Anda di halaman 1dari 25

1

‫بسم هللا الرحمن الرحيم‬


Ari puji nu sampurna eta tetep
Kagungan Allah nu kapershifat lengkep
Rohmat Allah mugi tetep sareng salam
Di jeng Nabi Muhammad mustika 'alam
Wa b'aduhu iyeu anu dinadzomkeun
Kitab fiqih ngarah resep ngarapalkeun
Mugi iyeu nadzom sing manfa'at geude
Ka nu ngaos ka lalaki ka awewe
FASHAL MERTELAKEUN CAI
Sakur cai bijil ti bumi ti langit
Meunang dipake susuci najan pait
Kaya ibun cilaut sumur wahangan
Hujan buah ciburial jeung cihujan
Anging lamun eta cai geus dipake
Miceun najis hadats leutik hadats geude
Maka eta suci tapi teu nyucikeun
Mun teu robah ku najis anu dipiceun
Deui cai robah sebab kacampuran
Barang suci kaya cai dientehan
Henteu jadi naon-naon cai robah
Sebab cicing atawa kayu di kulah
Ari cai saeutik mun kanajisan
Jadi najis najan teu robah teu naon
2

Sejen lamun cai geude kanajisan


Mun teu robah eta teu jadi halangan
Ari cai kapanasan mata poe
Eta makruh kana salira teu sae
Makruh soteh mun cai na masih panas
Dina wadah nu dipalu lian emas
Deui makruh cai kacida panas na
Cara makruh cai kacida tiis na
Ngaran cai saeutik nu henteu aya
Tila ratus puncul lima kati jawa
Lamun cukup beurat tilu ratus lima
Disebut na cai geude ku Ulama
Lamun wadah pasagi sa asta leuwih
Saparapat eta cai geude deuih
FASAL MERTELAKEUN NAJIS
Sakur 'ain bijil tina qubul dubur
Eta najis lian mani nu ditutur
Anjing babi arak bangke geutih nanah
Bulu bangke tulang ceker na jeung utah
Anging bangke jalma simeut lauk cai
Eta tilu rupa bangke tetep suci
Ari reuhak ciduh leho korong cileuh
Eta lain najis tapi barang geuleuh
Anggahota pisah tina sasatoan
3

Anu hirup hukum bangke sato hewan


Anging bulu sato hewan nu didahar
Jeung ciduh na kesang kasturi teu samar
FASAL NGABERSIHKEUN ANU NAJIS
Suci lamun jadi cuka eta arak
Ku sorangan najan dipoe ngagolak
Ari ngumbah najis anjing sareng babi
Tujuh kali make taneuh nu sakali
Ari najis salian anjing jeung babi
Lamun leungit 'ain cukup ku sakali
Tapi utama na ngumbah tilu kali
Najan najis leungit ku ngumbah mimiti
Ari kulit bangke lian anjing babi
Ku disamak eta kulit jadi suci
Ari nanah cenang bisul geutih raheut
Dihampura mun saeutik dina sholat
Deui dihampura najis leutik pisan
Teu katingal ku tingali pertengahan
Ari ci kiih budak lalaki anu
Acan umur dua taun ti ngajuru
Sareng acan barang dahar lian susu
Cukup dikepretan cai tempat itu
Ari najis hukum cukup ku sakali
Ngaliwatkeun cai kana tempat tadi
4

FASAL MERTELAKEUN FARDHU WUDHU


Fardhu wudhu aya genep sadayana
Hiji niat kadua ngumbah beungeut na
Tilu ngumbah leungeun dua jeung sikut na
Opat ngusap saeutik tina sirah na
Lima ngumbah dua suku neupi kana
Mumuncangan tartib rukun ka genepna

