Anda di halaman 1dari 28

*_PASLUN

ARI SUNAT AB'AD SHOLAT ETA AYA 7

1. Tahiyat awal.
2. Diuk dina tahiyat awal.
3. Maca sholawat ka kangjeng Nabi Muhammad saw dina tahiyat awal.
4. Maca sholawat ka kulawargi Nabi Muhammad dina tahiyyat akhir.
5. Qunut.
6. Nangtung dina qunut.
7. Maca sholawat sareng salam ka Kangjeng Nabi Muhammad saw,sareng ka kulawargina kangjeng Nabi sareng
ka para sohabat Kangjeng Nabi dina qunut.

*_PASLUN
ARI SYARATNA SUJUD ETA AYA 7

1. Sujud ku 7 anggota,nyaeta tarang,,dua dampal leungeun, dua tuur,sapirang pirang dampal ramo dua suku.
2. Tarangna kudu di bukakeun.
3. Neueulkeun kana sirahna jalma.
4. Teu meunang ngoleak kana liana sujud.
5. Teu meunang sujud kana pakean anu usik ku usik manehna.
6. Ngaluhurkeun kanu handap,ngahandapkeun kanu luhur tegesna kudu nonggeng.
7. Tumaninah dina sujud.

AQOID IMAN LANJUTAN

7. Qudrot tegesna wajib Gusti Allah kawasa mustahil *ajzun tegesna apes.
Ari dalilna anu nuduhkeun yen wajib Gusti Allah kawasa mustahil apes teh nyaeta lamun dikira2eun Gusti
Allah apes maka pasti moal bukti ieu sakabeh mahluq.
Ari henteu bukti ieu sakbeh makhluq eta mustahil da geus bukti
Sareng deui dauhan Gusti Allah ta'ala dina alqur',an
Taudz
‫اعوذ‬. . .
‫إن هللا على كل شيئ قدير‬
Innallaaha 'alaa kulli syay-in Qodiir
Ma'nana walluhu a'lam
Sayaktosna Gusti Allah eta anu maha kawasa kana sagala perkara.

8. Irodat tegesna wajib Gusti Allah ngersakeun mustahil Karohah tegesna kapaksa.
Ari dalilna anu nuduhkeun yen wajib Gusti Allah ngersakeun mustahil kapaksa Teh
Nyaeta lamun dikira kirakeun Gusti Allah kapaksa maka pasti Gusti Allah apes ,ari Gusti Allah apes eta
mustahil.
Sareng deui dauhan ,Gusti Allah ta,'ala dina alqur'an
Taudz..
‫اعوذ‬. . .
‫فعال لمايريد‬
Pa'aalullimaaYuriid
Ma,nana wallohu a'lam
Ari Gusti Allah eta anu seueur midamelna kana naon naon anu dikersakeun ku anjeuNA.

9. Ilmu tegesna wajib Gusti Allah uninga mustahil Jahlun tegesna bodo.
Ari dalilna anu nuduhkeun yen wajib Gusti Allah uninga musthil bodo teh,nyaeta lamun dikira kirakeun Gusti
Allah bodo maka pasti Gusti Allah apes,ari Gusti Allah apes eta musthil.
Sareng deui dauhan Gusti Allah ta'ala dina alqur'an
Taudz..
‫أعوذ‬. . .
‫وكان هللا عليماحكيما‬
Wakaanallaahu
'aliiman hakiimaa.
Maknana wallohu a'lam

Jeung kabuktian ari Gusti Allah eta maha uninga tur maha bijaksana

10. Hayat tegesna wajib Gusti Allan hiruf mustahil Mautun tegesna maot.
Ari dalilna anu nuduhkeun yen wajib Gusti Allah hirup mustahil maot teh nyaeta lamun dikira kirakeun Gusti
Allah maot maka pasti Gusti Allah apes,ari Gusti Allah apes eta musthil.
Sareng deui dauhan Allah ta'ala dina al qur'an
Taudz
‫هللا الاله إالهوالحى القيوم‬
Allahulailaha illa hual hayyul qoyyum
Ma'nana wallahu a'lam
Ari Gusti Allah eta teu aya deui pangeran anu wajib diibadahan kajabi anjeuNA anu hirup tur anu jumeneng
ku anjeuNA.

11. Sama' tegesna wajib Gusti Allah ngadangu mustahil Somam tegesna torek.

12. Basor tegesna wajib Gusti Allah ninggali mustahil Ama' tegesna lolong.
Ari dalilna anu nuduhkeun yen wajib Gusti Allah ngadangu jeung ninggali mustahil torek jeung lolong
teh,nyaeta lamun dikira kirakeun Gusti Allah torek jeung lolong maka pasti Gusti Allah apes ari Gusti Allah
apes eta mustahil.
Sareng deui dauhan Allah ta'ala dina al qur"an
Taudz
‫وهو السميع البصير‬

Wahua ssami'ul basir

Ma'nana wallahua'lam
Ari Gusti Allah eta anu maha ngadangu tur anu maha ninggali.

13. Kalam tegesna wajib Gusti Allah dadauh mustahil Bakam tegesna pireu .
Ari dalilna anu nuduhkeun yen wajib Gusti Allah dadauh musthil pireu teh.nyaeta lamun dikira kirakeun Gusti
Allah pireu ,maka pasti Gusti Allah apes,ari Gusti Allah apes eta mustahil.
Sareng deui dauhan Allah ta'ala dina alqur'an
Taudz
‫وكلم هللا موسى تكليما‬

WaKallamullohu musa taklima

Ma'nana wallohua'lam
Sareng parantos dadauh Gusti Allah ka.kangjeng Nabi Musa kalawan dadauh temenan.

14. Kaunuhu qodiron tegesna wajib ayana Gusti Allah eta anu kawasa mustahil Kaunuhu ajizan tegesna mustahil
ayana Gusti Allah eta anu apes.
Ari dalilna anu nuduhkeun yen wajib ayana Gusti Allah anu kawasa mustahil ayana Gusti Allah anu apes teh
nyaeta dalilna sifat qudrot.

15. Kaunuhu muridan tegesna wajib ayana Gusti Allah eta anu ngersakeun mustahil Kaunuhu Karihan tegesna
mustahil ayana Gusti Allah eta anu kapaksa.
Ari dalilna anu nuduhkeun yen wajib ayana Gusti Allah eta anu ngersakeun mustahil ayana Gusti Allah anu
kapaksa teh, Nyaeta dalilna sifat irodat.

16. Kaunuhu Aliman tegesna wajib ayana Gusti Allah eta anu uninga,mustahil Kaunuhu jahilan tegesna
mustahil wajib ayana Gusti Allah eta anu bodo.
Ari dalilna anu nuduhkeun yen wajib ayana Gusti Allah eta anu uninga mustahil ayana Gusti Allah eta anu
bodo teh,nyaeta dalilna sifat Ilmu.
17. Kaunuhu Hayan tegesna wajib ayana Gusti Allah eta anu hirup.mustahil Kaunuhu mayitan tegesna mustahil
ayana Gusti Allah eta anu maot.
Ari dalilna anu nuduhkeun yen wajib ayana Gusti Allah eta anu hirup mustahil ayana Gusti Allah eta anu
maot teh, nyaeta dalilna sifat Hayat.

18. Kaunuhu Sami'an tegesna wajib ayana Gusti Allah eta anu ngadangu mustahil Kaunuhu Asomma tegesna
mustahil ayana Gusti Allah eta anu torek.
Ari dalilna anu nuduhkeun yen wajib ayana Gusti Allah eta anu ngadangu mustahil ayana Gusti Allah eta anu
torek teh . Nyaeta dalilna sifat Sama'.

19. Kaunuhu Basiron tegesna wajib ayana Gusti Allah eta anu ninggali mustahil Kaunuhu A'ma tegesna mustahil
ayana Gusti Allah eta anu lolong.
Ari dalilna anu nuduhkeun yen wajib ayana Gusti Allah eta anu ninggali mustahil ayana Gusti Allah eta anu
lolong teh,nyaeta dalilna sifat basor.

20. Kaunuhu Mutakaliman tegesna wajib ayana Gusti Allah eta anu dadauh.mustahil Kaunuhu Abkama tegesna
mustahil ayana Gusti Allah eta anu pireu.
Arih dalilna anu nuduhkeun yen wajib ayana Gusti Allah eta anu dadauh mustahil ayana Gusti Allah eta anu
pireu teh, nyaeta dalilna sifat Kalam.

*_PASLUN
ARI SABABNA SUJUD SAHWI ETA AYA 4.

