Anda di halaman 1dari 19

NASKAH SIRAMAN

PEMBUKAAN
Bismillahhirrohmanirrohim, asashaduallaila haillalloh waashaduana muhamaddarasulullah.
Alhamdullillah, wasyukurillah
Sim kuring langkung tipayun,seja manjatkeun puja sinareng puji, ka gusti num aha suci, maha
welas asih, wireh dina danguek ieu, mantena atos maparin kaanugrahan urang anu sami-sami
hadir ditempat anu mulya ieu, mangrupi mangpirang-pirang nikmat anu tampawangenan, urang
sadayana tiasa ruing mungpulung paamprok jonghok, patepang raray, dina suasana silaturahmi
tur aya dina kaayaan sehat walafiat, ibu-ibu bapa-bapa anu dimulyakeun kualloh, mangga urang
dikawitan ku maos bismillah...

NARASI

Nun gusti sembaheun abdi-abdi sadaya. Teu kendat-kendat abdi sadaya nyembahkeun, puji
sinareng syukur ka pangeran gusti allohu robbul a’lamin.
Rehing ginanjar ni’mat nu teu kendat-kendat natrat manjang ti wiwit kun fayakun agung, dumugi
kawangkid ieu anu sesah ngawincikna kinasihan gusti ka sugrining anu gumelip.
Saesining jagat lahir kalih jagat batin, ku jajaran kitu, dinten ieu abdi-abdi sadaya masih tiasa
nyakseni kanan kajembaran gusti.
Wireh kantos parantos maparin kasalametan  rahmatan
Ka keluarga besar bapak……………… kalintang bagjana tiasa mapagonsn tepung rabi dina sareat
kaislaman.
Mangga arang nyakseni kana sungkemna (pihak laki2 dan pihak perempuan) kanu janten ibu rama.
Mangga upacara sungkem dikawitan.

RAJAH

Bismillah seja sumujud ka Indung anu ngakandung.


Bismillah seja mumuja kabapa tangkal darajat.
Wiwitan gumelar lahir rawayan ka pawenangan.
Sumeja ngaras sampean.
Neda ridzoning Pangeran.

AYUN AMBING

Ayun ayun ambing.


Di ayun-ayun kusamping.
………………anu kasep/anu geulis.
Yap kadiue urang ngariung.
Dianti ti tadi, dianti-anti ti tadi.
Teu karasa hidep teh nincak sawawa.
Basa……………ditimang jeung dihuapan.
Diibakan kumamah teterejelan.
Mamah rek ngibakan nu pamungkas.

NARASI PANGANTEN ( Ka Ibu Rama )


Duh…Ibu anu kuabdi dipunjung satutup umur.
Kanggo abdi suda pibasaeun anu payus dipiunjuk ka Ibu.
Ti kawit abdi dialam rahim dugi kaluminjing dialam lahir.
Abdi anu saestu mung bobot anu ngabotkeun kakersa ibu.
Siang wengi abdi dijaga, wengi abdi diaping didama-dama ku du’a.
Dinten ieu abdi kasaksen kusadaya anu nyakseni.
Abdi kenging anugrah illahi robbi anugrah jodo pidu’a Ibu.
Ibu cipanon abdi cipanon ku karumaosan cipanon karisi ati
hate geusan ngedalkeun rasa syukur ka hadirat illahi robbi anu maparin jodo ka mustikaning ati.
Bral anaking miang laki rabi jajap ku du’a.
Sing waluya awet jodo, sing sugih kuasih illahi robbi.
Sing beunghar kuharta, sing jegud ku elmu, sing alus mulus turunan, sing sabilulungan jeung dulur,
sing hade ka caroge, sing heman kabaraya, sing galimet jeung kuring leutik, sing hormat ka purwa
kalih pamedaling diri, sing gumati kapapagon illahi, ulah tinggaleun ibadah……
Bral………anaking miang laki rabi tur janik dunya aherat.

JEMPLANG TITI

Duh mamah pujaan kalbu.


Sembaheun………saestu.
Rumaos………rumaos.
Kurang tata seueur dosa.
Kasalira dampal mamah   2x
Salawasna ngadoreksakeun.
Kasalira dampal mamah.

Tina ati sanubaru.


Jisim abdi neda ampun.
Tilahir dugi kabatin.
Neda jembar pangapunten.
Neda widi jatuk rami.
Pidu’a anu kasuhun.

PUPUNDEN ATI ( ngumbah sampean Ibu )

Duh anak Ibu.


Nugeulis pupunden ati.   
Bade rendengan.
Jatuk rami pangantenan.
Muga rahayu mulus bangles.
Salawasna jembar panalar.
Sing salamet lahir batin.

Bral geura jengkar.


Mapay tapak lelembutan.
Deuk sauyunan.
Jeung………panutan……
Silih eledan.
Silih simbeuh ku kaasih.
Sakulawargi ngadu’akeun.
Beurang peuting.

JEMPLANG TITI ( Sungkem ka Rama )

Duh Bapa sembaheun abdi.


Cukang lantaran gumelar.
Nampi nuhun laksa katon.
Katresna neda widina.
Sumeja sungkem sumujud.

NIMANG

Puji syukur kayang agung.


Ka illahi maha suci.
Mugi Gusti nangtayungan.
Kasugri anu kumelip.
Mugi Gusti ngahapunten.
Ka dosa-dosa sim abdi.
Mugi Gusti welas asih.
Ka pun Biang sareng pun Bapa.
Ka dulur-dulur anu sami rawuh, baraya anu sami lenggah, sim kuring sateuacan ngiring jabung
kumalaku, lumampah cumarita seja wakca balaka, wiréh sim kuring sanés pujangga anu ahli
ngaréka basa, sanés sastrawan anu ahli dina ngaraéh caritaan. Kumargi kita paralun maklum anu
kasuhun, hampura anu diteda, boh bilih dina ngadadar ieu acara kirang nyorang kana
kakedahannana.Ka para ahli ngukir sya’ir, pujangga ahli sastra mugia ulah haru ulah ganggu, sawios
sim kuring neda widi paralun maklum sakedapan hoyong dikoréksi, diropéa, ogé dioméan manawi
tiasa nyampurnakeun kana curat-corét sim kuring.

