Anda di halaman 1dari 9

Upacara Adat Perkawinan / Pernikahan Sunda Lengkap :

Pemandu Seserahan.

Siraman & Ngeuyeuk Seureuh diiringi musik Kecapi Suling. Sawer, buka pintu, huap lingkung setelah
akad nikah. Upacara penyambutan pengantin/Mapag Panganten dengan karawitan/gamelan diiringi
penari, pembawa payung, dan lengser untuk resepsi.

Tarian hiburan (Salah satu : Topeng, Merak, Jaipongan, dll) menggunakan kaset.

M.C Adat dan M.C Umum untuk akad nikah dan resepsi, Wedding.

Naskah Upacara Adat Sunda

Gending khusus

Narasi:

Jeung diantara tanda-tanda kakawasaanana

Geus diciptakeun pikeun aranjeun Pasangan hirup diantara aranjeun

Rasa asih diantara aranjeun

Sangkan aranjeun aya dina katingtriman

Rajah lengser (amitan)

Rampak sekar:

Tah sora goong ngungkungan aya naon aya naon 2X

Tah sora-sora bewara. tah sora goong tanggara. tanggara reujeung bewara

Paheut hiji subaya

Nu pasini jatuk rami ayeuna dugi kawanci


Nu paheut ngeuyeuk kadeudeuh ayeuna parantos rawuh

Dipapag dibageakeun bagea wilujeng sumping. calon rajaning sadinten

Nulinggih di istrenan

Solo:

Pun sapun uwa hampura

Manawi tatamu saha

Rumaos uwa leleda

Sakedap antosan heula uwa tumut kasalira

Seja ngembarkeun bewara kasakumna balarea

Pun sapun

Uwa nebarkeun sumping

Tuh atra ngaleut ngalabring

Der gending geura ramekeun

Bral miang geura papagkeun

Bur payung geura bukakeun 3X

Gending umbul-umbul/ibing baksa:

Sampak/gending khusus (keringan)

Gending payung (pangapungan):

Sampiung ngapung ka manggung

Ngapak mega ngawang-ngawang burudul saalung baju


barabay Sawidak deupa. rup kusambut rap ku lemah

Kadingdingan indung peuting kahalangan mega malang

Enggeus…

Rentong sagede papatong reuntas sagede bangbara

Tarik batan mimis bedil

Reuntas batan kuda lumpat

Awak wawuh jeung nulembut

Awak loma juragan Duh jeung dewata

Gending lengser (khusus)

Lengser midang (Gudril):

Uwa lengser 2X

Geus miang mapag nugandang

Leumpangna rurusuhan

Bangun taya karingrang

Diudag-udag kalangkang 2X

Gending mayang (pajajaran):

Nagri mashur pajajaran

Patilasan siliwangi

Jung nanjung 2X

Panganten sing nanjung

Mugi gusti nangtayungan


Tawur kembang (bunga):

Catrik:

Ditawur kembang malati

Sengitna tisanubari

Nuseungit kanggo salira

Tiwargi sadaya

Sing asih kembang katresnan

Nu medal nalelembutan

Hariring kanggo salira

Tiwargi sadaya.

Kulu-kulu:

Haturan jimat awaking

Panganten teh geuning sumping

Hidep nu dianti-anti

Nyumponan jangji pasini

Ditawur kembang malati

Seungit kembang mawar sari

Nu seungit kanggo salira

Ti abdi-abdi sadaya

Baheula mah nelengnenggung

Ayeuna jalugjug jangkung

Baheula mah nelengneggung


Ayeuna kabale nyungcung

Kalung bunga:

(jemplang titi)

Tari persembahan (merak):

Gending hkusus lagu catrik

Sholawatan:

Shollalloh ‘ala Muhammad

Shollalloh ‘alaihiwasallam 2X

NASKAH SIRAMAN

PEMBUKAAN

Bismillahhirrohmanirrohim, asashaduallaila haillalloh waashaduana muhamaddarasulullah.

Alhamdullillah, wasyukurillah

Sim kuring langkung tipayun,seja manjatkeun puja sinareng puji, ka gusti num aha suci, maha welas asih,
wireh dina danget ieu, mantena parantos maparin mangpirang pirang kanikmatan sareng kasinugrahan
ka urang sadayana anu sami-sami hadir ditempat anu mulya ieu, anu tampa wangenan, urang sadayana
tiasa riung mungpulung paamprok jonghok, patepang raray, dina suasana silaturahmi tur aya dina
kaayaan sehat walafiat, ibu-ibu bapa-bapa anu dimulyakeun kualloh, mangga urang dikawitan ku maos
bismillah...

