Anda di halaman 1dari 12

MUKODDIMAH DURUSUL FIKHIYYAH

Kawitna maca bismillah # rohman rohim sifat alloh


Terusna alhamdulillah # puji teh kagungan alloh
Wungkul ka alloh nu heman # urang menta ditulungan
Dina perkara dunya na # sareng dina agamana

Anu seu’eur gogodana # dina ngalakonannana


Rohmat salam mugi-mugi # tetep ka rajana nabi
Nabi muhammad nu jadi # panutup sadaya nabi
Sareng ka kulawargina # sareng para sohabatna

Pendekna ka sadayana # ceuk ‘arob mah ajma’ina


Urang teu daya upaya # kakuatan henteu aya
Anging pitulung nu aya # ti alloh nu maha mulya
Sifatna alloh nu luhur # nu ngajaga anu ngatur
Sakabeh mahluk di atur # bari henteu aya batur

RUKUN ISLAM ( salsa, iki, Ervin )


Rukun islam sadayana # aya lima ka masyhurna
Syahadatain ka hijina # sholat anu kaduana

Zakat anu ka tiluna # shoum romdhon ka opatna


Munggah haji kalima na # kudu di lakonannana

Lamun geus boga bekelna # reujeung aman di jalanna


Nu wajibna ngan sakali # sunnat nu kadua kali

RUKUN IMAN ( mughni, sila, cici )


Aya genep rukun iman # mangga ku urang tata’an
Nomer kahiji na iman # ka alloh nu mangeranan

Jeung iman ka malaikat # kana kitab teu kaliwat


Jeung ka rusul ulah lepat # jadi jumlahna teh opat

Ari anu kalima na # iman ka poe ahirna


Tegesna percaya kana # bakal aya kiamatna

Anu ka genepna iman # kana kabeh papastenna


Alus jeung goring lenyepan # sami ti alloh kodiron
BABAGIAN CAI ( jamal )
Cai nurutken aturan # kabagi dua bagian
Cai saeutik ukuran # dua kulah kakurangan

Anu kurang dua kulah # sok mutanajjis teu salah


Ku tumibana najasah # sanajan henteu barobah

Makena cai saeutik # kudu saeutik-saeutik


Dikucurkeun disiukkan # saperti dina padasan

Jeung ari nu sabagian # cai nu loba ukuran


Kana najis ngabersihan # cai nu loba ukuran

Anging dimana barobah # rasa rupa ambeu robah


Najan aya dua kulah # mutanajjis henteu salah

BABAGIAN NAJIS ( wawa, fani, rena, Davina )


Hukum najis tilu warna # nya ieu hiji-hijina
Mugholladzoh mukhoffafah # katilu mutawassithoh
Mugholladhzoh mah najisna # najis anjing jeung bagongna
Jeung kabeh anak-anakna # kabeh wajib disertuna
Dikumbahna tujuh kali # make taneuh nu sakali
Kahade masing taliti # sing apik kahade lali
Mukhoffafah ditaliti # ci ki’ih budak lalaki
Anu umurna can nepi # kana dua tahun bukti
Sarta lalaki ayana # lain awewe budakna
Can naon bae daharna # wungkul ci susu daharna
Mukhoffafah mah bersihna # ku dikocorken cai na
Teu matak berat ngumbahna # sing leungit deui jeuntulna
Euh ari mutawassithoh # lain najis mugholladhzoh
Lain najis mukhoffafah # tapi najis tengah-tengah
Kabehna dua bagian # dua nana di tata’an
Kahijina ‘ainiyyah # nu kaduana hukmiyyah
‘Ainiyyah mah najisna # najis nu aya rupana
Jeung nu aya ambeuna # reujeung nu aya rasana
Ieu najis beresihna # nurutkeun aturannana
Kudu dileungitkeun tea # rupa ambeu jeung rasana
Jeung ari najis hukmiyyah # nu teu aya rupa malah
Ambeu jeung rasa izalah # ieu ulah matak susah
Ieu najis beresihna # geus cukup dina ngumbahna
Ku ngocorkeun cai kana # tempat najis hukmiyyahna

WARNANA CAI ( SYAHID )


Cai aya tujuh warna # sah dipake beberesihna
Cai hujan kahijina # hujan buah kaduana
Cai ibun nu katilu # ka opatna cai nyusu
Pek ku urang pake wudhu # sing faham ulah kaliru
Cai sumur ka limana # ci bangawan ka genepna
Ca laut ka tujuhna # ku kabeh bersih najisna

NAJIS ANU JADI SUCI ( ZITA )


Najis bisa jadi suci # aya tilu nu geus pasti
Arak anu kahijina # jadi cuka ku dirina
Kulit bangke kaduana # mun disamak sabersihna
Eta ge suci hukumna # jadi menang dipakena
Katiluna panganggeusan # perkara nu jadi hewan
Lir jadi bilatung najan # tina mugholladzoh pisan