Ngawitan
Bismillahirrohmanirrohim.
Kalayan nyebat Asma Pangéran, Dzat anu Mahawelas tur Mahaasih. Seja kaula ngawitan mituturan
dua pasang manusa anu kiwari parantos ngahiji kalayan widi Gusti Nu Mahasuci ngalangkungan
jalan jatukrami.
Dina ngawitan ngambah ngabaladah sagaraning kahirupan, teu pisan-pisan urang samudayana anu
sami kersa sumping, kalayan ridlo lillahi ta’ala ngagebregkeun jiad pangdu’a ka dua mempelai.
Ngalangkungan du’ana Rasululloh SAW. Mangga urang ‘aos sasarengan :
Bismillah ….
Baarokallohu laka wabaroka ‘alaika wa jama’a bainakuma fi khoiir
(Mugia kabarokahan sareng kasinugrahaan Alloh tumetep euntreup, nyanding mipir ngabanding,
lamokot geugeut ka hidep duaan, sareng pamudah-mudahan hidep duaan dikumpulkeunana ku
Alloh téh sinanding jeung kasaéan, amin).
Mangga ka pasang panganten, geura lumampah nyaketan kana pangkonan ibu rama
A’udzubillahi minasy syaithonirrojim
Wawashshoinal insaana biwaalidaihi hamalathu ummuhu wahnan ‘ala wahniw wafishooluhuu fii
‘aamaini anisykurlii waliwaalidaika ilayyal mashiir (Luqman : 14)
“Jeung Kami geus marentahkeun ka manusa (pikeun ngabakti) ka indung bapana; indungna geus
ngakandung manéhna dina kaayaan lemah anu kalangkung-langkung lemahna, jeung indungna
ngasuh manéhna salila dua taun. Kudu syukuran ka Kami jeung ka indung bapa manéh, ngan ka
Kami wungkul manéh mulang ka asal. (Luqman : 14)
Kasép, Geulis.
Heup eureunkeun lengkah anjeun duaan dipayuneun ibu rama. Teuteup kalawan geugeut pameunteu
marantenna. Sawang ku hidep duaan ka alam ka tukang anu jauh narawangan. Pék patepungkeun
paneuteup ajeun jeung paneutep indung bapa. Bayangkeun kua hidep yén dina satétés getih anu
ngalémpéréh, sahégak nafas anu ngadami dina angen. Pék rarasakeun ku hidep ratugna jajantung,
rénghap ranjugna rarasaan. Tamperkeun dina sirah, seuseup ngaliwatan napas lalaunan singreup
alon-alon, kalayan rarasakeun yén hidep téh keur nyeuseup kanyaah jeung kahémanna indung bapa.
Prak, mangga ujang-nyai. Kasép – Geulis, geura nyaluuh kana lahunan indung.
Saméméh hidep duaan barang pénta kanu jadi indung, pék haturananan heula tawis rasa tumarima
ngalangkungan basa ka anjeuna. Kalayan dimimitian ku keretegna manah. Uningakeun kanu janten
ibu, kieu unina : “Mamah, dina danget ieu kalayan syaré’atna disakséni ku kadang wargi anu hadir
di dieu, hakékatna disakséni ku Alloh SWT, langkung tipayun abdi seja ngahaturkeun rebu nuhun
laksa ketik kabingahan kana kasaéan anu parantos dipaparinkeun ka abdi. Abdi jelas kahutangan ku
Mamah, ti kawit abdi di kandung anu ilaharna salami salapan sasih, tangtos kapayahan anu
langkung-langkung. Siang kalayan wengi Mamah teu weléh sumujud ka Rabbul ‘Izzati, tumamprak
ka Gusti Alloh neneda palay dipaparin putra-putri anu sampurna salamet, waluya sapuratina.
Kasawang ku abdi kasusah Mamah, nalika bureuyeungan, seunggah gulang gasahan. Patuangan
nyelekit beuki narikan. Celekit dina parindikan, jeletot dina bobokong, reyang-reying teu betah
cicing. Harita basa tengah peuting Mamah humarurung nyalira. Sakawitna moal ngageumpeurkeun
balaréa. Sugan jeung sugan kanyeri dina patuangan bakal ngurangan. Nanging sanés ngurangan
nyeri anu aya, malihan tambih-tambih nyeri. Harita, Mamah ngajerit maratan langit ngocéak
maratan jagat. Ménta tulung, ménta nyalindung.
Mamah parantos béak déngkak nahan kanyeri jeung kapeurih. Luut léét kesang badag, késang leutik
burayoan maseuhan sakujur salira. Guyang darah, mandi getih, sakapeung dibarung ku kasusah,
sakapeung haté tugenah. Harita Mamah parantos ngaboreuhkeun jiwa raga, nyawa pingaraneunana.
Anu namina ngajuru, luyu sareng istilahna. Hartina nyawa Mamah téh aya dina sajuruna deui.
Dina waktu Mamah ngalahirkeun abdi, Mamah bajuang dina tungtung hirup. Tanaga Mamah,
engapan Mamah, kesang Mamah, cai soca Mamah, getih Mamah nyurugcug maseuhan bumi pikeun
mélaan anu jadi anak.
Nalika gubrag si jabangbayi gumelar ka alam dunya, denghékna sora orok ceurik sataker kebek,
ceurik munggaran anu minuhan wewengkon alam. Nya harita pisan basa ninggang kana wanci
subuh abdi lahir ka alam dunya. Ti harita Mamah teu bisa kulem anu tibra, teu bisa léha-léha.
Ngupahan tur ngabélaan nu jadi anak. Budak gering milu gering, budak rungsing henteu pusing.
Mamah milampah sadaya kabutuh nu jadi anak dumasar kana kaikhlasan jeung ngagedurna rasa
kanyaah anu taya wates wangenna.
Mamah, mugia dina danget ieu, wanci kiwari abdi ngésto tina lelembutan abdi anu pangjero-jerona,
tina mamaras manah anu sadasar-dasarna abdi neda hampura tida samudaya dosa perdosa.
Tinangtos dosa abdi anu janten putra moal kaétang seueurna. Abdi yakin sanajan sakumaha
benduna, Mamah lautan hampura jembar manah tiasa ngahapunten ka abdi.
Deudeuh teuing kasép, geulis anak Mamah saleresna kasedih Mamah dina danget ieu lain kusabab
kapusingna indung kanu jadi anak. Keun sagala kasalahan anu geus dipilampah kuhidep dina waktu
anu ka tukang-tukang ku Mamah dihampura. Naning anu ngalantarankeun Mamah sedih danget ieu
téh nyaéta kabeurat haté indung kanu jadi anak. Asa kamari hidep ku Mamah disééh, diakod-akod
waktu orok, diméménan waktu budak. Harita basa hidep gégag-gégag diajar leumpang, bari
sakapeung titotorojol ti kajauhan hidep tékah-tékah bari tuluy ngagabrug kana lahunan Mamah.
Bungah amar wata suta haté anu jadi indung, nalika nu jadi anak tumuwuh mekar kalayan
sampurna.
Kiwari, ti harita mangsa ngaliwat bari teu karasa. Geuning si kasép anu dihancleung-hacleung ku
Mamah, si Geulis anu ditimbang-timbang ku Mamah teu sangka geuning geus sawawa, dewasa,
manjing milampah rumah tangga. Nyukcruk galur sunnah Rasul, mapay lacak papagon agama.
Samémangna parantos titis tulis ti ajalina, gurat qodar nu Mahakawasa. Hidep kiwari seja
ngamimitian ngabaladah sagara rumah tangga. Geura bral miang, bébér layar tarik jangkar ku
Mamah didu’akeun mugia sing tinemu jeung kabagjaan dunya katut ahérat.
Mangga kasép, geulis geura ingkah tina lahunan Mamah ngalih kana panggonan Bapa
Prak tumamprak, rep sidakep, sir budi cita rasa. Sagulung-sagalang sukma nu paanggang kiwari
ngahiji dina seuseukeut kaasih kolot kanu jadi anak. Ujang, nyai – kasép, geulis. Sok puseurkeun
panyawang hidep kana kanyaah nu jadi Bapa ka nujadi anak dina salila ngipayahan, nyumponan
kabutuh hirup nu jadi anak. Sakapeung mah Bapa téh mindeng baringung, ditambah bangluh
kasusah nalika teu bisa nyumponan kahayang nu jadi anak. Bapak rajeun ngalamun, mikiran tur
narékahan kumaha carana sangkan kahayang nu jadi anak bisa kacumponan sapuratina.
Lamun indung disebutna tunggul rahayu, sedengkeun Bapa disebutna tangkal darajat. Kanyaah
indung jeung bapa ka nu jadi anak layeut ngahiji ngawujud, ngajéngélék dina rupa anak. Nu matak
dina jirim anak bakal pacampur tétésan-titisan indung bapana. Nya kitu deui dina akhlak jeung
pamolahna bakal ceplés téés kanu jadi anak.
Bapa, rumaos abdi mindeng musingkeun ka Bapa. Dina danget kiwari clik putih jatining bersih, clak
hérang jatining padang, ti luhur sausap rambut ti handap sausap dampal, getih satétéh ambekan
sadami, kiwari abdi neda jembar hampura tinu jadi Bapa.
Baeu kasép, geulis. Malati lingsir na ati, angsana ligar ku mangsa. Hamo lingsir dina wanci, moal
ligar dina mangsa. Kiwari wanci tur mangsana Bapa dumareuda wakca balaka ka hidep duaan.
Sabenerna, gunung karahayuan, pasir kaasih, sagara kanyah Bapa kahidep téh mémang langka
kakedal ku lisan, jarang karaba ku carita. Naning sanajan kitu, ngahunyudna kanyaah Bapa ka hidep
téh tinangtos langkung-langkung kanyaah. Sabab, sagala rupa anu diusahakeun ku Bapa bélaan
ngadua-duakeun huap, ti sruk-sruk tidungdung bélaan poho ka temah wadi, teu aya lian nyaéta
mélaan nu jadi anak. Melak kai, ngingu sapi tur sagala cacawisan hirup taya lian nyaéta ngakirangan
nu jadi anak.
Keun cuang teundeun kakeuheul anu geus harareubeul, cag cuang tunda kangéwa anu geus tiheula.
Cuang ganti ku budi anu sajati, ku wajah anu marahmay. Sok ku Bapa kiwari hidep dihampura,
sagala rereged, kaijid, kangéwa, tur kageuleuh Bapa kiwari balungbang timur caang bulan opat
welas, jalan gedé sasapuan.
Cag, anaking geura tandang miang makalangan, geura milampah babarengan kalayan diwuwuh ku
du’a nu janten sepuh. Dijiad ku panghiap nu jadi Bapa. Montong melang, tong salempang
léngkahkeun sampéan bari ngucapkeun niat seja milampah tugasna Pangéran.
Tuh geuning, sagara tanpa tutugan. Sagara tanpa basisir geus ngagupayan ménta dikojayan. Geura
bral undur tina pangkonan, geura hontal kasinugrahan. Hayu urang hirup babarengan, Bapa geus
nyiapkeun kandaraan juang pikeun ngajugjug lembur pangharepan.
Sok didu’akeun ku Bapa lahir katut batin, mugia hidep duaan tinemu jeung kabagjaan
MC muka acara
Ka pangersa bapa/ibu…, oge hadirin anu dimulyakeun ku Allah kalayan widi Allah dina siang ieu,
urang sadaya ruing mungpulung bari ginuluran rahmat mantena di bumina bapa………
Anu parantos kauningan ku sadaya, reh na neng…., seja ngalaksanakeun upacara adapt ngaras
sareng siraman. Naming sateuacana eta upacara dilaksanakeun, langkung tipayun bade
dilaksanakeun pangaosan mangrupi tausiah sareng ngaos Al-qur’an. Supados teu nyangkolong kana
waktos, mangga urang sami-sami ngabandungan tausiah anu bade didugikeun ku ibu Haji…..