FASAL MERTELAKEUN NU NGABATHALKEUN KANA


WUDHU
Opat rupa ngabatalkeun kana wudhu
Coba bilang ku maneh ulah kaliru
Hiji nu kaluar ti salasahiji
Qubul dubur naon bae lian mani
Kaduana leungit akal sebal edan
Sebab weureu sare sakalor jeung ayan
Angin jalma sare nu rapet birit na
Kana tempat diuk teu batal wudhuna
Katiluna paantel kulit awewe
Jeung lalaki duanana pada geude
Batal soteh antel jeung lain mahrom na
Serta teu make hahalang antarana
Ka opatna nyabak qubul sareng dubur
Bangsa jalma ku dampal leungeun dilager
5

FASAL MERTELAKEUN FARDHU ADUS (mandi)


Fardhu adus aya dua masing awas
Hiji niat dina hate masing awas
Dua ngaratakeun cai kana badan
Anu dzhohir sareng buuk walatraan

FASAL ANU NGAWAJIBKEUN KANA ADUS


Ari syarat wudhu sareng syarat mandi
Eta aya sapuluh teu kirang deui
Hiji islam dua tamyiz tilu suci
Tina nifas sareng hedh mungguh di istri
Opat ulah aya barang any nyegah
Datang cai kana kulit kaya geutah
Lima ulah aya barang nu ngarobah
Kana cai dina tempat nu dikumbah
Genep nyaho kana kafardhuanana
tujuh ulah neqodkeun sunnah ngumbahna
Kadalapan cai na anu nyucikeun
sareng anu dua deui ditangtukeun
Di jalma nu langgeng hadats eta tangtu
hiji tuluy-tuluy dua manjing waktu

FASAL MERTELAKEUN PAHARAMAN KA JALMA BOGA


HADTS LEUTIK HADATS GEUDE
Saha jalma batal wudhu maka haram
6

opat rupa hiji sholat coba faham


Dua thowaf katiluna nyabak qurãn
njan tulisan sa ayat dina papan
Opat mawa qurãn anging diweunangan
dina barang ulah niat mawa qurãn
Haram ka jalma nu junub genep rupa
ari anu opat tadi jangan lupa
Lima cicing di masjid anging di pipir
genep maca qurãan anging niat dzikir
Ari paharaman sabab hedh jeung nifas
sapuluh genep nu tadi jangan was-was
Tujuh puasa jeung tholaq ka dalapan
ari ngaliwat ka masjid ka salapan
Haram liwat lamun geutih sieun ngecret
ukur makruh lamun aman urat aret
Sapuluh dialap suka antarana
tuur bujal najan teu aya syahwatna

FASAL MERTELAKEUN HAIDH JEUNG NIFAS


Ari kadar haidh anu pang saeutikna
kadar sapoe sapeuting kaluarna
Ari gholibna genep atawa tujuh
najan kaluarna geutih henteu puguh
Lima belas dinten jaman pang seueurna
najan sajam unggal dinten kaluarna
7

Suci antara dua hedh saeutikna


lima belas dinten sinareng wengina
Ari dua puluh tilu atanapi
dua puluh opat gholibna di istri
Ari seueurna suci teu dianggeran
sok aya istri saumur teu kotoran
Lamun datang haidh sanggeus manjing waktu
anu mahi keur sholat nu boga waktu
Halna tacan sholat dina waktu eta
maka wajib qodho sholat nu harita
Lamun leungit man'i maka wajib mandi
najan tacan nepi kana gholib suci
Lamun waktu aya keneh terus sholat
mun teu aya terus qodho kade lepat
eta waktu sholat ngan sakadar
zaman takbirotul ihrom teu ditilar
Serta wàjib qodho anu samemehna
sholat waktu anu meunang dijam'ana
Kaya suci waktu 'isya sareng 'ashar
maka wajib qodho maghrib sareng dzuhur
Ari salian ti eta kaya suci
waktu subuh qodho subuh bae hiji
Ari saeutikna kàdar zaman nifas
eta sakecretan geutih henteu teras
Ari gholib nifas opat puluh dinten
8

pang seueurna zaman genep puluh dinten

FASAL MERTELAKEUN SYARAT WAJIB SHOLAT


Syarat wajib sholat genep masing apal
Hiji islam dua baligh tilu 'aqal
Opat boga rungu kalima ningali
Genep kadatangan pangajak ti Nabi

