Anda di halaman 1dari 17

NGARAS & SIRAMAN

Pembuka :

Neda widi kalih perhatosan ti wargi-wargi sadaya, Acara adat siraman


calon panganten neng seja dikawitan.

*Instrumen jipang lontang

Bismillahirrohmanirrohim, Assalamualaikum wr.wb

Para sepuh hadirin wargi-wargi anu ku simkuring di pihormat, sugrining puja


puji kalihna sukur, sumangga urang sami-sami sanggakeun ka alloh swt. Reh na
dina sonten ieu urang tiasa riung mumpulung, jonghok, paamprok, hempak seja
nyakseni acara adat siraman nyaeta calon panganten nu geulis neng_
-----Posisi calon pengantin di gendong oleh ibu menggunakan aisan di depan pintu
kamar bersama Ayah yang berdiri didepan dengan membawa lilin berjalan
melewati 7sinjang kebat yang sudah digelar menuju tempat ngaras dan
sungkem---
--

*Di iringi lagu Ayun ambing

*Lirik

Ari..ari ayun

ari ayun, ayun ambing

Ari...ari ayun

ari ayun, ayun ambing

diayun mah

diayun, ayun ku samping

diayun mah

diayun, ayun ku samping

Hidep... hidep omat

hidep omat, ulah rungsing

Hidep...hidep omat
hidep omat, ulah rungsing

Apan bapa...apan bapa

anu ngaping

Apan bapa...apan bapa

anu ngaping

Nyalindung ka pasir batu

Nu lobaKacilametan

Nyalindung ka pasir batu

Nu lobaKacilametan

Indung, sasaurna metu

Bapa, Saucapna nyata

Indung, sasaurna metu

Bapa, Saucapna nyata

Narasi :
Geulis anaking... hidep teh pupunden ati, beubeulahan nyawa anu di pikacinta,
di pikadeudeuh, di pikaasih ku rama hidep. Ibu hidep ngakandung hidep salapan
bulan lila na, dina kaayaan ripuh, leulues, lungse loba karasa, tapi estuning
ibu _teu ngarasula, Anjeun na estu bagja rek gaduh jimat nyaeta hidep
pisan anaking...

Dugi kahidep gubrag medal ka alam dunya, anu geulis di rawu dipangku,
di pikadeudeuh, di pikaasih, di pikanyaah, lir nanggeuy endong bebereum.

Ayeuna hidep muntang ka rama hidep. Anjeunna imam di kulawarga anu kedah
di hormat di dama-dama ku hidep. Rama hidep nyandak palita,ieu oge hiji siloka,
salawasna anu jadi kolot mere pituduh jalan kahadean keur hidep.

*(Calon pengantin dan orang tua mulai berjalan menuju kursi pelaminan)

Ngadeg tiluan di tempat anu tos di sayogikeun

Narasi :

Bapa... dina dinten ieu, putri kakasih bapa anu sakitu dinangna - nengne na ku
bapa bade di leupaskeun, bade di tikahkeun ka hiji jajaka pilihan hate na, bapa
ridho pa?
(memberi mic pada Ayah calon pengantin)
Bapa kalih ibu ridho lillahi ta'ala ngaleupaskeun hidep, mudah-mudahan
picarogeeun neng lalaki anu sajati, lalaki anu tanggung jawab, imam anu
hade kanggo anjeuna, anu tiasa neraskeun kadeudeuh sareng kanyaah bapa
sareng ibu.

Mangga di tiup eta lilin na pa... tikawit dinten ieu, tangel waler bapa dunya
akherat ka eneng lungsur kanu janten caroge na.

Mangga paak ditiup.... Bismillahi Allahuakbar...

Alhamdulillah....parantos di tiup

Neng, mudah-mudahan picarogeeun eneng, pameget anu sami deudeuh nyaah


na sapertos rama hideup..... nyaah deudeuh ka eneng.

Ayeuna, dilesotkeun aisan-nana. Neng geulis, tikawit ayeuna kapayun, hidep


geura lempang ku sorangan, ulah hayang menta wae ka kolot, ulah hayang
ngarondel
wae ka kolot, geus waktuna hidep mulang tarima kanu janten indung jeung bapa.