LOBANA HADATS ( AZZAM )


Hadats the dua rupana # hadats leutik ka hijina
Hadats gede kaduana # tong lali sa lalamina
Hadats leutik ngawajibkeun # kana wudhu ditangtukeun
Hadats gede ngawajibkeun # kana mandi ditangtukeun

FARDHUNA WUDHU ( NENG AMI )


Fardhu wudhu aya genep # kanyahokeun sing sareugeup
Hiji niat dina ati # urang kudu ati-ati
Kaduana ngumbah beungeut # ti handapna seumet angkeut
Dibarengan jeng niatna # tah kitu prak prakan nana
Ngumbah leungeun jeng sikuna # ieu anu katiluna
Atawa kira-kirana # lamun teu aya sikuna
Jeng wajib ngumbah kabehna # tina bulu jeng liana
Jeng kudu aya leuwihna # ngumbah siku kaluhurna
Ngusap sirah ka opatna # ngumbah suku kalimana
Tartib anu kagenepna # yakni perele hartina

SYARATNA WUDHU ( DAFI )


Syaratna wudhu lobana # aya sapuluh warnana
Islam anu kahijina # tamyiz hideng kaduana
Ari anu katiluna # bersih tina hed nifasna
Opat taya hahalangna # cai kanu dikumbahna
Cara leugeut jeng bangsana # aria nu kalimana
Teu aya di anggotana # nu ngarobahkeun cai na
Ari anu ka genepna # nyaho kafardhuan nana
Tegesna fardhu wudhuna # anu genep sakabehna
Ari syarat ka tujuhna # ulah nekadkekun nu wudhu
Kana fardhu jadi sunnah # kahade di omat-omat
Syarat wudhu ka dalapan # cai kade kasalahan
Kudu bersih dipake sah # kahade wudhu teh salah
Ka salapan manjing waktu # ka sapuluh muwalatu
Ari anu wudhu kitu # keur nu langkung hadats tangtu

NADHZOM AHLUSSUNNAH WAL JAMA’AH

Tujuh tilu islam pecah


Kabeh ge ceuk rosul salah
Ngan hiji nu salamet mah
Ahli sunnah wal jama’ah

Dalil qur’an jeung haditsna


Dalil ijma’ jeng qiyasna
Mujtahid mutlak imamna
Nu opat masyhur namina

Imam maliki, hanafi


Imam syafi’i hambali
Eta imamna fikihna
Nu hak ditaklidannana

Abu hasan al-asy’ari


Abu Mansur al-maturidi
Eta imam tauhidna
Akidah ahli sunnahna

Abu Qosim junaidi


Hujjah islam imam ghozali
Sayyid abdulloh al-haddad
Eta imam tashowwufna

Maca maulid jeung rajaban


Tawassul jeung marhaba’an
Yasinan jeung sholawatan
Mugia kasyafa’atan

Usholli sholat niatan


Sholat shubuh di qunutan
Istighotsah manakiban
Dzikir wirid babarengan

Zarah ka kubur tahlilan


Mayit dikubur talkinan
Orok lahir di adzanan
Nu tujuh bulan syukuran
AQO’IDUL IMAN

Ari ‘aqo’idul iman


lima puluh kayakinan
kanyahokeun sing enyaan
mun ngaku jalma beriman

nu dua puluh sifatna


wajib aya di alloh na
Dua puluh nu muhalna
nu jadi lalawan nana

Sifat nu jaiz na hiji


jumlah opat puluh hiji
hak alloh nu maha suci
teras na di tambah deui

opat nu wajib di rusul


opat nu muhal di rusul
nu jaiz na hiji hungkul
jumlah salapan nu nyusul

jadi opat puluh hiji


tambah salapan ber arti
jumlah lima puluh pasti
pek sebutan hiji hiji

wujud, qidam, baqo, mukholafatul lilhawaditsi


qiyamuhu, binafsihi, wahdaniyat, qudrot, irodat,
ilmu, hayat, sama’, bashor, kalam, qodiron, muridan
‘aliman, hayyan, sami’an, bashiron, mutakaliman

Aya heubeul langgeung beda jeung kabeh nu anyar


jumeuneung kalawan dzat na hiji alloh dina dzat na
hiji na sifatna hiji padameulan nana
kawasa kersa nu uninga anu hirup na

ngadangu ningali sasauran bukti kawasa


bukti alloh kersa nu uninga anu hirup na
bukti nu ngadangu nu ningali nu ngadawuh
jadi sadayana nu wajib na dua puluh

