Anda di halaman 1dari 2

Fashal syarat sareung Rukun Sholat

Dicutat dina kitab SafinatunNaja/Safinah

Syarat sholat teh 8 sadayana

Hiji suci tina nu dua hadastna

Kadua kudu suci tina najisna

Na pakean na badan sareung tempatna

Tilu nutupan orat kunu sucina

Nu nyegah tina ninggal warna kulitna

Kaopatna madep kiblat ku dadana

Yakin ka'aen ka'bah keur nu cakeutna

Keur nu jauh cekap ku sangkaannana

Madep kiblat timbul tina ijtihadna

Kalimana kudu tos manjing waktuna

Genep nyaho sifat kafarduannana

Katujuhna kafarduannana sholat

Ulah ditekadkeun yen etateh sunnat

Kadalapan kudu ngajauhan tina

Sadaya anu ngabatalkeun sholatna


Rukun sholat tujuh belas sadayana

Hiji niat nyeja sholat ku hatena

Dua takbiratul ihrom pangheulana

Tilu nangtung nu kaduga na farduna

Opat maca fatihah dina nangtungna

Tikawit bismillah dugika akhirna

Lima ruku' nyaeta kudu dongkona

Kagenep tumaninah dina rukuna

Tujuh iti'dal cengkat tina rukuna

Dalapan tumaninah na i'tidalna

Anu kasalapan eta sujud dua

Sapuluh tumaninah tiap sujudna

Kasabelas calik antara sujudna

Dua belas tumaninah na calikna

Tilu belas tahiyyat anu akhirna

Opat belas calik tahiyyat akhirna

Lima belas maca sholawat ka nabi

Dina waktu tahiyyat eta nu tadi

Genep belas aweh salam nu mimiti

Tujuh belas tartib dina rukun tadi

Tah regepkeun ieu nadhom anu ma'lum

Kahade bisi teu nyaho kanu ma'lum

Maka doraka jalma nu nyalahanna

Muga-Muga urang katalar rukunna

Anda mungkin juga menyukai