Anda di halaman 1dari 15

NASKAH UPACARA ADAT SUNDA

Naskah Upacara Adat Sunda

Overture:
Gending khusus

Narasi:
Jeung diantara tanda-tanda kakawasaanana
Geus diciptakeun pikeun aranjeun
Pasangan hirup diantara aranjeun
Rasa asih diantara aranjeun
Sangkan aranjeun aya dina katingtriman

Rajah lengser (amitan)


Rampak sekar:
Tah sora goong ngungkungan aya naon aya naon 2X
Tah sora-sora bewara tah sora goong tanggara tanggara reujeung
bewara
Paheut hiji subaya

Nu pasini jatuk rami ayeuna dugi kawanci


Nu paheut ngeuyeuk kadeudeuh ayeuna parantos rawuh
Dipapag dibageakeun bagea wilujeng sumping calon rajaning
sadinten
Nulinggih di istrenan
Solo:
Pun sapun uwa hampura
Manawi tatamu saha
Rumaos uwa leleda
Sakedap antosan heula uwa tumut kasalira
Seja ngembarkeun bewara kasakumna balarea
Pun sapun
Uwa nebarkeun sumping
Tuh atra ngaleut ngalabring
Der gending geura ramekeun
Bral miang geura papageun
Bur payung geura bukakeun 3X

Gending umbul-umbul/ibing baksa:


Sampak/gending khusus (keringan)
Gending payung (pangapungan):
Samapiung ngapung ka manggung
Ngapak mega ngawang-ngawang burudul
Budul saalung baju barabay
Sawidak deupa rup kusambut rap ku lemah
Kadingdingan indung peuting kahalangan mega malang
Enggeus…
Rentong sagede papatong reuntas sagede bangbara
Tarik batan mimis bedil
Reuntas batan kuda lumpat
Awak wawuh jeung nulembut
Awak loma juragan
Duh jeung dewata
Gending lengser (khusus)
Lengser midang (Gudril):
Uwa lengser 2X
Geus miang mapag nugandang
Leumpangna rurusuhan
Bangun taya karingrang
Diudag-udag kalangkang 2X

Gending mayang (pajajaran):


Nagri mashur pajajaran
Patilasan siliwangi
Jung nanjung 2X
Panganten sing nanjung
Mugi gusti nangtayungan

Tawur kembang (bunga):


Catrik:
Ditawur kembang malati
Sengitna tisanubari
Nuseyngit kanggo salira
Tiwargi sadaya
Sing asih kembang katresnan
Nu medal nalelembutan
Hariring kanggo salira
Tiwargi sadaya

Kulu-kulu:
Haturan jimat awaking
Panganten teh gening sumping
Hidep nu dianti-anti
Nyumponan jangji pasini
Ditawur kembang malati
Seungit kembang mawar sari
Nu seungit kanggo salira
Ti abdi-abdi sadaya

Baheula mah nelengnenggung


Ayeuna jalugjug jangkung
Baheula mah nelengneggung
Ayeuna kabale nyungcung

Kalung bunga:
(jemplang titi)

Tari persembahan (merak):


Gending hkusus lagu catrik

Sholawatan:
Shollalloh ‘ala Muhammad
Shollalloh ‘alaihiwasallam 2X
NASKAH PROSESI UPACARA PANGBAGEA
SISWA-SISWI PINUNJUL KELAS IX MTS AKHLAQIYAH
SUKANGALIH PACET
TAHUN AJARAN 2011-2012

PROLOH : Upacara Pangbagea Siswa-siswi pinunjul kelas IX MTs


Akhlaqiyah Tahun Ajaran 2011- 2012 dikawitan…….!
GENDING : (Bubuka 1)

ADEGAN : 1. Juru siap midang

PROLOH : nitih wanci nu mustari


tepung taun nu milangkala
mangsa lawas geus karandapan
pungkaan lulus banglus rahayu
seuweu siwi harapan nagri
geus tutas talabil ilmi
kiwari rek diistrenan……………….

