Anda di halaman 1dari 3

Contoh Khutbah Bahasa Sunda-Sipat Tercela

Assalamualaikum Wr. Wb.

Alhamdulillahirabbilalamin wassolatu
wassalamu'ala asrofil ambiya iwal mursalin
wa'ala alihi wasohbihi ajmain 'amma ba'du.

Payaibadalloh ittakullah hakkotukotihi


walatamutunna illa waantummuslimun.

Asyhaduallaillahaillallah waasyhaduanna muhammadarrosullulloh.

Allahumasholli 'ala sayidina muhammad wa'ala ali syaidina muhammad.

Robbisrohlisodri wayasirli amri wahlul ukdatammillisani yafkohu kauli.

Puji syukur urang panjatkeun ka hadirat illahi robbi, bahwasana urang teh tiasa
keneh kempel di ieu masjid dina rangka ngalaksanakeun solat juma'ah.

Simkuring teu bosen-bosen ngawasiatkeun bahwa urang sadaya teh kedah


ningkatkeun kadar katakwaan sareng kaimanan urang, ku cara ngalaksanakeun
sagala perentahna tur ngajauhan sagala anu dilarangna.

Di luhureun mimbar ieu, simkuring bade nepikeun materi ngeunaan "sikap tercela
dina kahirupan sapopoe".

Para hadirin sidang jumaah anu mulya.

Sipat tercela teh nyaeta sipat anu goreng-goreng, atawa tiasa oge disebat sipat
mazmumah. Sipat ieu jumlahna aya lima.

Kahiji, nyaeta sipat ananiyah. Sipat ieu teh ngandung harti egois atawa leuwih
mentingkeun kahirupah sorangan tibatan kahirupan jalma sejen. Sipat ieu teh
kedah urang jauhan, ku sabab urang mah kaasup makhluk sosial. Misalna, jalma
beunghar anu tara mura-mere ka pakir miskin jsb.

Kadua, nyaeta sipat hasad. Hasad teh hartina iri dengki atawa teu resep ningali
kabagjaan kahirupan jalma sejen. Sipat ieu oge kedah urang jauhan, ku cara
neguhkeun iman urang sareng sadar bahaya tina sipat hasad.
Katilu, nyaeta sipat gadab. Gadab hartina gampil ngambek atawa gampil
kasinggung. Lamun urang ngabogaan sipat ieu, urang teh kedah gera-gera
ninggalkeun ieu sipat, kunaon? kusabab, bahayana loba, salah sahijina nyaeta
nimbulken rupi-rupi panyakit ka diri urang. Cara ngaleungitkeun ieu sipat nyaeta,
urang kedah getol wudhu, sabab setan mah teu resep ka nu jalma nu osok wudhu.

Kaopat, nyaeta gibah. Gibah hartina ngagunjing, atawa ngomongkeun kakirangan,


kagorengan, atawa aib ti jalma sejen. Rosululloh nyatakeun gedena bahaya gibah
tina sabdana nyaeta "Jauhan gibah, sesungguhna gibah teh leuwih bahaya ti
zina".

Kalima, nyaeta sipat namimah, atawa ngadu domba. Sipat ieu teh dibogaan
kujalma anu osok ngadu domba dua jalma/kelompok, ambeh nimbulkeun
permusuhan. Bahaya tina sipat ieu nyaeta nimbulkeun permusuhan, kakacauan
dina kahirupan di masyarakat.

Ayeuna mah, mangga urang introspeksi diri urang, geura tobat, sareng ngajauhan
sipat anu lima bieu, ambeh urang kahindar tina sagala rupi-rupi dosa sareng azab
di naraka.

Sakieu wae materi anu tiasa ku simkuring dugikeun, lamun aya kalepatan punten
dihampura.

Robbana atina fiddunya hasanah wafil aakhiroti hasanah waqina azabannar.

Subhana robbika robbil ijati amayasifun wasalamun alal mursalin


walhamdulillahirrobbil 'alamin.

Wabillahi taufik walhidayah.

Wassalamu'alaikum Wr. Wb.

Anda mungkin juga menyukai