‘Adam Huduts fana’ mumatsalatul lilhawadisi


ihtiyaj Ta’addud ‘ajzu karohatun jahlun
maut somam umyun bukmun ‘ajizan karihan
jahilan mayitan asomma a’ma abkama

Eweuh anyar ruksak sarua reujeung nu anyar


Butuh kana tempat jeung butuh kanu ngayakeun
Bimbilangan dzat na sifat na sareng dameul na
Apeus kapaksa bodo maot torek lolongna
Pireu bukti alloh anu apeus anu kapaksa
anu bodo maot, torek, lolong, jeung pireuna

Wenang di allohna midameul barang mumkinna


taya anu wajib midameul barang nu mumkinna

shiddiq, amanah, tabligh fatonah


Bener kapercaya ngadugikeun reujeung pinter
Kidzib khiyanat kitman biladah
bohong cidera jeung nyumputkeun tur bodo na
wenang di rusul na sifat manusa biasa
kaya tuang leu’eut angkat kuleum sajabana

NADHZOM IQOMAH RUKUN ISLAM


(kasepuhan KH. Zezen ZA bazul asyihab. Pondok pesantren azzainiyyah)

Lailahaillalloh... Lailahaillalloh...
Lailahaillalloh... Muhammadurrosululloh...
Allohumma sholli ‘ala sayyidina muhammadin
Wa ‘ala alihi wa shohbihi wa sallim

Puji kagungan alloh


Rohmat salam ka rosululloh
Sohabat tur kulawargi
Pejuang agama alloh

Islam agama nu bener


Damai luas tur sejahtra
Rukun lima nu utama
Amalkeun masing sampurna

Syahadat teh pondasina


Sholat teh jadi tihangna
Zakat dingding shaum kusenna
Haji nu jadi kentengna

Rukun islam teh pahamkeum


Amaliahna gerakeun
Panggerakna ge dijieun
Agungna islam buktikeun

Syahadat kudu ngabukur


Ma'rifat , mahabbah, syukur
Jihad berjuang cing akur
Hate ikhlas ulah kabur

Syahadat teh di kuatan


Tholab elmu, maca qur'an
Loba dzikir kapangeran
ngalawan nafsu jeung syetan

Sholat ge kudu ngabuah


Munajat sinareng qurbah
Ta'awun sareng imamah
Kahirupan sing barokah

Sholat kudu diperkuat


Awal waktu berjamaat
Makmur masjid khusyu khidmat
Sing lengkeup fardhu jeung sunat

Qobliyah ba'diyah ketat


Tahajud,tasbeh jeung hajat
Dhuha jeung sunat sejena
Usahakeun sing sampurna

Zakat sing puguh buktina


Tanmiyah jeung barokahna
Ta'awun taqoddum,izzah
Islam teh nyata hebatna

Zakat nyata perjuangan


Mun nisob geura zakatan
Can nisob ge lalanyahan
Dua satengah persenan
Ti leuleutik biasakeun
Sawarehna harta bikeun
Bentuk amilin nu leukeun
Sifat amanah tegakeun

Shaum oge kudu nyata


Sobar, tahamul, qurbah na
Barokah sarta wusulna
Islam teh nyata tangguhna

Shaum romadhon mantepkeun


Tadarus qiyam lengkepkeun
Zakat fitri laksanakeun
Silaturahmi kuatkeun

Shaum wajib sing sampurna


Sunnat jeung senen kemisna
'Arofah daud jeung liyana
Shaum kasucian nana

Haji kudu bukti mabrur


Iman ibadahna luhur
Bisa ngageurakeun batur
Umat akur islam luhur
Aturan kange murangkalih anu ngaos di Majlis Ta’lim Muta’allim
1. Ngucapken salam sa acan lebet majlis
2. Biasakeun barang tuang/leu’eut bari calik
3. Henteu barang tuang/leu’eut nuju ngaos
4. Henteu heureuy nuju ngaos
5. Henteu heureuy nalika nuju sholat
6. Ulah waka mulang sa acan sepuhna ngajemput
7. Nu ageung sing nya’ah kanu alit, nu alit sing hurmat kanu ageung
Kagiatan sareng Jadwal Ngaos :
1. Ngawitan ngaos tabuh lima sonten
2. Rengse ngaos tabuh tujuh wengi
3. Khusus dinten mingon istirahat teu ngaos
4. Khusus tiap dinten senen wengi salasa Ratiban ( Ratib Al-aththos ) sareng
sepuh-sepuhna
( Tabuh lima dugika maghrib khusus talaran/hapalan ) :
- Durusul fikhiyyah
- Do’a-do’a
- Tashsifan
- Kalimahan
- Tauhid
- Juz ‘amma
( Ba’da sholat maghrib berjama’ah ) :
- Ngaos al-Qur’an
- IQRO’

Anda mungkin juga menyukai