GENDING : (BUBUKA 2)

ADEGAN : 2. KI SUNDA NGAWITAN MAPAY

PROLOH : midang tandang mani gandang

rek ngalanglang palataran


boh bisi aya karaman
mamang lengser pulang anting
ngatur siswa nu garinding
heunte weuleh sura seuri
bangun anu bungah ati
mamang lengser bageakeun
nu rek tandang tos keseuleun
mamang lengser tong cileureun
bisi aya nu tinggaleun
GENDING : (RAJAH)

ADEGAN : 3. KI SUNDA NGARAJAH SINEMBAH

4. JURU PAYUNG MIDANG


5. PONGGAWA MIDANG
6. DAMIANG MIDANG
7. SADAYA JURU MAPAG PANGANTEN

PROLOH : bray sing bengras, bray sing bengras


nyaangan nu lalampahan
bray sing bengras, bray sing bengras
nyarengan nu makalangan

bray sing caang, bray sing caang


lir sang surya narawangan
bray sing caang, bray sing caang
masing lenglang herang mencrang

ngawitan ngalengkah mencar


seja ngambah pancen anyar
lumampah anu munggaran
neruskeun harepan jembar

ADEGAN : 8.ACARA GUNTING PITA


GENDING : (SIEUPAN)

PROLOH : deg randeg sapangadeg…….!


didieu tetep geus deket
pita nu nganteng ngahalangan lawang saketeng…….
lir pipinding panyilir asih,
hahalang panyinglar tresna
prak kiwari geura singraykeun…..geura bukakeun……!
geura gunting ku gunting kaasih
kalayan neda widi ti Gusti Nu Maha Suci…..

ADEGAN : 9. juru sadayana mapag panganten dugi ka caket


panggung
10. panganten di handap panggung, juru kabagi dua sapalih
kaluhur panggung

PROLOH : pihatur ka keresana pupuhu SMAN 7 Kabupaten


Tangerang linggih ka panggung kanggo kemban sawer minangka
pangjurung laku kalulusan pinunjul SMAN 7 Kabupaten Tangerag
taun ajaran 20118/2019 nu bade miang tandang makalangan
pikeun ngahontal cita-cita
V. UJANG KASEP MANGGA GEURA TANDANG HIDEP AYEUNA REK DI ISTRENAN 

( KELAS IX BERJALAN MENUJU ARENA DIIRINGI LAG LALAYARAN....SAPAI PADA ARENA) VI. KA BAPA

PUPUHU GIRANG PANGATIK SMPN 2 SUKAMANTRI DIHATURANAN KAPAYUN VII. UJANG KASEP

SUMANGGA SUNGKEUM KA BAPA KALIH KA IBU, KEDALKEUN NAON ANU DISEJA PUNDUT DO’ANA

SANGKAN HIDEUP PINANGIH JENG KABAGJAAN DUNYA RAWUH AKHERAT!  GENDING (LIRIH.........)

ILUSTRASI SULING

NARASI: ANAK

BAPA,........IBU................,DINTEN IEU ABDI SUMANGGEM DIPAYUNEUN BAPA SARENG IBU MUNG SEG

MANAH TIAS DI BUKA NYAKSIAN LAMBE NYARIOS, BAPA IBU ASA SESAH ABDI NGANTUNKEUN ASA

SESAH KANGGO NGALENGKAH ABOT KUSONO ,ABOT KUNYAAHNA ABOT KU KADEUEUH,

NETESKEN,KATRESNA, NGATIK ... NGADIDIK,,TANWANGEN SANES KANTEN BAPA, IBU,ABDI SADAYA

NGARAOS YAKIN KAHEMAN BAPA KALIH IBU WENING KU ASIH SARENG KEUBEUK KU KANYAAH, ANU

TAYA HIGGANA BAPA, IBU............. PILEULEUYAN – PILEULEUYAN, SAPUNYERE PEGAT SIMPAY PATURAY

PATEPANG DEUI YA ALLAH.....PANGERAN ABDI SADAYA MUNG DU’A TI BAPA KALIH IBU HIRUP KUMBUH

DI DUNYA SING RAWUH WALATRA AMIN ...YA ..ALLAH YA...ROBALL ALAHIN

VIII. NARASI GIRANG PANGATIK ( BAPA KEPALA ............................................)

ANAKING ................................................................... KIWARI NITIH WANCI, KATITIH KATARIK TULIS

AYEUNA ..HIDEP DI KAWAS TAMAT NA MANGSANA TILU TAUN ANU DITUNGGU SAWATARA MANGSA ANU

DIDAGOAN KIWARI NGAJADI BUKTI NGAJANGELEK POE NU HADE HIDEP MUNGKAS MANGSA DIAJAR

TLU TAHUN PAMUNGKAS KATINEUNG HATE BRAL ANAKING GEURA LEMPANG GEURA LEUMPANG

MAKALANGAN GEURA IGEULAN IEU DUNYA ANU PINUH KU COBAAN TUH ............... DIDITU ANU

PENTAS................... ANU ITU.................. HIDEUP GEURA BEUBENAH PETIK PANGARTI, UNDEUR

PANGALAMAN PIKEUN NGAWUJUDKEUN CITA – CITA BEBER LAYAR TARIK JANGKA PACUAN ULAH REK

POHO JIMAT JATINNG WALUYA NGALENGKAH BACA BISMILAH NYATANDANG BUNARUNG IMAN

RANCAGE MIGAWE PANCEN DITAMENG LEBER WAWANEN BATAL WUDU, BATAL SIOLAT ANAKING..........