1. Tinggal sawareh tina sapirang pirang sunat ab'ad na sholat atawa tinggal sawareh tina sawarehna sunat
ab'ad na sholat.
2. Migawe pagawean anu matak ngabatalkeun lamun ngahaja, teu matak ngabatalkeun lamun poho.
3. Mindahkeun rukun ucapan kana lian tempatna.
4. Nibakeun rukun bangsa pagawean sarta pantes leuwihna.

*_PASLUN
ARI SYARATNA JAMA TAQDIM ETA AYA 4.

1. Ngamimitian ku sholat anu ka 1.

2. Niat ngajama taqdimna dina sholat ka 1.
3. Tuluy tuluy antara sholat ka 1 jeung ka 2
4. Langgeng udzur na.

ARI SYARATNA JAMA TAQHIR ETA AYA 2.

1. Niat ngajama taqhirna dina waktu sholat ka 1.

2. Langgeng udzurna tepi ka tamat sholat ka 2.

*_PASLUN
ARI SYARATNA QOSOR ETA AYA 7

1. Nyabana kudu lalakon dua pamondokaneun.

2. Nyabana kudu anu diwenangkeun.
3. Kudu nyaho kana wenangna qosor.
4. Niat qosorna dina nalika takbirotul ikhrom.
5. Sholatna kudu anu bangsa 4 rokaat.
6. Langgeung nyabana tepi ka tamat sholat.
7. Jalma anu sholat qosor teu menang ngamum ka jalma anu sholat tamat
AQOID IMAN
 Ari sifat anu wajib di Gusti Allah anu 20 teh eta kabagi 4 bagian
1. Sifat Nafsiyah nyaeta sifat wujud.
2. Sifat salabiyah nyaeta sifat qidam ,baqo,muholafatulilhawadisi,qiamuhu binafsihi,wahdaniat.
3. Sifat ma'ani nyaeta sifat qudrot,irodat,ilmu,hayat,Sama',basor,kalam.
4. Sifat ma'nawiyah nyaeta sifat kaunuhu qodiron,kaunuhu muridan,kaunuhu aliman,kaunuhu hayan ,kaunuhu
sami'an,kaunuhu basiron,kaunuhu mutakaliman.

 Ari sifat anu wenang di Gusti Allah anu 1 nyaeta.

‫فعل كل ممكن او تركه‬

Pi"lu kulli mumkinin au tarkuhu.

Hartina. Midamel saban2 anu mumkin atawa teu midamel.

 Ari sifat anu wajib ti para rosul anu 4 nyaeta.

1. Sidqun tegesna wajib para rosul bener. Mustahil Kidzbun tegesna mustahil para rosul bohong.
2. Amanatun tegesna wajib para rosul kapercaya mustahil Hianatun tegesna mustahil para rosul cidra.
3. Fatonatun tegesna wajib para rosul calakan mustahil Baladatun tegesna mustahil para rosul belet.
4. Tabligun tegesna wajib para rosul ngadugikeun mustahil
Kitmanun tegesna mustahil para rosul nyumputkeun.

 Ari wenang ti para rosul anu 1 teh nyaeta

‫االءعراض البشرية التي ال تؤدي الي نقص‬

Al a"roodul basariyatul llati la tuadi ila naqsin.

Hartina.
Sapirang2 sifat kamanusaan anu teu ngurangan kana sifat kasampurnaan

*_PASLUN
ARI RUKUN NYOLATKEUN MAYIT ETA AYA 7

1. Niat.
2. Ku 4 takbiran.
3. Nangtung ka anu kuat nangtung.
4. Maca fatihah.
5. Maca sholawat ka kangjeng Nabi Muhammad saw dina saenggeus takbir ka 2.
6. Ngaduakeun ka mayit dina saenggeus takbir ka 3.
7. Aweh salam.

BAB SAUM ROMADHON

SYARAT SHAHNA PUASA ETA AYA 6.
1. Islam.
2. Tamyiz.
3. Suci haid sareng nifasna
4. Niat saum fardu tiwengina.
Wajibna teh anggoeun saban dintena.
Unggal nIat saum fardu Sasih romdhon
Nawaetu sauma godin an fardi Romdhon.
5. Nahan tinu matak ngabatalkeun ti fajar dugi ka surup wayahnakeun.
6. Manjing waktuna atawa wujud sabab saum farduna
AQIDATUL AWAM

Abdaubismillahirohmani
Wabirrohimi daaimil ihsani

Kawit abdi nyebat Allah anu nyaah

Anu asih salamina ngageugeunah.

Palhamdulillahil qodiimil awwali

Alakhiril baaqii bila tahawwuli.

Puji tetep ka Allah nu qodim awal

Akhir langgeung tara ulah alih muhal.

Tsuma ssolatu wassalamu sarmada

Ala nnabiyyi khoiri man qod wahhada

Mangka ari rohmat salam salamina

Ka Nabi nu pang saena tauhidna.

Waaalihi wasohbihi waman tabi' (‫)ع‬

sabiila diinil haqqi goiri mubtadi'(‫)ع‬

kulawarga sohabat anu baringah kana jalan agama haq sanes bid'ah.

*_PASLUN
ARI PAHARAMAN KA JALMA ANU TEU BOGA WUDHU ETA AYA 4
1. Haram sholat.
2. Haram towaf.
3. Haram nyabak mushaf.
4. Haram mawa mushaf.

. *_PASLUN
ARI PAHARAMAN KA JALMA ANU JUNUB ETA AYA 6.

1. Haram sholat.
2. Haram towaf.
3. Haram nyabak mushaf
4. Haram mawa mushaf.
5. Haram cicing di masjid.
6. Haram maca qur'an.

MA'RIFAT ALLAH TAALA WAL IMANU BIHI.

waba‫ع‬du pa‫ع‬lam biwijubil ma'rifat
Min waajibi lillahi ‫ع‬isrina sifat

Saba'da sing terang wajib terangna.wajib di Allah dua puluh sifatna.

Pallohu maujudun qodimun baaqi

Mukholipul llilkholqi bil itlaqi

Allah nu wujud qodim langgengna tangtos

Benten sareng mahluq mutlaq sapapaos.

Waqooimun ghoni wawaahidun wahay

Qodir muridun alimun bikulli ssai'i.
Jumeng ku anjeun hiji hirup bae.
Kawasa kersa uninga ka sakur. Sse'

Samiiunil basiirul mutakallimu

Lahu sifaatun sab',atun tantadimu

Nu ngadangu ninggali anu ngadauh

Ka Allah sifat ngaruntuy anu tujuh

Paqudrootun irodatun sam'un basor hayatunil ilmu kalamunistamar

Mangka qudrot irodat sama,,' jeung basor

Hayat elmu jeung kalam tetep ngagelar.

Wajaijun bipadlihi wa adlihi

Tarkunl likulli mummkinin kapi,',lihi

Sareng wenang ku fadholna tur adil na

Tinggal sakur mumkin kaya mudamelna.

ANU NGABATALKEUN KANA PUASA ETA AYA 10.

1. Aen dunya kumargi lebetna,sanaos alit sangaja kana jaopna,upami tina manfad nu kalebetna
2. Ngahaja utah,sanaos teu balik deui kana jaopna.
3. Ngahaja jima sanaos teu disarengan metu mani na.
4. Ngabijilkeun mani sanaos teu kalawan jima bijilna.
5. Gelo sanaos sakalintang sakedap gelona.
6. Kalengger, tikawitan fajar dugi ka surupna.
7. Bobor satacan nyata surupna.
8. Murtad,tina murtad ka Allah nuwun raksana.
9. Kadongkapan haid jeung nifas ,sanaos ba'da alkoh mudgoh bijilna.
10. Babar,sanaos teu disarengan baseuh babarna.

Sing saha ngahaja bobor dinten romdhon atawa hilap kana niat wengi romdon,maka kena waJib imsak ka anjeuna
saban saban dina sakantun dintena.
kitu deui jalma ku yaqin romdhona,poe katilu puluhna bulan sya'ban.

AL IMANU BIRRUSULI

Arsala anbiya'dawi patonah

Bissidqi wattabliigi wal amanah

Allah ngutus pernabi nucaralakan

Baleuneur ngadongkapkeun.kapercayaan.

Wajaizun pii hakihim min arodi

Bighoiri naqsin kakhopiipil marodi

Sareng wenang di rosul sifat manusa

Teu ngirangan kaya geuring nu biasa.