FASAL MERTELAKEUN SYARAT SAH SHOLAT


Syarat sah na sholat dalapan perkara
Hiji kudu suci tina hadats dua
Dua suci tina najis dina badan
Dina tempat sareng dina papakean
Tilu nutup 'aurot opat madep qiblat
Lima kudu geus manjing waktuna sholat
Genep nyaho kana kafardhuanana
Tujuh ulah neqodkeun sunnah fardhuna
Kadalapan ngajauhan sakabehna
Nu ngabatalkeun kana sholatna

FASAL MERTELAKEUN HADATS


Ari hadats leutik mana-mana barang
Anu ngabatalkeun kana wudhu urang
Ari anu ngawajibkeun kana mandi
Hadats gede jumlah dua sareng tadi
9

FASAL MERTELAKEUN 'AUROT


Ari 'aurot lalaki antara tuur
Sareng bujal keur sholat nalika udar
Ari 'aurot awewe anu dibeuli
Dina sholatna 'aurot cara lalaki
Aurot awewe merdeka dina sholat
Kabeh badan salian leungeun beungeut
Ari luar sholat jeung lalaki sejen
Kabeh badan najan kuku pangeureutan
Ari sareng mahrom sareng pada istri
Antara tuur reujeung bujal hey ki santri
Ari sareng carogena henteu aya
Anu 'Aurot sumangga sadaya-daya

FASAL MERTELAKEUN RUKUN SHOLAT


Rukun sholat tujuh belas hiji niat
Dina hate neja fardhu eta sholat
Dua takbirotul ihrom nu katilu
Nangtung ka jalma nu kawasa dina fardhu
Opat maca fatihah kalima ruku'
Genep thumaninah dina waktu ruku'
Tujuh i'itidal dalapan thumaninah
Dina eta i'itidalna masing rineh
Kasalapan sujud dua kasapuluh
10

Dina eta sujud dua thumaninah


Kasabelas diuk dina antarana
Sujud dua rukun kadua belasna
Thumaninah dina diuk anu tadi
Tilu belas tahiyyat anu pandeuri
Opat belas diuk tahiyyat pandeuri
Lima belas maca sholawat ka Nabi
Genep belas aweh salam nu mimiti
Tujuh belas tartib dina rukun tadi

FASAL MERTELAKEUN NIAT


Ari niat eta neja hate urang
Babarengan sareng prakna gawe barang
Ari pangkat niat eta aya tilu
Hiji niat lamun dina sholat fardhu
Maka wajib qoshdu t'ayin sareng fardhu
Kaya ngucap usholli fardhol maghribi
Lamun sholat dina anu ngabogaan
Waktu sareng sebab wajib qoshdu t'ayin
Lamun dina sunah muthlaq maka wajib
Qoshdu wungkul jabi ti eta teu wajib

FASAL MERTELAKEUN TAKBIROTUL IHROM


Syarat takbirotul ihrom eta aya
Genep belas syarat teu kengeng teu aya
11

Hiji prakna kudu sanggeus nantung bener


Lamun sholat fardhu sareng taya 'udzur
Dua kudu basa arab lamun bisa
Tilu kudu lafadz allooh nu kawasa
Opat kudu lafadz Akbar kalimana
Kudu tartib eta lafadz duanana
Genep ulah panjang hamzah lafadz allooh
"Ba" na lafadz Akbar ulah panjang nu katujuh
Kadalapan "Ba" na ulah ditasydidan
Ulah tambah Wawu eta kasalapan
Antara dua kalimah dua kasapuluh
Ulah nambah Wawu memeh lafadz allooh
Kasabelas ulah eureun antarana
Kalimah allooh sareng lafadz Akbar na
Dua belas sadayana huruf takbir
Sing kadangu ku awak nu boga takbir
Tilu belas kudu sanggeus manjing waktu
Lamun dina sholat nu diwaktu-waktu
Opat belas prakna takbir dina tingkah
Sanggeus urang nyanghareup ka baitulloh
Lima belas ulah ngaruksak aksara
Atawa patukeur deui jeung aksara
Genep belas ari takbirna mamum
Eta kudu pandeurieun takbir imam
12