GAMPANG MALIKNA BATAL LAMPAH HESE NGUBARANNAN BRAL.................................. ANAKING MANUK

HIBEUR KUJANGJANNA, MANUSA HIUP KU AKALNA BAPA KATUT IBU NGADU’A TIKAANGGANGAN
ANAKING.............. YU..............!SILIH LUBARKEUN DOSA, ANU IKHLAS ................! KANU BAGEUR..... NYAAH

KUBAGEURNA, KANU BANGOR NYAAH...KUBANGORNA ARI BODO JEUNG PINTER, KAPAN ETATEH

BANDA MANUSA BRAL........ANAKING, DIANTEUR KUTEUTEUP DEUDEUH

IX. SUMANGGA NGADEG DEUI TERAS SALIM KA BAPA KALIH IBU AN PANUNGTUNG!!!!!!!! X. KA PATUGAS

ANU NYANDAK IJAZAH SUPADOS KAPAYUN !

XI. KABAPA PANGATIK OGE IBU ...SUMANGGA SANGGAKEUN IJAZAH KA MURANGKALIH WAWAKIL

TIKELAS IX. ANU PAMEGET WASTANA ............................................... KELAS ..................................JUMLAH,

SARENG ANU ISTRI WASTANA .....................KELAS.........................

XII. KA BAPA OGE IBU GIRANG PANGATIK SUMANGGA TIASA NGANTUNKEUN UIH DEUI KATEMPAT ANU

PARANTOS DI SAYOGIKEUN.MUNG SATEUACANA SUMANGGA GEURA KALUARKEUN MANAWI GADUH

TUTUNGKUSAN SIMBOL KASADAYA ATIKAN URANG.

XIII. ( MELEPAS BURUNG JAPATI SIMBOL PELEPASAN)DAN MENINGGALKAN ARENA.

 GENDING JALAN.................................LIRIH.

XIV. ALHAMDULILAH UJANG KASEP HIDEP GEUS MENANG PANGDU’A TINU JADI SEPUH, BINGAH

AMARWATA SUTA , BINGAHNA KAGIRI – GIRI. JUNG ANAKING GEURA LUMAKU UDAG KAHAYANG, TAPI

KAHADE ULAH LALI KA TAMPIAN.ISUK JAGANING GETO HIDEUP DIDIEU DIANTI PISAN.

 GENDING PANGANTER PUSPA JALA LAUGU :NIMANG ADUH BAPA IBU GURU KATAMPI KU ASTA

KALIH KASAEAN TI SALIRA DIPATRINA SANUBARI PIDU’A ANU DIPUNDUT PIKEUN PIBEUKEULEUN ABDI

BADE NERAS KEUN SAKOLA NAWUJUDKEN CITA – CITA MUGI KERSA WENINGGALIH NGAHAPUNTEN

DOSA ABDI NUKANTOS NYESAHKEUN PISAN NGAPING PINUH KASABARAN


XV. MUNG SAKITU NU KAPIHATUR PIDANGAN RUNTUYAN ACARA MIANGKEUN KELAS 12 SMAN 7

KABUPATEN TANGERAMG TAHUN PANGAJARAN 2018/2019.

HATUR NUHUN KANA PERHATOSANANA,BOBOT SAPANON CARANG SAPAKAN MUGIA JANTEUN

MAK’LUM TINA KAKIRANGANNANA SIHAPUNTEN KANA KALEPATANANA. WASSALAMU’ALLAIKUM

WR.WB.

 GENDING PANUTUP (JIRO.......................................)  GENDING SAMPALAN ( BUBAR..............................) 