NARASI

Nun gusti sembaheun abdi-abdi sadaya. Teu kendat-kendat abdi sadaya nyembahkeun, puji sinareng
syukur ka pangeran gusti allohu robbul a’lamin.
Rehing ginanjar ni’mat nu teu kendat-kendat natrat manjang ti wiwit kun fayakun agung, dumugi
kawangkid ieu anu sesah ngawincikna kinasihan gusti ka sugrining anu gumelip.

Saeusining jagat lahir kalih jagat batin, ku jajaran kitu, dinten ieu abdi-abdi sadaya masih tiasa nyakseni
kana kajembaran gusti.

Wireh kantos parantos maparin kasalametan rahmatan

Ka keluarga besar bapak……………… kalintang bagjana tiasa mapag tepung rabi dina sareat kaislaman.

Mangga arang nyakseni kana sungkemna (pihak laki2 dan pihak perempuan) kanu janten ibu rama.

Mangga upacara sungkem dikawitan.

RAJAH

Bismillah seja sumujud ka Indung anu ngakandung.

Bismillah seja mumuja kabapa tangkal darajat.

Wiwitan gumelar lahir rawayan ka pawenangan.

Sumeja ngaras sampean.

Neda ridoning Pangeran.

AYUN AMBING

Ayun ayun ambing.

IDi ayun-ayun kusamping.

………………anu kasep/anu geulis.

Yap kadieu urang ngariung.


Dianti ti tadi, dianti-anti ti tadi.

Teu karasa hidep teh nincak sawawa.

Basa……………ditimang jeung dihuapan.

Diibakan kumamah teterejelan.

Mamah rek ngibakan nu pamungkas.

NARASI PANGANTEN ( Ka Ibu Rama )

Duh…Ibu anu kuabdi dipunjung satutup umur.

Kanggo abdi suda pibasaeun anu payus dipiunjuk ka Ibu.

Ti kawit abdi dialam rahim dugi kaluminjing dialam lahir.

Abdi anu saestu mung bobot anu ngabotkeun kakersa ibu.

Siang wengi abdi dijaga, wengi abdi diaping didama-dama ku du’a.

Dinten ieu abdi kasaksen kusadaya anu nyakseni.

Abdi kenging anugrah illahi robbi anugrah jodo pidu’a Ibu.

Ibu cipanon abdi cipanon ku karumaosan cipanon karisi ati

hate geusan ngedalkeun rasa syukur ka hadirat illahi robbi anu maparin jodo ka mustikaning ati.

Bral anaking miang laki rabi jajap ku du’a.

Sing waluya awet jodo, sing sugih kuasih illahi robbi.

Sing beunghar kuharta, sing jegud ku elmu, sing alus mulus turunan, sing sabilulungan jeung dulur, sing
hade ka caroge, sing heman kabaraya, sing galimet jeung kuring leutik, sing hormat ka purwa kalih
pamedaling diri, sing gumati kapapagon illahi, ulah tinggaleun ibadah……

Bral………anaking miang laki rabi tur janik dunya aherat.


JEMPLANG TITI

Duh mamah pujaan kalbu.

Sembaheun………saestu.

Rumaos………rumaos.

Kurang tata seueur dosa.

Kasalira dampal mamah 2x

Salawasna ngadoreksakeun.

Kasalira dampal mamah.

Tina ati sanubari

Jisim abdi neda ampun.

Tilahir dugi kabatin.

Neda jembar pangapunten.

Neda widi jatuk rami.

Pidu’a anu kasuhun.

PUPUNDEN ATI ( ngumbah sampean Ibu )

Duh anak Ibu.

Nugeulis pupunden ati.

Bade rendengan.

Jatuk rami pangantenan.

Muga rahayu mulus bangles.

Salawasna jembar panalar.

Sing salamet lahir batin.

Bral geura jengkar.


Mapay tapak lelembutan.

Deuk sauyunan.

Jeung………panutan……

Silih eledan.

Silih simbeuh ku kaasih.

Sakulawargi ngadu’akeun.

Beurang peuting.

JEMPLANG TITI ( Sungkem ka Rama )

Duh Bapa sembaheun abdi.

Cukang lantaran gumelar.

Nampi nuhun laksa katon.

Katresna neda widina.

Sumeja sungkem sumujud.

NIMANG

Puji syukur kayang agung.

Ka illahi maha suci.

Mugi Gusti nangtayungan.

Kasugri anu kumelip.

Mugi Gusti ngahapunten.

Ka dosa-dosa sim abdi.

Mugi Gusti welas asih.

Ka pun Biang sareng pun Bapa.

Anda mungkin juga menyukai