Ismatuhum kasaairil malaikah

Wajibatun wapadolul malaikah

Karaksana saperetos malaikat

Wajib sareng ngalangkungan malaikat.
Walmustahiilu dhiddu kulli waajibi
Pahpad likhomsina bihukmi waajibi

Ari muhal lawana sakur nu wajib

Apal lima puluh tekad eta wajib.

Tapsiilu khomsatin wa‫ع‬isrina lazim

Kulla mukallapin pahaqqiq wagtanim.

Tafsil dua puluh lima nabi lazim

Kasaban mukallap kudu apal jazim.

Hum aadamun idrisun nuhhun hudu ma‫ع‬

Sholih waibbrohiimu kullu muttaba‫ع‬

Adam,idris,enuh,hud anu kaopat

Sholih jeung ibbrohiim pamingpin syareat.

Luttun waisma‫ع‬il ishaaqu kadaa

Ya'qubu yusufu wa ayubuhtada

Lut ,ismail,jeung nabi ishaq pon kitu

Ya'cub yusuf ayub nu sobarna jitu.

Syu'aybu harunu wa musa wal yasa‫ع‬

Dulkipli dawudu sulaemanuttaba‫ع‬

Nabi syueb harun musa sareng yasa‫ع‬

Dulkipli dawud sulaeman nu muttaba‫ع‬

Ilyasu yunusu zakaria yahya

Isa wathoha khotimun da‫ ع‬goya.

Ilyas, yunus, zakaria sareng yahyaa

Isa kangjeng TOHA wekasan nu mulya.

Alaihimusholatu wassalamu waalihim ma daamatil ayyaamu

Sholat salam pamuga haturanana

Sareng kulawarga salalamina

*_PASLUN
ARI PAHARAMAN KA JALMA ANU HAID ETA AYA 10,
1. Haram sholat.
2. Haram towaf.
3. Haram nyabak mushaf.
4. Haram mawa mushaf..
5. Haram cicing di masjid.
6. Haram maca qur'an.
7. . Haram puasa.
8. Haram di talak.
9. Haram ngaliwat ka jero masjid lamun sieun, urat aret eta getih ka masjid
10. Haram di alap suka Bujal jeung tuur

PAHARAMAN KA ANU PUASA .

1. Haram nyium rarangkulan,pami robah syahwatna ku kikituan.

SUNAH KA ANU PUASA

Sareng sunnah kanu saum enggal bobor,
Sareng upami ringan ku korma bobor.

Lamun sesah kunaon bae nu amis.

Teu dibakar mun teu aya cai tiis.

Ari mangan sahur sunnah diakhirkeun

Hadas gede memeh fajar dileungitkeun.

Sunnah nyeueurkeun du'a langkung utami

Waktos bobor ngadu"a anu sugemi.

Kedah seueur ngaos qur'an jeung sidekah

Salamina romdon nyeueurkeun barokah

Malah mandar hasil lailatul qodar

Khususiah umat Muhamad nu sadar.

Hiji amal kahadean langkung sae

Batan tilu puluh rebu nu sarae.

MAKRUH KA ANU PUASA

Makruh di patik,diserot disuntikan
Ngaheumheuman, ngarasaan kadaharan.

Mubalagoh ngingsreuk cai jeung kekemu

Nyium nalika sahwat
Henteu katimu.

Anu saum kudu tambah2 sae

Ngajauhan kahayangna naon bae.

Tetenjoan,dedengean,aangseuan
Cacabakan,titincakan kadaharan.

Sumawona bohong,ngupat,ngadu2
Pasea,pacokrek ngadu hayam adu.

Ari anu pikun,anu gering ripuh teu puasa bulan romdhon kudu nempuh
Saban sapoe sa emud di pidyahan teu wajib puasa teu wajib ngodoan.

Anu haid nu nipas eta diwjibkeun buka tapi wajib kudu dikodoan.

Anu keur nyaba jauh nyaba anu wenang bukana diperjalanan eta menang,
Najan manehna kuat puasa tapi lamun teu ripuh alus puasa.

Ari anu geuring henteu menang buka,kajaba mun tambah ripuh mun teu buka

Nu keur reuneuh,nu nyusuan lamun soak

Mudorot ka manehna tawa ka budak

Maka menang buka tapi wajib qodo.

Nu nyaba nu geuring cageur wajib qodo

Sing saha nu buka teu kalawan udur

Wajib qodo teu meunang di undur undur

Tapi.lamun sabab udur nu kasebut qodo na antare henteu gesat gesut

Tapi alus na mah buru2 bae

Enggal kana kasaean eta sae

Sing saha anu fot saum sasih romdhon

Margi udur ku rupi2 wagelan

Tuluy maot dina satacana

Imkan
Ngodoan anu fot tina saum romdhon

Kanu kitu henteu wajib naon2 teu wajib midyahan teu wajib ngodoan.

Lamun maotna eta saba'da imkan

Wajib di qodoan tawa di fidyahan

Di qodoan ku wali na difidyahan

Sapoe sa emud galib kakuatan

Ari qodo saum romdhon eta ulah ngalengkahan romdhon deui eta salah
Kajaba ku udur henteu imkan qodo
Mun qodo ngalengkahan wajib di denda

Ngalengkahan sa romdhon sapoena sa mud beas ditambah rejeung qodona

Ngalengkahan dua romdhon dua emud

Kitu bae saterusna bilangan mud

Anu reuneuh nu nyusuan

Buka ngarah ngabelaan orok kudu make fidyah.

AL.IMANU BIL MALAIKAT

Walmalakul ladi bila aabi waum
La akla lasyurba wala nauma lahum.

Malaikat teu rama an teu ibu an

Tara tuang leueut tara kulem pisan.

Tafsiilu asrin minhumu jibriilu,mikailu,isropilu,ijroilu.

Sapuluh kudu nyaho nyaeta jibril,mikail,isropil,
Kaopat ijroil

Munkar ,nakirun, waroqibun wakada

Atidun,malikun waridwanuh tadaa

Munkar ,nakir, roqib anu ka tujuhna

Atid,malik,ridwan nunkasapuluhna.
Al IMANU BIL KITAB
Arba ' atun min kutubin tapsiluha
Taurotu musa bilhuda tanjiluha

Opat kitab nu jadi wajib tapsilna

Toret musa nyandak hidayah lungsurna.

Jaburu dawuda wainjilu 'ala

Isa wapurqonun 'ala khoiril mala'

Jabur ka nabi dawud injil ka isa

Qur'an ka Dunungan sakabeh manusa.

Wasuhupul kholili wakkalimi

Piha kalamul hakimil 'alimi.

Sareng suhup nabi Ibrohim jeung Musa

Dilebetna dawuhan Maha Kawasa.

Wakullu ma atabihir rosulu pahaquhut taslimu walqibulu.

Sugriyaning anu dicandak ku rosul
Wajib ditarima diturut di qobul.

PASLUN
ARI SAPIRANG- PIRANG NAJIS ETA 3 BAGIAN
1. Najis Mugoladoh tegesna najis anu dibeuratkeun hukuman nana.
2. Najis mukhofafah tegesna najis anu diringankeun hukuman nana.
3. Najis mutawassitoh tegesna najis anu pertengahan hukuman nana.

ARI NAJIS ETA AYA 20.

1. Cikiih
2. Madi kaluarna karena barobah sahwat.
3. Wadi kaluarna karena kacapean.
4. Tai.
5. Anjing.
6. Bagong.
7. Turunan anjing jeung bagong.
8. Mani na anjing jeung bagong.
9. Cai raheut/getih bonteng.
10. Pinanaheun.
11. Nanah buruk.
12. Hamperu.
13. Arak.
14. Utah.
15. Susuna hewan anu teu halal didahar.
16. Bangke, salian simeut/lauk/jelema
17. Getih anu gocor.
18. Gayeuman onta,sapi,munding.
19. Cai cenang.
20. Haseup najis.
WAJIB KIFARAT 'UDMA
Nungahaja buka ku jima' di ta‫'ع‬zir
Kupangurus qodo teu meunang di akhir.
Reujeung wajib kifarat geude nyaeta
Ngamerdeka abid muslim kifaratna
Mun teu aya ku puasa dua bulan tuluy tuluy
Mun teu bisa digantian
Mere kadaharan genep puluh miskin
Saurang na sa mud beas anu yaqin.

PASLUN
ARI SAPIRANG-PIRANG ORAT ETA AYA 4
1. Oratna lalaki jeung amat hal na mutlak=di jero sholat jeung di luar sholat antara bujal jeung tuur
2. Ari orat awewe merdeka dina sholat eta sakabeh badana selain beungeut jeung 2 tampah.
3. Ari orat awewe merdeka jeung amat hareupeun pirang2 lalaki sejen eta sakabeh badan.
4. Orat na hurroh jeung amat nalika hareupeun mahram na, eta antara bujal jeung tuur.
*HURROH nyaeta awewe merdeka.

