Anda di halaman 1dari 31

MUQODIMAH

َ ‫صاَل ةُ َوال َّساَل ُم َعلَى َسيِّ ِدنَا ُم َح َّم ٍد َو َعلَى اَلِ ِه َو‬
‫صحْ بِ ِه‬ َّ ‫اَ ْل َح ْم ُد هَّلِل ِ َربِّ ْال َعالَ ِم ْينَ َوال‬
‫اَجْ َم ِع ْينَ اَ َّمابَ ْع ُد فَيَا اَيُّهَاالنًّاسُ اِتَّقُوْ اهللا‬
Kalayan pitulung Allah SWT, disarengan muji ka mantena alhamdulillah
simkuring parantos tiasa nyundakeun kitab safinatunnaja ngikuti sakumaha
leterelek matan.
Nu diharep mudah-mudahan janten jalan kagampilan khususna kanu
nembe dialajar kanggo tiasa memahami eusi kitab safinatunnaja nukacida
munelna kanggo nungtun dasar-dasar ibadah.
Namung ka saha bae nu ningalian ieu seratan teras mendak nu lepat,
boh seratan nana atanapi maksudna, pamugi rido manah kanggo ngaleresken
nana, sukur upami langsung hubungan ka sim abdi anu nyeratna dina nomor
085-223-282-537

Darul Huda, 30 September 2020 M


13 Shofar 1442 H
Penyusun

Dede Moch Ridwan

KITAB SAFINATUNNAJA
Halaman | 1
Kalawan neda pitulung ka dzat nu dinamian Allah, numaha welas allah, tur
numaha asih allah ngawitan abdi ngaos kana ieu kitab.

ِ ‫بِس ِْم هللاِ الرَّحْ َم ِن الر‬


‫َّحي ِْم‬
َ‫اَ ْل َح ْم ُد هَّلِلا ِ َربِّ ْال َعا لَ ِم ْين‬
Ari sadaya puji eta kagungan alah nu mangeranan sadaya alam

‫َوبِ ِه نَ ْست َِعي ُْن َعلَى اُ ُموْ ِرال ُّد ْنيَا َوال ِّدي ِْن‬
Ka allah wungkul abdi sadaya nyuhunken pitulung tentang urusan dunya
sareng urusan agama.

َ‫صلَّى هللاُ َعلَى َسيِّ ِد نَا ُم َح َّم ٍد خَات ٍَم النَّبِيِّن‬


َ ‫َو‬
Sareng muga maparin rohmat allah ka gusti urang sadaya kanjeng nabi
Muhammad nu jadi panungtungan para Nabi sadayana.

‫َواَل َحوْ َل َواَل قُ َّوةَ اِاَّل ِباهللِ ْال َعلِ ِّي ْال َع ِظي ِْم‬
Teu aya daya upaya piken ngalakonan bakti ka allah, sareng teuaya kakauatan
piken ngajauhan ma’siat ka allah, anging ku pitulung allah nu maha luhur tur
nu maha agung.

PASAL MERTELAKEUN RUKUN ISLAM

Ari rukun islam eta aya lima

1. Syahadat : nyaksian bahwa sabenerna teu aya deui pangeran salian


Allah, jeung nyaksian saleresna kanjengnabi Muhammad eta ustusan
Allah.
2. Ngadegken sholat
3. Miken jakat
4. Puasa dina bulan romadhon
5. Munggah haji ka baitullah ka jalma nu kawasa di jalana

PASAL MERTELAKEUN RUKUN IMAN

Halaman | 2
Ari rukun iman eta aya 6 :

1. Iman Ka Allah
2. Iman Ka Malaikat Allah
3. Iman Ka Kitabna allah
4. Iman Ka Rosulna Allah
5. Iman Kana poe akhir
6. Iman kana pamasti sae awon tigusti allah

PASAL MERTELAKEN MA’NA ِ‫اَل اِلَهَ اِاَّل هللا‬


Ari ma’na lafad ِ‫ اَل اِلَهَ اِاَّل هللا‬eta teu aya nu di ibadahan kalawan sabenerna dina
ayana anging gusti allah. Susunan Kalimah Toyibah :
Di dieu kieu ayena abdi tapak damel Allah ‫الاله االهلل ال موجود اال هللا‬
Na damel allah nu ieu abdi bakti ka dzat Allah ‫الاله االهلل ال معبود اال هللا‬
Dipidamel padamelan pedah parentah dzat Allah ‫الاله االهلل ال مطلوب اال هللا‬
Dipidamel padamelan malar ridhona dzat Allah ‫الاله االهلل ال مقصود اال هللا‬
PASAL MERTELAKEN CIRINA BALEG

Ari Ciri baleg eta aya 3

1. Sampurna umur 15 tahun di lalaki jeng di awewe


2. Bijil mani atawa ngimpi jima di lalaki jeung di awewe karena ges umur
9 tahun
3. Kaluar haid di awewe wungkul karena ges umur 9 tahun

PASAL MERTELAKEN SYARAT SUSUCI KU BATU

Ari syarat cukupna susuci ku batu eta aya 8 :

1. Kudu ku 3 batu atawa ku tilu juru


2. Kudu nepika bersih tempatna
3. Ulah waka garing najisna
4. Ulah waka pindah tina tempat kaluarna
5. Ulah kadatangan ku najis sejen
6. Ulah waka ngaliwat kana bujur atawa dzakar
7. Ulah waka kakenaan cai
8. Batuna kudu suci
Halaman | 3
Catatan : “Nu dimaksud batu nyaeta sakur anu kasap sanajan lain batu”

PASAL MERTELAKEN PARDU WUDHU

Ari pardu wudhu eta aya 6

1. Niat
2. Ngumbah raray
3. Ngumbah panangan dua serta sikuna
4. Ngusap saetik tina sirah
5. Ngumbah sampean dua serta mumuncangan nana
6. Tartib
“Ari ngaran tartib nyaeta ngahelaken nu kudu tihela manderiken
nukudu panderi”

PASAL MERTELAKEUN NIAT


Ari ngaran niat nyaeta ngamaksud hiji perkara bari dibarengan ku
migawena, ari tempatna niat eta dina hate, ari ngucapken niat eta hukumna
sunat, ari waktuna niat dina wudhu eta nalika ngumbah mimitina juz tina
raray. Ari ngaran tartib nyaeta ngahelaken nu kudu tihela manderiken nukudu
panderi
PASAL MERTELAKEUN CAI

Ari cai eta kabagi dua : 1) Aya cai saetik 2) Aya cai loba. Ari cai saetik
nyaeta cai anu kurang tidua kulah. Ari cai loba nyaeta cai dua kulah atawa
lewih. Ari cai saetik eta jadi mutanajis kusabab karagragan najis sanajan te
barobah. Ari cai loba eta te jadi mutanajis kecuali dimana barobah rasana,
rupana, sareng ambena.