FASAL MERTELAKEUN SYARAT FATIHAH


Syarat fatihah sapuluh sadayana
Hiji tartib tuluy-tuluy kaduana
Katiluna ngaraksa huruf fatihah
Opat ngaraksa tasydidna ulah salah
Kalimana ulah repeh anu lila
Genep ulah repeh anu henteu lila
Anu neja megatkeun bacaanana
Tujuh kudu maca sadaya ayatna
Kadalapan ulah ngarobah aksara
Sareng baris anu matak robah m'ana
Kasalapan macana fatihah kudu
Sanggeus nangtung lamun dina sholat fardhu
Sareng maca sakabeh huruf fatihah
Sing kadenge ku awakna kasapuluh
Sareng ulah kaselang ku dzikir lian
Anging amiin imam anu ngamimitian

FASAL MERTELAKEUN TASYDIDNA FATIHAH


Opat belas eta tasydidna fatihah
Hiji luhureun lam na lafadaz bismillah
Dua tilu luhureun ro rohman rohim
Opat luhureun lam na lillaahil 'adzim
Lima luhureun ba na robbil 'alamin
Genep tujuh dina ro na rohman rohim
13

Luhureun dal yaumiddin kadalapan


Dina iyyaaka n'abudu kasalapan
Dina iyyaaka nasta'in sapuluhna
Dina shirothol mustaqim sabelasna
Opat belas diluhureun lafadz dhollin
Ari ngaji ulah kagembang ku ulin

FASAL MERTELAKEUN SYARAT SUJUD


Ari syarat sujud eta aya tujuh
Hiji sujud dina anggahota tujuh
Hiji tarang sareng dampal suku dua
Tuur dua sareng dampal leungeun dua
Kaduana tarang ulah katutupan
Tilu sabeuratna sirah tong ditahan
Kaopatna pangturun na ulah aya
Maksud sejen salian ti sujud tea
Lima ulah sujud kana hiji barang
Anu tepung nu gedag milu jeung urang
Genep birit kudu luhur batan sirah
Katujuhna syarat sujud thumaninah

FASAL MERTELAKEUN TASYDIDNA TAHIYYAT


Ari tasydidna tahiyyat nu sampurna
Eta dua puluh hiji sadayana
Ari tasydidna at-tahiyyat eta
14

Dina luhureun "ya" sareng luhureun "ta"


Sareng luhureun shodna ash-sholawatu
Luhureun "tho" sareng "ya" ath-thoyyibaatu
Lillahi tasydidna dina luhureun lam
Luhureun sin ari dina as-salam
Alaika ayyuhannabiyyu tasydidna
Luhureun ya enun sareng ya akhirna
Wa rohmatullohi eta luhureun lam
Luhureun sin wa barokatuhus-salam
Sareng luhureun lam na 'ibadillahis-
Sholihina luhureun shod ya akhi
An-laa ilaaha di luhureun lam alif
Illallohu dina lam sareng lam alif
Anna Muhammadar rosulullohi
Luhureun nun emim ro laamillahi

FASAL MERTELAKEUN WAKTU SHOLAT


Maka wajib dimana geus manjing waktu
Gawe sholat atawa niat nu tangtu
Rek migawe sholat dina jero waktu
Jadi dosa lamun urang henteu kitu
Ari mimitina aya waktu dzuhur
Eta lingsir mata poe anu luhur
Ari akhirna lamun kalangkang urang
Enggeus sarua sareng adegan urang
15

Ari seep waktu dzuhur maka dongkap


Waktu 'Ashar hingga mata poe surup
Awal maghrib eta surup mata poe
Hingga surup mega beureum anu sae
Seep maghrib dongkap deui waktu 'isya
Hingga surup mega beureum nu biasa
Seep 'isya dongkap deui waktu subuh
Hingga bijil mata poe anu teguh