AL IMANU BIL YAUMIL AKHIR.

Imanuna biyaumi akhirin wajab
Wakulli ma kana bihi minal ' ajab

Iman urang kana poe akhir wajib

Jeung kaanehan nana anu ajaib

Khotimatun pi dikri baqil wajibi

Mimma 'ala mukalapin min wajibi

Panutup nerangkeun sesa anu wajib

Margi saban mukalaf terangna wajib.

PASLUN
ARI SABAB TAYAMUM ETA AYA 3.
1. Kusabab eweuh cai.
2. Kusabab geuring.
3. Kusabab butuh kana cai karana hanaangna hayawan anu dimulyakeunku syara.

ARI HAYAWAN ANU TEU DIMULYAKEUN KU SYARA ETA AYA 6.

1. Jalma anu tinggal sholat.
2. Jalma anu zinah muhson.
3. Jalma anu murtad.
4. Kafir harobi/kafir musuh.
5. Anjing galak.
6. Bagong.

SILSILAH SYAIDINA MUHAMMAD SAW.

Nabiyyuna muhammadun kod ursila ,lil'alamina rohmatan wafudila

Kangjeng nabi muhammad diutus

Pikeun rohmat ka alamin sareng dipunjulkeun.

Abuhu 'abdulloh abdul mutholib,wahasyimun abdu manafin yantasib.

Ramana abdulloh abdul mutholibi,hasyim abdu manaf, qusoy, kilab.

Murroh,ka'ab,luay,golib putra pihir,malik,nador,kinanah,khujaimah lahir,

Mudrikah,ilyas,mudhor putrana nijar,putra ma'ad putra adnan nu kawentar.

Waummuhu aminatu juhriyyah ardo'ahu halimatu sya'diyyah

Ibuna siti aminah juhriyyah diinangan ku halimah sa'diyyah.

Mauliduhu bimakkatal aminah ,wafatuhu bithoibatal madinah

Tempat medalna mekkah nagara aman,wafat di thoyyibah madinah nu loman.

Atamma koblal wahyi arba'ina

Waumruhu kod jawaja syitina

Tempat memeh wahyu opat puluh taun

Yuswana langkung ti genep puluh taun.

Wasab' atun auladuhu paminhumu

Tsalasatun minaddukuri tuphamu.

Sadayana putra nabi aya tujuh,tilu pameugeut opat istri nu puguh

Qosyim wa'abdulloh wahwat thoyyibu wathohirun bidzaini dzayulakobu

Hiji sayyid qosyim ka dua abdulloh , kujenengan toyyib jeung tohir nu katelah.

Atahu ibrohimu sariyyah

Paatmuhu mariatul qibtiyyah

Tilu sayyid ibrohim ti sariyyah ibuna teh mariatul qibtiyyah.

Waghoiru ibrohim min khodizah

Hum sittatun pahud bihim walaizah

Liana ibrohim ibuna khodizah anu genep ulah lesot mahabah

Paumuhu mariatul qibtiyyah

Tilu sayyid ibrohim ti sariyyah ibuna teh mariatul qibtiyyah.

Waghoiru ibrohim min khodizah

Hum sittatun pahud bihim walaizah

Liana ibrohim ibuna khodizah anu genep ulah lesot mahabah

Wa arbaun minal inasi tudzkaru

Ridwanu robbi lijami'i yudzkaru

Putra istri nu opat ieu kahatur

Ridhona Allah ka sakabeh di tutur.

Fatimatu jahro'u bagluha ali

Wabnahuma sibthoni fadl uhum jali.

Fatimah nu geulis garwa syaidina ali

Hasan husen putrana anu punjuli

Fazaenabun waba'daha rukoyah

Waummu kulsumin zakat rodiyyah

Dua siti zaenab katilu rukoyyah

Opat ummu kulsum anu rodiyyah

An tis"i niswatin wafatul mustofa

Khuyyirna fakhtarna nnabiyyil muktafa.

Salapan istri anu dikantun pupus nu marilih ka Nabi dugi ka pupus

Aisyatun wa hafsotun wasaudah

Sopiatun,maemunatun,
Waromlah

Aisyah,hafsoh,saudah nu taregep
Sofiah,maemunah,romlah
Nu kageunep

Hindun wazaenabun kada juwairiyah

Lilmu'minina umahatul
Mardiyyah

Hindun,zaenab,juwairi yah ka salapan

Para ibu mu'minin nu diridhoan

Istri nabi ngalangkungan tina opat

Khususiah ka nabi haram
Ka umat

Hamzatu ammuhu wa'abasun kadaa

"Ammatuhu sofiatun dzatuhtida

Hamzah abas pamana kangjeng Mustofa

Sofiah bibina anu tukang tapa

Wakobla hijrotin nnabiyyi isro'

Min makkatin lailan: likudsin yudroo

Memeh hijrah kangjeng Nabi di isrokeun

Timekkah ka baetal makdis dijengkarkeun

Waba"dal isro'i u'ruzun lisamma

Hatta ro'annabiyyu robban kallama

Saba'da na kangjeng munggah langit tujuh

Hingga ninggal pangeran anu ngadauh

Min ghoiri kaipin waanhisorin waptarod

Alaihi homsan ba'da homsina farod

Teu make pertingkah tempat jeung mardukeun

Lima sholat anu menang ngaringkeskeun

Waballagol ummata bil isro'i wafardi homsatin bilamtiro'i

Ngawartoskeun ka umat yen diisrokeun

Sareng lima sholat kudu dijalankeun

Kod faaja siddiqun bitasdiqin lahu

Wabil'urujis sidqu wafa ahlahu

Abu bakar bagja margi ngalereskeun

Anu ajeg mohal henteu ngabenerkeun

Wahadihi "aqidatun mukhtasorot

Walil awami sahlatun muyasyaroh

Ieu patekadan nu kengeng ngringkas

Gampil dibacana ditalar di deres.

Nadimu tilka ahmadul marzuki man yantami llisodiqil masduki

Pangarang na sayyid ahmad marzuki

Seuweu putuna sodikil masduki

Wlhamdulillahi washolla
Sallama 'ala Nabiyyi khoiri man kod allama

Fuji ka Allah rohmat sareng salam na

Haturan Nabi dunungan
Ulama'na

Walaali wasohbi wakulli mursyidi

Wakulliman bikhoiri hadyin yaktadi

Warga sohabat anu muruk mututur

Kanu resep ngaji getol nutur nutur

Waasa'lul karimi ikhlasol amal

Wanaf"a kulli man biha kodistaghol

Muga Allah ngabersihkeun ieu amal

Guna ka anu katungkul anu apal

Abyatuha maijun biadil jumali

Tarikhuha li hayyu ghurri zumali

Jumlahna lima puluh tujuh jajaran

Taun sarebu dua lima dalapan

Samaituha 'aqidatal awami

Min wajibin piddini bittamami

Dingarana aqidatal awami

Kawajiban agama nu utami.

Alhamdulillah

PASLUN
ARI SYARATNA TAYAMUM ETA AYA 10
1. Tayamumna ku taneuh.
2. Taneuhn anu suci.
3. Teu aya taneuhna eta anu geus dipake (musta'mal)
4. Teu nyampuran kana eta taneuh,naon? Tipung jeung saumpa tipung.
5. Neja jalma kana taneuh.
6. Ngusap jalma,kana beungeutna jalma jeung kana 2 leungeuna jalma ku dua teunggeulan.
7. Ngaleungitkeun jalma kana najis mimitina.
8. Ijtihad jalma kana nganyahokeun kiblat tina samemeh tayamum.
9. Aya naon tayamumna eta tetep dina saenggeus manjing waktu.
10. Tayamun jalma pakeun saban hiji fardhu.
*_Paslun
ARI FARDHUNA WUDHU ETA AYA 6
1. Niat dina nalika ngumbah mimitina beungeut, pokna:
‫نويت الوضوءفرضاهلل تعالى‬
Nawaetul wudhua fardon lillahita'ala
Hartina : niat kaula wudhu fardhu karena Allah ta'ala
2. Ngumbah beungeut antara rambut sirah jeung gado jeung antara ceuli jeung ceuli deui
3. Ngumbah dua leungeun sarta sikuna dua nana
4. Ngusap sirah saeutik atawa ngusap rambut anu aya dina wates sirah
5. Ngumbah dua suku sarta mumuncangan dua nana
6. Tartib, tegesna ngaheulakeun anu kudu dipigawe tiheula,manderikeun anu kudu di pigawe panderi