(tausiah)
Salam bubuka :
Puji syukur urang sanggakeun ka zat Allah num aha suci, anu parantos ngalimpahkeun mangpirang
– pirang kanikmatan anu tangtos ku urang moal kaetang, saur paripaos, “dihin pinasti anyar
panggih” yen sagala rupa anu kaalaman ku urang parantos titis tulis ti ajali. Salam sareng salawat
mugi tetep lumungsur kapanutan urang sadaya nyaeta kangjeng Nabi Muhammad SAW.
Bapa ibu sadaya, upacara ngaras nyaeta upacara ngawasuh sampean ibu ramana, anu biasa
dilaksanakeun sadinten sateuacana upacara walimatul urusy, upacara ngaras nyaeta mangrupi hiji
tawir murangkalih anu soleh, anu ngagaduhan akhlakul karimah seja ngabakti ka ibu ramana, seja
milari ridho Allah, Allaha ngadawuhan dina Qur’an surat Lukman 14 (baca kuhidep sareng
hartosna)………………
Dina ayat nu nembe eces pisan yen urang sadaya kudu ngaji ngabakti ka ibu rama, dugi ka rosul
ngadawuh moal dihampura hiji umat upami teu meunang pangampura ti indung bapa.
Para wargi sadaya, dina upacara ngaras ibu rama neng….., baris ngadampal amparan lawon bodas
pikeun ngemutan urang yen hirup the katungkul ku pati, waktu urang gelar ka alam dunya, dina
kaayaan fitroh, atuh dina mulihna deui ka Allah, urang kedah aya miharep khusnul khotimah, jeung
dina mulangna ka Allah mung nyandak boeh jeung amal nu 3 nyaeta, elmu anu dimangpaatkeun,
harta banda anu dianggo di jala Allah, sareng do’a putra anu soleh.
Bapa sareng ibu, sateuacan acara ngaras sareng siraman, mangga ayeuna urang sami-sami ngaos Al-
qur’an sasarengan, urang masrahkeun hirup sareng maot urang kanu kawasa anu mubreng alam
dunya, urang rumaos teu daya teu upaya, anging rahmat ti anjeuna.
(satuluyna ngaji babarengan di pingpin ku ibu haji)
Rengse ngaos, prak laksanakeun ngaras, carana :
MC : sumangga ka ibu ramana neng…, supados ngadeg, teras nepangan calon panganten nu aya di
kamar.
• Ibu ngadeg di kenca, panangana nyepeng angkeng putrana, teras ramana di palih katuhu nyepeng
karembong anu dibeulitkeun dina cangkeng putrana siga nu ngais.
• Pirig ku kacapi suling lagu ayun ambing
• Ibu ramana calik dina korsi, aisan dilesotkeun, calon panganten deku di payuneun ibu ramana
• Teras sungkem (pirig ku kacapi suling, ngong sora nu ngagalindeng)