SEULEUNYU SULING  TUTUP TAMAAAAAAAAAAAAAAAAAAAAAAAAAAAAAAAT KANG................ (SOK DI

COMEN AH) LALAGUAN HARIRING NUKUNGSINYANDING (CATRIK TABUKAN 5-2 ) PURNAMA NU KUNGSI

LEUNGIT NGANJANG KABURUAN DEUI ANU KUNGSI KAPIATI KIWARI URANG DITEUPANGKEUN DEUI

HARIRING NUKUNGSI NYANDING AYEUNA DATANGNGAHALEUANG DEUI HAYU PATAREMA TANGAN

CACAPKEUN MEUNGPEUNG AYA KASEUMPEUTAN AYEUNA MANGSA NU ENDAH HAYU URANG SUKA

BUNGAH CAANG BULAN OPATBEULAS NARAWANGAN ATI BANGBELAS ANGIN PERIANGAN ( KULU – KULU

2-5 ) SENGIT ANGIB PERIANGAAN NGUSAPAN EUMBUN – EUMBUNAN DUUUUH EUMBUN – EUMBUNAN

HAAR – HAWAR REUREUNDAHAN NGAHARIRING AYUN AMBING – AYUN AMBING SEUNGIT ANGIN

KAHIANGAN SUMEUREP NAA LEULEUMBUTAN DUUUUUUUUUH NA LEULEUMBUTAN HAWAR – HAWAR

RERENDAHAN AYUN AMBING AYUN AMBING DEUNGKLEUNG DENGDEK DEUNGKLEUNG DENGDEK SISI

LAMPING ANU DEWEK ENYA ANU KURING TANAH WASIAT TANAH DURIAT ANU MATAK TIBEULAT NYA

RARASAAN DEUNGKLEUNG DENGDEK BUAH KOPI SISI LAMPING ANU DEWEK ENYA ANU KURING TANAH

KATRESNA JADI SARAKAN ANU TETEP MARENGAN NYA LEULEUMBUTAN KULU – KULU ( 2-5) DEWI SINTA

DEWA – DEWA RAMA KASASARMAH GAN DI ALAS ROBAN ALAH MIKA CINTA – MIKA CINTA KASASAMA HIJI

– HIJI DASAR DASAR KABANGSAAN HIJI DASAR DA KABANGSAAN PRANG PRING ALA PRANGPRING

BENTANG KUKUS JADI – JADI DUA NGIRING ABDI NGIRING NGIRING ABDI NGIRING AGAN PUPUS DA ABDI

BAWA PRANG PRING ALA PRANGPRING BENTANG KUKUS JADI – JADI TILU NGIRING ABDI NGIRING

NGIRING ABDI NGIRING AGAN PUPUS DA ABDI MILU GAN ARI MELAK SAGA MELAAK SAGA PALINTANGAN

GAN ARI BABALEAN BABALEAN DA PANGALUSNA GAN ARI SOK SANAJAN SOK SANAJAN KANTUN NGARAN

GAN ARI KASAEAN KASEAN DA MOAL MUSNAH TONG KALEUWEUNG SEUSEUR SIREUM MENDING NGALA

BUBUNDEURAN ENTONG – ENTONG KEUEUNG ENTONG – ENTONG SIEUN MUN NGABELA

DABEUBEUNEURAN
ADEGAN : 11. PROSESI SAWER PANGANTEN

GENDING : (RAJAH, PAPATET, KINANTI, PAYO)

PROLOH : disawer dina bangbarung, jig indit ka bumi asih


nyekel buana sorangan, diri sing manjing walagri
jiwa digjaya waluya, dibarengan sugih ati
disawer bari dipayung….
papayung dina usik,
dina ringkang kumeleundang, da eling-eling kapawit
eling kaindit-inditan nawaetu dina ati…………….

ADEGAN : 12. PANGANTEN NAEK KAPANGGUNG

13. PROSESI SUNGKEMAN PANGANTEN


GENDING : (PAPATET)

PROLOH1 : Anaking…..!
3 taun anu kalangkung …….
hideup cunduk di ieu sakola,…
pikeun maruluh elmu nu laluhung
datang pikeun nyiar atikan anu sampurna……..
nya salira eta pisan anaking
hideup paheuyeuk-heuyeuk lengeun,
paantay-antay panangan……………
dina enggoning ngulik pangarti,
nyiar luang dina daluang, jeung ti pada urang,
tapi kiwari, anaking…!
cunduk waktu anu tangtu,
nitih wanci anu mustari,….
ninggang mangsa anu sampurna,..
pikeun hidep lekasan nyiar atikan di ieu sakola,…
tapi lain hartina hideup geus tamat teu kudu diajar,…
lain……, lain….., lain….., anaking……!
tuh tingali….. masih loba keneh gunung anu kudu
dijugjug,
masih keneh lega sagara anu kudu di sorang,
kukituna anaking, mun ngalengkah mawa Bismillah,

leumpang dibarung ku iman,


ditameng leber wawanen,
rancage migawe pancen,
eling kana titincakan,
ngadali simpay kaeling
tong poho ditemah widi

