Anda di halaman 1dari 12

Koleksi Lagu-lagu “ Sunda Sawawa “

KIDUNG

Abdi nyalindung ka Allah


Tina panggodana setan
Gusti ampun ……………………….
Sadaya kagungan gusti

Kalawan asmana Allah


Nu maha welas jeng asih
Ari sadayana puji
Eta kagungan pangeran

Pun ampun kanu agung


Nu kagungan kun fa yakun
Hirup abdi hurip abdi
Sadaya kagungan Gusti

Jleg ngadeg sakur kersana


Bral gumelar kawasana
Di langit pating karetit
Di bumi pating kulisik kumerlip di alam lahir

Basmallah bubuka kidung


Ngawitan medar carita
Sunda sawawa kiwari
Ngaguar anu tiheula nu dipalar mangfaatna

Sunda sawawa geus bukti


Nu aya di lemah cai
Nu aya di nagri RI
Urang sunda gaduh ciri
Koleksi Lagu-lagu “ Sunda Sawawa “

KIDUNG

Ngamumule kasenian
Sami cinta kabangsaan
Miara jeung ngamumule
Eta seniman sejati

Teu dikampung teu di kota


Sadaya pada micinta
Sunda sawawa geus ngajadi
Manjang dugi ka kiwari

Urang sunda kakoncara


Mashur ka mancanagara
Nu sugih ku budayana
Nu beunghar seni sundana

Urang sunda sae basa


Urang sunda sae budi
Urang sunda lemes ati
Urang sunda santa budi

Nyanggakan iyeu hariring


Lagu kidung anu mashur
Pamuka dina harapan
Lagu buhun pangruwatan
Koleksi Lagu-lagu “ Sunda Sawawa “

KIDUNG

Ulah manawa manawi


Manawa ka jisim abdi
Manawi ka sugri wargi
Utami kawargi seni

Sembah sungkeum kasadaya


Ti abdi saparakanca
Bilih pacorok garapan
Bilih aya nu teu sami

Anu ngawih jisim abdi ( dadan juandana)


Ki Hj. Permana sidik
Kang jaja sulanjana
Rombongan sunda sawawa

Hapunten anu kasuhun


Bilih selip hariringna
Bilih sumbang haleuangna
Pastina aya kirangna

Khusus ka para seniman


Nu aya ditatar sunda
Hayu urang sasarengan
Seni sunda banda urang

Wur tawur jatirahayu amiin yaarobbal’alamiiin


Koleksi Lagu-lagu “ Sunda Sawawa “

Mulang Ka Asal

Duh jungjunan ke antosan heula


Kuring mindeng cumalimba
Mieling jasa salira
Nu tuhu satia ngorbankeun harta jeng jiwa
Nu akhirna kuring cidra
Karasa jeng rumasa
Jalma nu sulaya jalir ti janjina
Duh………. Jungjunan neda hampura

Alok : Cing ngaula ka wayahna


Ulah rek aral subaha
Lamun jalma geus sulaya
Tangtu aya mamalana

Hate peurih asa digerihan


Anjeun nu geus luluasan
Ngelehkeun asih munggaran
Ngedalkeun hareupan
Nu endah leubeut ranggeuyan
Tina teteup ka ikhlasan
Tigin henteu pupulasan
Tapi kawalahan manggih ka sasaran
Emh…………. Ka kuring geus ngaraheutan
Koleksi Lagu-lagu “ Sunda Sawawa “

Alok : Cukleuk leuweung cukleuk lamping


Jauh ka sintung kalapa
Lieuk dengeun lieuk lain
Jauh ka Indung ka Bapak

Lamun nyawang lalakon ka tukang


Seseblakan sumoreang
Dina lamunan ngalangkang
Anu nyingkah miang nyingkur ditempat nu anggang
Nu baheula sok ngalangkang
Lebeng henteu deui dating
Hate kuring dewang
Raheut lieur ku gobang
Duh………….jungjunan kuring teh bimbang
Koleksi Lagu-lagu “ Sunda Sawawa “

Dikantun Tugas

Calik dina bangbarung


Anteng na hurun balung
Nyawang anu ngalangkung
Sedih manahna nguyung
Emut ka sang panutan
Anu nuju berjuang
Aya di medan perang
Ngabela nagara urang
Naming nu geulis sabar
Sarta manahna lebar
Ngantos panutan sumping
Mulih ti medan juang
Abdi kesel ngantosan
Engkang iraha sumping
Abdi nu nganti nganti
Kempeul sakulawargi
Alok : Kleung angkleung
Sagara ombak ombakan 2x
Keu eung nineneung
Nu geulis sabar ngantosan
Koleksi Lagu-lagu “ Sunda Sawawa “

