Anda di halaman 1dari 8

LINGKUNG SENI DEGUNG “SD NEGERI MARGASARI”

NGAHATURKEUN
PROSESI UPACARA ADAT SUNDA HUSUS NGISTRENAN
MURID-MURID KELAS VI SDN MARGASARI
ENTRAGAN TAUN 2022 / 2023
NASKAH UPACARA ADAT SUNDA HUSUS
PROLOG :
Assalaamu’alaikum, Wr.Wb..
UPACARA HUSUS NGISTRẼNAN MURID-MURID KELAS VI SDN MARGASARI ENTRAGAN TAUN 2022 /
2023, DIKAWITAN !

ADEGAN KA-I
Sadaya pamaĕn tatan-tatan.
Gending Bubuka : Goong ditakol 3 (tilu) kali
Overture : Karatagan (keringan)

ADEGAN KA-2

Gending : Gamelan digeder dina 4 (ti) / suling purbasaka


Narasi : Nitih wanci nu mustari
Tepung taun milangkala
Mangsa lawas geus karandapan
Pungkasan lulus banglus rahayu
Seuweu siwi harepan nagri
Geus tutas tolabul ẽlmu
Ayeuna mangsana datang
Kiwari deuk diistrẽnan
Narator : Ibu Mia / Ibu Euis
Rajah : Lagu Kuno Sari / Rajah Bubuka (pirigan kacapi)
Amit ampun nya paralun,
Ka Gusti nu Maha Suci,
Allah nu Maha Hẽman,
Maha Welas Maha Asih,
Welas Asih ka umatNa,
Pikeun anu serah diri.
Ayeuna urang karumpul,
Seja nyakseni ka diri,
Niat jajap nu deuk miang,
Miang neang pangarti,
Pangarti nu leuwih lega,
Nyuprih ẽlmu meuseuh diri.
Juru Sekar : Ilham B.
Pamirig kacapi : Pak Susilo Yana
ADEGAN KA-3

Mapag Ua Lẽngsẽr
Gending : Lẽngsẽr midang / kodehel (nu gamelan)
Sekar : Ua Lẽngsẽr nu keur midang
Cakah-cikih keur ngalanglang
Batur jenuk balarea
Kami rẽk mere beware
Nu dianti-anti sumping
Nu didama-dama datang
Geus tutas tolabul ẽlmu
Kiwari deuk diistrenan
Juru Sekar : Ibu Anti Cs./ Rampak

ADEGAN KA-IV
Ua Lẽngsẽr bewara
Gending : Digeder (nu gamelan degung)
Sekar : PUPUH MIJIL
Ka sadayana anu sami linggih,
Tina banget atoh,
Tos nohonan pangulem Wa Lẽngsẽr,
Anu mawi diangkir lalinggih,
Sumeja wawarti,
Muga janten maphum

Yen kiwari nitih kana wanci,


Kahoyongna cumpon,
Tuang putra sakolana rengse,
Nungtut ẽlmu tur nyiar pangarti,
Mugia ditampi,
Ayeuna tos junun.
Juru Sekar : Ilham B.

ADEGAN KA-V
Mapag panari ponggawa jeung umbul-umbul
Gending : Ponggawa (gamelan degung)

ADEGAN KA-VI
Mapag panari bokor / pager ayu
Gending : Lenyepan Sunda-Jawa (gamelan degung)
ADEGAN KA-VII

Mapag panari payung


Gending : Lagu Goyong (pirigan kacapi)
Sekar : LAGU PANGAPUNGAN
Pun sampun neda papayung,
Papayung ka Maha Agung,
Ka Gusti nu Maha Suci,
Maha Welas Maha Asih,
Welas Asih ka umatNa, ieung
Deudeuh teuing geulis kasep,
Mangka ihlas mangka rido, ieung
Ayeuna hidep papisah,
Papisah jeung nu ngatikan,
Genep taun nyuprih ẽlmu,
Pikeun pibekeleun jaga,
Lamun hidep jadi jalma,
Jalma nu taat agama,
Sarta taat ka ibu rama.
KIDUNG
Tuh kitu alaeun utun,
Tangkal banda ngajungkiring
Ngarangkadak di buana
Ngemploh daun sirung bijil
Buahna budi jeung daya
Pibekeleun seuweu siwi
Sing rahayu nu lumaku
Sing kengeng pangjaring gusti
Ginuluran rahmat Allah
Walagri siang jeung wengi
Tetep jaya di buana
Di tatar Sunda kiwari
Amin ya rabbal ‘aalamiin
Mugi gusti nangtayungan
Juru Sekar : Ibu Anti
Pamirig kacapi : Pa Susilo Yana