PROLOH 2 : ibu……..!
bapak guru……!
teu saat-saat golontor kanyaah ibu,
teu peugat-peugat tataman kaheman bapa,
3 taun lamina abdi cunduk di ieu sakola,
pikeun maluruh elmu nyiar atikan anu sampurna,
parantos ngariweuhkeun ibu sinareng bapa guru,
matak nyusahkeun manah dina mangsa ngatik ngadidik abdi
sadayana,
langkung tipayun abdi neda dihapunten,
neda agung cukup lumur jembar hampura nu di teda,
sangkan taya nu nyungkelit sumarambah dina bayah,
neda dihampura tiluhur sausap rambut, tihandap sahibas dampal,
pamugi ngahapunten samudaya kalepatan….

ibu…!
bapa guru…!
abdi sadaya ngahaturkeun rebu nuhun laksa ketik kabingahan,
kersa rehing parantos ngatik ngadidik,
kalayan hirup henteu luput tina pangaping sareung pangjaring,

ibu…!
bapa guru…!
abdi sadaya neda pidu’a rehing dina denget ayena
estuning hirup bakal ngambah sagara kahirupan nu anyar,
anu pinasti pinanggih jeung rupa-rupa gogoda,
anu temahna matak ngahambat kana jalan kahirupan,
kuhal sakitu neda pidu’a ti ibu sareung bapa guru,
pamugi abdi sadaya mugiya aya dina panangtayungan gusti nu
maha agung,
kalayan hirup teu kaluar tina jalan ajaran agama…

ibu…!
bapa guru…!
hatur nuhun tina sagala rupi yasa ibu bapa guru salami ieu,
anu teu tiasa diukur ku tangtungan umur,
kalayang diteang ku robahna zaman….
pileuleuyan….. pileuleuyan……pileuleuyan…..,
ibu….., bapa guru……

PROLOH 1 : anaking……………..
Teu kendat-kendat ibu sinareung bapa pikeun ngahampura ka
hideup sadayana,
Dina mangsa katukang, hamo peugat-peugat pidu’a ti ibu
sunareung bapa,
Kanggo hideup sadayana, anu salawasna ngadu’a dina unggal
renghap nafas…
Pileuleuyan geulis………..
Pileuleuyan kasep………..
Poma hideup ulah poho kana temah wadi,
Bral….. geura ngambah jalan anyar, beber layar tarik jangkar,
Pikeun ngambah sagara kahirupan anu nyata,
Kalayan pidu’a ibu bapa guru salawasna bakal mareungan lengkah
hideup sadayana…..

ADEGAN : 14. Prosesi pamasrahan ijazah ka siswa-siswi


pinunjul/panganten

PROLOH : pihatur ka kersana…………………………………. linggih ka


panggung kanggo masrahkeun ijazah ka lulusan pinunjul MTS
AKHLAQIYAH taun ajaran 2011-2012
PROLOH : duh anaking…………………
Teu karasa kiwari ngajadi bukti,
Hideup geus tamat diajar,
Nungtut elmu nyungsi harti,
Tapi hideup sing gumarti,
Tong poho kana piwuruk,
Minangka tanda pamungkas, prasasti keur ajen diri,
Geura tampa…geura tampa ijazah anu utama

ADEGAN : 15.PROSEI SEREN TAMPI SISWA-SISWI KELAS IX MTS


AKHLAQIYAH

16. KEDAL LISAN LISAN PAMASRAHAN ANU BARIS DIDUGIKEUN KU


KERESANA IBU/BAPAK PUPUHU………..
17.KEDAL LISAN PANAMPIAN TI PIHAK WALI SISWA ANU BARIS
DIWAKILKEUN KU KERSANA IBU/BAPA…………….

18. PROSESI RAMAE TAMAH SISWA-SISWI KELAS IX MTS


AKHLAQIYAH SADAYANA NAEK KALUHUR PANGGUNG

PROLOH : MUNG SAKITU ANU KAPIHATUR ACARA PROSESI


PANGBAGEA SISWA-SISWI KELAS IX MTS AKHLAQIYAH TAUN
AJARAN 2011-2012,
MUGIYA APANJANG APUNJUNG,
CAG,, AH……………….!

Anda mungkin juga menyukai