] Duh ibu, hapunten abdi, tiluhur sausap rambut, ti handap sausap dampal, abdi rumaos sok luhur
saur bahe carek, calutak kanu janten indung, bu, ngawitan enjing abdi kedah jengkar di payuneun
ibu, kedah ngabakti kanu janten salaki, titis tulis nu moal tiasa di hapus, seja ngambah sagara rumah
tangga, abdi undur ti payuneun ibu seja neda karidoan salira, laku abdi nu matak ngajaheutkeun
manahna ibu, mugi kersa ngahapunten, basa abdi nu matak nyuat kana rasa, mung ibu
ngajanglarkeun, ibu, sakali deui abdi hapunten.

Indung
Anaking pupujaning hate ibu, tawising jirimning suci, tanggeuyan murba jatnika, hidep di ayu
ambing, ti kandung dugi ka hidep sawawa, dihapunten ku ibu lahir sareng batin, jalan gede
sasapuan, taya gantar kakaitan, jaga diri hidep anaking, sing jadi isteri nu gumati, sing jadi indung
anu landing kandungan, laer aisan, dihampura ku ibu anaking, juuhna cipanon indung sing jadi
rohmat keur hidep.
Rengse sungkem ka ibu teras ka ramana,
Apa, hapunten abdi sok bedang sareng wangkelang, apa anu nyayuga abdi, nu heman ka abdi,
rambut hideung janten bodas, tanaga bedas dugi ka suda, alatan bela ka abdi, hapunten abdi bapa.

Bapana
Anaking, indung tunggulna rahayu, bapa catangna darajat, dihampura ku bapa anaking, balungbang
timur, caang bulan orat belas, prak hidep sing jadi isteri nu sajati, tuhu kanu jadi salaki, kalawan
wadel ku iman sareng taqwa ka Allah.
Rengse sungkeman, calon panganten ngawasuh dampal sampean ibu ramana, teras die lap,
saparantos rengse nembe nganggo minyak seungit.

MC : alhamdulillah, rengse acara sungkeman ku urang sadaya parantos kabandungan, mangga


ayeuna urang teraskeun kana acara siraman.
Calon panganten digendeng ku ibu ramana nuju ka saung temoat siraman, ibu-ibu pangaosan, ngaos
ngaos solawat di pingpin ku…….
Cag rengse acara ngaras sareng siraman, dilajengkeun kana acara ngeuyeuk seureuh.
PEMBUKAAN

Bismillahhirrohmanirrohim,asashaduallaila haillalloh
waashaduanamuhamaddarasulullah.Alhamdullillah, wasyukurillahSim kuring langkungtipayun,seja
manjatkeun puja sinareng puji, ka gusti num aha suci, mahawelas asih, wireh dina danguek ieu,
mantena atos maparin kaanugrahanurang anu sami-sami hadir ditempat anu mulya ieu,
mangrupimangpirang-pirang nikmat anu tampawangenan, urang sadayana tiasa ruingmungpulung
paamprok jonghok, patepang raray, dina suasana silaturahmitur aya dina kaayaan sehat walafiat,
ibu-ibu bapa-bapa anu dimulyakeunkualloh, mangga urang dikawitan ku maos bismillah...