PASAL MERTELAKEUN ANU NGAWAJIBKEN KANA ADUS

Ari nu ngawajibken kana adus eta aya 6:

1. Ngasupken hasafah kana farji


2. Kaluar mani
3. Haid
Halaman | 4
4. Nifas
5. Ngajuru / ngalahirken
6. Maot

PASAL MERTELAKEUN PARDU ADUS

Ari fardu adus eta aya 2 :

1. Niat
2. Ngawalatraan badan ku cai

PASAL MERTELAKEUN SYARAT WUDHU

Ari syarat wudhu eta aya 10 :

1. Islam
2. Hideung
3. Bersih tina haid jeung tina nifas
4. Bersih tina perkara nu ngahalangan nepina cai kana kulit
5. Ulah aya dina anggahota perkara nungarobahken cai
6. Apal kana kafaduan wudhu
7. Fardu ulah ditekadken sunat
8. Caina anu nyuciken
9. Asup waktu
10. Tuluy-tuluy, nomor salapan sareng sapuluh nisbat ka jalma anu
langgeng hadast.

PASAL MERTELAKEN NU NGABATALKEN WUDHU

Ari nu ngabatlaken kana wudhu eta aya 4 :

1. Aya nu kaluar tina salahsahiji palawangan 2 tina kubul atawa dubur


boh angin atawa liana, kecuali cai mani
2. Lengit akal kusabab sare atawa liana kecuali sare nu bari calik
nunetepken bujurna kana pangcalikan nana
3. Paantel kulit pameget sareng istri anu pada gede duanana, sejen
duanana bari temake hahalang
Halaman | 5
4. Nyabak kubul atawa dubur bangsa jalma kudampal panangan atawa
ku dampal ramo-ramo.

PASAL MERTELAKEUN PAHARAMAN KA JALMA NUBATAL WUDHU

Jalma nu batal wudhu haram opat rupa

1. Haram sholat
2. Haram thowaf
3. Haram nyabak qur’an
4. Haram mawa qur’an

PAHARAMAN KA JALMA ANU JUNUB

Haram ka jalma anu junub 6 rupa :

1. Haram sholat
2. Haram thowaf
3. Haram nyabak qur’an
4. Haram mawa qur’an
5. Haram Cicing dijero masjid
6. Haram maca qur’an

PAHARAMAN KA JALMA NU HAID

Haram ka jalma nu haid 10 rupa :

1. Haram sholat
2. Haram thowaf
3. Haram nyabak qur’an
4. Haram mawa qur’an
5. Haram Cicing dijero masjid
6. Haram maca qur’an
7. Haram puasa
8. Haram di tolaq
9. Haram ngaliwat ka masjid mun sieun ngeclakna getih
10. Haram dialapsuka antara bujal jeug tuur.

Halaman | 6
PASAL MERTELAKEUN SABAB-SABAB TAYAMUM

Ari sabab - sabab tayamum eta aya 3 :

1. Kusabab te aya cai


2. Kusabab gering
3. Kusabab Mikabutuh kana cai karena dahagana hayawan nu
dimulyaken ku syara

Ari hayawan anu teu dimulyaken ku syara eta aya 6 :

1. Jalma anu tinggal sholat


2. Jalma anu jinah muhson
3. Jalma murtad
4. Jalma kafir anu ngamusuh
5. Anjing galak
6. Babi

PASAL MERTELAKEUN SYARAT TAYAMUM

Ari syarat tayamum eta aya 10 :

1. Kudu ku taneh
2. Tanehna anu suci
3. Tanehna ulah kurut make
4. Ulah kacampuran tipung atawa bangsana
5. Tanehna dimaksud
6. Ngusap rarai sareng panangan ku dua cokotan
7. Lengitken hela najis dina samemehna
8. Hati-hati dina madep kiblat
9. Tayamumna saba’da asup waktu
10. Tayamumna piken setiap fardu

PASAL MERTELAKEUN KAWAJIBAN DINA TAYAMUM

Ari kawajiban/fardu tayamum eta aya 5 :

1. Mindahken taneh
Halaman | 7
2. Niat
3. Ngusap rarai
4. Ngusap panangan 2 nepika sikuna
5. Tertib antara dua usapan.

Niat Tayamum

‫نويت التيمم الستباحة فرض الصالة فرضا هلل تعالى‬


“Niat abdi tayamum karena ngamenangken sholat, fardu karena allah ta’ala”

PASAL MERTELAKEUN NGABATALKEN TAYAMUM

Ari nungabatalken tayamum eta aya 3 :

1. Setiap nungabatalken wudhu


2. Murtad
3. Nyangka aya cai, mun tayamumna kusabab teu aya cai.

PASAL MERTELAKEUN NAJIS NU BISA JADI SUCI

Ari najis anu bisa jadi suci eta aya 3:

1. Arak dimana-mana jadi cuka kudirina


2. Kulit bangke dimana disamak
3. Perkara najis nu jadi hayawan.

PASAL PEMBAGIAN NAJIS

Ari najis eta aya 3 :

1. Najis mugoladzoh (diberatken hukumna)


2. Najis mukhofafah (dihampangken hukumna)
3. Najis mutawasitoh (pertengahan hukumna)
 Ari najis mugholadzoh eta najis anjing sareng babi sareng anak-anakna
 Ari najis mukhofafah eta cipapang budak pameget anu can ngadahar
salianti ci susu jeng can nepi umurna kana dua tahun
 Ari najis mutawasitoh eta sasesana pirang-pirang najis.
Halaman | 8
PASAL MERTELAKEUN CARA NYUCIKEUN NAJIS

 Ari najis mugoladzoh eta bisa suci ku tujuh kumbahan, saba’da lengit
jentulna bari salasahijina make taneh
 Ari najis mukhofafah eta bisa suci ku ngepretken cai kana eta najis
serta walatra, jeung lengit jentulna.
 Ari najis mutawasitoh eta kabagi dua :
a. Mutawasitoh bangsa ainiyah : nyaeta najis nuaya rupaan, aya
ambeuan, aya rasaan. Cara nyucikeun nana kudu lengit rupana,
bauna, sareng rasana.
b. Mutawasitoh bangsa hukmiyah : nyaeta najis nu ges teaya
rupaan, teu aya ambeuan, teu aya rasaan. Cara nyucikeunanana
cukup dikocorken cai kana eta najis.