*_PASLUN
ARI $YARATNA WUDHU ATAWA ADUS ETA AYA 10***
1. Islam
2. Tamyiz
3. Bersih tina hed jeung Tina nifas
4. Bersih tina barang anu Nyegah kana datangna Cai kana kulit
5. Dina anggotana ulah Aya naon naon anu Ngabarobahkeun kana Cai
6. Nyaho kana kafarduan Nana wudhu atawa Adus
7. Anu fardhu ulah Ditekadkeun kanasunat
8. Caina anu nyucikeun
9. Manjing waktu
10. Tuluy tuluy Tapi syaratna manjing waktu jeung tuluy tuluy teh pikeun jalma anu langgeng hadast

*_PASLUN
ARI ANU NGABATALKEUN KANA WUDHU ETA AYA 4
1. Aya anu kaluar tina Salah sahiji palawangan anu dua,tina Kubul atawa dubur, Angin anu kaluar na teh Atawa
liana,anging Mani.
2. ilang akal kusabab Sare,atawa liana sare, Anging sarena jalma Anu bari diuk,anu manCeugkeun biritna jalma
Kana bumi.
3. Paanteul dua kulit Lalaki jeung awewe Anu geus pada gede Duanana tur pada Sejen duanana,tegesNa lain
mahram bari Teu make hahalang.
4. Nyabak kubulna bangSa adam,atawa nyabak Bubunder duburna Bangsa adam,nyabak Na teh ku dampal
Leungeun atawa ku sa Pirang pirang dampal Sapirang pirang ramo.

*_PASLUN
ARI $YARAT WAJIB SHOLAT ETA AYA 5
1. Islam
2. Baligh sarta boga akal
3. Bersih tina hed jeung Tina nifas
4. Nampi da'wah
5. Salamet salah sahijina Pancadria anu 2 nyaeta Panon jeung ceuli

*_PASLUN
ARI $YARAT SYAHNA SHOLAT ETA AYA 8
1. Bersih tina hadas dua,hadas keutik jeung hadas gede
2. Bersih tina najis dina pakeana,dina badana jeung dina tempat na
3. Nutupan orat
4. Nyanghareup ka kiblat
5. Manjing waktu
6. Nyaho kana kafarduana sholat
7. Anu fardu ulah ditekadkeun sunat
8. Ngajauhan kana sapirang2 anu matak ngabatalkeun kana sholat.
*_PASLUN
ARI RUKUN SHOLAT ETA AYA 17
1. Niat
2. Takbirotul ikhrom
3. Nangtung kanu kuat nangtung dina sholat fardu
4. Maca fatihah
5. Ruku
6. Tuma'ninah dina ruku
7. I'tidal
8. Tuma'ninah dina i"tidal
9. Sujud dua
10. Tuma'ninah dina sujud 2
11. Diuk antara dua sujud
12. Tuma'ninah dina diuk antara dua sujud
13. Takhiyyatul akhir
14. Diuk antara takhiyyat akhir
15. Maca sholawat ka Kangjeng Nabi Muhamnad Saw dina takhiyyat akhir
16. Aweh salam
17. Tartib

*_PASLUN
ARI ANU NGABATALKEUN KANA SHOLAT ETA AYA 14
1. Kusabab hadas, hadas leutik jeung hadas gede
2. Kusabab katibaan najis lamun teu dipiceun eta najis sapada harita bari teu dibawa
3. Ku kabuka orat lamun teu ditutup eta orat sapada harita.
4. Ku ngucap saharap atau 2 harap anu mere faham bari ngahaja.
5. Ku ngahaja migawe anu matak ngabatalkeun kana puasa.
6. Kudahar anu loba sanjan poho
7. Ku tilu sapirang pirang usikan anu tuluy tuluy sanajan poho.
8. Ku luncat anu .goreng
9. Ku neuggeul anu tarik
10. Ku nambahan rukun anu bangsa pagawean Bari ngahaja.
11. Ku miheulaan ka imam atawa manderikeun maneh ti imam ku dua rukun anu bangsa pagawean duanana
bari teu aya udzur.
12. Ku.niat megatkeun sholat.
13. Ku nyantelkeun megatken sholat kana naon bae sanajan muhal ceuk adat.
14. Ku mandeg mayong dina megatkeun sholat.

*_PASLUN
ARI SYARAT NGAMA'MUM ETA AYA 11
1. Ulah kanyahoan batal sholat imam na si ma'mum.
2. Ulah nekadkeun yen si imam sholatna wajib di qodoan deui
3. Imam na ulah anu keur ngamum.
4. Imamna ulah anu bangsa umi tegesna anu teu bisa maca fatihah.
5. Cicing na ma'mum ulah hareupeun imam.
6. Kudu nyaho kana pundah pindah na sholat imamna si ma'mum,seperti tina ruku kana i'tidal,tina i'tidal kana
sujud.
7. Kudu kumpul imam jeung ma'mum di hiji mesjid atawa dina sakira kira 300 hasta.
8. Si ma'mum kudu niat ngamum atawa niat berjamaah.
9. Kudu akur runtuyan sholat imam jeung ma'mum.ari anu teu akur runtuyanana nyaeta saperti sholat
samagaha.
10. Ulah nyulayaan si ma'mum ka imam dina migawe sunat kalawan nyulayaan nu goreng.
11. Kudu turut si ma'mun ka imam.
*_PASLUN
ARI SYARAT TAKBIROTUL IKHROM ETA AYA 16
1. Takbirotul ikhrom dina tingkah nangtung dina sholat fardu.
2. Takbirotul ikhromna ku bahasa arab.
3. Takbiritul ikhromna ku lapad ALLAH.
4. Takbirotul ikhromna ku lapad AKBAR.
5. Tartib antara lapad ALLAH jeung AKBAR.
6. Ulah manjangkeun kana hamjah na lapad Allah
7. Ulah manjangkeun kana ba na lapad Akbar
8. Ulah nasdidan ka na ba na lapad akbar.
9. Ulah nambahan wau anu hirup atawa anu paeh antara dua kalimah Allah jeung Akbar.
10. Ulah nambahan wau smemeh lapad Allah.
11. Ulah eureun antara dua kalimah takbir boh lila atawa skeudeung.
12. Takbirotul ikhromna kudu kadenge ku dirina.
13. Manjing waktu dina sholat anu di waktu waktu.
14. Tumiba takbirotul ikhromna dina tingkah nyanghareup ka kiblat.
15. ulah ngaruksak kana sapirang pirang hurufna takbirotul ikhrom.
16. Panderi tina takbirotul ikhrom na ma'mum dina takbirotul ikhromna imam.

*_PASLUN
ARI SYARAT FATIHAH ETA AYA 10
1. Tartib.
2. Tuluy-tuluy
3. Ngaraksa kana sapirang pirang hurufna fatihah.
4. Ngaraksa kana sapirang pirang tasdidna fatihah.
5. TeuJempe anu lila atawa sakedeng anu ngamaksud kana megatkeun bacaan fatihah.
6. Maca kana sakabeh ayatna fatihah jeung tina sawarehna ayatna fatihah teh ,nyaeta lapad
BiSMILLAHHIROHMANNIRROHIM.
7. Teu aya salah anu ngaruksak kana maknana fatihah.
8. Bacaan fatihahna dina tingkah nangtung dina sholat fardu.
9. Bacaan fatihahna kudu kadenge ku dirina.
10. Bacaan fatihahna ulah kaselang ku dzikir anu sejen.

*_PASLUN
ARI SUNAT AB'AD SHOLAT ETA AYA 7
1. Tahiyat awal.
2. Diuk dina tahiyat awal.
3. Maca sholawat ka kangjeng Nabi Muhammad saw dina tahiyat awal.
4. Maca sholawat ka kulawargi Nabi Muhammad dina tahiyyat akhir.
5. Qunut.
6. Nangtung dina qunut.
7. Maca sholawat sareng salam ka Kangjeng Nabi Muhammad saw,sareng ka kulawargina kangjeng Nabi sareng
ka para sohabat Kangjeng Nabi dina qunut.