NARASI

Nungusti sembaheun abdi-abdi sadaya. Teu kendat-kendat abdi sadayanyembahkeun, puji sinareng
syukur ka pangeran gusti allohu robbula’lamin.Rehing ginanjar ni’mat nu teu kendat-kendat natrat
manjang tiwiwit kun fayakun agung, dumugi kawangkid ieu anu sesah ngawinciknakinasihan gusti
ka sugrining anu gumelip.Saesining jagat lahir kalihjagat batin, ku jajaran kitu, dinten ieu abdi-abdi
sadaya masih tiasanyakseni kanan kajembaran gusti.Wireh kantos parantos maparinkasalametan
rahmatanKa keluarga besar bapak……………… kalintang bagjanatiasa mapagonsn tepung rabi
dina sareat kaislaman.Mangga arang nyaksenikana sungkemna (pihak laki2 dan pihak perempuan)
kanu janten iburama.Mangga upacara sungkem dikawitan.

RAJAH

Bismillahseja sumujud ka Indung anu ngakandung.Bismillah seja mumuja kabapatangkal


darajat.Wiwitan gumelar lahir rawayan ka pawenangan.Sumejangaras sampean.Neda ridzoning
Pangeran.

 
AYUN AMBING

Ayunayun ambing.Di ayun-ayun kusamping.………………anu kasep/anu geulis.Yapkadiue urang


ngariung.Dianti ti tadi, dianti-anti ti tadi.Teu karasahidep teh nincak sawawa.Basa……………
ditimang jeung dihuapan.Diibakankumamah teterejelan.Mamah rek ngibakan nu pamungkas.

NARASI PANGANTEN ( Ka Ibu Rama )

Duh…Ibuanu kuabdi dipunjung satutup umur.Kanggo abdi suda pibasaeun anu payusdipiunjuk ka
Ibu.Ti kawit abdi dialam rahim dugi kaluminjing dialamlahir.Abdi anu saestu mung bobot anu
ngabotkeun kakersa ibu.Siang wengiabdi dijaga, wengi abdi diaping didama-dama ku du’a.Dinten
ieu abdikasaksen kusadaya anu nyakseni.Abdi kenging anugrah illahi robbianugrah jodo pidu’a
Ibu.Ibu cipanon abdi cipanon ku karumaosan cipanonkarisi atihate geusan ngedalkeun rasa syukur
ka hadirat illahi robbianu maparin jodo ka mustikaning ati.Bral anaking miang laki rabi jajapku
du’a.Sing waluya awet jodo, sing sugih kuasih illahi robbi.Singbeunghar kuharta, sing jegud ku
elmu, sing alus mulus turunan, singsabilulungan jeung dulur, sing hade ka caroge, sing heman
kabaraya,sing galimet jeung kuring leutik, sing hormat ka purwa kalih pamedalingdiri, sing gumati
kapapagon illahi, ulah tinggaleunibadah……Bral………anaking miang laki rabi tur janik dunya
aherat.

JEMPLANG TITI

Duhmamah pujaan kalbu.Sembaheun………saestu.Rumaos………rumaos.Kurang tataseueur


dosa.Kasalira dampal mamah 2xSalawasna ngadoreksakeun.Kasaliradampal mamah.

Tina ati sanubaru.Jisim abdi neda ampun.Tilahir dugi kabatin.Neda jembar pangapunten.Neda widi
jatuk rami.Pidu’a anu kasuhun.

PUPUNDEN ATI ( ngumbah sampean Ibu )

Duhanak Ibu.Nugeulis pupunden ati.Bade rendengan.Jatuk ramipangantenan.Muga rahayu mulus


bangles.Salawasna jembar panalar.Singsalamet lahir batin.

 
Bral geura jengkar.Mapaytapak lelembutan.Deuk sauyunan.Jeung………panutan……Silih
eledan.Silihsimbeuh ku kaasih.Sakulawargi ngadu’akeun.Beurang peuting.

JEMPLANG TITI ( Sungkem ka Rama )

Duh Bapa sembaheun abdi.Cukang lantaran gumelar.Nampi nuhun laksa katon.Katresna neda
widina.Sumeja sungkem sumujud.

NIMANG

Pujisyukur kayang agung.Ka illahi maha suci.Mugi Gusti nangtayungan.Kasugrianu kumelip.Mugi


Gusti ngahapunten.Ka dosa-dosa sim abdi.Mugi Gustiwelas asih.Ka pun Biang sareng pun Bapa.
Susunan Upacara Nikah Adat Sunda ( Panganten )

Ada beberapa acara yang harus dilakukan untuk melangsungkan pernikahan, mulai dari lamaran dan
lainnya.

Ada Neundeun Omong (Menyimpan Ucapan): Yaitu, Pembicaraan orang tua atau pihak Pria yang
berminat mempersunting seorang gadis. Dalam pelaksanaannya neundeun omong biasanya, seperti
berikut ini :

Pihak orang tua calon pengantin bertamu kepada calon besan (calon pengantin perempuan).
Berbincang dalam suasana santai penuh canda tawa, sambil sesekali diselingi pertanyaan yang
bersifat menyelidiki status anak perempuannya apakah sudah ada yang melamar atau atau masih
(belum punya pacar)
Pihak orang tua (calon besan) pun demikian dalam menjawabnya penuh dengan benyolan penuh
dengan siloka
Walapun sudah sepakat diantara kedua orang tua itu, pada jaman dahulu kadang-kadang anak-anak
mereka tidak tahu.
Di beberapa daerah di wilayah pasundan kadang-kadang ada yang menggunakan cara dengan saling
mengirimi barang tertentu. Seperti orang tua anak laki-laki mengirim rokok cerutu dan orang tua
anak perempuan mengerti dengan maksud itu, maka apabila mereka setuju akan segera
membalasnya dengan mengirimkan benih labu siam (binih waluh siam). Dengan demikian maka
anak perempuannya itu sudah diteundeunan omong (disimpan ucapannya).

