Anda di halaman 1dari 14

Makalah Basa Sunda

“PUPUH”

Kelompok 4:
1.Annisa (02)
2.ANI03)
3. ANWAR SOPIAN (04)
4. MAUHAMMAD GALUH .N (18)
5. SARAH AANGGRAINI (30)

Kelas : X.TAV II

SMK NEGERI 7 KOTA BEKASI


Angkatan Tahun 2017/2018

1
KECAP PANGANTEUR

Puja sinareng syukur sumangga urang ronjatkeun ka Allah, gusti nu miboga kaagungan. Nu
parantos masihan rahmat sareng karunia ka urang sadaya, oge waktos ka panyusun pikeun
nyelesaikeun susunan makalah basa Sunda nu miboga judul “Pupuh”. Teu hilap, panyusun oge
ngucapkeun batur nuhun aka sadaya pihak anu parantos ngarojong jeung ngabantosan dina
panyusunan ieu makalah.
Makalah basa Sunda “Pupuh” ieu teh ditujukeun pikeun ngahontal kompetensi dasar
pangajaran basa Sunda nu parantos didugikeun ku Guru Pangajaran Basa Sunda SMK Negeri
7 Kota Bekasi.
Panyusun oge miharep yen ieu makalah tiasa masihan sumbangsih elmu pangaweruh dina
pangajaran basa Sunda, boh pikeun siswa, guru, oge ka nu maos ieu makalah. Tangtos dina
susunan jeung eusi ieu makalah aya kakirangan jeung kalipatan. Ku kituna, kritik oge talatah
nu sipatna tiasa ngalereskeun ieu makalah, panyusun piharep. Sangkan panyusun tiasa
ngembangkeun leuwih alus tur sae deui elmu pangaweruh, utamina dina widang pangajaran
basa Sunda.

Bekasi, 23 Februari 2018

Penyusun

2
DAPTAR EUSI

KECAP PANGANTEUR 2
DAPTAR EUSI 3

BAB I BUBUKA
A. Kasang pengker 4
B. Tujuan panulisan 4

BAB II EUSI
A. Pengertian Pupuh 5
B. Pamerean Pupuh 5
C. Pengelompokan Pupuh 5
D. Tujuh Welas Pupuh 5

BAB III PANUTUP


A. Kacindekan 13
B. Bongbolongan 13

DAPTAR PUSTAKA 14

3
BAB I BUBUKA

A. Kasang Pengker

Seni pupuh mangrupa gabungan seni sastra sarta mamaos sunda anu ayeuna berjumlah 17
rupi pupuh. nurutkeun informasi ti artikel anu di serat ku Heri Herdini lepat saurang dosen
Karawitan STSI bandung,yen seni pupuh Sunda dina abad 17-18 masehi mendapat pangaruh
ti Mataram. ku margi eta mataram ngabogaan otoritas pulitik di wewengkon Priangan,leupas
leres atawa lepat data kasebat nanging pangaruh budaya Mataram parantos mikeun kelir ka
seni budaya Sunda,Hususna seni pupuh Sunda.
Nurutkeun sababaraha informasi sajarah,dina waktos eta seni pupuh seueur dipake di
golongan nu tangtu dina perkawis ieu kaum elit Sunda. dina jaman kolonial seni pupuh dipake
minangka pakakas serat menyurat,biantara para kaum menak nanging sesui kalawan
beriringnya jaman luhur para kreator seniman Sunda seni pupuh dikembangkeun ka sababaraha
rupi kasenian talari Sunda. Contona Cianjuran, Cigawiran, Ciawian, Wawacan, Gending
Karesmen,sarta sanes-sanes. sanaos pupuh Sunda ngabogaan pangaruh ti mataram nanging ti
sagi musikalitasnya dina perkawis ieu mamaos benten pisan kalawan lagu di Jawa.