PASAL MERTELAKEUN WAKTU HAID

Ari pangsaeutikna jaman haid eta sapoe sapeting ukuran 24 jam. Ari galibna
jaman haid eta 6 poe atawa 7 poe. Ari lolobana jaman haid eta 15 poe 15
peting.

Ari pangsaeutikna jaman suci dianatara dua haid eta 15 poe, ari galibna jaman
suci eta 24 poe, ari seerna jaman suci eta teu aya bateusannana .

Ari pangsaeutikna jaman nifas eta sagejrotan, ari galibna jaman nifas eta 40
poe, ari seerna jaman nifas eta 60 poe.

PASAL MERTELAKEUN UDZUR SHOLAT

Ari udzur sholat eta aya 2 :

1. Kusabab sare
2. Kusabab Poho

PASAL MERTELAKEUN SYARAT SHOLAT

Ari syarat sholat eta aya 8 :

1. Suci tina hadast 2

Halaman | 9
2. Suci tina najis, dina pakean, dina badan sareng dina tempat
3. Nutupan aurat
4. Madep kiblat
5. Asup waktu
6. Apal kana kafarduan sholat
7. Fardu ulah ditekadken sunat
8. Ngajauhan nu ngabatalken kana sholat.

PATOKAN SYARAT

‫ماوجب و استمر‬
“Perkara nuwajib serta mayeng”
‫ عليها صحة الصالة وليست منها‬M‫ماتتوقف‬
“Perkara nu didagoan ku sahna sholat tapi lain tina sholat”

PEMBAGIAN HADAST

Ari hadast eta aya 2 :

1. Hadast leutik
2. Hadas geude

Ari hadast leutik nyaeta nu ngawajibken kana wudhu. Ari hadas gede nyaeta
nungawajibken kana adus

PEMBAGIAN ORAT

Ar orat eta aya 4 :

1. Orat lalaki (antara bujal sareng tuur)


2. Orat amat dina ker sholat antara bujal sareng tuur.
3. Orat istri merdeka dina ker sholat sakabeh badan salianti rarai jeng
dampal panangan.
4. Orat istri merdeka jeung amat nalika caketen lalaki sejen sakabeh
badan, nalika caketen mahramna atawa istri deui antara bujal sareng
tuur.

Halaman | 10
PASAL MERTELAKEUN RUKUN SHOLAT

Ari rukun sholat eta aya 17 :

1. Niat
2. Takbirotul ikhrom
3. Ngadeg
4. Maca fatihah
5. Ruku
6. Tumaninah dina ruku
7. I’tidal
8. Tumaninah dina i’tidal
9. Sujud
10. Tumaninah dina sujud
11. Calik antara sujud dua
12. Tumaninah na calik antara sujud dua
13. Tasyahud akhir
14. Calik dina tasyahud akhir
15. Maca sholawat ka nabi dina tasyahud akhir
16. Maca salam
17. Tartib

Rukun Sholat kabagi 3 :

1. Rukun Qolbiyah jumlahna hiji nyaeta niat


2. Rukun Qouliyah jumlahna lima nyaeta takbirotul Ikhrom, fatihah,
tasyahud, sholawat ka Nabi dina tasyahud akhir, maca salam
3. Rukun Fi’liyah jumlahna sabelas nyaeta ngadeg, ruku, tumanihna,
i’tidal, tumaninahna, sujud, tumaninahna, calik antara sujud dua,
tumaninahna, calik tasyahud akhir, sareng tartib

Patokan Rukun
‫ماوجب وانقطع‬
“Perkara nu wajib serta narima pegat”

PASAL MERTELAKEUN NIAT SHOLAT

Halaman | 11
Ari niat dina sholat eta aya 3 tingkatan :

1. Lamun dina sholat fardu nu wajib asup dina niat aya tilu rupa
a. Maksud migawe nyebut ‫اصلى‬
b. Nangtuken sholatna nyebut dzuhur atawa asar
c. Nyebut fardu
2. Lamun sholatna sunat nu diwaktu-waktu saperti sholat rawatib atawa
sholat sunat nu boga sabab saperti tahiyatul masjid maka wajib asup
dina niat 2 rupa
a. Maksud migawe
b. Nangtuken sholatna
3. Lamun sholatna sunat mutlaq atawa nu teboga ngaran nu wajib asup
dina niat ngan sarupa nyaeta maksud migawe

PASAL MERTELAKEUN SYARAT TAKBIROYUL IKHROM

Ari syarat takbirotul ikhrom eta aya 16 :

1. Kudu nalika ngadeg dina sholat fardu


2. Kudu ku bahasa arab
3. Kudu ku lafadz Allah
4. Jeng ku lafadz Akbar
5. Tartib diantara dua lafadz
6. Ulah manjangken hamzah lafadz Allah
7. Ulah manjangken ba lafadz Akbar
8. Ulah nasydidan ba
9. Ulah namabahan wau anu sukun atawa nu dibarisan dianatara dua
kalimah
10. Ulah nambahan wau memeh lafadz Allah
11. Ulah cicing diantara dua kalimah takbir, rek lila atawa sakedeng
12. Kudu kadangu kudirina sakabeh huruf takbir
13. Kudu ges asup waktu dina sholat anu diwaktu-waktu
14. Nibaken takbir kudu ges madep kiblat
15. Ulah ngaruksak huruf-huruf takbir
16. Takbirotul ihromna ma’mum kudu panderi tina takbirotul ihromna
imam.
Halaman | 12
PASAL MERTELAKEUN SYARAT MACA FATIHAH

Ari syarat fatihah eta aya 10 :

1. Kudu tartib (Nyusun)


2. Kudu tuluy-tuluy (Teu kaheuleut)
3. Kudu ngaraksa huruf fatihah nu jumlahna 138
4. Kudu ngaraksa tasydidna fatihah nu jumlahna 14
5. Ulah cicing anu lila atawa anu sakedeng nu ngamaksud megatken
bacaan
6. Kudu maca sakabeh ayatna termasuk basmalah
7. Ulah cacadelan nu ngaruksak ma’na
8. Maca fatihah kudu nalika ngadeg dina sholat fardu
9. Kudu kadangu kudirina sakabeh bacaan
10. Ulah kaheuleut kud dzikir anu sejen.