FASAL MERTELAKEUN WAKTU ANU HARAM DI PAKE


SHOLAT
Haram sholat dina jero lima waktu
Lamun henteu aya sebab anu tangtu
Hiji waktu mata poe keur bijilna
Sahingga sakadar satumbak luhurna
Dua waktu tengah-tengah langit pisan
Salian jum'at hingga mengok ka kulon
Ka tiluna rek surup layung nu sae
Hingga surup pisan eta mata poe
Opat b'ada sholat subuh ka limana
B'ada sholat 'ashar eta sampurnana
Ari sholat qodho mah taya pamengan
Dina waktu mana najan pasosonten
FASAL MERTELAKEUN RUKUN ANU KUDU TUMA’NINAH
Ari rukun anu kudu thumaninah
16

Eta opat, hiji ruk'u ulah salah


Ka duana i'itidal ka tilu dina
Sujud opat dina diuk antarana

FASAL MERTELAKEUN ANU NGABATALKEUN KANA


SOLAT
Ari anu ngabatalkeun kana sholat
Opat belas, hiji hadats kade lepat
Dua katibanan najin mun teu terus
Diragragkeun tina badan serta mulus
Tilu kabuka 'aurat mun teu ditutup
Buru-buru, opat ngucap dua huruf
Atawa hiji huruf aya hartian
Kaya ngucap samaksud ngagenihan
Batal deui ku ngadehem anging lamun
Aya 'udzur ngunikeun nu jadi rukun
Kalimana ngahaja migawe barang
Nu matak batal kana puasa urang
Kagenepna dahar seueur najan lali
Tujuh tilu kali usik nuli-nuli
Kadalapan luncat sareng sabangsana
Kasalapan neunggeul tarik jeung mitsilna
Kasapuluh nambah rukun anu bangsa
Pagawean tur ngahaja teu kapaksa
Kasabelas miheulaan ka imamna
17

Dua rukun bangsa pagaweanana


Atawa mandeurikeun maneh ti imam
Anging 'udzur teu bisa nuturkeun imam
Dua belas niat megatkeun sholatna
Katilu belas gantung pegat sholatna
Opat belas mider-mider rek megatkeun
Kana sholatna mana nu ditetepkeun

FASAL MERTELAKEUN SUNNAT AB’AD DINA


SOLAT
Ari sunnah ab'adh tujuh sadayana
Hiji tahiyyat awwal, dua lungguhna
Maca sholawat ka Nabi katiluna
Dina jero tahiyyah anu awwalna
Sholawat kaula wargana kaopatna
Dina jero tahiyyat nu pandeurina
Lima maca qunut dina saban dinten
Genep qunut witir saparo romadhon
Tujuh maca sholawat ka Kangjeng Nabi
Dina qunut ka sohabat Kangjeng Nabi

FASAL MERTALAKEUN BILANGAN SOLAT


Dina sapoe sapeuting roka'atna
Sholat fardlu tujuh belas sajumlahna
Sareng tilu puluh sujud langkung opat
18

Jeung salapan puluh takbir langkung opat


Jeung sapuluh salam tahiyyat salapan
Saratus lima puluh tilu tasbehan
Ari rukun dina lima waktu sholat
Dua ratus tilu puluh punjul opat
Ari dzuhur, 'ashar, 'isya bangsa opat
Rukun hiji waktu lima puluh opat
Margi hiji rokaatna dua belas
Rukun anu bulak-balik masing awas
Tambah genep niat takbirotul ihrom
Lungguh akhir tahiyyat sholawat salam

FASAL MERTELAKEUN KAWASA NA SOLAT


Saha nu teu kawasa kana nangtung
Maka sholat bari diuk sami untung
Lamun teu kawasa diuk maka sholat
Bari ngedeng nyangigir nyanghareup kiblat
Teu kawasa nyangigir nangkarak sholat
Serta kedah ganjel sareng nunjang kiblat
Apes keneh maka sholat ku isyarah
Sareng niat masing lempeng dina manah
Teu kawasa ku isyarah tuluy jalankeun
Rukun sholat dina hate dijentrekeun
Henteu dihampura jalma tinggal sholat
Satungtung akalna bener masih inget
19

