Anda di halaman 1dari 5

NASKAH PROSESI UPACARA ADAT

GUPAY TINEUNG SISWA KELAS IX SMP NEGERI 1 CIJAKU


TAHUN PELAJARAN 2013-2014

1. BUBUKA:
Rajah Pamuka
Pun-sapun ka nu Agung, neda widi ka Illahi…
Dzat Allah Robbul’izati
Kula seja magelaran ngaguar seni bihari
Seni ciri nu sajati…
Pamaksadan nu kahatur, paturay tineung pinasti…
SMP Negeri Cijaku
Tutup taun ganti warsi muka lembaran nu anyar
Lalakon kasilir wanci…
Amin ya Robbal’alamiin…Mugi gusti nangtayungan.

Narasi Bubuka (Macakeun Judul)


“Gupay Tineung Siswa Kelas IX SMP Negeri 1 Cijaku Tahun Pelajaran 2009-2010
Dibuka……….”
(Goong 3 Kali)

2. GENDING BUBUKA:
Pirigan Padungdung “Jiro”.

3. PROLOG***
Pirigan : Gembrung
“Cunduk waktu nu rahayu, ninggang mangsa nu utama. Hidep jengkar meber layar
ngambah sagara kahirupan nu pinuh ku pangharepan. Anaking… para catrik jales-istri,
kantenan ari tugenah mah kedah paanggang, risi pami patebih, estu beurat kanggo
pajauh. Nanging,,,, titis tulis bagja diri ti Gusti Nu Maha Suci hamo bisa dirobih deui.
Keun…da hidep mah geus cukup miwekel elmu, masagi sugih ku pangarti. Kiwari niti
wanci nu mustari, nepi kana takdir Illahi yen urang kedah papisah…” (dipungkas kus
goong 1 x)

4. DAYANG, GULANG-GULANG JEUNG PAYUNG KALUAR (Pirigan Patani = 7x)


Dimimitian ku Rajah Payung:
Payung agung meber mayung, jaladri gapura diri
Umbul-umbul tingarulang, ngajajar rantung ka langit
Warnana kunang-kunangan jeung layung kingkilaban
Awor jeung berelek payung, payung salakawaciri
diteruskeun kana gembrung (Rombongan balik deui ka Barisan)

5. LENGSER MIDANG: (Pirigan: Catrik; Lagu: Paturay)


Paturay…, pileuleuyan-pileuleuyan
Ti ayeuna urang teh kedah paanggang
Anggang soteh ukur dina titingalan
Tebih soteh mung dina reretan
Dina manah urang tetep sasarengan
Dina kalbu teu paanggang
Na emutan urang urang ukur pileuleuyan
Pileuleuyan-pileuleuyan, duh bakal paanggang (2X)

6. LENGSER BEWARA: (Pirigan: Gembrung)


“Lengser ngabageakeun tamu anu sumping sareng nguningakeun acara”

* Lengser ngahaleuang
Jep… sora jempe heula bewara ka balarea
Reup…angin eureun heula didieu rek upacara

1
Nitih wanci nu mustari ninggang mangsa nu utama
Nitih wanci nu mustari ninggang mangsa nu utama
Hidep teh bakal lumampah
Ninggalkeun ieu sakola
Poma-jaga kalungguhan, harkat darajat nu luhung…..
(Lengser balik deui ka barisan pikeun mapag panganten/alumni; Pirigan : Gembrung)

7. LENGSER JAJAP ALUMNI KAIRING PARA DAYANG JEUNG GULANG-


GULANG NGAJUGJUG KA PANGGUNG:
(Pirigan: Jumpung, Lagu : Bagea)
Itu geuning siswa-siswi kelas Tilu
Diiringan ku kadang wargi
Tos sumping nedunan jangji
Rancag mapag bagja ka anu daratang
Wilujeng ka anu sumping
Para tamu anu mulya
Hurung layung lir papayung anu agung
Herangna lir kuwung-kuwung
Mahal lir emas jeung inten
Niti wanci cunduk waktu nu rahayu {#}
Ayeuna mangsana datang
Urang teh bakal paanggang
Anggang soteh ukur dina titingalan
Tebih mung dina panyungsi
Hate mah tetep marengan {…#}

8. ROMBONGAN TIBA DI TEMPAT UPACARA


Lengser ngabageakeun anu datang: (Pirigan: Gembrung…)

“Bagja temen…mulya temen…anaking…..


Duh…..wilujeng rawuh anaking…..
Dipapag ku aki lengser,
Disarengan para dayang,
Duh…..wilujwng rawuh, ahung…ahung…”
(ditema ku gembrung…..ditungtungan ku goong 1 x)

9. LENGSER MAPAG KEPALA SEKOLAH:


(Pirigan: Lalayaran; Lagu: Ririungan)
Narasi: Bapa Kepala Sekolah kairing sadaya dewan guru naek ka panggung.

