Anda di halaman 1dari 3

Sumedang Kota Kamelang

Sungkan miang paturay kudu paanggang


Kota sumedang muntangan kadedeh melang
Sureum tetep kaharep ku cipanon ngeumbeung
Naha enung sumoreang
Pan miang mungkas hareupan

Duh... tampomas ulah waswas


Piraku rek udar janji kakonci ku palasari

Ker sumedang...
Urang tandang...

Ka ibu pertiwi urang ngabakti

Sungkan miang paturay kudu paanggan


Kota sumedang muntangan kadedeh melang
Sureum tetep kaharep ku cipanon ngeumbeung
Naha enung sumoreang
Pan neang mungkas hareupan

Duh... tampomas ulah waswas


Piraku rek udar janji kakonci ku palasari

Ker sumedang...
Urang tandang..

Ka ibu pertiwi urang ngabakti


Bandung Lembang

Bandung lembang puser kaendahan


diriung ku gunung-gunung
gunung sasakala sunda, sunda jaya nubaheula
panjujugan, paniisan 
pangbeubeurah, nu keur susah 
panyinglar suk kawa manah
musnah ku hawana gunung

Bubuy Bulan
Bubuy bulan-bubuy bulan sangrai bentang
panon poe-panon poe disasate
unggal bulan-unggal bulan abdi teang
unggal poe-unggal poe oge hade

situ ciburuy laukna hese dipancing


nyeredet hate ningali ngeplak caina
tuh, itu saha nu ngalangkung unggal enjing
nyeredet hate ningali sorot socana

unggal bulan-unggal bulan abdi teang


unggal poe-unggal poe oge hade

Tanah Sunda

Tanah sunda, wibawa, gemah ripah, tur endah


Nungumbara suka betah
Orang sunda, sawawa, sing toweksa, perceka
Nyangga darma anu nyata

Seweh pajajaran, mungga tong kasmaran


Sing tuladen jeung rumasa
Miara pakaya, memang sawajibna
Geten titen rumawat tanah pusaka
Lirik Lagu Manuk Dadali

Mesat ngapung luhur jauh di awang-awang


Mébérkeun jangjangna bangun taya karingrang
Sukuna ranggoas reujeung pamatukna ngeluk
Ngepak mega bari hiberna tarik nyuruwuk

Saha anu bisa nyusul kana tandangna


Gandang jeung perténtang taya bandingannana
Dipikagimir dipikasérab ku sasama
Taya karempan kasieun lébér wawanénna

Manuk dadali manuk panggagahna


Perlambang sakti Indonesia Jaya
Manuk dadali pangkakoncarana
Resep ngahiji rukun sakabéhna

Hirup sauyunan tara pahiri-hiri


Silih pikanyaah teu inggis béla pati
Manuk dadali ngandung siloka sinatria
Keur sakumna Bangsa di Nagara Indonesia

Teu Honcewang
Teu honcewang, sumoreang,
Tekadna pahlawan bangsa
Cadu mundur,pantang mulang,
Mun maksud tacan laksana

Berjuang keur lemah cai,


Tali bakti tur tenggang pati
Taya basa menta pamulang tarima
Ikhlas Rido keur korban merdeka

Anda mungkin juga menyukai