FASAL MERTELAKEUN RUPA-RUPA NU DI TINGGAL


DINA SOLAT
Tilu rupa ditinggalkeun dina sholat
Hiji fardlu dua sunnah jeung haiat
Lamun ninggal hiji fardlu najan lali
Eta henteu katambal ku sujud sahwi
Lamun deukeut keneh wajib balik deui
Kana fardlu make tambah sujud sahwi
Ari sunnah entong balik sanggeus urang
Gawe fardlu tapi sujud nambal kurang
Ari sunnah haiat henteu kitu kiyeu
Entong sujud entong balik kanu biyeu
Saha anu mang-mang dina rokaatna
Kudu nyokot bilangan pangsaeutikna
Pami subuh asa dua asa hiji
Wajib nambah serta sunnah sujud sahwi

FASAL MERTELAKEUN PAMAKRUHAN DINA SOLAT


Seueur pisan pamakruhan dina sholat
Sawarehna ngalieuk teu aya hajat
Kaya ngalieuk barangna bisi leungit
Serta makruh keur sholat nenggak ka langit
Malihan dawuhan mutawali
Ngalieuk teh haram sareng hulaimi
20

Sareng numutkeun qoulna syekh adzro'i


Tanggah ka luhurge haram cara tadi
Makruh deui ku panon mere isyarat
Atawa ku biwir lamun taya hajat
Sareng bedas dina tempat anu kendor
Sareng sabalikna lamun taya 'udzur
Sareng makruh nulak cangkeng taya 'udzur
Margi eta kalakuan nu takabbur
Sareng makruh sholat gancang purat-perot
Rukun oge ampir aya nu kaliwat
Sareng makruh peureum mun inggis cilaka
Henteu makruh mun teu inggis aya bahla
Tapi lamun aya gambar dina tempat
Pangsholatan eta peureum jadi sunnat
Dina ruku dina sujud makruh deui
Rapet beuteung kana pingping dilalaki
Sareng ngarapetkeun peupeuteuyanana
Dina gigir dina ruku jeung sujudna
Sareng makruh lungguh cara anjing diuk
Sareng sujud cara gaok macok lauk
Sujud cara singa depa eta makruh
Sareng dina ruku handap teuing sirah
Sareng makruh manjangkeun tahiyyat awwal
Salian mamum kajeun sholawat ka al
Sareng makruh nyorokkeun ramo leungeun na
21

Jeung nguyupuk laer teuing disampingna


Sareng makruh nyiduh ka hareupeunana
Jeung katuhu henteu makruh ka kencana
Lamun nyiduh di masjid sing ati-ati
Bisi ngecret kana tempat anu suci
Sareng makruh nekenkeun sabeulah suku
Dina nangtung kenca atawa katuhu
Sareng makruh sholat bari nahan hadats
Kiih ngising atanapi nahan bobos
Sareng makruh mun geus hadir kadaharan
Sareng lapar jeung makruh bubudugulan
Sareng makruh make beubeur dina cangkeng
Anging lamun dipake mageuhan samping

BAB PUASA
Wajib kanu islam saban-saban taun
Tur mukallaf puasa bulan romadlon
Jadi jumlah syarat wajib shiyam opat
Hiji islam, aqal, baligh sareng kuat
Ari fardlu sareng rukun shiyam opat
Ari rukun kahiji nyaeta niat
Kaduana nangtukeun niat puasa
Saban peuting poe isuk rek puasa
Rek nekanan puasa fardlu romadlon
Atawa nekanan anu dinadzarkeun
22