(instrumen kacapi-suling)

Mangga bapa ibu linggih dina korsi, eneng calik didieu mayun ka ibu sareng
ka bapa.

Nyalikan 7 sinjang, ieu ngemutan kahidep geulis, ngemutan oge kaurang


sadayana, barang gubrag medal ka alam dunya, hidep di bedong ku sinjang, jaga
oge upami tos waktosna urang mulih karahmatulloh, urang oge bakal di rurug ku
sinjang, ieu oge ngemutan ka hidep, ka abdi oge kaurang sadayana, mudah-
mudahan urang sarengkak saparipolah, sing inget kana aturan agama sangkan
urang dina
ngantunkeun ieu alam dunya aya dina karidhoan allah aya dina kaayaan
khusnul khotimah

Sok teuteup rama hidep geulis, rama hidep insan aulia allah anu gagah, anu
sakitu tangel walerna ageung, anjeunna dug hulupet nyawa, ripuh neangan rezeki
jang bisa nedunan sagala rupi kahayang eneng.

Tah ayeuna di saksian sadayana kulawarga, Sok eneng nyungkeun hampura kanu
jadi indung jeung bapa, emut-emut ku neng sabara kali cobi kantos
nyentak mamah, sabara kali kantos wangkelang ka Bapa, ngabohong ka
aranjeuna, eta hiji dosa geulis, eta hiji dosa anu ngalantarankeun Allah bendu ka
hidep,

Mangga ayeuna hidep nyuhunkeun di hapunten ka ibu rama hidep, sing ikhlas
dina manah, kasaksian ku sadaya danget ayeuna, oge mundut doa restu na ti
anjeunna, mangga di aoskeun geulis

(*memberikan naskah pada calon pengantin)

Bapa mangga di waler naon rupi anu di dugikeun ku tuang putri na


Geulis anaking, ibu rama hidep parantos ridho lillahi ta’ala ngaleupaskeun
hidep, jeng teu di penta oge nu jadi kolot mah teu weleh ngadoakeun anak.

Ayeuna gabrug Ibu sareng Rama na, amitan ka aranjeuna, nyuhunkeun doa
jeng pangrestuna geulis.

Lagu Kinanti Layar

Duh mamah apa abdi hapunten


Rumaos abdi tambelar
Ka mamah apa kurang sumujud
Nu heman ka diri abdi
Diasuh pinuh ka asih
Dijaga di dama-dama

Narasi :

Deudeuh teuing anaking.....

Gurah ati kembang soca mustika mamah jeung bapa, di hampura pisan
geulis, hampura sawangsulna mamah jeung bapa ngan ukur bisa sakieu
mikadeudeuh
jeung mikanyaah ka hidep..... Tapi hidep sing yakin, kadeudeuh, kanyaah nu
jadi indung jeung bapa, sapanjang jalan....

Parantos geulis,

(Instrumen kacapi suling)

(memberi wadah air dan bunga...)

Neng nyandak bokor, aya cai ngagenyas, ieu simbol siloka kadeudeuh
jeung kanyaah nu jadi indung jeung bapa, clik putih clak herang, teu
ngeuneuk teu maleukmeuk estuning anjeunna nyaah taya bibilasan,

Alhamdullah .. kembang sataman atos dihijikeun kana cai bodas, kanyaah


kadeudeuh indung anu salawasna nyambuang, deudeh jeung nyaahna
pangwates wangen kahidep,

Mangga ieu cai urang anggo kanggo ngawasuh dampal sampean anjeunna geulis,
amparkeun ieu anduk bodas dina pangkonan hidep, mayun kamamah palih dieu
geulis, duanana sok ku hidep usapan bari hidep ucapkeun Istigfar menta hampura
ka allah dina sagala rupi dosa kanu janten indung, sanajan anjeunna teu kedal,
tapi mungkin eneng kantos nyendak mamah.