Catatan : cara eureun dina maca fatihah aya lima jalan :


1. Tiasa 7x eren nyaeta saayat-saayat
2. Tiasa 3x eren nyaeta tina ‫ بسم‬nepi kana ‫اياك‬ .‫ الدين‬nepika ‫اهدنا‬. ‫نستعين‬
nepika ‫الضالين‬
3. Tiasa 4x eren nyaeta nu tilu tadi ngan dina bismilahna euren hela
4. Tiasa 8x eren nyaeta tujuh kali euren tambah dina ‫ عليهم‬ka hiji euren
5. Tiasa sakali eren nyaeta ti mimiti awal nepika akhir teu ngarenghap

PASAL TASYDID FATIHAH

Ari tasydid fatihah eta aya 14 :

1. Luhuren lam lafadz Allah


2. Luhuren Ro Lafadz Ar-rahman
3. Luhuren ro lafadz Ar-Rohim
4. Luhuren lam lafadz Lillahi
5. Luhuren ba lafadz Robbi
6. Luhuren ro lafadz Ar-Rahman
7. Luhuren ro lafadz Ar-Rahim
8. Luhuren dal lafadz Yauminddin
Halaman | 13
9. Luhuren iya lafadz Iyyakana’budu
10. Luhuren iya lafadz Iyyakanasta’in
11. Luhuren shod lafadz Assirotho
12. Luhuren lam lafadz Alladzina
13. Luhuren Dhod
14. Luhuren lam lafadz Walladhollin

PASAL MERTELAKEUN SUNAT NGANGKAT PANANGAN

Sunat ngangkat dua panagan dina sholat dina 4 tempat :

1. Nalika takbirotul ikhrom


2. Nalika rek ruku
3. Nalika rek i’tidal
4. Nalika ngadeg tina tasyahud awal

PASAL MERTELAKEUN SYARAT SUJUD

Ari syarat sujud eta aya 7 :

1. Kudu sujud kana 7 anggahota nyaeta : 1 tarang, 2 dampal panagan


Katuhu, 3 dampal pangan kenca, 4 tuur Katuhu, 5 tuur kenca, 6
dampal ramo-ramo samepan katuhu, 7 dampal ramo-ramo sampean
kenca.
2. Tarangna kudu terbuka
3. Kudu ngaberatken kana sirahna
4. Ulah turun salianti rek sujud
5. Ulah sujud kana perkara nukabawa usik
6. Ngaluhurken bujurna ngahandapken sirahna
7. Tumaninah dina sujud.

KHOTIMAH MRTELAKEUN ANGGAHOTA SUJUD


Halaman | 14
Ari anggahota sujud eta aya 7 :

1. Tarang
2. Dampal pananngan katuhu
3. Dampal panangan kenca
4. Tuur katuhu
5. Tuur kenca
6. Dampal ramo sampean katuhu
7. Dampal ramo sampean kenca

TASYDID TASYAHUD

Ari tasydid tasyahud eta 21, nu lima di itung pang sampurnana, nu 16 diitung
pang saetikna. Ari nu 21 nyaeta :

ُ ‫اَلتَّ ِحي‬
1. Luhuren ‫ تاء‬lafadz ‫َّات‬
ُ ‫اَلتَّ ِحي‬
2. Luhuren ‫ اياء‬lafadz ‫َّات‬
ُ ‫صلَ َو‬
3. Luhuren ‫ صاد‬lafadz ‫ات‬ َّ ‫ال‬
ُ َ‫الطَّيِّب‬
4. Luhuren ‫ طاء‬lafadz ‫ات‬
ُ َ‫الطَّيِّب‬
5. Luhuren ‫ اياء‬lafadz ‫ات‬
6. Luhuren ‫ الم‬lafadz ‫للهةت‬
7. Luhuren ‫ سين‬lafadz ‫سالَ ُم‬
َّ ‫ال‬
8. Luhuren ‫ اياء‬lafadz ‫ايهاالنبي‬
9. Luhuren ‫ نون‬lafadz ‫ايهاالنبي‬
10. Luhuren ‫ اياء‬lafadz ‫ايهاالنبي‬
11. Luhuren ‫ الم‬lafadz ‫ورحمةالله‬
12. Luhuren ‫ سين‬lafadz ‫السالم‬
13. Luhuren ‫ الم‬lafadz ‫عبا داهلل‬
14. Luhuren ‫ صاد‬lafadz ‫الصالحين‬
15. Luhuren ‫ الم‬lafadz ‫ان الاله‬
16. Luhuren ‫ الم‬lafadz ‫اال‬
17. Luhuren ‫ الم‬lafadz ‫هللا‬
Halaman | 15
18. Luhuren ‫ نون‬lafadz ‫ان‬
19. Luhuren ‫ ميم‬lafadz ‫محمدا‬
20. Luhuren ‫ راء‬lafadz ‫محمد رسول هللا‬
21. Luhuren ‫ الم‬lafadz ‫محمد رسول هللا‬

PENJELASAN :NU TASYDIDNA 16 NGABUANG KALIMAH

‫ المباركات‬,‫ الصلوات‬,‫ الطيبات‬Jeung alif elam dina lafadz ‫ السالم‬dibaca ‫سالم‬


PASAL TASYDID PANGSAEUTIKNA SHOLAWAT

Ari tasydid pangsaeutikna maca sholawat kanabi eta aya 4 :

1. Luhuren ‫ الم‬lafadz ‫اللهم‬


2. Luhuren ‫ ميم‬lafadz ‫اللهم‬
3. Luhuren ‫ الم‬lafadz ‫صل‬
4. Luhuren ‫ ميم‬lafadz ‫على محمد‬

PASAL TASYDID PANGSAEUTIKNA SALAM.

