“WAWACAN”
Penyusun:
Anggara Hidayat
Kelas XII MIPA 2
Wawacan kiwari ampir tinggal ngarana malahanmah arang langka jalma anu apal kana
wawacan khususna anu cicing di Tatar Sunda loba anu teu wanoh- wanoh acan kana
wawacan. Kukituna urang salaku kaom muda anu gelar jeung cicing di Tatar Sunda boga
kawajiban ngawanohkeun tur ngajak barudak sangkan resep kana Sastra Sunda utamana
kana wawacan anu mangrupakeun budaya aheng anu aya di tatar sunda.
Upama nyungsi sajarahna, horeng wawacan teh karya sastra nu asalna ti Jawa. Asup
ka urang Sunda teh keur jaman Karajaan Mataram. Ku lantaran kitu, atuh eusi
wawacan ge lolobana nyaritakeun ngeunaan kalhirupan menak atawa raja raja
baheula.
Maca wawacan teh aya senina, disebut seni beluk. Maca wawacan disebut ngabeluk.
Ngabeluk teh nyaeta seni maca wawacan ku sababaraha urang. Dina prakna, naskah
wawacan teh aya nu di baca, aya oge anu dihaleuangkeun luyu jeung lagu pupuh na.
Kituna teh teu dipirig ku kacapi jeung suling cukup we ngandelkeun olah vokal.
Seni beluk biasana ditanggap dina acara hajatan, salametan, jeung ngaruwat. Aya
sawatara wawacan anu sok dibelukkeun, diantarana “Wawacan Ogin”, Wawacan
Ahmad Muhammad”, “Wawacan Sulanjana”, “Wawacan Layang Sych”
Antara wawacan, guguritan jeung pupuh teh aya patalina. Geura urang tengetan ieu
tabel dihandap.
Eusi guguritan teh umumna mangrupa (1) papatah (piwulung), (2) kaendahan alam, (3) rasa
cinta
lemah No.. Guguritan Wawacan
cai, 1. Karangan wangun ugeran (Puisi). Karangan wangun ugeran (Puisi).
(4) 2. Ukuran pondok. Ukuran panjang.
3. Diwangun ku hiji wanda pupuh. Diwangun ku rupa-rupa wanda
pupuh.
4. Henteu ngagalur jadi carita Ngagalur jadi carita
5. Wanda Pupuh sering jadi judul. Wanda pupuh henteu jadi judul
sabab nu di pakena rupa-rupa
pupuh.
pangalaman kabatinan, (5) musibah alam, (6) rasa kanyaah kolot ka anak, jeung (7) rasa
kasedih.
Dina sastra Sunda, pupuh teh sok dipake ngarang guguritan jeung wawacan. Pupuh
jadi dasar dina nyusun guguritan jeung wawacan. Ari nu disebut pupuh teh nyaeta
puisi kauger (boga patokan; katangtuan) ku guru lagu, guru wilangan, jeung jumlah
padalisan dina sapada. Guru lagu teh nyaeta sora (vokal) dina engang panungtung
kecap unggal padalisan. Ari guru wilangan nyaeta jumlah lobana engang dina unggal
padalisan. Aya deui guru gatra, nyaeta jumlah pada dina guguritan atawa wawacan.
Nilik, kana wangunna, jumlah pupuh teh aya 17. Pupuh anu pamindengna dipake
ngarang guguritan teh, diantarana wae, Kinanti, Asmarandana, jeung Dangding gula.
Sok disingget jadi KSAD. Ku kituna, eta opat pupuh teh sok disebut Sekar Ageung,
ari sesana sok disebut Sekar Alit.