Eta hiji dosa anu matak ngalanterankeun allah bendu kahidep, tobatan ku hidep
geulis, istigfar ka Allah, mudah-mudahan doa hidep, tobat hidep ka Allah di
tampi ku anjeunna
Di wasuh dampal sampean anjeunna ...

Alhamdulillah eneng tiasa ngawasuh dampal sampean anu janten indung,


buktos hormat, tanda nyaah deudeuh eneng kanu jadi indung, anu jasana moal
mungkin bisa kabeuli ku naon wae geulis....

Hidep mah bagja neng, Masih keneh aya indung bapa hidep, teu sakedik nu sanes
mah bahkan dulur hidep sorangan dina mangsana rumah tangga, ibuna, atanapi
rama na parantos mulih karahmatulloh, hidep mah kedah bagja nyeungitan
dampal sampean ibu hidep, aya paripaos neng, kana caraka data sawala, anak
cilaka keukeuh kolotmah kababawa.

Sungkem eneng ka dampal sampean ibu hidep. Mayun ka anjeunna,


gubragkeun mastaka hidep sing ikhlas kana pangkonan anjeuna,

mangga ibu,

( pelukan)

*Lagu pupunden ati....


Duh anak ibu...

Nu geulis pupunden ati

Sing caket geulis

Susutan eta cisoca

Ibu teh ikhlas

Hidep ka Ibu nya ngaras

Du’a ti ibu

Mugi panayung nu agung

Duh anak ibu...

Nu geulis pupunden ati

Sing panjang-punjung

Indung mah mung darma ngandung

Sing parek rezki

Sarta tebihan balai

Bral geura miang

Du’a indung nu marengan

Pindah ke ayah
Tah ieu anu dug hulupet nyawa, indit isuk balik tengah peuting kadang-kadang
kudu ngendong di panyabaan. Awak lalinu loba nu karasa, tapi ku anjeuna teu
di raos bakat ku hoyong gaduh rezeki leuwih jang nyakolakeun hidep dugikeun
ka mukakeun lawang ka barokahan allah. Ridho alloh keur hidep, mangga di
basuh eneng dampal sampean rama na

Diseungitan dampal sampean anjeunna geulis,

alhamdulillah, disimpen deui dampal sampeanna, teuteup sing lelep lalayan


pinuh kacinta, tah anjeuna rama hidep anu ngayuga anu nyaah salawasna ka
hidep. Gubrag mastaka hidep kana pangkonan anjeuna, nya luluh mundut doa
jeung pangestu na geulis

(*Lagu Pupunden Ati....)

Duh anak bapa...

Nu geulis pupunden ati

Sing caket geulis

Susutan eta cisoca

Bapa teh ikhlas

Hidep ka bapa nya ngaras

Du’a ti bapa

Mugi panayung nu agung


Duh anak bapa...

Nya eulis puputon kalbu

Sing caket geulis

Susutan eta cisoca

Sing parek rezki

Sarta tebihan balai

Bral geura miang

Du’a indung nu marengan

Deudeuh teuing anaking.... jimat bapa, kacinta bapa, kanyaah bapa didoakeun sing
bagja anaking, hampura bapa ngan ukur bisa sakieu mikadeudeuh jeung
mikanyaah ka hidep. Tapi hidep sing yakin, salawasna doa bapa nyarengan hidep,
tangkeup rama na geulis, alhamdullulillah

Tangkeup sabeulah deui geulis, taar na eneng di cium ku bapa,

(jika ada saudara )

(Lagu nelengnengkung)

Nelengnengkung

nelengnengkung Mugi hideup

mulya nanjung Ginulur rakhmat

ti indung
Tinayungan anu agung

Bapa mah ngan ukur darma

Katitipan nu kawasa

Cukang lantaran gumelar

Mung tumampi kana kadar

Lunta ka tungtung ci pandan

Dugi kana babantarna

Cintana indung ka anak

Sesah milari pantarna

Ngalanglang tuntung ci pandan

Lepas ninggal sagarana

Melangna indung ka anak

Langkung ti salirana

Sok salam heula ka rai hidep, komo keur alit mah silih baeudan, silih pasea-an,
sok ayeuna silih doakeun geulis, mudah-mudahan sabara putra bapak
Didieu, sing arageung milikna, luhur darajatna, sok titipkeun bapa sareng ibu ka
anjeuna eneng, da puguh eneng mah ayeuna tos gaduh caroge, tangtos eneng bakal
ngawulaan heula nu bakal jadi caroge, titipkeun ka ade anu ayeuna
masih sasarengan sareng ibu rama hidep didieu,

