Anda di halaman 1dari 4

UPACARA SEREN LAYANG SMP AL HIKAM GARUT

TAUN ATIKAN 2022-2023


BADE DIKAWITAN
TITIP ASIH KANU LINGGIH, PAPAG BAGJA KANU ANGKAT

A. PASKIBRA/MARCHING BAND
Ket: Nyandak lalayang ti wawakil guru

NARASI
Ass wr.wb
Puji syukur ka Alloh nu maha gofur,nu murbeng alam purbawisesa, nu parantos maparin
nikmat nugraha anu kalintang ageungna. Solawat miwah salam kasanggakeun ka panutan alam
Nabi Muhammad SAW, ka kulawargina, kalih ka para sohabatna nu tigin kana ajarannana tug
dugi ka ahir zaman. Kalayan pamugi urang sadaya diangken janten umat Mantenna Amiin.
Hadirin anu sami rawuh, Poe ieu dina mangsa pajar hibar patembongan, dina mangsa
sumiratna sang surya nu nurutus tembus, naratas parat sabuana jagat raya, bumi jeng langit nu
jadi saksi jeung hate nu nyakra dina jero lebetning raga sukma, nu kumandang kana lapad
Lahaola Wala kuwata Illabillahilaliyil adim. Dina danget ieu urang sami sami sakseni UPACARA
SEREN LAYANG, kalayan baris dilaksanakeun nganggo adat kasundaan.
Bral……………..

1. GENDING BUBUKA
2. RAJAH/TARI ILUSTRASI/PAYUNG
Amit ampun nya paralun
Nu ngamurba bumi langit
Nu ngawasa bumi alam
Nu nyiptakeun, bumi langit
Neda pangriksa kaweksa
Ka pupuhu asal kawit
Hung….ahung

Nu dumuk dina jajantung


Nu numpi na sanubari
Di buka patinghaleung
Hariringkeun ku panggeri
Mangka musna mamalana
Binarung rido ti Gusti

Nur Illahi mugi lungsur


Nyaangan, ka alam dunya
Eling ka purwa daksina
Rumat hurip ti jatina
Leupas ti cangkalak setan
Mugi gusti kali nuhun
Hung….ahung
Gusti…………nu Agung

3. LENGSER (Narator,sora aki-aki)

Aki : Oho-oho (ket batuk) pret (hitut) Sampurasun......., Sampura sun......., (hitut).
Kumaha daramang sadayana? Euleuh....mani gareulis, karasep kieu. (hitut),
dasar pikasebelan ieu bujur, he-he-he............ Aya acara naon ieu teh?

Nayaga : Ih…..ari aki pan ieu teh acara paturay tineung kelas 9

Aki : ....Oh, kutan kitu, paingan mani gararinding. Euleuh....euleuh....geuning Itu aya
juriiiiiig.....
Panayangan : Mana aki? Ah si akimah sok kamana wae, sakitu gareulis, karasep kitu disebat
jurig

Aki : Itu tuh, itu , ke ku aki urang singkahkeun heula, 123 hoyah.....
Itu... geuning aya keneh, jurig awewena, 123 hoyah.....
Ke ke ke,ari si Nini kamana can katempo,tempo? Wah ieu mah gawat,
telepon heula ah, 0853159200000 yahoo,

Panayagan : Nyambung teu ki...

Aki : aduh.....teu diangkat, coba deui ah, 0853159200000000, jreng ah..

Nini : Hellow, yayang?

Aki : Hellow, Hellow, wer ar yu may prinses?

Nini : Ke lanan aki, nini keur di lipen setip heula

Aki : Dasar nini peot bahenol gancang kadieu ieu geus karumpul.
(nini asup nini asup bari hitut)

Bolu bu Tia…..bau mantega


Bolu bu Yanti……bau tarasi
Mangga cobian tangtos nikmat dituangna
Leunca leunca, Leunca leunca, Leunca leunca, ooooo

Nini : Aki..aki kadieu

Aki : Aya naon nini?

Nini : Hayang digandong (ket nini digandong, terus digubragkeun)


Alah...aki,mani garaya kieu aya acara naon ieu teh?

Ak : Nini,ieu aya acara paturay tineung, basa kerenna mah perpisahan kelas tilu

Nini : Ari nini kudu kumaha ayeuna.