B. Tujuan Panulisan

1. Nyumponan salah sahiji pancen ti Mata Pelajaran Basa sunda.


2. Menguraikeun leuwih jero sarta rinci ngeunaan 17 pupuh bareng hal mekar na.
3. Mendeskripsikeun ngeunaan tema ti 17 pupuh bareng laras sarta gerakannya ti saban-
saban pupuh

4
BAB II EUSI

A. Pengertian Pupuh

Pupuh asalna ti nalika Sunda yaktos Pepeuh nyaeta wangun puisi tradisional nalika Sunda
anu ngabogaan jumlah suku saur sarta rima nu tangtu di saban jajar na. Aya 17 rupi
pupuh,sewang-sewang ngabogaan sipat tersendiri sarta dipake kanggo tema carios anu benten.
Pupuh nyaeta pada,aturan,mamaos,lagu,puisi jawa lami,pola penyusunan syair sarta aturan-
aturan puisi jawa lami dina nyusun syair anu dugunakan kanggo mamaos-mamaos lagu. Pupuh
kabeungkeut ku guru wilangan sarta guru mamaos. Guru wilangan nyaeta patokan jumlah jajar
ti saban pada sarta jumlah suku kata/vokal ti saban pada. Guru mamaos nyaeta patokan soanten
vokal ti tungtung saban pada.
Pupuh Sunda kabéhna aya tujuh belas (17). Aya nu kaasup sekar ageung, nyaéta Kinanti,
Sinom, Asmarandana, jeung Dangdanggula. Nu kaasup sekar alit nyaéta Balakbak, Durma,
Gambuh, Gurisa, Juru demung, Ladrang, Lambang, Magatru, Maskumambang, Mijil, Pangkur,
Pucung, jeung Wirangrong. Unggal pupuh miboga ugeran guru wilangan jeung guru lagu sarta
watek séwang-séwangan.
B. Pamerean Pupuh

Pupuh Sunda dibagi barobah kaayaan 2 haturan,yaktos :


1. Sekar ageung (pamerean laguna macem-macem) contoh: Kinanti, Sinom, Asmarandana,
sarta Dangdanggula (disingkat janten KSAD)
2. Sekar alit (pamerean laguna sarupa) conto Balakbak, Durma, Gambuh, Gurisa,
Jurudemung, Lambang, Ladrang, Magatru, Maskumambang, Mijil, Pangkur, Pucung, jeung
Wirangrong. Saban Pupuh ngagaduhan patokan guru wilangan sarta guru mamaos sarta tema.

C. Pengelompokan Pupuh

1. Sekar Kawi/kakawen ti puisi India = macasa. Lagu/wawacan (Jawa Kawi)


2. Sekar Ageung/macaro lagu/tembang gede
3. Sekar Tengahan/macatri lagu/sekar dagelan
4. Sekar Alit/macapat lagu/tembang cilik (asmarandana, dangdanggula, durma, kinanti,
mijil, pangkur, pucung, dan sinom)

D. Tujuh Welas Pupuh

1. Pupuh Kinanti
Watek pupuh kinanti, nyaéta ngagambarkeun nungguan bari pinuh pangharepan jeung
kanyaah. Pupuh kinanti miboga 6 padalisan. Guru wilangan jeung guru lagu pupuh kinanti,
nyaéta 8u, 8i, 8a, 8i, 8a, jeung 8i.
• Tema : penantian
• Laras : Pelog/Salendro
• 1 pada terdiri : 6 Padalisan
• Gerakan : sedeng
Conto pupuh kinanti:

5
Kanyaah indung

Kanyaah indung mo suwung (8u)


Lir jaladri tanpa tepi (8i)
Lir gunung tanpa tutugan (8a)
Asihna teuing ku wening (8i)
Putra téh di dama-dama (8a)
Di anggo pupundén ati (8i)

