Anda di halaman 1dari 10

Kasusastraan Sunda; Tembang Jeung Kawih (Bagian Akhir)

Posted on Mei 11, 2011by muhsinpamungkas


Saperti nu geus kacarita tiheula bedana tembang jeung kawih th, ari tembang mah
nu di tembangkeunana th guguritan, jadi kauger ku aturan-aturan pupuh. Jeung
deui ari tembang mah dipirig ku kacapi jeung suling, tara dipirig ku parabot anu
sjn. Nu nembangna nya tukang tembang.

Ari kawih, nu dikawihkeunana sair atawa sajak. Pamirigna biasana rebab, kendang,
gamelan, goong jeung sajabana, saperti dina kiliningan. Sawarhna aya og anu
dipirig ku kacapi jeung suling.

Lagu-lagu klasik saperti Buah Kawung, Sorban Palid, Daun Pulus, Banondari jeung
sjn-sjnna, ta kaasup kawih. Tukang ngawihna disebut Juru Kawih atawa
Sindn.

Nembang sok disebut lemesna : Mamaos. Padahal mamaos mah lemesna tina
nembang maca.

Ieu di handap sababaraha conto kawih :

Wangsit Pahlawan
(Dicutat tina Ganda Mekar)
Tangkal puring ciri kuring

Samoja nu mawa beja

Hanjuang perlambang nohonan berjuang

Nu tinggal tutunggul, tanggal reujeung ngaran

Jadi misil wakil wangsit

Pangnepikeun ka manhna

Anu masih araraya

Para Pahlawan nu pandeuri

Indonesia Gemah Ripah


(Dicutat tina Ganda Mekar)
Indonesia gemah ripah loh jinawi

Alam ndah hjo lembok sugih mukti

Subur tutuwuhan, beunghar pepelakan


Alam hjo ngemploh karaharjan lemah cai

Kakayon tumuwuh subur pajangkung-jangkung

Petetan ngawujud sirung pagulung-gulung

Piraku rek tga, piraku rk rla

Alam nu hjo ngemploh pinarengan ngarangrangan teu kariksa

Karatagan Pahlawan
Teu honcwang sumorang

Tkadna Pahlawan Bangsa

Cadu mundur pantang mulang

Mun maksud tacan laksana

Berjuang keur lemah cai

Lali rabi tur tegang pati

Taya basa mnta pamulang tarima

Iklas rido keur korban merdka

1. Sinatria Danalaga
Bla bangsa jeung nagara

Dibarengan tekad suci

Berjuang keur lemah cai

Teu ngingetkeun ka dirina

Asal nagri bangsa waluya

Kadar jembar merdka mukti wibawa

Dasar tujuan Pahlawan Bangsa

Karatagan Pahlawan alus dikawihkeun rampak sekar (koor) mak 2 sora.


Sabilulungan
Sabilulungan dasar gotong royong

Sabilulungan sipat silih rojong

Sabilulungan gentng ulah potong

Sabilulungan persatuan tmbong (katmbong)

Tohaga, rohaka, teguh tanggoh perbawa sabilulungan

Sadia, sajiwa segut singkil ngabasmi pasalingsingan

Sabilulungan silih pikahman

Sabilulungan hirup sauyunan

Sabilulungan gaw babarengan

Sabilulungan jadi kauntungan (kauntungan)

Tohaga, rohaka, teguh tanggoh perbawa sabilulungan

Sadia, sajiwa segut singkil ngabasmi pasalingsingan

Dewi Sartika
Kantun jujuluk nu arum

Kari wawangi nu seungit

Nyebar mencar sa Pasundan

Nyambuang sa Nusantara

Sari puspa wangi arum

Seungit manis ngadalingding

Sari sekar nyurup nitis

Kana sukma istri Sunda

Teu kagambar ku rumpaka


Henteu kasanggi ku dangding

Menggahing jasa-jasana

Rahadn Sartika Dewi

Huripna yitma rohani

Istri Sunda sadayana

Nya jasana Radn Dwi

Ibu para istri Sunda

Mugi-mugi ka Yang Agung

Jasa-jasa Radn Dwi

Teras nyebar teras mencar

Nyaangan nagara jaman

Jadi obor para ibu

Enggoning ngatik pra putra

Sangkan jadi warga guna

Nu ngajungjung lemah cai

Ririungan
Ririungan urang karumpul

Meungpeung deukeut hayu urang sosonoan

Macangkrama urang ngawadul

Urang silih tempas silih ldan

Moal lila jeung babaturan

Nitih wanci anu geus ditangtukeun

Bakal pisah bakal pajauh


Bakal mopohokeun katineung urang

Kadar ti maha kawasa bakal kasorang

Takdir ti Gusti Yang Widi bakal kalakon

Urang rk papisah urang rk pajauh

Meungpeung deukeut hayu urang sosonoan

Lagu : Mupu Kembang


Kawih : Dewi Asri
(Dicutat tina Wawacan Mundinglaya Dikusumah)
Hujang pah jadi waru