Ari pangsaeutikna salam eta lafadz ‫السالم‬ ‫عليكم‬tasydidna luhuren sin


PASAL MERTELAKEUN WAKTU SHOLAT FARDU

Ari waktu sholat fardu eta aya 5 :

1. Waktu Dzuhur nyaeta: Timimiti lingsirna panon poe, akhirna waktu


dzuhur jadina kalangkang hiji perkara saperti nudikalangkanagan
nana salianti kalangkang manceran.
2. Waktu Asar nyaeta: Timimiti jadina kalangkang sakabeh perkara
saperti nudikalangkangannana ngan leuwih saetik, akhirna waktu asar
surup panon poe.
3. Waktu Magrib nyaeta : Timimiti suruf panon poe, akhirna waktu
magrib suruf mega berem
Halaman | 16
4. Waktu Isya nyaeta : Timimiti surupna mega berem, akhirna waktu isya
bijil fajar shodiq
5. Waktu Subuh nyaeta : Timimiti bijil fajar shodiq, akhirna waktu subuh
bijil panon poe.
A. Catatan : Ari Mega eta aya 3 :
1. Mega berem
2. Mega koneng
3. Mega bodas
“Mega berem nuduhken waktu magrib, mega koneng sareng mega
bodas nuduhken waktu isya”
B. Catatan : sunat ngakhirken sholat isya nepika suruf mega koneng jeng
mega bodas karena aya ulama nu ngawajibken.

PASAL MERTELAKEUN WAKTU NU HARAM DIPAKE SHOLAT

Haram sholat nu teboga sabab nu mihelaan atawa sabab nu ngabarengan, dina


5 waktu

1. Nalika biji panon poe nepika luhur saukuran satumbak


2. Nalika manceran salianti poe jumaah nepika lingsir
3. Nalika kararoneng panon poe nepika surup
4. Saba’da sholat subuh nepika bijil panon poe
5. Saba’da sholat asar nepika surup panon poe

Catatan :

a. Nudimaksud sholat nuteboga sabab nyaeta sholat sunat mutlaq


b. Conto sholat nu boga sabab tiheula saperti sholat qodho atawa
sholat nu dinadzarken atawa sholat mu’adah atawa sholat jenazah
atawa sujud sukur atawa tilawah
c. Conto sholat nu boga sabab nungabarengan saperti sholat istisqo,
sareng sholat samagaha
d. Conto sholat nu boga sabab panderi saperti sholat istikhoroh,
sholat safar, sareng sholat ihrom.

Bagean a sareng d nutemenang dipigawe dina 5 waktu nu tadi

Halaman | 17
PASAL MERTELAKEUN ISTIRAHAT DINA SHOLAT

Sunat repeh dina sholat dina 6 tempat

1. Antara takbirotul ikhrom sareng du’a iftitah


2. Antara du’a iftitah sareng maca taudz
3. Antara maca ta’udz sareng maca fatihah
4. Antara tung-tung fatihah sareng amin
5. Antara amin sareng suroh
6. Antara suroh sareng ruku.

PASAL MERTELAKEUN RUKUN NU WAJIB TUMANINAH

Ari rukun nuwajib tumaninah eta aya 4 :

1. Ruku
2. I’tidal
3. Sujud
4. Calik antara sujud dua

“Ari ngaran tumaninah nyaeta cicing saba’da usik kusakira narima tetep
sakabeh anggahota dina tempatna ku ukuran maca subhanallah”

Catatan : Sanajan dinu 4 tadi teu aya bacaan wajib, tapi makruh ninggalken
bacaan nu geus sumping ti Nabi.

PASAL MERTELAKEUN SABAB-SABAB SUJUD SAHWI

Ari sabab sujud sahwi eta aya 4 :

1. Ninggalkeun sawareh tina sunat ab’ad sholat anu 7, atawa ninggalkeun


sawareh tina sawarehna sunat ab’ad saperti ninggakeun qunut atawa
sawareh tina qunut.
2. Migawe perkara nu mantak batal ngahajana, temantak batal pohona
mun dipigawena karena poho, saperti manjangkeun rukun nu kudu
pondok nyaeta i’tidal jeung calik antara sujud dua
3. Mindahkeun rukun ucapan kana lianti tempatna, saperti maca fatihah
dina tasyahud atawa bangsana.
Halaman | 18
4. Migawe rukun pagawean serta pantes jadi panambah saperti mang-
mang dina rokaat sholat.

Catatan: Ketentuan sujud sahwi

1. Dilaksanakeun samemeh salam


2. Niat sujud sahwi dina manah
3. Sujudna dua kali
4. Make calik diantara sujud dua
5. Nulewih pantes bacaan sujudna
‫سبحان من ال ينام وال يسهو‬
‫سجدوجهي للذى خلقه وصوره وشق سمعه وبصره بحوله وقوته فتبارك هللا احسن‬
‫الخالقين‬
SUNAT AB’AD DINA SHOLAT

Ari sunat ab’ad dina sholat eta aya 7 :

1. Tasyahud awal
2. Calik dina tasyahud awal
3. Maca sholawat ka nabi dina tasyahud awal
4. Maca sholawat ka kulawargi nabi dina tasyahud akhir
5. Qunut dina subuh jeung dina witir saparo kaakhirnaken dina bulan
romadhon
6. Ngadeg dina qunut
7. Maca sholawat jeung maca salam ka nabi sareng ka kulawargi sareng
ka sohabatna dina qunut.

PASAL MERTELAKEUN NU NGABATALKEUN KANA SHOLAT

Batal sholat kusabab 14 rupa :

1. Kusabab hadast, boh hadast leutik atawa hadast gede


2. Kusabab katibaan najis mun teu dipiceun sapada harita tur
tekababawa
Halaman | 19
3. Kusabab kabuka aurat mun teu ditutupan sapada harita
4. Kusabab ngomong kudua huruf atawa sahuruf nu mere harti bari
ngahaja
5. Kusabab nu ngabatalkeun kana puasa bari ngahaja
6. Kusabab dahar anu loba sanajan poho
7. Kusabab usik tilu kali tuluy-tuluy sanajan poho
8. Kusabab luncat anu tarik
9. Kusabab nenggel anu tarik
10. Kusabab nambahan rukun bangsa pagawean bari ngahaja
11. Kusabab Mihelaan ka imam kudua rukun nu bangsa pagawean atawa
panderi ti imam kudua rukun bari teu aya udzur
12. Kusabab Niat megatkeun sholat
13. Kusabab Niat nyantelken pegatna sholat kana hiji perkara
14. Kusabab Ragu-ragu dina pegatna sholat.