Narosan (Lamaran) : Dilaksanakan oleh orang tua calon pengantin beserta keluarga dekat, yang
merupakan awal kesepakatan untuk menjalin hubungan lebih jauh. Pada pelaksanaannya orang tua
anak laki-laki biasanya sambil membawa barang-barang, seperti yaitu :

Lemareun, (seperti daun sirih, gambir, apu )


Pakaian perempuan
Cincin meneng
Beubeur tameuh (ikat pinggang sang suka dipakai kaum perempuan terutama setelah melahirkan
Uang yang jumlahnya 1/10 dari jumlah yang akan dibawa pada waktu seserahan

Barang-barang yang dibawa dalam pelaksanaan upacara ngalamar itu tidak lepas dari simbol dan
makna seperti :

Sirih, bentuknya segi tiga meruncing ke bawah kalau dimakan rasanya pedas. Gambir rasanya pahit
dan kesat. Apu rasanya pahit. Tapi kalau sudah menyatu rasanya jadi enak dan dapat menyehatkan
tubuh dan mencegah bau mulut.
Cincin meneng yaitu cincin tanpa sambungan mengandung makna bahwa rasa kasih dan sayang
tidak ada putusnya
Pakaian perempuan, mengandung makna sebagai tanda mulainya tanggung jawab dari pihak laki-
laki kepada perempuan
Beubeur tameuh, mengandung makna sebagai tanda adanya ikatan lahir dan batin antara kedua
belah pihak

Tunangan : Pada tunangan dilakukan patukeur beubeur tameuh, yaitu penyerahan ikat pinggang
warna pelangi atau polos pada si gadis.
Seserahan : Dilakukan 3-7 hari sebelum pernikahan, yaitu calon pengantin pria membawa uang,
pakaian, perabot rumah tangga, perabot dapur, makanan dan lainnya.

Seminggu atau 3 hari menjelang peresmian pernikahan, di rumah calon mempelai berlangsung
sejumpah persiapan yang mengawali proses pernikahan, yaitu Ngebakan atau Siraman. Berupa
acara memandikan calon pengantin agar bersih lahir dan batin, acara berlangsung siang hari di
kediaman masing-masing calon mempelai. Bagi umat muslim, acara ini terlebih dahulu diawali
dengan pengajian. Tahapan acara siraman adalah:

Ngecagkeun Aisan. Calon pengantin wanita keluar dari kamar dan secara simbolis digendong oleh
sang ibu, sementara ayah calon pengantin wanita berjalan di depan sambil membawa lilin menuju
tempat sungkeman. Upacara ini dilaksanakan sehari sebelum resepsi pernikahan, sebagai simbol
lepasnya tanggung jawab orang tua calon pengantin. Property yang digunakan:
Palika atau pelita atau menggunakan lilin yang berjumlah tujuh buah. Hal ini mengandung makna
yaitu rukun iman dan jumlah hari dalam seminggu
Kain putih, yang mengandung makna niat suci
Bunga tujuh rupa, mengandung makna bahwa perilaku kita, selama tujuh hari dalam seminggu
harus wangi yang artinya baik.
Bunga hanjuang, mengandung makna bahawa kedua calon pengantin akan memasuki alam baru
yaitu alam berumah tangga.

Langkah-langkah upacara ini adalah:

Orang tua calon pengantin perempuan keluar dari kamar sambil membawa lilin/ palika yang sudah
menyala,
Kemudian di belakangnya diikuti oleh calon pengantin peremupan sambil dililit (diais )oleh ibunya.
Setelah sampai di tengah rumah kemudian kedua orang tua calon pengantin perempuan duduk
dikursi yang telah dipersiapkan
Untuk menambah khidmatnya suasana biasanya sambil diiring alunan kecapi suling dalam lagu
ayun ambing.

Ngaras

Permohonan izin calon mempelai wanita kemudian sungkem dan mencuci kaki kedua orangtua
pelaksanaan upacara ini dilaksanakan setelah upacara ngecagkeun aisan. Pelaksaannya sebagai
berikut:

Calon pengantin perempuan bersujud dipangkuan orang tuanya sambil berkata:

"Ema, Bapa, disuhunkeun wening galihnya, jembar

manah ti salira. Ngahapunteun kana sugrining kalepatan sim abdi. Rehing dina dinten enjing pisan
sim abdi seja nohonan sunah rosul. Hapunten Ema, hapunten Bapa hibar pangdu'a ti salira."

Orang tua calon perempuan menjawab sambil mengelus kepala anaknya:

"Anaking, titipan Gusti yang Widi. Ulah salempang hariwang, hidep sieun teu tinemu bagja ti Ema
sareng ti Bapa mah, pidu'a sareng pangampura, dadas keur hidep sorangan geulis"

Selanjutnya kedua orang tua calon pengantin perempuan membawa anaknya ke tempat siraman
untuk melaksanakan upacara siraman.
Pencampuran air siraman. Kedua orangtua menuangkan air siraman ke dalam bokor dan
mengaduknya untuk upacara siraman.
Siraman. Diawali musik kecapi suling, calon pengantin wanita dibimbing oleh perias menuju tempat
siraman dengan menginjak 7 helai kain. Siraman calon pengantin wanita dimulai oleh ibu,
kemudian ayah, disusul oleh para sesepuh. Jumlah penyiram ganjil; 7, 9 dan paling banyak 11
orang. Secara terpisah, upacara yang sama dilakukan di rumah calon mempelai pria. Perlengkapan
yang diperlukan adalah air bunga setaman (7 macam bunga wangi), dua helai kain sarung, satu helai
selendang batik, satu helai handuk, pedupaan, baju kebaya, payung besar, dan lilin.