Ngarah diala kulitna

Diuntay dijieun tambang

Dipak nalian munding

Munding soth Mundinglaya

Mundinglaya Dikusumah

Gusti Anom Pajajaran

(Ceuk Dewi Asri ka Mundinglaya Dikusumah)

Ulah angkat dinten Saptu

Saptu mah numbuk di windu

Ahad mah larangan bulan

Senn sok rajen kadeseh

Salasa matak kabandang

Rebo mal maak kaboyong

Kemis ninggang kalapati

Jumaah awon dintenna


Ari ieu di handap aya 4 anu sok dihaleuangkeun ku tukang tembang, tapi teu kasebut
pupuh. Duka asup kana pupuh duka kana kawih, ngan anu jelas tara dihariringkeun
ku juru kawih, tapi sok dipintonkeun dina kacapi suling ku tukang tembang.

Anu 4 th nyata:

1. Lagu Bangkong
2. Lagu Mupu Kembang
3. Lagu Papatt
4. Pangapungan
Lagu Bangkong
Bangkong dikongkorong kujang

Ka cai kundang cameti (da kol)

Ulah ngomong mmh leumpang (da hirup)

Hirup katungkul ku pati

Pah teu nyaho di mangsa

Hirup dibungkusan pati

Pah mun nepi ka mangsa

Lagu Mupu Kembang


Burudul mnak ti kidul

Aleutan para tumenggung

Candakna angklung jeung degung

Tutup kendang kulit lutung

Dirarawat ho wulung

Dicandak ka alun-alun

Ditepak kunu jarangkung (ku nu jarangkung)

Burudul mnak kalr

Aleutan para gegedn

Candakna parabot ronggng


Tutup kendah kulit bantng

Dirarawat ho rorng

Dicandak ka kadipatn

Ditepak ku nu garonjlng (ku nu garonjlng)

Burubul mnak ti kulon

Aleutan para kaliwon

Candakna kendang jeung goong

Tutup kendang kulit bagong

Dirarawat ho bolong

Dicandak kana babancong

Ditepak ku nu aranom (ku nu aranom)

Burubul mnak ti wtan

Aleutan para kumendang

Candakna parabot wayang

Tutup kendang kulit kidang

Dirarawat ho welang

Dicandakna ka paseban

Ditepak ku para mojang ( ku para mojang)

Lagu Papatt
Pangkat : Daweung diajar ludeung
Gunung ged siga nu nand

Nandean ka diri abdi


Gunung pangrango ngajogo

Ngadagoan abdi wangsul

Wangsul ti pangumbaraan

Kebo mulih pakandangan

Nya muncang labuh ka puhu

Anteukeun ka nagarana

Gunung Galunggung kapungkur


Gunung Sumedang katunjang

Talaga sakawayahna

Rangkecik di tengah leuweung

Ulah pundung ku disungkun

Ulah sungkan teu ditang

Tarima raga wayahna

Ngancik di nagara deungeun

Gunung Tangkuban Parahu


Nangkub nepi ka kiwari

Sasakala nu baheula

Sangkuriang kabeurangan

Molompong jalan ka Bandung

Bandung g Bandung baheula

Ari rt ka tebeh kidul

Gunung Malabar ngadingding

####################
Nya munjung ulah ka gunung

Muja ulah ka sagara

Nya munjung kudu ka indung

Muja mah kudu ka bapa

Gunung mah sok rajeun urug

Sagara sok rajeun saat

Indung mah tunggul rahayu

Bapa mah tangkal darajat

Lagu Pangapungan
Sumping ngepung ka manggung

Ngapak mga ngawang-ngawang

Burubul saulun baju

Barabat sawidak deupa

Rup ku padung rap ku lemah (anggeus radn)

Kadingdingan indung peuting

Katuruban mega bodas

Juragan tatalegongan (geuning)

Sumbawit kadidadali

Sumbawut kadi bincarung

Nanding ciung moro gunung

Nanding jogjog moro mondok

Kadanca pegat laratan (geuning)


Moro pangrumrumannana

Nanding jogjog moro mondok

Kadanca pegat laratan (geuning)

Moro panonobannana

Anda mungkin juga menyukai