Anda di halaman 1dari 3

SUSUNAN ACARA PERPISAHAN & KENAIKAN KELAS

SMPN 2 CIBUGEL TAHUN PELAJARAN 2021/2022


1. Pembukaan
2. Pembacaan Ayat Suci Al-Qur’an + Sholawat = Adinda Neng Aida Wahidah + Sika Susanti
3. a. Menyanyikan lagu Indonesia Raya = Paduan suara kelas 7 & 8
b. Terima Kasih Guruku
c. Panon Hideung
4. Sambutan-sambutan:
1. Sambutan ketua pelaksana = Bp Hilman …………… , S.Pd
 Solo vokal Lagu Bukti = Adinda Karmila Maharani 8A
 Sajak Tukeuran Ieu Sajak = Adinda Enjel Rahmawati 8A
2. Sambutan kepala sekolah = Bp Hanan Heriyaman S.Pd.,M.M.Pd
 Silat = Kelas 8A (Nabilah, Reva Anggraeni, Indika, Kisha Nabila, Riski Permana)
 Pembagian hadiah kelas 7&8

 Pembagian Hadiah Porak

3. Sambutan Komite = ……………..


 Lagu Kemesraan = Spenduci voice (ibu bapa guru)
 Kuda Sumedang
4. Sambutan Muspika = …………….
 Solo vokal lagu Senyumlah = Nisa Ira Janu 7B
5. Sambutan Ketua OSIS = Risna Julianti
5. Upacara adat
- Pencopotan Atribut
- Sungkem Kepada Kepala dan Komite
- Pengalungan Medali
6. Sungkem Kepada Orang Tua
- Sambutan kelas 9 = Sika Susanti
- Pupuh Asmarandana = Nabilah
- Sajak Kelas 8 = Risna Juianti
- Persembahan dari kelas 9 Vocal Grup = Masa SMP + Saikhona
- Smoke Bom = Semua Kelas 9
7. Do'a
8. Tutup
PUTRI :
Bapa ! Ibu ! GURU
Abdi ngangres lebeting ati Anaking jimat awaking
Kageuingkeun anginna ririh Disaksi langit nu caang
Ngorejat.... Emut ka wiwitan Lir caangna hate Bapa, bungah anu tanpa
Abdi sadar .... tanding
Yen hate abdi sanes tina hoe Nyaksian hidep manjing sawawa
Kalbu abdi sanes tina batu Bapa kalih Ibu guru sadaya, bungah tan
Kabetrik ati katinggang mamaras rasa wangenan
Ku kaweningan galih Ibu sareng Bapa Hidep tineukanan, lawas mawa
Abdi Yakin, kameunangan
Ibu kalih bapa saparakanca Lalayang geus jagrag baris marengan
Ngatik sareng ngadidik abdi sadaya Pikeun ciri hidep ngageum pangarti
Pinuh ku kawening galih, limpas ku Sawangsulna.....
kanyaah nu nyata Ibu ngangres ku bisi rempan ku sugan
Leubeut ku kadeudeuh anu terus maneuh, Henteu bisa neudunan kawajiban
Karaos... karaos pisan ayeuna mah, Ngatik hidep henteu tepi ka udagan
Panggetrik Ibu, panggitik bapa, estu
wungkul pangdidik Deudeuh anaking geuning teu nyana
Nuyun abdi sadaya kana jalan nu rahayu Anjeun inajen dina galura rasa
Ayeuna ngembang boled... pertela..... Nembongkeun hidep manjing sawawa
Kapetik hasilna, kaala buahna Yen hidep bakal bisa mulang tarima ku
Putra nampi kana takdirna papasten Gusti kaluhungan
Yang Widi Ibu, Bapa, ngarasa regreg ngajurung hidep
Namung, parandena kitu ..... luma
Luntur kalbu nu kaasuh, jembar manah nu Bral... Mangka iatna, kade lali ka temah
diteda wadi
Abdi neda dihapunten tina samudayaning Pikeun ciri hideng lekasan di SMPN 2
kaleupatan Cibugel
Abdi rumaos.... sering ngajaheutkeun Mangka prak, jung geura nangtung,
manah ibu kalih bapa Geura ngadeg anu
Abdi sadar, ..... sering ngajantenkeun bapa ajeg............................................
miwah ibu bendu. Geura tampa ieu lalayang
Ciri nu bukti hidep ngagem pangarti
Bismillah lahaola walaquata Illa Billah.
Ibu ! Bapa! Brul........ Bral...... Mangka waluya
Tinangtos bagjana iyeu hate salawasna.
Saupami ibu miwah bapa sadayana
Tiasa ngahapunten abdi sadayana
Sareng dina danget iyeu
Abdi neda pamit..............
Seja ngungsi udagan anu teu acan ka
sorang
Seja ngabeudag kalangkang anyar...
Kaberkahan sinareng kawaluyaan,
Aya dina kawening galih sareng
pangduana ibu miwah...... bapaa.....
SUNGKEMAN KA ORANG TUA