Tonggeret

Tonggeret …… tonggeret
Tonggeret digeret pangset
Digeret pangset
Tonggeret…..tonggeret
Teu benang di uyah uyah
Teu benang di uyah uyah
Tonggeret…..tonggeret
Tonggeret digeret pangset
Digeret pangset
Tong di reret tong ka pellet
Eta sing beunangmah
Di ulah ulah
Tonggeret……..tonggeret
Tonggeret dibawa leumpang
Dibawa leumpang
Tonggeret…….tonggeret
Dina tangkal nagasari
Nagasari
Tonggeret……..tonggeret
Tonggeret dibawa leumpang
Dibawa leumpang
Tonggeret masing tenang
Kade omat gan ulah kagembang
Tonggeret…..tonggeret
Tonggeret sada ti beurang
Sada ti beurang
Koleksi Lagu-lagu “ Sunda Sawawa “

Tonggeret……..tonggeret
Enteup dina tangkal dukuh
Tangkal dukuh
Tonggeret……..tonggeret
Tonggeret mah ceu haji
Sada ti beurang
Tong direret tong rek ringrang
Jiwa urang gan da masing tenang
Tonggeret……..tonggeret
Tonggeret di luhur gunung
Di lihur gunung
Tonggeret……..tonggeret
Tonggeret digeret pangset
Digeret pangset
Tonggeret……tonggeret
Dina tangkal waru doyong
Waru doyong
Tong direret tong ka pellet
Kang ade sok gede bohong
Koleksi Lagu-lagu “ Sunda Sawawa “

Sinjang bodasan
Sinjang bodasan 2x
Dicandak ka kota kembang
Tong luluasan tong luluasan
Sok sieun abdi ka gembang ( Abdi kagembang )

Sinjang bodasan deui teh Imas .R Sarijati, sinjang bodasan


Di candak mah A Ujang Karmana ka kota bandung
Tong luluasan A ujang tong luluasan
Sok sieun teh Imas pundung, (teh imas pundung)

Sinjang bodasan teh Tika, A tedi, sinjang bodasan


Dicandak k sukajadi
Tong luluasan teh Tika, A tedi tong luluasan
Sok sieun henteu ngajadi henteu ngajadi

Sinjang bodasan kang Dori, kang Kunkun, sinjang bodasan


Diicandak mah neng Rika Rafika, kang Raja ka kota lembang
Tong luluasan kang bombom tong luluasan
Sok sieun bombom ka gembang ( Bombom ka gembang)

-masuk sesudah rayak2


Sinjang bodasan deui om Agus neng Ineu, sinjang bodasan
Dicandak ka majalaya
Tong luluasan neng Ineu tong luluasan
Sok sieun Agus sulaya, Agus sulaya

Sinjang bodasan A rijal, de rendi, sinjang bodasan


Dicandak na ka cianjur
Tong luluasan A rijal, de rendi, tong luluasan
Sangkan jadi jalma jujur
Koleksi Lagu-lagu “ Sunda Sawawa “

Rayak rayak

Cai cai kopi kopi ma haji kokom


Pepeurih di leueut moal
Manga calik jeng pak haji, om surya
Peperih pacakeut moal

Kuma suling 2x, bah abo,bah odo


Suling silung kikinciran
Kuma kuring 2x
Kuma kuring pipikiran

Sapanjang jalan soreang


Moal weleh di aspalan
Sapanjang tacan ka sorang
Moal weleh di akalan

Sanjan aya talina


Moal cara jeung areuyna
Sanajan aya gantina
Moal cara jeung anjeuna
Koleksi Lagu-lagu “ Sunda Sawawa “

Cangkurileung

Cangkurileung 2x
Enteup dina kang suli dahan kai
Abdi nineung abdi nineung
Nineng soteh 2x ka sim abdi

Cangkurileung kang bayan


Enteup dina ki angsana
Upami bapak sareng ibu mikatineung
Ka abdi mah, ka abdi saparakanca

Samping hideung dina bilik


Kumaha nuuskeunnana
Abdi nineung, abdi nineung kanu balik
Kumaha nuturkeunnana
Alok : Kangkung bandung kang Deni
Kangkong bandung Teh Ai
Dicandak ka pasar lembang
Urang jungjung seni calung
Seni calung banda urang
Kangkung bandung kang dori
Kangkung bandung kang raja
Dicandak ka pasar lembang
Urang jungjung seni calung
Seni calung banda urang

Et..engket…, engket…engket kembang wera


Cing sareredet ieu hate mikacinta
Et..engket…, engket…engket kembang tanjung
Cing sareredet ieu hate Liwung gandrung
Koleksi Lagu-lagu “ Sunda Sawawa “

Alok : Oray orayan


Luar leor na ka sawah
Entong ka sawah
Pare na keur sedeung beukah

Oray orayan
Luar leor na ka kebon
Entong ka kebon
Aya budak eukeur ngangon

Oray orayan
Luar leor na ka cai
Entong ka cai
Loba barudak keur mandi

Oray orayan
Luar leorna ka pipir
Entong ka pipir
Loba barudak keur mikir

Oray orayan
Luar leorna ka gawir
Entong ka gawir
Loba barudak keur ulin

Oray orayan
Luar leor na ka masjid
Entong ka masjid
Loba barudak keur ngaji

Anda mungkin juga menyukai