Anda di halaman 1dari 9

GUGURITAN

Ku Derry Sulung Sumardi, S.Pd.


Tujuan pembelajaran.
• Setelah menyimak materi dan teks guguritan yang telah disajikan oleh
guru, peserta didik dapat memahami kaidah dan bentuk teks guguritan
• Setelah berdiskusi dengan temannya, peserta didik dapat menganalisis isi
teks guguritan dengan tepat, santun dan percaya diri.
A. Pengertian Guguritan.
Guguritan nya eta karangan anu di tulis dina wangun pupuh. Ku lantaran henteu
panjang biasana mah ditulisna ngan dina hiji pupuh, henteu gunta ganti pupuh cara
wawacan ku lantaran ditulis dina wangun pupuh tangtu wae kudu aya patokan-
patokan pupuh anu ngawengku guru lagu, guru wilangan, jeung padalisan dina
sapadana.
Guru lagu nyaeta sora tungtung dina unggal padalisan (jajar).
Guru wilangan nyaeta jumlah engang (suku kata) dina unggal padalisan.
Pada nyaeta bait atawa gunduk.
Sapadalisan nyaeta baris atawa jajar.
Pada (Bait) Jeung Padalisan (Baris)
Conto : Pupuh Kinanti
Budak leutik bisa ngapung (1)
Babaku ngapungna peuting (2) Sapadalisan/
baris
Nguriling kakalayangan (3)
Neangan nu amis-amis (4)
Sarupaning bubuahan (5)
Naon bae nu kapanggih (6) sapada/satu bait

Pupuh diluhur diwangun ku hiji pada. Dina sadapa na aya genep baris.
Nangtukeun guru wilangan jeung guru lagu
Conto :
Pupuh Rumpaka Guru Guru
wilangan lagu
Bu-dak leu-tik bi-sa nga-pung 8 U
Ba-ba-ku nga-pung-na peu-ting 8 I
Ku-ri-ling ka-ka-la-ya-ngan 8 A
kinanti Ne-a-ngan nu a-mis-a-mis 8 I
Sa-ru-pa-ning bu-bu-a-han 8 A
Na-on ba-e nu ka pang-gih 8 I

Jadi jumlah guru wilangan jeung guru lagu tina pupuh diluhur nyaeta 8u-8i-
8-a-8i-8a-8i
Wanda gugurita (jenis)
Pupuh jumlah na aya 17, dibagi jadi dua aya nu ka asup sekar ageing jeung sekar
alit.
Pupuh sekar ageing :
1. Pupuh kinanti watek na ngagambarkeun rasa nganti-nganti, kahariwang atawa
kanyaah. (8-u,8-i,8-a,8-i,8-a,8-i)
2. Pupuh sinom watek na ngagambarkeun rasa gumbira atawa rasa nyaah. (8-a,8-
i,8-a,8-i,7-i,8-u,7-a,8-i,12-a)
3. Pupuh asmarandana watek na ngagambarkeun asmara, cinta atawa rasa nyaah.
(8-i,8-a,8-e/o,8-a,7-a,8-u,8-a)
4. Pupuh dangdanggula watek na ngagambarkeun ka tengtreman, kaendahan, rasa
was, kaagungan, atawa kabagjaan. (10-i,10-a,8-e/o,7-u,9-i,6-u,8-a,12-i,7-a)
Sekar alit :
5. Pucung watek na rasa ambek ka diri sorangan atawa kakeheul lantaran teu satuju dina hate. (12-u, 6-
a,8e/o,12-a)
6. Wirangrong watek na ngagambarkeun kawirangan (8-i,8-o,8-u,8-i,8-a,8-a)
7. Maskumambang watek na ngagambarkeun kanalangsaan sedih nyeri hate. (12-i, 6-a,8-i,8-a)
8. Ladrang watek na ngagambarkeun rasa banyol maksudna nyindiran(10-i, 4-a (2x), 8-I, 12-a)
9. Balakbak watek na ngagambarkeun hereuy atawa banyol (15-e, 15-e, 15-e)
10. Magatru watek na ngagambarkeun rasa sedih, handeueul kana paripolah sorangan atawa mapatahan
(12-u, 8-i, 8-u, 8-i, 8-o)
11. Lambang watek na ngagambarkeun banyol anu ngandung hal nu kudu dipikirkeun (8-a, 8-a, 8-a, 8-a)
12. Jurudemung watek na ngagambarkeun rasa bingung kasusah kana naon kudu dilakukeun (8-a, 8-i, 8-
a, 8-i, 8-a, 8-i)
13. Gurisa watek na ngagambarkeun jalma nu keur ngalamun atawa ngalaweung. (8-a,8-a,8-a,8-a, 8-a,8-
a,8-a,8-a)
14. Gambuh watek na ngagambarkeun rasa kasedih, kasusah atawa kanyeri
(7-u,10-u,12-i,8-u,8-o)
15. Mijil watek na ngagambarkeun rasa kasedih loba harepan (10-i,6-o,10-
e,10-i,6-i,6-u)
16. Pangkur watek na ngagambarkeun rasa ambek anu aya dina jero hate
atawa nyanghareupan tugas anu beurat (8-a,11-i,8-u,7-a,12-u,8-a,8-i)
17. Durma watek na ngagambarkeun rasa ambek, gede hate atawa sumanget.
(12-a, 7-u, 6-a, 7-a, 8-i, 5-a, 7-i)
Tugas tentukeun guru lagu jeung guru wilangan na.
Guguritan dina Pupuh mijil : Nataan parabot dapur
pilihanna
Rupa – rupa parabot dapur di…… -piring
Wadah sangu nya…….. -bumi
Paranti nyangu ngaranna-……. -poci
Paranti dahar nyaeta…… -cai
Ari eta …… -seeng
Wadah…….tangtu -boboko

Anda mungkin juga menyukai