 “Mamah, dina danget ieu kalayan syaré’atna disakséni ku kadang wargi anu hadir di dieu, hakékatna

disakséni ku Alloh SWT, langkung tipayun abdi seja ngahaturkeun rebu nuhun laksa ketik kabingahan kana

kasaéan anu parantos dipaparinkeun ka abdi.

Abdi jelas kahutangan ku Mamah, ti kawit abdi di kandung anu ilaharna salami salapan sasih, tangtos

kapayahan anu langkung-langkung. Siang kalayan wengi Mamah teu weléh sumujud ka Rabbul ‘Izzati,

tumamprak ka Gusti Alloh neneda palay dipaparin putra-putri anu sampurna salamet, waluya sapuratina.

Kasawang ku abdi kasusah Mamah, nalika bureuyeungan, seunggah guling gasahan. Patuangan nyelekit

beuki narikan. Celekit dina parindikan, jeletot dina bobokong, reyang-reying teu betah cicing. Harita basa

tengah peuting Mamah humarurung nyalira.

Sakawitna moal ngageumpeurkeun balaréa. Sugan jeung sugan kanyeri dina patuangan bakal ngurangan.

Nanging sanés ngurangan nyeri anu aya, malihan tambih-tambih nyeri. Harita, Mamah ngajerit maratan

langit ngocéak maratan jagat. Ménta tulung, ménta nyalindung.

Mamah parantos béak déngkak nahan kanyeri jeung kapeurih. Luut léét kesang badag, késang leutik

burayoan maseuhan sakujur salira. Guyang darah, mandi getih, sakapeung dibarung ku kasusah,

sakapeung haté tugenah. Harita Mamah parantos ngaboreuhkeun jiwa raga, nyawa pingaraneunana. Anu

namina ngajuru, luyu sareng istilahna. Hartina nyawa Mamah téh aya dina sajuruna deui.

Dina waktu Mamah ngalahirkeun abdi, Mamah bajuang dina tungtung hirup. Tanaga Mamah, engapan

Mamah, kesang Mamah, cai soca Mamah, getih Mamah nyurugcug maseuhan bumi pikeun mélaan anu jadi

anak.

Nalika gubrag si jabangbayi gumelar ka alam dunya, denghékna sora orok ceurik sataker kebek, ceurik

munggaran anu minuhan wewengkon alam. Nya harita pisan abdi lahir ka alam dunya. Ti harita Mamah

teu bisa kulem anu tibra, teu bisa léha-léha. Ngupahan tur ngabélaan nu jadi anak. Budak gering milu

gering, budak rungsing henteu pusing. Mamah milampah sadaya kabutuh nu jadi anak dumasar kana

kaikhlasan jeung ngagedurna rasa kanyaah anu taya wates wangenna.

Mamah, mugia dina danget ieu, wanci kiwari abdi ngésto tina lelembutan abdi anu pangjero-jerona, tina

mamaras manah anu sadasar-dasarna abdi neda hampura tida samudaya dosa perdosa. Tinangtos dosa

abdi anu janten putra moal kaétang seueurna. Abdi yakin sanajan sakumaha benduna, Mamah lautan

hampura jembar manah tiasa ngahapunten ka abdi

Anda mungkin juga menyukai