Katilu nanahan tina dahar leueut


Tina jima tina utah kade lepat
Opat nyaho mimiti jeung panungtungan
Ulah niat jeung buka satabrang-tabrang
Anu ngabatalkeun puasa sapuluh
Masing apal ngarah jadi jalma teguh
Hiji 'ain anu nepi kana beuteung
Najan leutik sarta dihaja ku urang
Atawa kajero tikoro jeung sirah
Henteu batal neureuy ciduh nu beresih
Jeung teu batal asup 'ain kana beuteung
Teu dihaja atawa dipaksa orang
Jeung teu batal kebul pangayakan tipung
Jeung katalanjuran cai kana irung
Lamun henteu banget dina kekemuna
Sareng ngingsreuk cai kajero irungna
Dua huqnah hartina ngasupken ubar
Tina salasahijina qubul dubur
Atawa ngasupkeun tungtung ramo kana
Qubul dubur dina waktu istinjana
Dina qodlo hajat sareng istinjana
Masing bisa pisan urang ngaraksana

BAB HAJJI
Diwajibkeun munggah haji ka baitulloh
23

Dina saumur sakali kanu mampuh


Maka lamun sanggeus mampuh pot umurna
Maka jadi wajib dihajikeunana
Ari rukun haji lima kade salah
Hiji ihrom kadua wuquf di 'arfah
Rukun katiluna thowaf di baitulloh
Opat sa'i antara shofa jeung marwah
Kalima ngagunting atawa dicukur
Tina rambut sirahna sing loba syukur
Iyeu lima salian wuquf di 'arfah
Tinggal opat jadi rukun tina 'umroh
Iyeu rukun-rukun haji jeung 'umrohna
Eta aya syaratna sareng fardluna
Maka wajib sadayana dihartoakeun
Ku sugerning anu bade ngalampahkeun
Sareng haram kanu ihrom seuseungitan
Sareng haram sirah jenggot diminyakan
Miceun kuku miceun buuk sareng jim'a
'Akad nikah sareng muqoddamah jim'a
Sareng moro boboroan tanah darat
Nu didahar henteu haram sato laut
Sareng haram lalaki nutup sirahna
Sareng haram ka istri nutup rarayna
Sareng sarung tangan sareng haram deui
Anu nyarung kaya gamis di lalaki
24

Maka saha nu migawe paharaman


Maka dosa jeung wajib dikifaratan
Ari jim'a jaba haram ngaruksakeun
Kana haji sareng wajib diqodloan
Sareng wajib dina taun sab'adana
Sareng wajib kifarot geude ngarana
Sareng wajib ihrom haji sareng umroh
Tina miqot sareng nginep muzdalifah
Sareng nginep di mina sareng ngabalang
Jumrotul 'aqobah poenan rayagung
Sareng ngabalang jumroh tiluanana
Dina poe tasyriq jeung thowaf wad'ana
Sareng haram boboroan tanah haram
Sareng jujukutanana kanu ihrom
Sareng kanu henteu ihrom oge haram
Jukutna jeung boboroan tanah haram
Sareng tambah mun ganggu di tanah mekah
Kana boroan jeung jukut wajib fidyah
Lamun urang rek migawe hiji barang
Wajibkeun ilmuna heula masing terang
Sabab gusti Alloh ngawajibkeunana
Eta pasti ngawengku syarat rukun na
Sareng wajib marentah sareng mernahkeun
Ka jalma nu ninggal syarat sareng rukun
Lamun teu jadi fitnah wajib maksana
25

Lamun mantak fitnah wajib ngainkarna


Sareng disyaratkeun sadayana amal
Kedah ikhlas kerna Alloh 'Azza wa Jal
Sareng kadaharan urang kedah halal
Sareng panganggona mun teu kitu gagal
Sareng wajib sadayana ngaraksa
Anggahota urang tina lampah dosa
Margi agama teh dua kalakuan
Hiji tho'at dua nyinggahan cegahan
Sakieu ge ilmu fiqih atos cekap
Pikeun jalma ibadahna rada handap
Sapertos jisim abdi anu dlo'if
Anu pamendakna sakalangkung la'if

______________________

Mugi-mugi Gusti Allah ngahampura


Ka guru sim abdi nu mulih ngumbara
Samulihna ti dunya ka rohmatillah
Mugi dijembarkeun tempatna nu indah
Khususna mah kanu kagungan karangan
Ajengan Juwaini ibni 'Abdirrohman

Anda mungkin juga menyukai