diwangun ku pupuh. Disebut pondok upama dibandingkeun jeung wawacan. wawacan nya eta karangan nu panjang diwangun ku pupuh. Eusina biasana mangrupa hiji kajadian, kaayaan. Sakapeung ngaran pupuhna sok disebutkeun dina judul guguritan,saperti “Asmarandana Lahir Batin”, Dangdanggula Laut Kidul karya Kalipah Apo. Nurutkeun para ahli guguritan mangrupa pangaruh ti Jawa ,asupna ka tatar sunda waktu WAKTU TATAR SUNDA KAEREH KU Mataram(Islam), Asupna ka SuNDA BARENG JEUNG WAWACAN . Dina hiji mangsa guguritan teh kungsi jadi karya sastra nu pangpopulerna di urang, ti mimiti serat sinerat nepi ka laporan ngeunaan hiji kajadian ditulis dina wangun guguritan.. Guguritan dibacana dihariringkeun make lalaguan nu matok model pupuh. Atawa , ngahaja dijadikeun rumpaka dina tembang cianjuran. Umumna eusina ge diluyukeun jeung watek pupuhna. PAPASINGAN GUGURITAN 1.PIWULANG 2.KAKELAR 3.PANGALAMAN KABATINAN 4.KAJADIAN 5.SURAT, BIANTARA,SAWER, JEUNG BUKA PINTU. CONTO GUGURITAN PIWULANG (1)
(ASMARANDANA LAHIR BATIN)
ANU MANGFAAT KA DIRI (8i)
TAYA BATAN KAHADEAN (8a) HADE UCAP HADE HATE (8e) HATENA SABAR TAWEKAL (8a) PINUJI KINASIHAN (7a) TEU MUNJUK LUHUR ADIGUNG (8u) NYA ETA JALMA BUDIMAN. (8a) Conto Guguritan Pangalaman Kabatinan (Kinanti) (2)
Mangkukna kula ka gunung (8u)
Kamari balik ti pasir (8i) Ayeuna mapay sampalan (8a) Nyungsi tempat geusan ngancik (8i) Neang lahan padumukan (8a) Garapeun di alam lahir (8i) CONTO GUGURITAN KAKELAR (3) DANGDANGGULA
MATAK WAAS NINGAL PASIR NGELIR (10i)
TINGGARUMPLUK TATANGKALANANA (10a) DAUNNA NGAREMPLOH HEJO (8o) DI PUNGKUR AYA GUNUNG (7u) GEDE LUHUR MUNGGUH NGADINGDING (9i) NU KATEMBONG PUNCAKNA (7a) MUNCLUT SEMU BIRU (6u) DITINGAL TI KAJAUHAN (8a) SIGA PISAN PIPINDING PANGHALANG ANGIN (12i) NGAHUDANG LALAMUNAN (7a) Conto Guguritan Kajadian (4) (Pucung) Di Caringin kakuping laut ngaguruh (12u) Matak hebat pisan (6a) Kalaletir kana hate (8e) Tingjelegur ombak anu neunggar karang (12a) Conto Guguritan : Surat,Biantara, Sawer,jeung Buka Pintu (5) Guguritan nu dieusi surat jeung biantara, upamana anu dikumpulkeun ku R.Danureja dina buku Serat-sinerat jaman jumenengna RH.Muhamad Musa,medal taun 1929. Biantara panganten, sawer jeung buka pintu ge aya dina upacara kawinan,biasa ditulis dina wangun pupuh. Conto Upacara Buka Pintu tina buku Modana, (Budi Rahayu, Spk. 1997:67) Buka Pintu Dangdanggula (Panganten pameget ngetrokan panto) Ti jero: Saha eta anu kumawani ngetrok lawang jin atawa jalma mun jalma rek maksud naon naha kitu nya laku kawas jalma nu kurang budi Milampah Subasita Lir nu kurang elmu jeung sampean urang mana banjar karang lembur matuh geusan ngancik naon anu diseja (sambungan ti luhur) Ti Luar:Aduh Eulis mustika awaking kembang soca jimat raga engkang pupujan jadi pupunden naha Eulis bet kitu kawas-kawas nu geus lali kapan ieu teh Engkang bet sageuy kapalsu nya caroge Eulis tea anu bade sosoroh bumela pati nitipkeun raga sukma Ti jero : Masya Alloh henteu nyana teuing,karah abdi geuning kasamaran boro ngomong sugal songong ngumbar ucap dilajur ku teu sangka ciciptan ati sugan teh sanes Engkang Gusti abdi estu sembaheun sapapaosna nuwun agung tawakup jembar haksami,rumaos kalepatan • PANCEN ka 14. • 1. Rangkum materina • 2. Nyusun soal PG (a,b,c, d) 10 soal, konci jawabana misah tina soal. • 3. Nyusun Guguritan(pupuh Sinom) sapada (sabait) • 4. Pancenna kumpulkeun kirim ka GC. • Syarat nyusun Guguritan pupuh Sinom. • a.