Anda di halaman 1dari 2

PARIBASA SUNDA BUHUN

Pepatah orang tua zaman dahulu dalam bahasa sunda disebut dengan bahasa buhun kolot baheula.

 Ulah gugur samemeh tempur, ulah perlaya samemeh perang. Indit ka medan jerit ulah dengki, lumampah ka medan
dadalaga ulah dendam, lumaku ka medan tempur ulah ujub
 Taat sumembah kanu janten rama, sumujud tumut kanu janten ibu
 Dihareupeun aya kasusah, ditukang pasti aya kabungah
 Dahareun anu asup kanu awak, bakal jadi kulit, jadi daging, jadi sumsum, jadi balung, matak sing ati-ati
 Mudah-mudahan urang kakungkung ku rohmat pitulung nu Maha Agung
 Sasanget-sangetna leuweung, moal leuwh sanget tibatan sungut
 Manusa mah beda jeung anjing budug di jarian, dimana paeh ngan saukur bilatungan, tapi manusa sajabana ti bilatungan
bakal anggih jeung balitungan
 Kudu mampu tungkul kanu jukut, ulah tanggah ka sadapan, sing awas kana tincakan
 Amit kanu mangku lembur, kanu nyungsi dinu sepi, nu keur genah tumaninah
 Sanajan urang paanggang, hatemah paanjang-anjang. Sanajan urang papisah, kanu Maha Kawasa urang sumerah
pasrah
 Hariring lain nu kuring, haleuang lain nu urang. Hariring kagungan Nu Maha Wening, Haleuang kagungan Nu Maha
Wenang
 Jelema mah tungkul tumpuk kalalaputan, tanggah tempat kalalepatan. Samenit ganti sajam robah, sore janji isuk teu
dipake
 Lain sia kudu melaan agama, tapi agama nu kudu melaan sia. Sabab agama bakal nyalametkeun urang dunya akherat
 Sakur nu rek ngarugikeun kana diri, bangsa jeung nagara, cegah ku diri sorangan
 Jalma nu iman ka Pangeran, dimana datang bala sobar, datang untung sukur
 Geura leungitkeun sirik pidik nu ngancik dina ati, aral subaha nu nyayang dina dada
 Ditarima ku panangan dua, disuhun dinu embun-embunan, ditampi ku ati sanubari
 Hirup kudu sauyunan, mun cai jadi saleuwi, ka darat jadi salogak. Sapapait samamanis, sabagja satanggung jawab,
sareuneuh saigel
 Ari nu ngaranna hukum adil teH teu ninian, teu akian, teu indungan, teu bapaan, teu sobat-sobat acan
 Dimana urang doraka ka indung bapa, lir ibarat Lamun di lembur kai randu, lamun di leuweung kai dander. Dipake
pangorek bingkeng, dipake pamikul bengkung. Dipake suluh matak teu ruhai, matak beuleuweung kanu niupna
 Dina sawatara isuk, dina sawatara wanci haneut moyan, dina sawatara poe anu keur dilakonan, dina sawatara harepan,
dina sawatara impian, mugi aya dina cageur jeung bageurna, panceg jeung ajegna, hirup jeung huripna, waluya balarea,
prung tandang makalangan marengan caang jalan pasampangan
 Peun we ah papait ka tukang, kaseudih anu kamari, tunggara anu mangkukna, rek dipendem ameh balem, disimpen cing
rikip, ditunda, diecagkeun, moal di teang, moal di ingeut, geus wayahna nyampeur kabagja, geus wayahna ninggali
kahareup, ajeug nangtungan hirup, ngabageakeun anjeun anu aya, anjeun anu nyanghareup, anjeun anu aya sajeroning
rasa
 Panon poe geus moncorong, indung beurang geus nyaangan, gearkeun hate anu aleum, heabkeun rasa anu tiis, bray
hibar cahyana ka sakuliah alam dunya, mawa bagja keur urang sararea
 Pajajaran kari ngaran, Pangrango geus narikolot, Mandalawangi ngaleungit, Nya dayeuh geus jadi leuweung
 Lamun neda kudu ka Pangeran, mustang ngeumbing mung ka Gusti. Sabab lamun menta ka manusa, matak bosen
nganti-nganti
 Amit ampun nya paralun, ka Gusti Nu Maha Agung, ka Nabi anu linuhung, Muhammad anu jinunjung
 Kaluhur neda papayung, papayung Nu Maha Agung, kahandap neda pangraksa, pangraksa Maha Kawasa
 Ampun ka anu Maha Agung, Nu kagungan Kun fayakun, Jleg ngadeg sakur kersa-Na, Bral gumelar kawasa-Na
 Lain rek mamatahan nerekel ka monyet, mamatahan ngojay ka soang.
 Geura menta hampura kanu jadi bapa, geura menta ampun kanu jadi indung, sabab duanana pangeran urang di alam
dunya.
 Sabar teh lain Ditampiling cicing, ditajong morongkol, digebug murungkut.
 Sagolek pangkek, sacangred pageuh, teu unggut kalinduan, teu geudag kaanginan.
 Meredih kana asihna Gusti, menta kana murahna nu Kawasa.
 Jeung dulur mah Jauh silih tepungan, anggang silih teangan, gering silih ubaran, paeh silih lasanan, salah silih
benerkeun, poekeun silih caangan, mun poho silih bejaan.
 Dedeg sampe, rupa hade, patut teu nganjuk, rupa teu menta, na kalakuan teu beda ti euwah-euwah
 Bisi aya elmu kasungkur-sungkur, pangabisa nu can ka talaah, ajian nu kasingkir-singkir, geura taluktik ti kiwari, geura
kotektak ti ayeuna
 Ulah jalir janji lanca-linci luncat mulang udar tina tali gadang
 Zaman kiwari mah Anu dakwah kari pertentangna, anu ngaji kari hariringna, tapi kajahatanmah beuki meuweuh
 Dimana-manahurung nangtung siang leumpang, caang jalan, lugina hate, kakait ati anu sajati, gagantar rasa anu
sampurna, nun gusti .. teupangkeun kuring jeung manehna, meureun aya rasa, rasa bagja anu sampurna salamina
 Kateter basa, kalangsu mangsa, katinggaleun poe, nyasab dina waktu, ayeuna, isuk jeung kamari, hiji niat na diri,
miharep, ngapimilik anu sajati
 Kudu paheuyeuk- heuyeuk leungeun paantay-antay tangan
 Neangan luang tipapada urang
 Ulah nyaliksik ku buuk leutik
 Ulah lunca linci luncat mulang udar tina tali gadang, omat ulah lali tina purwadaksina
 Ulah pagiri- giri calik, pagirang- girang tampian
 Bengkung ngariung bongkok ngaronyok
 Nyaur kudu diukur nyabda kudu di unggang
 Hirup di alam dunya sembaheun anging Gusti nu kagungan urang sadaya, nu ngajadikeun bumi, langit, sawarga, naraka
jeung sagala eusina
 Hate nu Kalingkung ku wawangunan, kalingker ku papageran
 Miindung ka waktu, mibapa ka zaman
 Niti wanci nu mustari, ninggal mangsa nu sampurna, kahirupan di dunya taya lian keur taqwa
 Bagja dimana boga sobat medok, istri denok, sawah ledok
 Nu geulis jadi werejit, nu lanjang jadi baruang

Sumber : https://suherman2016.wordpress.com/2016/02/03/paribasa-sunda-buhun/

Anda mungkin juga menyukai