2. Pupuh Sinom
Watek pupuh sinom, nyaéta ngagambarkeun kagumbiraan, kadeudeuh, jeung
sumanget. Pupuh sinom miboga 9 padalisan. Guru wilangan jeung guru lagu pupuh
sinom, nyaéta 8a, 8i, 8a, 8i, 7i, 8u, 7a, 8i, jeung 12a.
• Tema : kegembiraan
• Laras : Madenda
• 1 pada diwangun : 9 padalisan
• Gerakan : sedeng
Conto Pupuh Sinom :
Tatar Sunda

Tatar Sunda éstu éndah (8a)


Lemah cai awit jadi (8i)
Sarakan asal gumelar (8a)
Amanat Ilahi Robbi (8i)
Titipan nini aki (7i)
Wajib dijaga dijungjung (8u)
Basa katut budayana (7a)
Padumukna luhung budi (8i)
Insya Allah tatar Sunda karta harja (12a)

3. Pupuh Asmarandana
Watek pupuh asmarandana, nyaéta ngagambarkeun rasa kadeudeuh, kasih, sareng
kanyaah. Padalisan pupuh asmarandana aya 7 padalisan. Guru wilangan jeung guru lagu
pupuh asmarandana, nyaéta 8i, 8a, 8o/e, 8i/a, 7i/a, 8u, jeung 8a.
• Tema : tresna kaasih,birahi
• Laras : salendro
• 1 pada diwangun : 7 padalisan.
• Gerakan : sedeng
Conto pupuh asmarandana:
Piwuruk Sepuh

Ngariung di tengah bumi (8i)


Pun biang sareng pun bapa (8a)
Jisim abdi diuk mando (8o)
Husu ngupingkeun pituah (8a)
Piwejang ti anjeunna (7a)

6
Pituduh laku rahayu (8u)
Piwejang sangkan waluya (8a)

4. Pupuh Dangdang gula


Watek pupuh dangdanggula, nyaéta ngagambarkeun kabungahan sareng kasugeman.
Padalisan pupuh dangdanggula aya 10 padalisan. Guru wilangan jeung guru lagu pupuh
dangdanggula, nyaéta 10i, 10a, 8e/o, 7u, 9i, 7a, 6u, 8a, 12i, jeung 7a.
• Tema : katingtriman,kamulyaan,kegembiraan
• Laras : pelog,sorog
• 1 pada diwangun : 10 padalisan
• Gerakan : sedeng
Conto pupuh dangdanggula:
Milang Kala

Dinten ieu éstu bingah ati (10i)


Ku jalaran panceg milang kala (10a)
Kenging kurnia ti Alloh (8o)
Rehing nambihan umur (7u)
Tepung taun usum sim abdi (9i)
Heunteu weleh neneda (7a)
Ka Gusti nu Agung (6u)
Malar umur téh mangpa’at (8a)
Tebih bahla turta pinarinan rijki (12i)
Sumujud ka Pangéran (7a)

5. Pupuh Maskumambang
Watek pupuh maskumambang, nyaéta ngagambarkeun kanalangsaan, sedih beuri
ngenes haté. Pupuh maskumambang miboga 4 padalisan. Guru wilangan jeung guru lagu
pupuh maskumambang, nyaéta 12i, 6a, 8i, jeung 8a.
• Tema : kahanjelu anu mendalam
• Laras : madenda
• 1 pada diwangun : 4 padalisan
• Gerakan : antare
Conto pupuh maskumambang:
Budak Harak

Anak manuk dikatepel budak harak (12i)


Jangjangna geutihan (6a)
Rék hiber teu bisa usik (8i)
Duh manusa kaniaya (8a)

6. Pupuh Ladrang
Watek pupuh ladrang, nyaéta ngagambarkeun nu resep banyol bari nyindiran. Pupuh
ladrang miboga 4 padalisan. Guru wilangan jeung guru lagu pupuh ladrang, nyaéta 10i, 4a,
8i, jeung 12a.
• Tema : sindiran

7
• Laras : pelog
• 1 pada diwangun : 4 padalisan
• Gerakan : kesit

Conto pupuh Ladrang :