Ririungan urang karumpul


Meungpeung deukeut ayu urang sosonoan
Macak krama urang ngawadul
Urang silih tempas, silih eledan
Moal lila jeung babaturan
Hiji wanci anu geus ditangtukeun
Bakal pisah, bakal pajauh
Bakal mopohokeun katineung urang
Sapu nyere pegat simpay
Bakal kasorang
Takdir ti gusti hyang widi
Bakal kalakon
Urang rek papisah, urang rek pajauh
Meungpeung deukeut hayu urang sosonoan
{1 X}

10. KEPALA SEKOLAH NGANGKALUNGKEUN KEMBANG SATAMAN/MEDALI


Narasi: Bapa Kepala Sekolah dihaturanan kanggo ngangkalungkeun kembang ka siswa

2
panganten)
Pirigan : Gembrung; …haleuang
Kembang tawis pangbagea
Malati kawening ati
Bodas nyacas, herang bengras
Dahlia, bagea rampes

11. SUNGKEM
Alumni diuk sideku madep ka Kepala Sekolah. Kepala Sekolah masihan piwejang bari
nyepeng dua sirah alumni.
*** Paturay***
*** Pihatur ti Alumni
Pangapunten Bapa…Pangapunten Ibu…
Danget ieu waktos ieu, abdi dumeuheus ka salira
Maksad sumeja pamitan
Bade lungsur ti pangkonan, Bapa – Ibu Guru abdi
Sateuacan abdi mungkur
Panuhun…mugia sadaya luntur
Luntur manah luntur galih
Kanggo ngahapunten abdi
Beurat rasa kedah papisah
Sedih ati pami patebih
Cisoca nu jadi saksi
Saksi kadeudeuh kaasih
Pileuleuyan bapa …guru abdi
Pileuleuyan ibu… guru abdi
Sapu nyere pegat simpay
Paturay urang paturay
Paturay urang paanggang

*** Piwejang Kepala Sekolah. (Pirigan: Gembrung)


Hiliwir angin leutik kamari
Gumeterna masih ngancik na dangdaunan
Nu ngalakay hiji-hiji
Seja pamitan ka dahan
Najan geter laun-laun leler deui
Itu tangkal nyanghareup leungiteun
Leuwi ati hanaang saat ngoletrak
Beurat pikeun ngaleupas anjeun

Deudeuh bageur…
Anaking…jimat awaking
Puputon kembang kadaton
Hidep nu jadi panyileukan beurang jeung peuting
Hidep teh kembang kabagjaan jeung pangharepan
Bral bageur… geura miang
Geura tandang sing pertentang
Geura udag pangharepan anyar
Anu jadi pangjugjugan anjeun sakabeh

Kasep…Geulis…kanyaah rasa kaasih ati


Pidu’a kairing golontorna cisoca
Minangka pangjajap….
Muga anjeun sadayana hirup waluya tur bagja
Pileuleuyan bageur…pileuleuyan
Sanajan raga papisah,
Moal ilang rasa kanyaah
Sanajan urang patebih,

3
Tapi ati tetep ngahiji kapatri

12. ROMBONGAN TURUN TI PANGGUNG NGAJUGJUG KA TEMPAT ASAL


(Pirigan: Lalayaran; Lagu: Bral Geura Miang)

Bral geura miang


Bral geura jengkar
Ngambah sagara
Kahirupan anu mulya
Bral geura miang
Bral geura jengkar
Geuera teangan
Pibekeleun hidep kabeh
Bral geura miang
Bral geura jengkar
Heug geura petik
Pangarti masing ngawincik

13. BAPAK KEPALA SEKOLAH NGANTUNKEUN PANGGUNG


Narasi: Bapak Kepala sekolah kairing dewan guru dihaturanan ngantunkeun panggung.
(Pirigan : Catrik tempo gancang, Lagu : Run-Turun)
Run turun muru padumukan saur
Bray gelar muka galuring carita
Tret nulis lalakon picaritaeun
Dat gurat wiwilang ambeuhan gelar
Bray payung iuh jalan ngabulungbung
Wur cai parancah nyinglar hahalang
Wur kembang wawangi sarining puji
Rep nyerep sumilar waruga jati

14. UPACARA DITUTUP


(Pirigan: Jiro)
Epilog***
 Bral geura mariang…, meungpeung beurang masih keneh caang jeung tetempoan
masih baranang. Geura tandang sing pertentang, teangan luang jeung
pangalaman, sangkan anjeun hirup luhung ku elmu jembar ku panalar.
 Bral geura jengkar… candak ieu jimat kamulyan, cekel papatah nu jadi indung
jeung bapa. Poma ulah boga rasa mokaha komo deui adigung adiguna. Anjeun
tong poho kana purwadaksina. Sing inget kana wiwitan, jaga harga diri jeung
kalungguhan sakola katut guru-guru anjeun.
 Anaking… geus tong teuing diceugceurikan, da geus kuduna, Pisah soteh lain
pisah salawasna.
 Sapu nyere pegat simpay, hayu urang beungkeut deui
Paturay urang paturay, pamugi patepang deui
Bral….Anaking
Bral…………..

SAKITU NU KAPIHATUR
Heug … URANG TEUNDEUN DIHANDEULEUM SIEUM
GEUSAN SAMPEUREUN
Cag ….. URANG TUNDA NA HANJUANG SIANG
PARANTI NYOKOT NINGGALKEUN

SANINTEN BUAH SANINTEN


SANINTEN DIKALAPAAN
HAPUNTEN ABDI HAPUNTEN
BILIH AYA KALELEPATAN

4
CAAAAG……PERMIOS
WASSALAM

Anda mungkin juga menyukai