Aki : Urang hiburan heulaaaaa ayeuna, hayang bajidoran akimah. Der ah kang Rusli
lagu Inget Ka Mantan

Ket : Lagu Inget Ka Mantan

Aki : Heup heup heup ah, aki nyeri cangkeng seueur teuing ngagitek.
Nini, ayeuna mah urang teangan heula wawakil kls 9 anu bade distrenan, anu
peunteunna pang saena,j uara umum ka hiji.

Nini : ohhhhh, enya aki. Kudu duaan atuh.

Aki : Enya, sapasang anu peunteunna pangsaena

Ket : Lengser neangan wakil kls 9

5. UMBUL UMBUL

7. TARI MERAK/SAMPURASUN

8. MAPAG
Nu tuntas nyukrih pangarti
Ayeuna geus cunduk waktuna
Dijajap haleuang tembang kaheman
Leuh ueleuh kiwari rek diistrenan
Dicatet ku titi mangsa
Lalakon mangsa katukang
Dirojong ku rebu rebu pangdua
Mugia kabagjan tetep marengan

9. BIANTARA KEPALA SEKOLAH


Anaking …………….
Poe ieu dina patok nugeus tangtu,
Dina lalampahan hirup,
Hidep bakal nangtukeun jalan sewang sewangan.
Hidep dididik, diatik, tilu taun, lain mangsa nu sakeudeung,
Sagala halangan, harungan geus kasorang,
Pek geura tafakuran ku hidep.

Anaking……………..
Ayeuna mangsana bapa seren layang,lalayang asri pikeun jimat kahirupan.
Nya ti danget ieu….urang bakal pisah, pajauh, paanggang…
Hidep bakal lunta…, lunta duka kamana.
Anaking ………………
Bapa ngajurung lain maksud nundung.
Geura tembongkeun ku hidep jati diri nu ngancik na diri pribadi
Bral ………………………..
Ket………..ka ibu kepala sekolah kalih bapa, dihaturanan kanggo masrahkeun
lalayang ,mangrupikeun jimat kahirupan mangsa nu bakal datang.

10. SUNGKEM

NARASI
Tilu taun katukang anjeun datang.
Tilu taun katukang anjeun dididik,diatik di ieu tempat
Na ieu mangsa anjeun bakal pisah, bakal lunta, duka kamana…….
Anaking ……………
Prak anjeun geura sungkem geura penta pangampura kanu ngadidik jeung mere atikan ka
hidep ,
Geura penta doana, sangkan hirup manggih kabagjaan
Sangkan hirup aya dina ridho nu Maha Kawasa

Ket…………………….siswa sungkem

CEURIK RAHWANA

Aduh gusti abdi ampun teu kinten bade paturay gusti


Sedih teung ieu ati
Nalangsa kabina bina, gusti ..kabina bina
Abdi nampi kalepatan
Ka pangkon salira bapa,aduh gusti …salira bapa
Estu bingung taya tungtung
Kedah kumaha nya abdi
Nu seueur nampi pangleler
Nyanggakeun bae ka gusti, aduh …nyanggakeun ka gusti
Abdi mah batan sakieu
Tumamprak kana kersana, aduh gusti ..kana kersana
Nyanggakeun bae ka gusti
Mugi jembar pangampura

11. NARASI/NGALEUPASKEUN JAPATI SAJODO

Mungguh takdir maha suci


Papasten teu beunang dipungkir
Kadar teu beunang di singlar
Paturay reujeung paanggang
Tinangtu bakal kasorang
Lamun layung enggeus mayung
Bangbara ear di gunung
Eta teh ciciren hate
Nembongkeun deudeuh katineung
Ket: Ka ibu kepala kalih bapa sumangga dihaturanan kanggo ngaleupaskeun japati sajodo

12. GENDING PAMUNGKAS / JIRO

NARASI

Upacara seren layang geus lekasan


Pamungkas………….
Bisi teu surup jeung kalbu
Teu salaras sairama
Langkungna urang buntungkeun
Kirangna urang tambahan
Palias jadi gantar kakaitan
Palias jadi cucuk ruruhitan
Cag…………………….
Ass……………………..

TAMAT

Anda mungkin juga menyukai