Anda di halaman 1dari 2

Gending : Kacapi suling/ Instrumen Musik….

Narasi : PROLOG NGISTRÉNAN DINA UPACARA ADAT

BUBUKA

DIDUGIKEUN KU GURU ATANAPI KU BAPA


KEPALA SAKOLA

Niti wanci nu mustari ninggang mangsa nu


waluya. Bihari ngancik kiwari, ayeuna ngagelar
jaga.
Dina danget ayeuna urang sadaya tiasa
ngempel dina pajemuhan ieu, mugia
dipaparinan Ridho sareng Maghfiroh ti Allah
SWT.
Asa teu karaos dina wanci ayeuna, hidep
sadaya tepang sareng wanci ngistrénan
(pelantikan/wisuda) sakola di SD Margasari
salami 6 taun hidep sadaya nyuprih élmu di
sakolaan. Salami 6 taun hidep sadaya diaping
tur diatik ku Bapa sareng Ibu Guru, malah
mandar hidep sadaya janten murangkalih anu
Sholéh tur macakal. Mugia élmu panemu éta
sing lana nyangkaruk dina diri, pikeun
pibekeleun hidep.
Dina danget ayeuna Bapa badé maparinan
naséhat, mangga pék ku hidep regepkeun!

Anaking…anaking...kembang harepan
Sumeblak na lelembutan, asa jauh
panineungan.
Ngajanggélék Curug Cikondang, maturan haté
nu keur
nyawang awahan harepan, kembang harepan
nu keur mangkak,
rék ngudag nuluykeun lalakon hirup
wawayangan.
Wawayangan nu kauger ku takdir Gusti Allah
Nu Murbéng Alam.

Anaking…anaking...kembang harepan.
Anjeun kembang héjo nu rék napak tanjakan
tarahal lalakon.
Lalakon nu pinuh cucuk, nu rék ngahalangan
udagan congcot.
Lalakon nu méh sarua jeung papagon kolot.
Bral…anaking tong noyod na tarahal nu sugal,
sing pageuh jongjon
dina papagon.

Pék tuluykeun nyuprih élmu, leumpang anjeun


masih panjang.
Tong baha mun panggih jeung cocoba.
Sing teuneung, sing ludeung….napak tarahal
tanjakan zaman.

Anaking…anaking...kembang harepan.
Dianteur ku dunga nu salawasna kedal na haté
pangjerona kolot hidep.
Murubutna cimata nu kebek na haté,
maturan tapak pileumpangeun karep hidep ka
hareup.

Bihari ngancik kiwari ayeuna ngagelar jaga


Bébér layar tarik jangkar…anaking…
Bral…geura miang, bral…geura tandang…
Pileuleuyan…pileuleuyan…pileuleuyan
Anaking….
Narator : ……………………………………………………….

Anda mungkin juga menyukai