Anda di halaman 1dari 2

Assalaamu’alaikum Wr. Wb.

Alhamdulillahi wahdah. Wassholaatu wassalaamu ‘alaa man laa


nabiya ba’dah, sayidina Muhammadin wa ‘alaa aalihi wa shohbihi
wa mawwalah. Amma ba’du.

Puji nu jadi pamatri nu ngacik dina ati, puja nu sumarambah dina


bayah ieu sadaya kagungan Allaah azzawajalla. Rahmat sinareung
salam mugia tetep ngocor ngagolontor ka jungjungan panutan
alam, sosok insan anu pinuh ku suri tauladan, buktosna Rasul SAW.
Teu hilap ka kulawargana, sahabatna, sareng ka para ummatna
anu turut-tumut kana ajaran sinareng sunnah-sunnahna.

Hadirin nu dipihurmat,

Langkung tipayun sim kuring asmana Bapak, Ibu guru diniyah (…)
seja ngahaturkeun rebu nuhun laksa keti gerah kabingahan,
bingah ka giri-giri, bingah amarwata suta, bingah anu taya
hinggana, sanggem paripaos tea mah sim kuring teh asa mobok
manggih gorowong, asa ditonjok ku congcot, rehna dina danget ieu
tiasa patepung lawung, paamprok jonghok, patepang raray sareng
para Ibu Bapak sadaya dina raraga kanaekan kelas, paturay
tineung, atanapi singkatna mah samen, panginten.

Sim kuring salaku pupuhu Diniyah (….) seja ngahaturkeun nuhun


ka para guru anu parantos rela, ikhlas, tur ridho ngatik ngadidik
murangkalih di ieu Diniyah. Mugia digentos ku karidhoan Allaah
SWT. jaga di yaumil akhir. Aamiin..

Oge sim kuring ngahaturkeun mangrebu-rebu nuhun ka para Ibu


Bapak anu parantos mercantenkeun murangkalihna nyuprih
sareng nyiar elmu di ieu Diniyah. Mugia nasehat, elmu, sareng
bimbingan nu pasihkeun ku guru-guru ka murangkalih, manfaat
dunya sinareng akherat. Sareng mugia murangkalih Ibu Bapak
janten murangkalih soleh sareng solehah, nu tiasa nganteurkeun
Ibu Bapak kana Ridhona Allaah SWT. Aamiin…
Teu hilap Sim kuring seja ngahaturkeun nuhun sareng apresiasi ka
panitia anu parantos ngedalkeun pikiran, tanaga, oge materina
kanggo ieu acara, Jazakumullaah Khairan Katsiro.

Salajengna, sim kuring asmana Bapak, Ibu guru diniyah seja


nyuhunkeun panghapunten ti Ibu miwah Bapak sadayana, tina
samudayaning kalepatan, kakirangan, sareng kabodoan. Mugia Ibu
miwah Bapak jembar panghapunten kanggo sim kuring sinareng
civitas akademi Diniyah (…).

Oge teu hilap, sim kuring ngawakilan panitia, seja nyuhunkeun


panghapunten, rehna ieu acara gening mung sakieu ayana, tebih
tina sampurna. Mugia ieu acara ngandung manfaat sareng
kabarokahan. Aamiin…

Hadirin nu dipihurmat,
Kumargi kitu sim kuring neda ageung cukup lumur, neda jembar
hampurana, dina tindak tandukna, oge dina tata titina, bema
tatakrama, oge dina basa basina mung sakadar dirarampa, sugan
kitu, meureun kieu, tangtos pisan upami teu ninggang kana
wirahmana mah, seueur silung sareng sumbangna, kalayan teu
puguh entep seureuhna.

Rupina sakitu nu kapihatur, hapunten sagala rupi kalepatan


sareng kakiranganana.
Beber layar poe anyar,
lulus banglus ginuluran,
tebih tina marganing balai,
anggang tina sagala gogoda,
disarengan luhur kuta gede dunya,
jatnika sapapaosna, bagja dunya rawuh akheratna.

Wassalamu’alaikum Wr. Wb.

Anda mungkin juga menyukai