PASAL MERTELAKEUN WAJIB NIAT JADI IMAM DINA SHOLAT

Wajib niat jadi imam dina sholat dina 4 tempat :

1. Dina sholat jum’at


2. Dina sholat mu’adah
3. Dina sholat nu di nadzarkeun berjamaah
4. Dina sholat nu di jama’ taqdim kusabab hujan

PASAL MERTELAKEUN SYARAT NGAMA’MUM

Ari syarat ngama’mum eta aya 11

1. Ma’mum ulah apal kana batal sholatna imam, boh ku hadast atawa
bangsana
2. Ma’mum ulah nekadkeun wajib ngodoan sholat ka imam
3. Imamna ulah kerjadi ma’mum
4. Imamna ulah anu bodo
5. Ma’mum ulah mihelaan ka imam dina tempat cicing
6. Ma’mum kudu apal kana pundah-pindahna imam
7. Imam jeung ma’mum kudu kumpul di hiji masjid atawa dina ukuran
300 siku
Halaman | 20
8. Ma’mum kudu nganiatan turut atawa berjamaah
9. Kudu akur susunan sholat imam jeung ma’mum
10. Ma’mum ulah nyulayaan ka imam dina sunat nugoreng nyulayaan
nana
11. Kudu nuturkeun ma’mum ka imam

PASAL MERTELAKEUN GAMBARAN BERJAMAAH

Ari gambaran ngama’mum eta 9, nu lima sah nu opat teu sah.

Nu 5 sah nyaeta :

1. Ngama’mum lalaki ka lalaki


2. Ngama’mum awewe ka lalaki
3. Ngama’mum nu wandu kalalaki
4. Ngama’mum awewe kanu wandu
5. Ngama’mum awewe ka awewe

Nu 4 teu sah nyaeta :

1. Ngama’mum lalaki ka awewe


2. Ngama’mum lalaki kanu wandu
3. Ngama’mum wandu ka awewe
4. Ngama’mum nu wandu kanu wandu

Catatan :

“Nudisebut wandu nyaeta jalma nu boga dzakar sareng farji / alat nubiasa
dilalaki jeung di awewe”

PASAL MERTELAKEUN SYARAT JAMA’ TAQDIM

Ari syarat jama’ taqdim eta aya 4 :

1. Ngamimitian ku sholat anu kahiji nyaeta dzuhur atawa magrib


2. Niat jama’ dina sholat anu kahiji nyaeta :

Halaman | 21
‫ جمع تقديم رخصة هلل تعالى‬M‫نو يت اصلى فرض الظهر مجموعا بالعصر‬
“Niat abdi sholat fardhu dzuhur bari dijama’ serta asar kalawan jama’ taqdim
karena ruhsoh lillahita’ala”
3. Tuluy-tuluy antara sholat nukahiji sareng anu kadua (Ulah kaheuleut
kunanaon)
4. Mayeng udzurna nepika takbir sholat nukadua (Masih diperjalanan)

SYARAT JAMA’ TAKHIR

Ari syarat jama’ takhir eta aya dua :

1. Niat ngajama’ takhir dina waktu nukahiji salagi mahi piken sholat
‫ بينهما‬M‫نويت تأخيرالظهر الى العصرألجمع‬
“Niat abdi ngakhirken dzuhur kana asar karena rek di jama duanana”
2. Mayeung udzurna atawa lempangna nepika sampurna sholat nukadua

SYARAT QOSHOR

Ari syarat ngoshor sholat eta aya 7 :

1. Lempangna kudu aya dua pamondokaneun atawa lalakon sapoe


sapeting
2. Lempangna nudimenangkeun, lain lempang rek maksiat
3. Apal kana menangna ngoshor
4. Niat ngoshor nalika takbirotul ikhrom nyaeta :
‫نويت اصلى فرض الظهرركعتين مقصورة هلل تعالى‬
“Niat abdi sholat fardu dzuhur dua rokaat karena di qosor lillahita’ala”
5. Sholatna kudu nu bangsa 4 rokaat nyaeta dzuhur, ashar, isya.
6. Kudu mayeung lempangna nepika sampurna sholat
7. Ulah turut ka jalma nu sholat sampurna dina juz tina sholatna
Catatan dina syarah ditambahan 4 nyaeta :
1. Lempangna puguh tujuan
2. Ngaraksa tina perkara nu ngewehken kana ngoshor saperti niat
disampurnakeun
3. Lempangna tujuan alus saperti ziaroh atawa dagang atawa haji
4. Geus ngaliwatan lembur manehna.
Halaman | 22
PASAL MERTELAKEUN SYARAT JUM’AH

Ari syarat jum’ah eta aya 6 :

1. Sakabeh sholat jum’ah kudu aya dina waktu dzuhur


2. Sholat jum’ah kudu diadegken ditengah lembur
3. Sholat jum’ah kudu berjamaah
4. Ahli jum’ahna kudu aya 40 bari statusna merdeka, lalaki, baligh, jadi
penduduk/urang dinya.
5. Ulah kapiheulaan jeung ulah ka barengan ku jum’ah sejen dilembur
eta. Dina harti ulah aya dua adegan jum’ah di hiji lembur.
6. Sholat jum’ahna kudu kapiheulaan ku khutbah dua.

