Anda di halaman 1dari 3

Naskah Upacara Adat Sunda

Overture: Gending khusus Narasi: Jeung diantara tanda-tanda kakawasaanana Geus diciptakeun pikeun aranjeun Pasangan hirup diantara aranjeun Rasa asih diantara aranjeun Sangkan aranjeun aya dina katingtriman Rajah lengser (amitan) Rampak sekar: Tah sora goong ngungkungan aya naon aya naon 2X Tah sora-sora bewara tah sora goong tanggara tanggara reujeung bewara Paheut hiji subaya Nu pasini jatuk rami ayeuna dugi kawanci Nu paheut ngeuyeuk kadeudeuh ayeuna parantos rawuh Dipapag dibageakeun bagea wilujeng sumping calon rajaning sadinten Nulinggih di istrenan Solo: Pun sapun uwa hampura Manawi tatamu saha Rumaos uwa leleda Sakedap antosan heula uwa tumut kasalira Seja ngembarkeun bewara kasakumna balarea Pun sapun Uwa nebarkeun sumping Tuh atra ngaleut ngalabring Der gending geura ramekeun Bral miang geura papageun Bur payung geura bukakeun 3X Gending umbul-umbul/ibing baksa: Sampak/gending khusus (keringan) Gending payung (pangapungan): Samapiung ngapung ka manggung Ngapak mega ngawang-ngawang burudul

Budul saalung baju barabay Sawidak deupa rup kusambut rap ku lemah Kadingdingan indung peuting kahalangan mega malang Enggeus Rentong sagede papatong reuntas sagede bangbara Tarik batan mimis bedil Reuntas batan kuda lumpat Awak wawuh jeung nulembut Awak loma juragan Duh jeung dewata Gending lengser (khusus) Lengser midang (Gudril): Uwa lengser 2X Geus miang mapag nugandang Leumpangna rurusuhan Bangun taya karingrang Diudag-udag kalangkang 2X Gending mayang (pajajaran): Nagri mashur pajajaran Patilasan siliwangi Jung nanjung 2X Panganten sing nanjung Mugi gusti nangtayungan Tawur kembang (bunga): Catrik: Ditawur kembang malati Sengitna tisanubari Nuseyngit kanggo salira Tiwargi sadaya Sing asih kembang katresnan Nu medal nalelembutan Hariring kanggo salira Tiwargi sadaya Kulu-kulu: Haturan jimat awaking Panganten teh gening sumping Hidep nu dianti-anti Nyumponan jangji pasini

Ditawur kembang malati Seungit kembang mawar sari Nu seungit kanggo salira Ti abdi-abdi sadaya Baheula mah nelengnenggung Ayeuna jalugjug jangkung Baheula mah nelengneggung Ayeuna kabale nyungcung Kalung bunga: (jemplang titi) Tari persembahan (merak): Gending hkusus lagu catrik Sholawatan: Shollalloh ala Muhammad Shollalloh alaihiwasallam 2X Panutup

Anda mungkin juga menyukai