Pelaksanaan upacara siraman seperti berikut:

Sesudah membaca doa, Ayah calon pengantin langsung menyiramkan air dimulai dari atas kepala
hingga ujung kakunya. Setelah itu diteruskan oleh Ibunya sama seperti tadi. Dan dilanjutkan oleh
kerabat yang harus sudah menikah.
Pada siraman terakhir biasanya dilakukan dengan malafalkan jangjawokan (mantra) seperti berikut:

cai suci cai hurip


cai rahmat cai nikmat
hayu diri urang mandi
nya mandi jeung para Nabi
nya siram jeung para Malaikat
kokosok badan rohani
cur mancur cahayaning Allah
cur mancur cahayaning ingsun
cai suci badan suka
mulih badan sampurna
sampurna ku paraniam

Potong rambut atau Ngerik. Calon mempelai wanita dipotong rambutnya oleh kedua orangtua
sebagai lambing memperindah diri lahir dan batin. Dilanjutkan prosesi ngeningan (dikerik dan
dirias), yakni menghilangkan semua bulu-bulu halus pada wajah, kuduk, membentuk amis
cau/sinom, membuat godeg, dan kembang turi. Perlengkapan yang dibutuhkan: pisau cukur, sisir,
gunting rambut, pinset, air bunga setaman, lilin atau pelita, padupaan, dan kain mori/putih. Biasanya
sambil dilantunkan jangjawokan juga:

Peso putih ninggang kana kulit putih


Cep tiis taya rasana
Mangka mumpung mangka melung
Maka eunteup kana sieup
Mangka meleng ka awaking, ngeunyeuk
seureuh

Rebutan Parawanten. Sambil menunggu calon mempelai dirias, para tamu undangan menikmati
acara rebutan hahampangan danbeubeutian. Juga dilakukan acara pembagian air siraman.
Suapan terakhir. Pemotongan tumpeng oleh kedua orangtua calon mempelai wanita, dilanjutkan
dengan menyuapi sang anak untuk terakhir kali masing-masing sebanyak tiga kali.
Tanam rambut. Kedua orangtua menanam potongan rambut calon mempelai wanita di tempat yang
telah ditentukan.

Lalu dilanjutkan dengan Ngeuyeuk Seureuh. Kedua calon mempelai meminta restu pada orangtua
masing-masing dengan disaksikan sanak keluarga. Lewat prosesi ini pula orangtua memberikan
nasihat lewat lambang benda-benda yang ada dalam prosesi. Lazimnya, dilaksanakan bersamaan
dengan prosesi seserahan dan dipimpin oleh Nini Pangeuyeuk (juru rias). Kata ngeuyeuk seureuh
sendiri berasal dari ngaheuyeuk yang ngartinya mengolah. Acara ini biasanya dihadiri oleh kedua
calon pengantin beserta keluarganya yang dilaksanakan pada malam hari sebelum akad nikah.
Pandangan hidup orang Sunda senantiasa dilandasi oleh tiga sifat utama yakni silih asih, silih asuh,
dan silih asah atau secara literal diartikansebagai saling menyayangi, saling menjaga, dan mengajari.
Ketiga sifat itu selalu tampak dalam berbagai upacara adat atau ritual terutama acara ngeuyeuk
seureuh. Diharapkan kedua calon pengantin bisa mengamalkan sebuah peribahasa kawas gula jeung
peuet (bagaikan gula dengan nira yang sudah matang) artinya hidup yang rukun, saling menyayangi
dan sebisa mungkin menghindari perselisihan. Tata cara Ngeuyeuk Sereuh:

Nini Pangeuyeuk memberikan 7 helai benang kanteh sepanjang 2 jengkal kepada kedua calon
mempelai. Sambil duduk menghadap dan memegang ujung-ujung benang, kedua mempelai
meminta izin untuk menikah kepada orangtua mereka.
Pangeuyeuk membawakan Kidung berisi permohonan dan doa kepada Tuhan sambil nyawer
(menaburkan beras sedikit-sedikit) kepada calon mempelai, simbol harapan hidup sejahtera bagi
sang mempelai.
Calon mempelai dikeprak (dipukul pelan-pelan) dengan sapu lidi, diiringi nasihat untuk saling
memupuk kasih sayang.
Kain putih penutup pangeuyeukan dibuka, melambangkan rumah tangga yang bersih dan tak
ternoda. Menggotong dua perangkat pakaian di atas kain pelekat; melambangkan kerjasama
pasangan calon suami istri dalam mengelola rumah tangga.
Calon pengantin pria membelah mayang jambe dan buah pinang. Mayang jambe melambangkan
hati dan perasaan wanita yang halus, buah pinang melambangkan suami istri saling mengasihi dan
dapat menyesuaikan diri. Selanjutnya calon pengantin pria menumbuk alu ke dalam lumping yang
dipegang oleh calon pengantin wanita.
Membuat lungkun, yakni berupa dua lembar sirih bertangkai berhadapan digulung menjadi satu
memanjang, lalu diikat benang. Kedua orangtua dan tamu melakukan hal yang sama,
melambangkan jika ada rezeki berlebih harus dibagikan.
Diaba-abai oleh pangeuyeuk, kedua calon pengantin dan tamu berebut uang yang berada di bawah
tikar sambil disawer. Melambangkan berlomba mencari rezeki dan disayang keluarga.
Kedua calon pengantin dan sesepuh membuang bekas ngeuyeuk seureuh ke perempatan jalan,
simbolisasi membuang yang buruk dan mengharap kebahagiaan dalam menempuh hidup baru.
Menyalakan tujuh buah pelita, sebuah kosmologi Sunda akan jumlah hari yang diterangi matahari
dan harapan akan kejujuran dalam mebina kehidupan rumah tangga.

Pada hari yang telah ditetapkan oleh kedua keluarga calon pengantin. Rombongan keluarga calon
pengantin Pria datang ke kediaman calon pengantin perempuan. Selain membawa mas kawin,
biasanya juga membawa peralatan dapur, perabotan kamar tidur, kayu bakar, gentong (gerabah
untuk menyimpan beras). Di daerah Priangan, susunan acara upacara akad nikah biasanya sebagai
berikut:

Pembukaan:

Penyambutan calon pengantin Pria, dalam acara ini biasanya dilaksanan upacara mapag.
Mengalungkan untaian bunga melati
Gunting pita

Penyerahan calon Pengantin Pria:


Yang mewakili pemasrahan calon pengantin pria biasanya adalah orang yang dituakan dan ahli
berpidato.
Yang menerima dari perwakilan wanita juga diwakilkan

Akad Nikah:

Biasanya diserahkan pada KUA


Pada hari pernikahan, calon pengantin pria beserta para pengiring menuju kediaman calon pengantin
wanita, disambut acara Mapag Penganten yang dipimpin oleh penari yang disebut Mang Lengser.
Calon mempelai pria disambut oleh ibu calon mempelai wanita dengan mengalungkan rangkaian
bunga. Selanjutnya upacara nikah sesuai agama dan dilanjutkan dengan sungkeman dan sawer.

