjang yuswa. Kanggo abdi suda pibasaeun anu payus dipiunjuk ka pangersa. Ti kawit abdi ngawitan diajar, nungtut elmu nyungsi harti. Abdi anu saestu ngabotkeun kakersa ibu. Enjing sonten abdi disuwuk ku elmu, wengi abdi dijaga ku dua. Dinten ieu abdi kasaksen kusadaya anu nyakseni. Abdi kenging anugrah illahi robbi anugrah jodo pidua Ibu. Ibu cipanon abdi cipanon ku karumaosan cipanon karisi ati hate geusan ngedalkeun rasa syukur ka hadirat illahi robbi anu maparin jodo ka mustikaning ati. Bral anaking miang laki rabi jajap ku dua. Sing waluya awet jodo, sing sugih kuasih illahi robbi. Sing beunghar kuharta, sing jegud ku elmu, sing alus mulus turunan, sing sabilulungan jeung dulur, sing hade ka caroge, sing heman kabaraya, sing galimet jeung kuring leutik, sing hormat ka purwa kalih pamedaling diri, sing gumati kapapagon illahi, ulah tinggaleun ibadah Bralanaking miang laki rabi tur janik dunya aherat.

JEMPLANG TITI
Duh mamah pujaan kalbu. Sembaheunsaestu. Rumaosrumaos. Kurang tata seueur dosa. Kasalira dampal mamah 2x Salawasna ngadoreksakeun. Kasalira dampal mamah. Tina ati sanubaru. Jisim abdi neda ampun. Tilahir dugi kabatin.

Neda jembar pangapunten. Neda widi jatuk rami. Pidua anu kasuhun.

PUPUNDEN ATI ( ngumbah sampean Ibu )


Duh anak Ibu. Nugeulis pupunden ati. Bade rendengan. Jatuk rami pangantenan. Muga rahayu mulus bangles. Salawasna jembar panalar. Sing salamet lahir batin.

Bral geura jengkar. Mapay tapak lelembutan. Deuk sauyunan. Jeungpanutan Silih eledan. Silih simbeuh ku kaasih. Sakulawargi ngaduakeun. Beurang peuting.

JEMPLANG TITI ( Sungkem ka Rama )


Duh Bapa sembaheun abdi. Cukang lantaran gumelar. Nampi nuhun laksa katon. Katresna neda widina. Sumeja sungkem sumujud.

NIMANG
Puji syukur kayang agung. Ka illahi maha suci. Mugi Gusti nangtayungan. Kasugri anu kumelip. Mugi Gusti ngahapunten. Ka dosa-dosa sim abdi. Mugi Gusti welas asih.

Ka pun Biang sareng pun Bapa.

Anda mungkin juga menyukai