*_PASLUN
ARI SYARATNA SUJUD ETA AYA 7
1. Sujud ku 7 anggota,nyaeta tarang,,dua dampal leungeun, dua tuur,sapirang pirang dampal ramo dua suku.
2. Tarangna kudu di bukakeun.
3. Neueulkeun kana sirahna jalma.
4. Teu meunang ngoleak kana liana sujud.
5. Teu meunang sujud kana pakean anu usik ku usik manehna.
6. Ngaluhurkeun kanu handap,ngahandapkeun kanu luhur tegesna kudu nonggeng.
7. Tumaninah dina sujud.
*_PASLUN
ARI SABABNA SUJUD SAHWI ETA AYA 4.
1. Tinggal sawareh tina sapirang pirang sunat ab'ad na sholat atawa tinggal sawareh tina sawarehna sunat
ab'ad na sholat.
2. Migawe pagawean anu matak ngabatalkeun lamun ngahaja, teu matak ngabatalkeun lamun poho.
3. Mindahkeun rukun ucapan kana lian tempatna.
4. Nibakeun rukun bangsa pagawean sarta pantes leuwihna.

*_PASLUN
ARI SYARATNA JAMA TAQDIM ETA AYA 4.
1. Ngamimitian ku sholat anu ka 1.
2. Niat ngajama taqdimna dina sholat ka 1.
3. Tuluy tuluy antara sholat ka 1 jeung ka 2
4. Langgeng udzur na.

ARI SYARATNA JAMA TAQHIR ETA AYA 2.

1. Niat ngajama taqhirna dina waktu sholat ka 1.
2. Langgeng udzurna tepi ka tamat sholat ka 2.

*_PASLUN
ARI SYARATNA QOSOR ETA AYA 7
1. Nyabana kudu lalakon dua pamondokaneun.
2. Nyabana kudu anu diwenangkeun.
3. Kudu nyaho kana wenangna qosor.
4. Niat qosorna dina nalika takbirotul ikhrom.
5. Sholatna kudu anu bangsa 4 rokaat.
6. Langgeung nyabana tepi ka tamat sholat.
7. Jalma anu sholat qosor teu menang ngamum ka jalma anu sholat tamat.

*_PASLUN
ARI RUKUN NYOLATKEUN MAYIT ETA AYA 7
1. Niat.
2. Ku 4 takbiran.
3. . Nangtung ka anu kuat nangtung.
4. Maca fatihah.
5. Maca sholawat ka kangjeng Nabi Muhammad saw dina saenggeus takbir ka 2.
6. Ngaduakeun ka mayit dina saenggeus takbir ka 3.
7. Aweh salam.

BAB SAUM ROMADHON

SYARAT SHAHNA PUASA ETA AYA 6.
1. Islam.
2. Tamyiz.
3. Suci haid sareng nifasna
4. Niat saum fardu tiwengina.
Wajibna teh anggoeun saban dintena.
Unggal nIat saum fardu Sasih romdhon
Nawaetu sauma godin an fardi Romdhon.
5. Nahan tinu matak ngabatalkeun ti fajar dugi ka surup wayahnakeun.
6. Manjing waktuna atawa wujud sabab saum farduna.

ANU NGABATALKEUN KANA PUASA ETA AYA 10.

1. Aen dunya kumargi lebetna,sanaos alit sangaja kana jaopna,upami tina manfad nu kalebetna
2. Ngahaja utah,sanaos teu balik deui kana jaopna.
3. Ngahaja jima sanaos teu disarengan metu mani na.
4. Ngabijilkeun mani sanaos teu kalawan jima bijilna.
5. Gelo sanaos sakalintang sakedap gelona.
6. Kalengger, tikawitan fajar dugi ka surupna.
7. Bobor satacan nyata surupna.
8. Murtad,tina murtad ka Allah nuwun raksana.
9. Kadongkapan haid jeung nifas ,sanaos ba'da alkoh mudgoh bijilna.
10. Babar,sanaos teu disarengan baseuh babarna.

Sing saha ngahaja bobor dinten romdhon atawa hilap kana niat wengi romdon,maka kena waJib imsak ka
anjeuna saban saban dina sakantun dintena.
kitu deui jalma ku yaqin romdhona,poe katilu puluhna bulan sya'ban.

*_PASLUN
ARI PAHARAMAN KA JALMA ANU HAID ETA AYA 10,
1. Haram sholat.
2. Haram towaf.
3. Haram nyabak mushaf.
4. Haram mawa mushaf
5. Haram cicing di masjid.
6. Haram maca qur'an.
7. Haram puasa.
8. Haram di talak.
9. Haram ngaliwat ka jero masjid lamun sieun, urat aret eta getih ka masjid
10. Haram di alap suka Bujal jeung tuur

PAHARAMAN KA ANU PUASA .

1. Haram nyium rarangkulan,pami robah syahwatna ku kikituan.

SUNAH KA ANU PUASA

Sareng sunnah kanu saum enggal bobor,
Sareng upami ringan ku korma bobor.

Lamun sesah kunaon bae nu amis.

Teu dibakar mun teu aya cai tiis.

Ari mangan sahur sunnah diakhirkeun

Hadas gede memeh fajar dileungitkeun.

Sunnah nyeueurkeun du'a langkung utami

Waktos bobor ngadu"a anu sugemi.

Kedah seueur ngaos qur'an jeung sidekah

Salamina romdon nyeueurkeun barokah

Malah mandar hasil lailatul qodar

Khususiah umat Muhamad nu sadar.

Hiji amal kahadean langkung sae

Batan tilu puluh rebu nu sarae.

MAKRUH KA ANU PUASA

Makruh di patik,diserot disuntikan
Ngaheumheuman, ngarasaan kadaharan.

Mubalagoh ngingsreuk cai jeung kekemu

Nyium nalika sahwat
Henteu katimu.
Anu saum kudu tambah2 sae
Ngajauhan kahayangna naon bae.

Tetenjoan,dedengean,aangseuan
Cacabakan,titincakan kadaharan.

Sumawona bohong,ngupat,ngadu2
Pasea,pacokrek ngadu hayam adu.

Ari anu pikun,anu gering ripuh teu puasa bulan romdhon kudu nempuh
Saban sapoe sa emud di pidyahan teu wajib puasa teu wajib ngodoan.

Anu haid nu nipas eta diwjibkeun buka tapi wajib kudu dikodoan.

Anu keur nyaba jauh nyaba anu wenang bukana diperjalanan eta menang,
Najan manehna kuat puasa tapi lamun teu ripuh alus puasa.

Ari anu geuring henteu menang buka,kajaba mun tambah ripuh mun teu buka

Nu keur reuneuh,nu nyusuan lamun soak

Mudorot ka manehna tawa ka budak

Maka menang buka tapi wajib qodo.

Nu nyaba nu geuring cageur wajib qodo

Sing saha nu buka teu kalawan udur

Wajib qodo teu meunang di undur undur

Tapi.lamun sabab udur nu kasebut qodo na antare henteu gesat gesut

Tapi alus na mah buru2 bae

Enggal kana kasaean eta sae

Sing saha anu fot saum sasih romdhon

Margi udur ku rupi2 wagelan

Tuluy maot dina satacana

Imkan
Ngodoan anu fot tina saum romdhon

Kanu kitu henteu wajib naon2 teu wajib midyahan teu wajib ngodoan.

Lamun maotna eta saba'da imkan

Wajib di qodoan tawa di fidyahan

Di qodoan ku wali na difidyahan

Sapoe sa emud galib kakuatan

Ari qodo saum romdhon eta ulah ngalengkahan romdhon deui eta salah
Kajaba ku udur henteu imkan qodo
Mun qodo ngalengkahan wajib di denda

Ngalengkahan sa romdhon sapoena sa mud beas ditambah rejeung qodona

Ngalengkahan dua romdhon dua emud

Kitu bae saterusna bilangan mud
Anu reuneuh nu nyusuan
Buka ngarah ngabelaan orok kudu make fidyah.

*_PASLUN
ARI SAPIRANG- PIRANG NAJIS ETA 3 BAGIAN
1. Najis Mugoladoh tegesna najis anu dibeuratkeun hukuman nana.
2. Najis mukhofafah tegesna najis anu diringankeun hukuman nana.
3. Najis mutawassitoh tegesna najis anu pertengahan hukuman nana.

ARI NAJIS ETA AYA 20.

1. Cikiih
2. Madi kaluarna karena barobah sahwat.
3. Wadi kaluarna karena kacapean.
4. Tai.
5. Anjing.
6. Bagong.
7. Turunan anjing jeung bagong.
8. Mani na anjing jeung bagong.
9. Cai raheut/getih bonteng.
10. Pinanaheun.
11. Nanah buruk.
12. Hamperu.
13. Arak.
14. Utah.
15. Susuna hewan anu teu halal didahar.
16. Bangke, salian simeut/lauk/jelema
17. Getih anu gocor.
18. Gayeuman onta,sapi,munding.
19. Cai cenang.
20. Haseup najis.