Setelah akad nikah, masih dilakukan beberapa upacara, yaitu:


Saweran.

Merupakan upacara memberi nasihat kepada kedua mempelai yang dilaksanakan setelah acara akad
nikah. Melambangkan Mempelai beserta keluarga berbagi rejeki dan kebahagiaan. Kata sawer
berasal dari kata panyaweran , yang dalam bahasa Sunda berarti tempat jatuhnya air dari atap rumah
atau ujung genting bagian bawah. Mungkin kata sawer ini diambil dari tempat berlangsungnya
upacara adat tersebut yaitu panyaweran.Berlangsung di panyaweran (di teras atau halaman). Kedua
orang tua menyawer mempelai dengan diiringi kidung. Untuk menyawer, menggunakan bokor yang
diisi uang logam, beras, irisan kunyit tipis, permen. Kedua Mempelai duduk berdampingan dengan
dinaungi payung, seiring kidung selesai di lantunkan, isi bokor di tabur, hadirin yang menyaksikan
berebut memunguti uang receh dan permen. Bahan-bahan yang diperlukan dan digunakan dalam
upacara sawer ini tidaklah lepas dari simbol dan maksud yang hendak disampaikan kepada
pengantin baru ini, seperti :

beras yang mengandung symbol kemakmuran. Maksudnya mudah-mudah setelah berumah tangga
pengantin bisa hidup makmur
uang recehan mengandung symbol kemakmuran maksudnya apabila kita mendapatkan kemakmuran
kita harus ikhlas berbagi dengan Fakir dan yatim
kembang gula, artinya mudah-mudah dalam melaksanakan rumah tangga mendapatkan manisnya
hidup berumah tangga.
kunyit, sebagai symbol kejayaan mudah-mudahan dalam hidup berumah tangga bisa meraih
kejayaan.

Kemudian semua bahan dan kelengkapan itu dilemparkan, artinya kita harus bersifat dermawan.
Syair-syair yang dinyanyikan pada upacara adat nyawer adalah sebagai berikut :

KIDUNG SAWER
Pangapunten kasadaya
Kanu sami araya
Rehna bade nyawer heula
Ngedalkeun eusi werdaya
Dangukeun ieu piwulang
Tawis nu mikamelang
Teu pisan dek kumalancang

Megatan ngahalang-halang
Bisina tacan kaharti
Tengetkeun masing rastiti
Ucap lampah ati-ati
Kudu silih beuli ati
Lampah ulah pasalia
Singalap hayang waluya
Upama pakiya-kiya
Ahirna matak pasea

Meuleum Harupat ( Membakar Harupat )


Mempelai pria memegang batang harupat,pengantin wanita membakar dengan lilin sampai menyala.
Harupat yang sudah menyala kemudian di masukan ke dalam kendi yang di pegang mempelai
wanita, diangkat kembali dan dipatahkan lalu di buang jauh jauh. Melambangkan nasihat kepada
kedua mempelai untuk senantiasa bersama dalam memecahkan persoalan dalam rumah tangga.
Fungsi istri dengan memegang kendi berisi air adalah untuk mendinginkan setiap persoalan yang
membuat pikiran dan hati suami tidak nyaman.
Buka pintu

Diawali mengetuk pintu tiga kali. Diadakan tanya jawab dengan pantun bersahutan dari dalam dan
luar pintu rumah. Setelah kalimat syahadat dibacakan, pintu dibuka. Pengantin masuk menuju
pelaminan..Dialog pengantin perempuan dengan pengantin laki-laki seperti berikut ini :
KENTAR BAYUBUD

Istri : Saha eta anu kumawani


Taya tata taya bemakrama
Ketrak- ketrok kana panto

Laki-laki : Geuning bet jadi kitu


Api-api kawas nu pangling
Apan ieu teh engkang
Hayang geura tepung
Tambah teu kuat ku era
Da diluar seueur tamu nu ningali

Istri : Euleuh karah panutan

Nincak Endog (Menginjak Telur)

Mempelai pria menginjak telur di baik papan dan elekan (Batang bambu muda), kemudian
mempelai wanita mencuci kaki mempelai pria dengan air di kendi, me ngelapnya sampai kering lalu
kendi dipecahkan berdua. Melambangkan pengabdian istri kepada suami yang dimulai dari hari itu.
Ngaleupas Japati ( Melepas Merpati )

Ibunda kedua mempelai berjalan keluar sambil masing masing membawa burung merpati yang
kemudian dilepaskan terbang di halaman. Melambang kan bahwa peran orang tua sudah berakhir
hari itu karena kedua anak mereka telah mandiri dan memiliki keluarga sendiri.
Huap Lingkung (Suapan)

Pasangan mempelai disuapi oleh kedua orang tua. Dimulai oleh para Ibunda yang dilanjutkan oleh
kedua Ayahanda.
Kedua mempelai saling menyuapi, Tersedia 7 bulatan nasi punar ( Nasi ketan kuning ) diatas piring.
Saling menyuap melalui bahu masing masing kemudian satu bulatan di perebutkan keduanya untuk
kemudian dibelah dua dan disuapkan kepada pasangan .
Melambangkan suapan terakhir dari orang tua karena setelah berkeluarga, kedua anak mereka harus
mencari sendiri sumber kebutuhan hidup mereka dan juga menandakan bahwa kasih sayang kedua
orang tua terhadap anak dan menantu itu sama besarnya.
Pabetot Bakakak (Menarik Ayam Bakar)

Kedua mempelai duduk berhadapan sambil tangan kanan mereka memegang kedua paha ayam
bakakak di atas meja, kemudian pemandu acara memberi aba ?

Anda mungkin juga menyukai