ADEGAN KA-VIII

Narasi : Deg randeg di pangadeg


Sawangan kahayang geus karandapan,
Di dieu, di dieu tutug rahayu
Wawanen ebreh, umbul-umbul nawaetu,
Mancuh saestu, warna-warni pulasna
Geura cangreud dina hatẽ,
Ku rebuning ẽlmu pangaweruh,
Salila hidep sakola tur nyuprih ẽlmu
Hidep rẽk jauh, ngudag cita-cita,
Neruskeun kahayang udagan
Dibarengan ku niat
Bismillahirohmanirrohiim

Narator : Bu Anti
Gending Suling : Lokat maya/Pangapungan
Payung dibuka saterasna kadua wawakil
lulusan dipayungan tur dicandak ka payun
kanggo diistrenan ku bapa kapala sakola

ADEGAN KA-IX
Mapag Wawakil Lulusan
Gending : Inten Dewata (gamelan)
Sekar : Wilujeng sumping aduh anaking
Duh bagja teuing, ayeuna sumping,
Bagea datang, aduh anaking,
Mangga ka payun bari ditungtun
Entong jeung nguyung bilih kasandung
Kedah kayungyun, supados anggun
Mangsa geus datang deuk pipisahan,
Hidep ayeuna, rẽk diistrenan
Kade tong hilap, jeung nu ngatikan
Mugi sing sabar, sareng tawekal,
Muga sing sadrah, sareng sumerah
Sing tumarima, oge sing sadar
Juru Sekar : Rampak

ADEGAN KA X
Kadua Wawakil Lulusan teras calik
Gending : Digeder (gamelan)
Narasi : Beu anaking
Cunduk ka waktu nu tangtu,
Ninggang mangsa nu utama,
Cacap urang babarengan,
Nganteur tineung nyacapkeun ka tresna,
Ayeuna mangsa urang pileuleuyan
Bral … anaking
Geura ambah alam padang poe panjang
Nu pinuh ku pangharepan
Mangka nanceb dina hatẽ
Hatẽ hidep nu beresih
Beresih lahir jeung batin
Sarta tanjeurkeun sipat ajeg budaya urang
Narator : Bu Anti
Gerentes hatẽ ti wawakil lulusan
Narasi : Raraosan liwung wuyung
Asa kelar ketir pikir,
Horeng dintenan paturay,
Baris paanggang patebih,
Genep taun sasarengan,
Nungtut ẽlmu meuseuh diri
Kantenan karaos Liwung,
Bakal paanggang patebih,
Sedih manah nyanyautan,
Sumeredet kana ati,
Sumarambah kana bayah,
Ayeuna geusan ngajadi
Narator : Siti Nurpaida (kelas III)

ADEGAN KA XI
Sungkeman
Pangjajap ti Bapa Kepala Sekolah
Gending : Kacapi suling
Narasi : PROLOG NGISTRÉNAN DINA UPACARA ADAT

BUBUKA

DIDUGIKEUN KU GURU ATANAPI KU BAPA


KEPALA SAKOLA

Niti wanci nu mustari ninggang mangsa nu


waluya. Bihari ngancik kiwari, ayeuna ngagelar
jaga.
Dina danget ayeuna urang sadaya tiasa
ngempel dina pajemuhan ieu, mugia
dipaparinan Ridho sareng Maghfiroh ti Allah
SWT.
Asa teu karaos dina wanci ayeuna, hidep
sadaya tepang sareng wanci ngistrénan
(pelantikan/wisuda) sakola di SD MARGASARI
salami 6 taun hidep sadaya nyuprih élmu di
sakolaan. Salami 6 taun hidep sadaya diaping
tur diatik ku Bapa sareng Ibu Guru, malah
mandar hidep sadaya janten murangkalih anu
Sholéh tur macakal. Mugia élmu panemu éta
sing lana nyangkaruk dina diri, pikeun
pibekeleun hidep.
Dina danget ayeuna Bapa badé maparinan
naséhat, mangga pék ku hidep regepkeun!