PASAL MERTELAKEUN RUKUN KHUTBAH DUA

Ari rukun khutbah dua eta aya 5 :

1. Muji ka Allah dina khutbah dua ku ucapan ‫الحمدهلل‬


2. Maca sholawat kanabi dina khutbah dua saperti ucapan ‫اللهم صل على‬
‫سيد نا محمد‬
3. Wasiat ku taqwa dina khutbah dua saperti kalimah ‫اتقواهللا‬
4. Maca saayat tina al-qur’an dina salasahijina khutbah dua
5. Ngadua’aken ka mu’minin jeng mu’minat dina khutbah anu akhir
saperti
‫اللهم اغفرللمؤمنين والمؤمنات‬
PASAL SYARAT KHUTBAH DUA

Ari syarat khutbah dua eta aya 10 :

1. Suci tina hadast dua (hadast letik/ Hadast gede)


2. Suci tina najis dina pakean, dina badan, dina tempat
3. Nutupan aurat
Halaman | 23
4. Ngadeg ka jalma anu kawasa
5. Calik anatara khutbah dua saluhuren tumaninah dina sholat
6. Tuluy-tuluy antara khutbah dua
7. Tuluy-tuluy antara khutbah dua jeung sholat
8. Khutbah duana kudu ku bahasa arab
9. Khutbah duana kudu ka kuping ku jalmi 40
10. Khutba dua jeung jum’ahna kudu dina waktu dzuhur.

PASAL MERTELAKEUN MULASARA MAYIT

Ari nu wajib piken mayit eta aya 4

1. Ngadusan
2. Mungkus
3. Nyolatan
4. Ngubur

PASAL NGADUSAN MAYIT

Ari pangsaeutikna ngadusan mayit eta ngawalatraan badan mayit kucai, ari nu
lewih sampurnana nyaeta :

1. Ngumbah dua gogorengna


2. Ngalengitken kokotor tina irungna
3. Ngawuduannana
4. Ngosok-ngosok badan ku leleuran saperti sabun
5. Ngocorkeun cai kana sakabeh badan mayit tilu kali.

PASAL MERTELAKEUN MUNGKUS MAYIT

Ari pangsaetikna mungkus mayit nyaeta hiji lawon nu nutupan badan mayit,
ari pang sampurnana mungkus mayit, mun mayit lalaki tilu lapis boeh, mun
mayit awewe baju kurung, tiung, samping, jeung dua lapis boeh

Halaman | 24
RUKUN NYOLATAN MAYIT

Ari rukun nyolatan mayit eta aya 7 :

1. Niat
2. Opat takbiran
3. Ngadeg ka jalmi nu kawasa
4. Maca fatihah
5. Maca sholawat kanabi saba’da takbir ka dua
6. Ngadu’aken ka mayit saba’da takbir ka tilu
7. Maca salam

NIAT SHOLAT JANAZAH

1. Mayit lalaki kolot : ‫الكفاية‬


‫اصلى على هذالميت اربع تكبيرات فرض‬
‫ هلل تعالى‬M‫مأموما‬
2. Mayit Awewe Kolot : ‫اصلى على هذه الميتة اربع تكبيرات فرض الكفاية‬
‫مأموما هلل تعالى‬
3. Mayit Budak Lalaki : ‫اصلى على هذالميت الطفل اربع تكبيرات فرض‬
‫الكفاية مأموما هلل تعالى‬
4. Mayit Budak awewe : ‫اصلى على هذه الميتة الطفلة اربع تكبيرات فرض‬
‫الكفاية مأموما هلل تعالى‬
PASAL MERTELAKEUN NGUBUR MAYIT

Ari pangsaeutikna ngubur mayit nyaeta hiji logak nu nyumputken kana bauna
mayit, jeung ngajaga tina sato galak. Ari pangsampurnana ngubur mayit
nyaeta ukuran satangtung jeung sabeber tangan, jeung tenden pipina mayit
kana taneh jeung wajib madepken mayit ka kiblat.

PASAL MERTELAKEUN NGALUDANG MAYIT

Ludang deui mayit karena opat rupa :

1. Karena rek diadusan dimana can barobah


2. Karena rek di padepken ka kiblat
Halaman | 25
3. Karena harta, dimana dipendamna mawa harta
4. Karena istri, dimana di pendemna serta kandungan nana, jeung
kongang hirupna

PASAL MERTELAKEUN TUTULUNG

Ari hukum tutulung eta aya 4 :

1. Wenang
2. Nyulayaan kautamaan / teu utama
3. Makruh
4. Wajib

Ari nu wenang nyaeta saperti ngadeketken cai ka jalmi nu rek wudu atawa
adus. Ari nu teu utama nyaeta saperti ngocorken cai ka bangsa jalma anu
wudhu. Ari nu makruh nyaeta saperti ngocorken cai ka jalma nu ngumbah
anggahotana atawa adus. Ari nu wajib nyaeta saperti nulungan ka jalma anu
gering nalika apes.

PASAL MERTELAKEUN HARTA NU WAJIB DI ZAKATAN

Ari harta nu wajib dizakatan eta aya 6 rupa :

1. Ingon-ingon eusina onta, sapi, munding, embe sareng domba


2. Emas perak
3. Harta anu sok diperpuluh nyaeta nu sok dipake kakuatan saperti beas,
jagong, gandum jeung bangsana
1
4. Barang dagangan, wajib ngaluarkeun zakatna ¼ tina harga barang
10
dagangan
5. Emas perak pependeman jahiliyah
6. Galian emas sareng perak

Catatan :

 Onta mun ges boga 5 wajib ngaluarken hiji embe / domba


 Sapi mun ges boga 30 ngaluarken hiji sapi
 Embe mun ges boga 40 ngaluarken hiji embe
Halaman | 26
 Emas dimana jarak sataun ges nyampe 160 gram, minimal 83 gram
wajib ngaluarken 2,5%
 Harta nu dipake kakuatan mun ges nyampe 7,5 kintal beas, 15 kintal
1
pare dina jangka waktu satahun wajib ngaluarken (75 Kg Beas
10
/150 Kg pare)

PASAL MERTELAKEUN WAJIBNA PUASA BULAN RAMADHAN

Wajib puasa bulan ramdhan kusabab aya salasahijina perkara nu 5 :

1. Kusabab ges sampurna bulan sya’ban tilu puluh poe


2. Kusabab ningali bulan dihaqna jalma nun ningali bulan sanajan
jalmana faseq
3. Kusabab tetepna bulan di haqna jalma nu teu ningali bulan ngan aya
saksi anu adil
4. Kusabab aya beja nu adil caritaan nana, nu bisa dipercaya rek narima
hate kana kabenerannana atawa hente, atawa teu bisa dipercaya
caritaan nana ngan hate narima kana kabeneran nana
5. Kusabab nyangka asupna bulan ramdhan kalawan ati-ati di jalma nu
saliru asupna bulan romadhon