*selanjutnya minta doa kepada Nenek kakek/ kerabat dekat lainnya

Narasi :

Pundut doana ku eneng, nini sareng aki sing panjang yuswa, upami salami eneng
kumelendang di alam dunya, bilih salami eneng tikawit baleg dugi kaayeuna, ibu
bapa kantos kabeutrik ati kasigeung manah, kucariosan anjenna nu matak teu
raos kana manah, atanapi ku rengkak paripolah anu matak nyentug, rindatna
sareng sagala rupi na anu matak teu raos kana manah, urang silih hapunten ibu,
margi dosa sareng papada jalmi mah sesah, sateuacan di hapunten ku eta jalmi
kama alloh moal ngahapunten,

kukituna hapunten neng _ti lahir dugi ka batin, bilih janten gantar
kakaitan hawatos anjeuna bade nyorang kahirupan anyar, peryogi pangampura ti
sadayana, hapunten tika lahir batin, doakeun anjeuna, mudah-mudahan rumah
tangga anu bade di sorang, estuning mulus rahayu berkah salamet aya dina
karidhoan alloh, oge aya dina karidhoan ibu-ibu sadayana.

Siraman

*(Calon pengantin berjalan ke tempat panyiraman)

Diiringi lagu Nimang/ solawat


calon mempelai wanita di bimbing oleh orang tua menuju tempat siraman
dengan menginjak 7 helai kain. Siraman dimulai oleh sang Ayah , kemudian ibu
dan disusul oleh para sesepuh. Jumlah penyiram biasanya ganjil..antara 7, 9 atau
11 orang.

Narasi :

Cur mancur, Banyu pang banyu hidep, cai suci pangloka raga sukmanah, mugia
ieu cai du”a sing sababiyah tiasa mersihan rereged dina lahir batin
Neng_ _mugia anjeunna sing mulia, waluya tur bagja salalawasna amin..

Ieu calon panganten, lir Nu geulis dewi ratih nu angkat kawitan asih di
simpay tresna ning tresna, angkat nyacak, mugia pinuh ku rohmat amin...

Setelah pini sepuh selesai melakukan siraman. Bapak calon pengantin


menuangkan air kendil dan memandu calon pengantin untuk melakukan wudhu.

Dilanjutkan dengan potong rambut


Ayeuna dina kabingah ieu, yuk urang ngabagi-bagi rizki ti bapa sareng mamah
ka barudak mamah sareng bapa. Silokana yen ieuteh kanu janten sepuh sing bruk
brak, teu aya anu disumput salindungkeun ka murangkalih sadaya.

Sok mangga bapa, mamah... awurkerun eta artos dina aisan kana nyiru an bade
di recak ku murangkalih.

Sok artos na geura awurkeun ka wargi-wargi sadaya nu aya di

wewengkon. Kemudian Nyawer

Terakhir calon pengantin di bopong oleh ayah ke dalam rumah

Narasi :

Alhamdullah prosesi upacara adat ngaras sareng siraman Neng putra


kakasih bapak _sareng ibu Dina dinten ieu parantos rengse.
Hatur nuhun ka bapa ibu sepuh, wargi sadayana, anu parantos ngaluuhan ieu
acara. Hatur punten tangtos salami mandu ieu acara seeur hal anu kirang
sapagodod dina manah ibu sadaya, hatur punten anu kasuhun cag urang teundeun
di handeuleum sieum, tunda di hanjuang siam, paragi nyokot tinggalkeun
simkuring... amit
mundur amit mungkur. Wassalamualaikum wr,wb

Anda mungkin juga menyukai