*_PASLUN
ARI SAPIRANG-PIRANG ORAT ETA AYA 4
1. Oratna lalaki jeung amat hal na mutlak=di jero sholat jeung di luar sholat antara bujal jeung tuur
2. Ari orat awewe merdeka dina sholat eta sakabeh badana selain beungeut jeung 2 tampah.
3. Ari orat awewe merdeka jeung amat hareupeun pirang2 lalaki sejen eta sakabeh badan.
4. Orat na hurroh jeung amat nalika hareupeun mahram na, eta antara bujal jeung tuur.
HURROH nyaeta awewe merdeka.

*_PASLUN
ARI SABAB TAYAMUM ETA AYA 3.
1. Kusabab eweuh cai.
2. Kusabab geuring.
3. Kusabab butuh kana cai karana hanaangna hayawan anu dimulyakeunku syara.

ARI HAYAWAN ANU TEU DIMULYAKEUN KU SYARA ETA AYA 6.

1. Jalma anu tinggal sholat.
2. Jalma anu zinah muhson.
3. Jalma anu murtad.
4. Kafir harobi/kafir musuh.
5. Anjing galak.
6. Bagong.
*_PASLUN
ARI SYARATNA TAYAMUM ETA AYA 10
1. Tayamumna ku taneuh.
2. Taneuhn anu suci.
3. Teu aya taneuhna eta anu geus dipake (musta'mal)
4. Teu nyampuran kana eta taneuh,naon? Tipung jeung saumpa tipung.
5. Neja jalma kana taneuh.
6. Ngusap jalma,kana beungeutna jalma jeung kana 2 leungeuna jalma ku dua teunggeulan.
7. Ngaleungitkeun jalma kana najis mimitina.
8. Ijtihad jalma kana nganyahokeun kiblat tina samemeh tayamum.
9. Aya naon tayamumna eta tetep dina saenggeus manjing waktu.
10. Tayamun jalma pakeun saban hiji fardhu.

AQOID IMAN LANJUTAN

*Jeung deuih dauhan imam fudholi keneh,

Ari nganyahokeun kana sifat anu wajib di Gusti Allah anu 20 teh eta aya 2 jalana.
1. Wajib ijmal : tegesna wajib jumlahan nana
2. Wajib tafsil : tegesna wajib wincikan hiji hijina.
1) Naon ari ngaran wajib ijmal euh nyaeta :
Wajib ka sakabeh jalma mukalaf tegesna anu geus balegh sarta boga akal dilalaki jeung di awewe,kudu
nekadkeun ku patekadan anu pageuh.
# Yen wajib Gusti Allah kapersifatan ku sagemblengna sifat kasampurnaan.
# Mustahil Gusti Allah kapersifatan ku sagemblengna sifat kakurangan nyaeta lalawanan sifat
kasampurnaan.
2) Naon ari ngaran wajib Tafsil ,euh nyaeta:
Sifat anu 20 tea.
 Mana rupana sifat anu 20 teh. Euh nyaeta:
Wujud,qidam,baqo,mukholafatuh lilhawadisi, qiamuhu binafsihi
wahdaniat,qudrot,irodat,ilmu,hayat,sama,basor,kalam,qodiron,muridan,aliman,hayyan,sami'an,basiron,
mutakalliman.

 Ieu lalawana sifat anu 20 tea.

Adam,hudus,fana,mumasalatulilhawadisi,iftiqor bigoirihi,ta'addud,ajzun,karohah,jahlun,maot,somam,
'amaB bakam,ajizan,karihan,jahilan,mayitan,assomma,a'ma,abkama.

AQOID IMAN LANJUTAN

1. WUJUD tegesna wajib Gusti Allah aya.

^Mustahill ADAM tegesna euweuh.
*Ari dalilna anu nuduhkeun yen wajib Gusti Allah aya mustahil euweuh teh nyaeta aya na ieu sakabeh
mahluq.

2. QIDAM tegesna wajib Gusti Allah tiheula teu aya mimitina mustahil HUDUS tegesna anyar.
*Ari dalilna anu nuduhkeun yen wajib Gusti Allah tiheula teu aya mimitina mustahil anyar teh nyaeta lamun
dikira kirakeun Gusti Allah anyar maka pasti Gusti Allah butuh kanu nganyarkeun.
*Ari Gusti Allah butuh kanu nganyarkeun eta mustahil,sabab matak jadi DAOR atawa TASALSUL
^Ari hartina DAOR eta muih.
^Ari hartina TASALSUL eta rante rante.
Ari Gusti Allah daor jeung tasalsul eta mustahil.
Sareng deuih dauhan Allah taala dina al qur"an.
Aos taudz.
‫هواألول واآلخر‬
Huwal awwalu walakhiru
Makna na wallohu a'lam
Ari Gusti Allah eta anu tiheula teu aya mimitina jeung anu panderi teu aya tungtungna.
3. BAQO tegesna wajib Gusti Allah langgeng mustahil FANA tegesna rusak.
*Ari dalilna anu nuduhkeun yen wajib Gusti Allah langgeng musthil rusak teh nyeta lamun dikira kirakeun
Gusti Allah rusak maka pasti Gusti Allah apes
*Ari Gusti Allah apes eta mustahil.
Sareng dauhan Allah ta'ala dina alqur"an.
Aos taudz.
‫كل من عليهافان ويبقى وجه ربك ذواالجالل واإلكرام‬
Kulu man alaiha paann,
Wayabqo wajhu robbika dzulljalali walikroom.
Makna na wallohu a'lam

*Ari sakabeh mahluq anu aya di muka bumi ieu eta pasti bakal rusak kabeh jeung langgeng dzat pangeran
anjeun MUHAMMAD anu kagungan kaagungan sareng kamulyaan.

4. Muholafatulilhawadisi
Tegesna,wajib Gusti Allah beda jeung sakabeh anu anyar mustahil Mumasalah tegesna sarupa.
Ari dalilna anu nuduhkeun yen wajib Gusti Allah beda jeung sakabeh anu anyar mustahil sarupa teh nyaeta
lamun dikira kirakeun Gusti Allah sarupa maka pasti Gusti Allah apes.
Ari Gusti Allah apes eta mustahil.
Sareng dauha Gusti Allah dina al-qur'an
Aos taudz
‫ليس كمثله شيئ‬
Laisa kamislihi ssaiun
Maknana wallohualam
Teu aya hiji perkara anu nyarupaan ka Gusti Allah.

5. Qiamuhu binafsihi
Tegesna wajib Gusti Allah jumeneng ku anjeun mustahil iftiqor bigoirihi tegesna butuh kanu lian.
Ari dalilna anu nuduhkeun yen wajib Gusti Allah jumeneng ku anjeun mustahil butuh kanu lian teh, nyaeta
lamun dikira kirakeun Gusti Allah butuh kanu lian maka pasti Gusti Allah apes.Ari Gusti Allah apes eta
mustahil
Sareng deui dauhan Gusti Allah dina alqur'an
Aos taudz
‫هللا الاله إالهوالحى القيوم‬
Allahulailaha ila hualhayul qoyum
Maknana wallohu a'lam
Ari Gusti Allah eta teu aya deui pangeran anu wajib di ibadahan kajabi anjeuNA anu hirup tur jumeng ku
anjeuNA

6. Wahdaniat tegesna wajib Gusti Allah sahiji dina dzatna dina sifatna sareng dina padamelanana.mustahil
*Ta'addud tegesna bingbilangan.
Ari dalilna anu nuduhkeun yen wajib Gusti Allah sahiji dina dzatna,dina sifatna,sareng dina padamelanana
mustahil bingbilangan teh,nyaeta lamun dikira kirakeun Gusti Allah bingbilangan maka pasti Gusti Allah
apes.Ari Gusti Allah apes eta mustahil.
Sareng deui dauhan Allah ta,ala dina alqur'an
Aos taudz
‫قل هوهللا أحد‬
Kulhuwallohuahad
Maknana wallihua'lam
Ucapkeun ku anjeun Muhammad ari Gusti Allah eta anu sahiji.

7. Qudrot tegesna wajib Gusti Allah kawasa mustahil *ajzun tegesna apes.
Ari dalilna anu nuduhkeun yen wajib Gusti Allah kawasa mustahil apes teh nyaeta lamun dikira2eun Gusti
Allah apes maka pasti moal bukti ieu sakabeh mahluq.
Ari henteu bukti ieu sakbeh makhluq eta mustahil da geus bukti
Sareng deui dauhan Gusti Allah ta'ala dina alqur',an
Taudz
‫اعوذ‬. . .
‫إن هللا على كل شيئ قدير‬
Innallaaha 'alaa kulli syay-in Qodiir
Ma'nana walluhu a'lam
Sayaktosna Gusti Allah eta anu maha kawasa kana sagala perkara.