PASAL MERTELAKEUN SYARAT SAH PUASA

Ari syarat sah puasa eta aya 4 :

1. Kudu jalma islam ‘


2. Kudu boga akal
3. Kudu beresih tina bangsa haid, nifas sareng ngalahirken
4. Kudu apal kana ayana waktu, narima di puasaan

PASAL SYARAT WAJIB PUASA

Ari syarat wajib puasa eta aya 5 :

1. Ka Jalma islam
Halaman | 27
2. Ka Jalma mukalaf
3. Ka Jalma nu kuat
4. Ka jalma nu sehat
5. Ka jalma nu aya di lembur / lain keur leleumpangan

PASAL MERTELAKEUN RUKUN PUASA

Ari rukun puasa eta aya 3 :

1. Niat tipeting pikeun setiap poe dina puasa fardhu


2. Ninggalkeun nungabatalkeun kana puasa bari inget, karep sorangan,
hente bodo nu di hampura
3. Jalmana anu puasa

PASAL MERTELAKEUN WAJIB QODHO SERTA KIFARAT UDZMA

Wajib qodho puasa, serta wajib kifarat udzma serta di ta’jir, jalma nu
ngaruksak puasana dina bulan ramadhan dina poe nu sampurna ku jima anu
sampurna anu dosa ku jima na karena keur puasa

WAJIB QODHO SERTA NAHAN PUASA/ IMSAK

Wajib qodho serta nahan puasa dina 6 tempat :

1. Jalma nu ngahaja-haja buka dina bulan ramdhan. Teu wajib dina


salianti ramadhan
2. Jalma nu ninggalkeun niat ti peting dina puasa fardu
3. Jalma nu sahur bari nyangka masih tetepna peting ternyata ges berang
4. Jalma nu buka nyangka ges suruf ternyata teu acan
5. Jalma nu jelas tanggal 30 bulan sya’ban ges ka asup hiji romadon
(berarti sya’bana 29 poe)
6. Jalma nu kalepasan cai kekemu jeung nyingrep cai karena dikacidaken

Catatan :

Nudisebut kifarat udzma nyaeta :

1. Ngamerdekakeun abid nu iman nu salamet tina cacad

Halaman | 28
2. Puasa dua bulan tuluy-tuluy
3. Mere dahareun ka 60 miskin, samiskina sa emud, tina daharen nu sok
dipake kakuatan

Iyeu nu tilu teu menang pindah salagi teu apes

PASAL MERTELAKEUN NUNGABATALKEUN KANA PUASA

Ari anu ngabatalkeun kana puasa eta aya 7 :

1. Kusabab murtad nyaeta kaluar tina agama islam


2. Kusabab haid
3. Kusabab nifas
4. Kusabab ngalahirkeun
5. Kusabab gelo sanajan sakedeng
6. Kusabab sakalor atawa pingsan
7. Kusabab were nungahaja-haja. Lamun sakalor jeung werena
ngawalatraan sakabeh poe

PASAL HUKUM BUKA BULAN ROMADHON

Ari hukum buka dina bulan romadhon eta aya 4 :

1. Wajib : saperti di istri nu haid atawa nifas atawa ngalahirkeun


2. Wenang : saperti di jalma nu keur lelempangan atawa gering
3. Teu wajib teu wenang : saperti jalma gelo
4. Haram : saperti jalma nu ngakhirkeun qodho bulan ramadhan padahal
geus kongang nepika heret waktu

PEMBAGIAN BUKA DINA BULAN ROMADHON

Ari pembagian buka dina bulan romadhon eta aya 4 :

1. Buka nu wajib qodho wajib fidyah eusina aya 2 :


 Bukana karena mikasieun kana diri batur, saperti istri nu ker
nyusuan atawa keur ngandung, bukana karena nyaah ka
budak

Halaman | 29
 Buka bulan romadhon serta qodhona diakhirkeun padahal
geus kongang, nepika datang romadhon anu sejen
2. Buka nu wajib qodho hente wajib fidyah eusina seer, saperti jalma nu
sakalor, atawa haid atawa geuring
3. Buka nu wajib fidyah teu wajib qodho, gambaran aki-aki nu geus kolot
atawa gering nu ges teu ka arep-arep cagerna
4. Buka nu teu wajib qodho teu wajib fidyah nyaeta bukana jalma nu gelo
nu te ngahaja-haja ku gelona

PASAL MERTELAKEUN TEU BATAL PUASA KU BARANG ANU ASUP

Ari anu teu ngabatalkeun kana puasa tina perkara anu asup kana lingliangan
eta aya 7 warna

1. Aya anu asup kana lingliangan kusabab poho


2. Kusabab bodo
3. Kusabab dipaksa
4. Kusabab berjalan ciduh dina antara waos bari apes nyiduhken nana
5. Kusabab perkara nu asup kana lingliangan tapi kekebul jalan
6. Kusabab perkara nu asup kana lingliangan tapi kekebul tipung
7. Kusabab perkara nuasup kana lingliangan tapi laleur hiber atawa
bangsana.

DO’A KHUSNUL KHOTIMAH

‫اللهم انا نسئلك حسن الخاتمة ونعوذبك من سوء ها وتوفنا مع اال يمان‬
‫واالسالم‬
DO’A TERAKHIR SAFINATUNNAJA

Halaman | 30
Abdi nyuhunken ka Allah anu mulya ku kaguangan Nabi Allah anu sae
muga ngaluarkeun Allah ka abdi ti dunya bari salamet, jeung ka ibu rama abdi
jeung ka kakasih kakasih abdi jeung ka jalma nu ngahubung ka abdi. Sareng
muga ngahampura Allah ka abdi sareng kasadayana kana dosa leutik jeung
dosa gede. Sareng muga maparin rohmat Allah ka kanjeung Nabi Muhammad
putra Abdulloh. Abdulloh putra Abdul Mutholib, Abdul Mutholib Putra
Hasyim, Hasyim putra Abdi Manaf. Nu jadi utusan kasakabeh makhluk, nu jadi
utusan dina peperangan, nu jadi kakasih Allah, nu ngamimitian sareng anu
nungtungan. Sareng kakulawargina Muhammad sareng ka shohabat
Muhammad tegesna sadayana. Sadaya puji kagungan Allah nu mangeranan
sadaya alam.

Halaman | 31

Anda mungkin juga menyukai