Tipe Wanda Pupuh Watek Pupuh Aturan Guru Lagu
Jeung Guru
Wilangan
Sekar Kinanti Prihatin, harepan, 8-u, 8-i, 8-a, 8-i, 8-a,
Ageung nganti-nganti 8-i
Sinon Rasa senang, 8-a, 8-i, 8-a, 8-i, 7-i,
gumbira tur nasehat 8-u, 7-a/8-a, 8-i, 12-
a
Asmarandana Cinta, silihasih jeung 8-i, 8-a, 8-é/o, 8-a,
nasehat 7-a, 8-u, 8-a
Dangdanggula Kabungah, 10-i, 10-a, 8-é/o, 7-
kaagungan u, 9-i, 7-a, 6-u, 8-a,
12-i, 7-a
Sekar Balakbak Pikaseurieun, 15-é, 15-é, 19-é
Alit pikalucueun
Durma Ambek, pasea, gelut, 12-a, 7-i, 6-a, 7-a, 7-
perang i, 5-a, 7-i)
Gimbuh Tambuh laku, samar 7-u, 10-u/i, 12-i, 8-u,
polah, bingung 8-o
Gurisa Pikaseurieun, 8-a, 8-a, 8-a, 8-a, 8-
pikalucueun a, 8-a, 8-a, 8-a
2.2 Jurudemung Rasa kaduhung 8-a, 8-u, 6-i, 8-a, 8-u
atawa hanjakal
Ladrang Pikaseurieun, 10-i, 8-a, 8-i, 12-a
pikalucueun
Lambang Pikaseurieun, 8-a, 8-a, 8-a, 8-a
pikalucueun
Magatru Pikaseurieun, 12-u, 8-i, 8-u, 8-i, 8-
prihatin o
Maskumambang Pikaseurieun, 12-i, 6-a, 8-i, 8-a
pikalucueun
Mijil Rasa sedih, tiiseun, 10-i, 6-o, 10-e, 10-i,
cilaka 6-i, 6-u
Pangkur Tatahar rek gelut, 8-a, 11-i, 8-u, 7-a,
rek perang, rasa 12-u, 8-a, 8-a
ngambek
Pucung Piwuruk, wawaran, 12-u, 6-a, 8-é/o, 12-a
kakaget
Wirangrong Rasa wirang, apes 8-i, 8-o, 8-u, 8-i, 8-a,
jeung rugi 8-a
Pajembar Basa
A. Mikawanoh Seni Jemblungan
Lian ti pake nuliskeun wawacan jeung guguritan, pupuh ge sok dipake diselapkeun
dina guneman seri jemblungan. Asal kecapna tina jemblung, wangun seni tradisional
di tatar Sunda pangpangna di wewengkon Jawa Barat anu ngawates jeung Jawa
Tengah. Jemblungan teh ditilik tina naskah anu direumbeuy make pupuh atawa kawih
mah meh sawanda jeung gending karesmen. Tatabeuhanan dijieunna tina awi nu
sorana niron kana sora gamelan, malah waditrana oge sarua jeung ngaran waditra dina
gamelan. Dina taun 1993-1994, kungsi aya pagelaran Jemblungan nu dialpukahan ku
Paguyuban Pasundan. Jemblungan teh caritana ditembangkeun, ngagunakeun wangun
pupuh tur mibanda unsur-unsur drama kayaning alur, tokoh, tema, jeung amanat. Ari
nu jadi ciri mandiri dina jemblungan mah, nyaeta ayana unsur dalang, minagka nu
ngajejeran runtuyan carita kaasup mere keterangan ngeunaan suasana jeung tempat
kajadianana. Ari waditra pamiringna nyaeta kecap siter, kitu oge ngan ukur mere
pangkatan sora. Cara magelarkeunana teu beda ti nu maca wawacan (ngaheluk), bisa
dibiskalan (aya nu ngilo), tapi bisa oge langsung digunemkeun. Dina magelarkeun
jemblungan mah pamaen teh kudu bisa nembangkeun pupuh.
BAB III
PAMUNGKAS
3.1 Kacindekan
Ditilik tina sajarahna, gelarna wawacan téh sabada sastra sunda kapangaruhan ku sastra
jawa, pangpangna Mataram. Dina abad ka-17 M, asupna wawacan ka tatar sunda teh
babarengan jeung asupna basa Jawa ka wilayah Jawa Barat.
Wawacan hartina jenis karya sastra (boh fiksi atawa non-fiksi) Sunda nu wangunna nuturkeun
pola pupuh.
Conto wawacan di antarana: Wawacan Damarwulan, Wawacan Angling Darma, Wawacan
Dewa Ruci. Rengganis, Wawacan
3.2 Saran
Tinangtos dina nyusun ieu makalah wawacan masih kench seueur kakirangan margi
rumaos, sadayana masih keneh diajar, kuayana kitu miharep ti rerencangan sadayana
komentar sareng saran kanggo langkung saena dina nyusun makalah basa sunda.