Mokahaan

Aya hiji anak bangkok leutik (10i)


Mokahaan (4a)
Maksudna ngéléhkeun sapi (8i)
Nahan nafas antukna bitu beuteungna (12a)

7. Pupuh Pucung
Watek pupuh pucung, nyaéta ngagambarkeun rasa ambek ka diri sorangan atawa
keuheul kulantaran teu panuju haté. Pupuh pucung miboga 4 padalisan. Guru wilangan
jeung guru lagu pupuh pucung, nyaéta 12u, 6a, 8i, jeung 12a.
• Tema : rasa bendu ka diri nyalira
• Laras : Salendro
• 1 pada diwangun : 4 padalisan
Conto pupuh pucung:
Tatakrama

Mangka inget tatakrama sopan santun (12u)


Tanda jalma iman (6a)
Nyarita jeung amis budi (8i)
Da basa mah lain barang anu mahal (12a)

8. Pupuh Lambang
Watek pupuh lambang, nyaéta ngagambarkeun nu resep banyol nu aya pikiraneunana.
Pupuh lambang miboga 8 padalisan. Guru wilangan jeung guru lagu pupuh lambang, nyaéta
8a, 8a, 8a, 8a, 8a, 8a, 8a, jeung 8a.
• Tema : lawak dengan aspek renungan
• Laras : Salendro
• 1 pada terdiri : 4 padalisan
• Gerakan : gumbira
Conto pupuh lambang:
Wawangsalan

Dialajar wawangsalan (8a)


Saperti tatarucingan (8a)
Cik naon atuh maksudna (8a)
Teangan naon wangsalna (8a)
Gedong ngambang di sagara (8a)
Ulah kapalang diajar (8a)
Keuyeup gedé di lautan (8a)
Kapitineung salawasna (8a)

8
9. Pupuh Mijil
Watek pupuh mijil, nyaéta ngagambarkeun kasedih tapi beri gedé harepan. Pupuh
mijil miboga 6 padalisan. Guru wilangan jeung guru lagu pupuh mijil, nyaéta 10i, 6o,
10é, 10i, 6i, jeung 6u.
• Tema : kahanjelu anu ngabalukarkeun harepan
• Laras : Pelog
• 1 pada diwangun : 6 padalisan
• Gerakan : antare
Conto pupuh mijil:
Nungtut Élmu

Najan cicing nya di tepiswiring (10i)


Kadé ulah bodo (6o)
Kudu tetep nungtut élmu baé (10é)
Sabab jalma nu loba pangarti (10i)
Hirup tangtu hurip (6i)
Mulus tur rahayu (6u)

10. Pupuh Durma


Watek pupuh durma, nyaéta ngagambarkeun nu gedé harepan. Padalisan pupuh durma
aya 7 padalisan. Guru wilangan jeung guru lagu pupuh durma, nyaéta 12a, 7i, 6a, 7a, 8i,
5a, jeung 7i.
• Tema : kaambek,kesombongan,sumanget
• Laras : pelog
• 1 pada diwangun : 7 padalisan
• Gerakan : tuus
Conto pupuh durma:
Lemah Cai

Nagri urang katelah Indonesia (12a)


Di riksa tur di jaring (7i)
Sumirat komarana (6a)
Berkahna Pancasila (7a)
Ageman eusining nagri (8i)
Yu sauyunan (5a)
Ngawangun lemah cai (7i)

11. Pupuh Balakbak


Watek pupuh balakbak, nyaéta ngagambarkeun heureuy atanapi banyol tapi sopan.
Padalisan pupuh balakbak aya 3 padalisan. Guru wilangan jeung guru lagu pupuh balakbak,
nyaéta 12+3é, 12+3é, jeung 12+3é.
• Tema : lawak,banyolan
• Laras : madenda
• 1 pada diwangun : 3 padalisan
• Gerakan : sedeng