8. Irodat tegesna wajib Gusti Allah ngersakeun mustahil Karohah tegesna kapaksa.
Ari dalilna anu nuduhkeun yen wajib Gusti Allah ngersakeun mustahil kapaksa Teh
Nyaeta lamun dikira kirakeun Gusti Allah kapaksa maka pasti Gusti Allah apes ,ari Gusti Allah apes eta
mustahil.
Sareng deui dauhan ,Gusti Allah ta,'ala dina alqur'an
Taudz..
‫اعوذ‬. . .
‫فعال لمايريد‬
Pa'aalullimaaYuriid
Ma,nana wallohu a'lam
Ari Gusti Allah eta anu seueur midamelna kana naon naon anu dikersakeun ku anjeuNA.

9. Ilmu tegesna wajib Gusti Allah uninga mustahil Jahlun tegesna bodo.
Ari dalilna anu nuduhkeun yen wajib Gusti Allah uninga musthil bodo teh,nyaeta lamun dikira kirakeun Gusti
Allah bodo maka pasti Gusti Allah apes,ari Gusti Allah apes eta musthil.
Sareng deui dauhan Gusti Allah ta'ala dina alqur'an
Taudz..
‫أعوذ‬. . .
‫وكان هللا عليماحكيما‬
Wakaanallaahu
'aliiman hakiimaa.
Maknana wallohu a'lam

Jeung kabuktian ari Gusti Allah eta maha uninga tur maha bijaksana.

10. Hayat tegesna wajib Gusti Allan hiruf mustahil Mautun tegesna maot.
Ari dalilna anu nuduhkeun yen wajib Gusti Allah hirup mustahil maot teh nyaeta lamun dikira kirakeun Gusti
Allah maot maka pasti Gusti Allah apes,ari Gusti Allah apes eta musthil.
Sareng deui dauhan Allah ta'ala dina al qur'an
Taudz
‫هللا الاله إالهوالحى القيوم‬
Allahulailaha illa hual hayyul qoyyum
Ma'nana wallahu a'lam
Ari Gusti Allah eta teu aya deui pangeran anu wajib diibadahan kajabi anjeuNA anu hirup tur anu jumeneng
ku anjeuNA.

11. Sama' tegesna wajib Gusti Allah ngadangu mustahil Somam tegesna torek.

12. Basor tegesna wajib Gusti Allah ninggali mustahil Ama' tegesna lolong.
Ari dalilna anu nuduhkeun yen wajib Gusti Allah ngadangu jeung ninggali mustahil torek jeung lolong
teh,nyaeta lamun dikira kirakeun Gusti Allah torek jeung lolong maka pasti Gusti Allah apes ari Gusti Allah
apes eta mustahil.
Sareng deui dauhan Allah ta'ala dina al qur"an
Taudz
‫وهو السميع البصير‬

Wahua ssami'ul basir

Ma'nana wallahua'lam
Ari Gusti Allah eta anu maha ngadangu tur anu maha ninggali.
13. Kalam tegesna wajib Gusti Allah dadauh mustahil Bakam tegesna pireu .
Ari dalilna anu nuduhkeun yen wajib Gusti Allah dadauh musthil pireu teh.nyaeta lamun dikira kirakeun Gusti
Allah pireu ,maka pasti Gusti Allah apes,ari Gusti Allah apes eta mustahil.
Sareng deui dauhan Allah ta'ala dina alqur'an
Taudz
‫وكلم هللا موسى تكليما‬
WaKallamullohu musa taklima
Ma'nana wallohua'lam
Sareng parantos dadauh Gusti Allah ka.kangjeng Nabi Musa kalawan dadauh temenan.

14. Kaunuhu qodiron tegesna wajib ayana Gusti Allah eta anu kawasa mustahil Kaunuhu ajizan tegesna mustahil
ayana Gusti Allah eta anu apes.
Ari dalilna anu nuduhkeun yen wajib ayana Gusti Allah anu kawasa mustahil ayana Gusti Allah anu apes teh
nyaeta dalilna sifat qudrot.

15. Kaunuhu muridan tegesna wajib ayana Gusti Allah eta anu ngersakeun mustahil Kaunuhu Karihan tegesna
mustahil ayana Gusti Allah eta anu kapaksa.
Ari dalilna anu nuduhkeun yen wajib ayana Gusti Allah eta anu ngersakeun mustahil ayana Gusti Allah anu
kapaksa teh, Nyaeta dalilna sifat irodat.

16. Kaunuhu Aliman tegesna wajib ayana Gusti Allah eta anu uninga,mustahil Kaunuhu jahilan tegesna
mustahil wajib ayana Gusti Allah eta anu bodo.
Ari dalilna anu nuduhkeun yen wajib ayana Gusti Allah eta anu uninga mustahil ayana Gusti Allah eta anu
bodo teh,nyaeta dalilna sifat Ilmu.

17. Kaunuhu Hayan tegesna wajib ayana Gusti Allah eta anu hirup.mustahil Kaunuhu mayitan tegesna mustahil
ayana Gusti Allah eta anu maot.
Ari dalilna anu nuduhkeun yen wajib ayana Gusti Allah eta anu hirup mustahil ayana Gusti Allah eta anu
maot teh, nyaeta dalilna sifat Hayat.

18. Kaunuhu Sami'an tegesna wajib ayana Gusti Allah eta anu ngadangu mustahil Kaunuhu Asomma tegesna
mustahil ayana Gusti Allah eta anu torek.
Ari dalilna anu nuduhkeun yen wajib ayana Gusti Allah eta anu ngadangu mustahil ayana Gusti Allah eta anu
torek teh . Nyaeta dalilna sifat Sama'.

19. Kaunuhu Basiron tegesna wajib ayana Gusti Allah eta anu ninggali mustahil Kaunuhu A'ma tegesna mustahil
ayana Gusti Allah eta anu lolong.
Ari dalilna anu nuduhkeun yen wajib ayana Gusti Allah eta anu ninggali mustahil ayana Gusti Allah eta anu
lolong teh,nyaeta dalilna sifat basor.

20. Kaunuhu Mutakaliman tegesna wajib ayana Gusti Allah eta anu dadauh.mustahil Kaunuhu Abkama tegesna
mustahil ayana Gusti Allah eta anu pireu.
Arih dalilna anu nuduhkeun yen wajib ayana Gusti Allah eta anu dadauh mustahil ayana Gusti Allah eta anu
pireu teh, nyaeta dalilna sifat Kalam.

AQOID IMAN
 Ari sifat anu wajib di Gusti Allah anu 20 teh eta kabagi 4 bagian
1. Sifat Nafsiyah nyaeta sifat wujud.
2. Sifat salabiyah nyaeta sifat qidam ,baqo,muholafatulilhawadisi,qiamuhu binafsihi,wahdaniat.
3. Sifat ma'ani nyaeta sifat qudrot,irodat,ilmu,hayat,Sama',basor,kalam.
4. Sifat ma'nawiyah nyaeta sifat kaunuhu qodiron,kaunuhu muridan,kaunuhu aliman,kaunuhu hayan ,kaunuhu
sami'an,kaunuhu basiron,kaunuhu mutakaliman.

 Ari sifat anu wenang di Gusti Allah anu 1 nyaeta.

‫فعل كل ممكن او تركه‬
Pi"lu kulli mumkinin au tarkuhu.
Hartina. Midamel saban2 anu mumkin atawa teu midamel.

 Ari sifat anu wajib ti para rosul anu 4 nyaeta.

1. Sidqun tegesna wajib para rosul bener. Mustahil Kidzbun tegesna mustahil para rosul bohong.
2. Amanatun tegesna wajib para rosul kapercaya mustahil Hianatun tegesna mustahil para rosul cidra.
3. Fatonatun tegesna wajib para rosul calakan mustahil Baladatun tegesna mustahil para rosul belet.
4. Tabligun tegesna wajib para rosul ngadugikeun mustahil Kitmanun tegesna mustahil para rosul
nyumputkeun.

 Ari wenang ti para rosul anu 1 teh nyaeta

‫االءعراض البشرية التي ال تؤدي الي نقص‬

Al a"roodul basariyatul llati la tuadi ila naqsin.

Hartina.
Sapirang2 sifat kamanusaan anu teu ngurangan kana sifat kasampurnaan.

Anda mungkin juga menyukai