Anaking…anaking...kembang harepan
Sumeblak na lelembutan, asa jauh
panineungan.
Ngajanggélék Gunung Beser, maturan haté nu
keur
nyawang awahan harepan, kembang harepan
nu keur mangkak,
rék ngudag nuluykeun lalakon hirup
wawayangan.
Wawayangan nu kauger ku takdir Gusti Allah
Nu Murbéng Alam.

Anaking…anaking...kembang harepan.
Anjeun kembang héjo nu rék napak tanjakan
tarahal lalakon.
Lalakon nu pinuh cucuk, nu rék ngahalangan
udagan congcot.
Lalakon nu méh sarua jeung papagon kolot.
Bral…anaking tong noyod na tarahal nu sugal,
sing pageuh jongjon
dina papagon.

Pék tuluykeun nyuprih élmu, leumpang anjeun


masih panjang.
Tong baha mun panggih jeung cocoba.
Sing teuneung, sing ludeung….napak tarahal
tanjakan zaman.

Anaking…anaking...kembang harepan.
Dianteur ku dunga nu salawasna kedal na haté
pangjerona kolot hidep.
Murubutna cimata nu kebek na haté,
maturan tapak pileumpangeun karep hidep ka
hareup.

Bihari ngancik kiwari ayeuna ngagelar jaga


Bébér layar tarik jangkar…anaking…
Bral…geura miang, bral…geura tandang…
Pileuleuyan…pileuleuyan…pileuleuyan
Anaking….
Narator : Pa Ilham

ADEGAN KA-XII
Kapala Sakola dipapag ku Uwa Lẽngsẽr majeng ka payun, kanggo maparinkeun ijasah ka para lulusan.
Saparantosna rengse dijajap deui ku Uwa Lẽngsẽr.
Gending : Kunang-kunang
Sekar : LEULEUY
Leuh euleuh-euleuh Uwa Lẽngsẽr arẽk midang
Leuh itu gening, Uwa Lẽngsẽr ngangge sinjang
Na bade ka mana, Uwa dangdan mani
gandang
Uwa angkat ka mana, Uwa dangdos mani
kewes
Ulah gareuwah, bisi batur matak owah
Ulah sok gudjrud, bisi batur jadi rebut
Uwa arẽk midang, mapag nu tas
diistrenan
Uwa arẽk mangkat, mapag anu
dipihormat
Juru Sekar : Rampak
ADEGAN KA-XIII

Mapag Panganten jeung para lulusan mulang


Gending : Lalayaran
Sekar : Sekar Manis
Ku lucu malati, nu aya di taman-taman sari
Ku hegar ermawar, nu aya di taman-taman
sekar
Hiur seungit nu manis, nu manis putri mantili
Endah wanda satria, satria ti loka pala
Ku lucu wanoja, wanoja nu tutas diistrenan
Ku gandang jajaka, jajaka nu tutas diistrenan
Estu ku matak serab, lir nu sumping ti
kahyangan
Estu ku matak serab, lir nu sumping ti
kahyangan
Epilog : Upacara husus ngistrenan
Murid-murid kelas genep parantos lekasan,
Mugia Allah SWT nangtayungan ka urang
sadaya, sareng masihan pituduh ka nu bade
miang supados tiasa lungsur langsar dina
nungtut ẽlmu anu leuwih luhur, nyiar
pangabisa nu leuwih rohaka, nyuprih
pangarti anu leuwih masagi, pikeun bekel
engke jaga, Amiin
Juru Sekar : Rampak
Campaka, Juni 2023
Tilam ka deudeuh

Abah

Anda mungkin juga menyukai