9
Conto pupuh balakbak:
Dayeuh Bandung

Dayeuh Bandung kiwari teuing ku rame, arahéng (12+3é)


Gedong-gedong pajangkung-jangkung wangunanna, alagréng (12+3é)
Tutumpakan-tutumpakan balawiri lalar liwat, garandéng (12+3é)

12. Pupuh Gambuh


Watek pupuh gambuh, nyaéta ngagambarkeun kanyeri, kasusah, jeung kasedih. Pupuh
gambuh miboga 5 padalisan. Guru wilangan jeung guru lagu pupuh gambuh, nyaéta 8u, 8u,
8i, 8a/u, jeung 8a/o.
Conto pupuh gambuh:
Kaduhung

Kaduhung sagedé gunung (8u)


Kuring sakola teu jucung (8u)
Lalawora resep ulin (8i)
Hanjakal tara ti heula (8a)
Ayeuna kari peurihna (8a)

13. Pupuh Gurisa


Watek pupuh gurisa, nyaéta ngagambarkeun jelema nu ngalamun atawa malaweung.
Pupuh gurisa miboga 6 atawa 8 padalisan. Guru wilangan jeung guru lagu pupuh gurisa,
nyaéta 8a, 8a, 8a, 8a, 8a, 8a (+8a, 8a).
• Tema : khayalan
• Laras : Salendro
• 1 pada terdiri : 8 Padalisan
• Gerakan : sedeng
Conto pupuh gurisa:
Si Kabayan

Si Kabayan lalamunan (8a)


Pangrasa bisa nyetiran (8a)
Motor atawana sédan (8a)
Poho keur eundeuk-eundeukan (8a)
Na dahan emplad-empladan (8a)
Gujubar kana susukan (8a)

14. Pupuh Juru demung


Watek pupuh juru demung, nyaéta ngagambarkeun bingung ku kalakuan sorangan.
Pupuh juru demung miboga 5 padalisan. Guru wilangan jeung guru lagu pupuh juru
demung, nyaéta 8a, 8u, 6i, 8a, jeung 8u.
• Tema : kebingungan
• Laras : Pelog Liwu
• 1 pada terdiri : 5 padalisan
• Gerakan : anca

10
Conto pupuh juru demung:
Adigung

Lolobana mungguh jalma (8a)


Embung hina hayang agung (8u)
Hayang hirup mukti (6i)
Tapina embung tarékah (8a)
Tinangtu mo bakal nanjung (8u)

15. Pupuh Magatru


Watek pupuh magatru, nyaéta ngagambarkeun sedih, handeueul ku kalakuan sorangan,
jeung mapatahan. Pupuh magatru miboga 5 padalisan. Guru wilangan jeung guru lagu pupuh
magatru, nyaéta 12u, 8i, 8u, 8i, jeung 8o.
• Tema : penyesalan
• Laras : Madenda
• 1 pada terdiri : 4 padalisan
• Gerakan : antare
Conto pupuh magatru:
Kasar-Lemes

Dupi irung lemesna téh nya pangambung (12u)


Pipi mah disebat damis (8i)
Upami buuk mah rambut (8u)
Ceuli sok disebat cepil (8i)
Kasarna angkeut mah gado (8o)

16. Pupuh Pangkur


Watek pupuh pangkur, nyaéta ngagambarkeun rasa ambek nu kapegung,
nyanghareupan tugas nu beurat. Pupuh pangkur miboga 7 padalisan. Guru wilangan jeung
guru lagu pupuh pangkur, nyaéta 8a, 12i, 8u, 8a, 12u, 8a, jeung 8i.
• Tema : raraosan sateuacan ngais hiji pancen abot
• Laras : Salendro
• 1 pada diwangun : 7 padalisan
• Gerakan : gancang-kuat
Conto pupuh pangkur:
Ka Sakola

Seja miang ka sakola (8a)


Rék diajar nambahan élmu pangarti (12i)
Pigeusaneun bekel hirup (8u)
Sabab mungguhing manusa (8a)
Kudu pinter beunghar ku élmu panemu (12u)
Komo jaman pangwangunan (8a)
Urang kudu singkil bakti (8i)

17. Pupuh Wirangrong

11
Watek pupuh wirangrong, nyaéta ngagambarkeun nu kawiwirang, éra ku polah
sorangan. Pupuh wirangrong miboga 6 padalisan. Guru wilangan jeung guru lagu pupuh
wirangrong, nyaéta 8i, 8o, 8u, 8i, 8a, jeung 8a.
• Tema : rasa lingsem bade tingkah pajeng nyalira
• Laras : pelog
• 1 pada diwangun : 6 padalisan
• Gerakan : antare
Conto pupuh wirangrong:
Sieun Doraka

Kuring moal deui-deui (8i)


Gaduh panata nu awon (8o)
Ngabantah nu jadi indung (8u)
Sieun dibendo ku Gusti (8i)
Kawas dalem boncél téa (8a)
Doraka ti ibu rama (8a)

12
BAB III PANUTUP

A. Kacindekan

Pupuh asalna ti nalika Sunda yaktos Pepeuh nyaeta wangun puisi tradisional nalika Sunda
anu ngabogaan jumlah suku saur sarta rima nu tangtu di saban jajar na. Pupuh kabeungkeut ku
guru wilangan sarta guru mamaos. Seni pupuh Sunda dina abad 17-18 masehi mendapat
pangaruh ti Mataram. ku margi eta mataram ngabogaan otoritas pulitik di wewengkon
Priangan,leupas leres atawa lepat data kasebat nanging pangaruh budaya Mataram parantos
mikeun kelir ka seni budaya Sunda,Hususna seni pupuh Sunda.
Nurutkeun sababaraha informasi sajarah,dina waktos eta seni pupuh seueur dipake di
golongan nu tangtu dina perkawis ieu kaum elit Sunda. dina jaman kolonial seni pupuh dipake
minangka pakakas serat menyurat, biantara para kaum menak Pupuh diwangun 17 pupuh,
yaitu: Asmarandana bertemakan tresna kaasih, Balakbak bertemakan lawak, Dangdanggula
bertemakan katingtriman, Durma bertemakan kaambek, Gambuh bertemakan kahanjelu,Gurisa
bertemakan khayalan, Jurudemung bertemakan kebingungan,Kinanti bertemakan penantian,
Lambang bertemakan lawak kalawan aspek renungan, Magatru bertemakan penyesalan,
Maskumambang bertemakan kahanjelu mendalam, Mijil bertemakan kahanjelu anu
ngabalukarkeun harepan, Pangkur bertemakan raraosan sateuacan ngais hiji pancen abot,
Pucung bertemakan rasa bendu ka diri nyalira, Sinom bertemakan kegembiraan,Wirangrong,
bertemakan rasa lingsem bade tingkah pajeng nyalira, Ladrang anu bertemakan sindiran

B. Bongbolongan

Ka pamarentah khusunya Pamarentah Kabupaten Cianjur, supados iasa ngajagi sarta


melanggengkeun pupuh Sunda supados henteu terpengaruh budaya sejen ngaliwatan kagiatan-
kagiatan anu bertemakan katresna ka kasenian Sunda.

13
DAPTAR PUSTAKA

Ganjar Kurnia. 2003. Deskripsi kesenian Jawa Barat. Dinas Kebudayaan & Pariwisata Jawa
Barat, Bandung.
source : http://ridwanfjr.multiply.com/journal/item/2/17_Pupuh_sunda
Djuherman Drs, M.Pd dan Sudana, Dadan, S.Pd . 2010. Diktat mata Kuliah Seni Sunda.
Cianjur. FKIP UNSUR Cianjur
http://gurupintarmengajar.blogspot.co.id/2017/03/17-pupuh-basa-sunda.html

14

Anda mungkin juga menyukai